Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar Topik-Topik Utama Yérémia YÉRÉMIA TOPIK-TOPIK UTAMA 1 Yérémia dipilih jadi nabi (1-10) Titingalian ngeunaan tangkal almond (11, 12) Titingalian ngeunaan panci (13-16) Yérémia dikuatkeun pikeun ngajalankeun tugasna (17-19) 2 Israél ninggalkeun Yéhuwa demi allah-allah séjén (1-37) Israél kawas tangkal anggur liar (21) Dina bajuna aya noda getih (34) 3 Israél kacida murtadna (1-5) Israél jeung Yéhuda nyieun dosa ku cara jinah (6-11) Dititah tobat (12-25) 4 Diberkahan ku lantaran tobat (1-4) Musibat bakal datang ti kalér (5-18) Yérémia sedih ku lantaran musibat nu bakal datang (19-31) 5 Jalma-jalma teu daék dipépélingan ku Yéhuwa (1-13) Ancur tapi can bener-bener musna (14-19) Yéhuwa ménta tanggung jawab ka éta bangsa (20-31) 6 Yérusalém geus téréh dikepung (1-9) Yéhuwa ambek ka Yérusalém (10-21) Ceuk maranéhna ”Aman!” padahal boro-boro aman (14) Serangan nu kacida kejemna ti kalér (22-26) Yérémia dijadikeun kawas tukang ngamurnikeun logam (27-30) 7 Omongan bohong ngeunaan bait Yéhuwa (1-11) Bait bakal jadi kawas Syilo (12-15) Ibadah palsu dikutuk (16-34) ”Ratu Sorga” disembah (18) Barudak dikurbankeun di Hinom (31) 8 Unggal jalma nuturkeun kalakuan jalma réa (1-7) Mun nolak firman Yéhuwa, kabijaksanaan naon nu aya? (8-17) Yérémia nyeungceurikan ancurna Yéhuda (18-22) ”Di Giléad téh taya pisan balsem kitu?” (22) 9 Yérémia kacida sedihna (1-3a) Yéhuwa ménta tanggung jawab ka Yéhuda (3b-16) Yéhuda diceungceurikan (17-22) Agul ku lantaran boga kanyaho ngeunaan Yéhuwa (23-26) 10 Allah-allah bangsa séjén dibandingkeun jeung Allah nu hirup (1-16) Éta bangsa bakal diancurkeun jeung diboyong (17, 18) Kasedih Yérémia (19-22) Doa éta nabi (23-25) Manusa teu kawasa nangtoskeun léngkahna (23) 11 Yéhuda ngalanggar perjangjian jeung Allah (1-17) Allah-allahna sarua lobana kawas kota-kotana (13) Yérémia kawas anak domba nu rék dipeuncit (18-20) Yérémia dilarang ngaramal ku batur salemburna (21-23) 12 Yérémia sasadu (1-4) Jawaban Yéhuwa (5-17) 13 Beubeur tina linén nu geus ruksak (1-11) Kendi nu eusina cianggur bakal dipeupeuskeun (12-14) Yéhuda nu teu daék barobah bakal diboyong (15-27) ”Bisaeun kitu urang Kus ngaganti warna kulitna?” (23) 14 Halodo, kalaparan, jeung pedang (1-12) Nabi-nabi palsu dikutuk (13-18) Yérémia ngakukeun dosa bangsana (19-22) 15 Yéhuwa moal ngarobah putusana-Na (1-9) Yérémia sasadu (10) Jawaban Yéhuwa (11-14) Doa Yérémia (15-18) Ngeunahna ngadahar firman Allah (16) Yérémia dikuatkeun ku Yéhuwa (19-21) 16 Yérémia teu meunang kawin, sungkawa, atawa pésta (1-9) Dihukum tuluy dipulihkeun deui (10-21) 17 Dosa Yéhuda diukir (1-4) Berkahna ku lantaran percaya ka Yéhuwa (5-8) Haté nu licik (9-11) Yéhuwa téh harepan Israél (12, 13) Doa Yérémia (14-18) Terus nyucikeun poé Sabat (19-27) 18 Taneuh liket nu dibentuk ku tukang nyieun gagarabah (1-12) Yéhuwa nonggongan Israél (13-17) Siasat pikeun ngalawan Yérémia; paménta Yérémia (18-23) 19 Yérémia dititah meupeuskeun kendi (1-15) Anak-anak dikurbankeun ka Baal (5) 20 Pasyur neunggeul Yérémia (1-6) Yérémia teu bisa eureun ngawawar (7-13) Firman Allah kawas seuneu nu ngagedur (9) Yéhuwa kawas prajurit nu gagah perkasa (11) Yérémia sasadu (14-18) 21 Yéhuwa nolak paménta Zédékia (1-7) Rahayat dititah milih jalan pisalameteun atawa pipaéheun (8-14) 22 Putusan hukum keur raja-raja nu jahat (1-30) Ngeunaan Syalum (10-12) Ngeunaan Yéhoyakim (13-23) Ngeunaan Konia (24-30) 23 Pangangon nu hadé jeung nu goréng (1-4) Katengtreman waktu dikawasaan ku ’turunan nu lalampahanana bener’ (5-8) Nabi-nabi palsu dikutuk (9-32) ”Warta ti Yéhuwa téh ngabeungbeuratan” (33-40) 24 Buah ara nu alus jeung nu goréng (1-10) 25 Yéhuwa ngahukum bangsa-bangsa (1-38) Bangsa-bangsa bakal tarunduk ka Babilon salila 70 taun (11) Cangkir cianggur nu ngalambangkeun amarah Allah (15) Musibat nu mapay ti hiji bangsa ka bangsa séjén (32) Jalma-jalma nu dipaéhan ku Yéhuwa (33) 26 Yérémia diancam rék dipaéhan (1-15) Yérémia disalametkeun (16-19) Ramalan Mikha disebutkeun deui (18) Nabi Uriya (20-24) 27 Kai tanggungan Babilon (1-11) Zédékia dibéjaan sina taluk ka Babilon (12-22) 28 Nabi palsu Hanania ngalawan Yérémia (1-17) 29 Surat Yérémia keur jalma-jalma nu diboyong ka Babilon (1-23) Israél bakal balik deui sanggeus 70 taun (10) Pesen keur Syémaya (24-32) 30 Jangji pikeun dipulihkeun deui (1-24) 31 Urang Israél nu nyésa bakal matuh deui di éta nagri (1-30) Rakhél nyeungceurikan barudakna (15) Perjangjian anyar (31-40) 32 Yérémia meuli lahan (1-15) Doa Yérémia (16-25) Jawaban Yéhuwa (26-44) 33 Jangji pikeun dipulihkeun deui (1-13) Katengtreman waktu dikawasaan ku ’turunan nu lalampahanana bener’ (14-16) Perjangjian jeung Daud sarta para imam (17-26) Perjangjian ngeunaan beurang jeung peuting (20) 34 Warta hukuman keur Zédékia (1-7) Perjangjian pikeun ngabébaskeun budak beulian téh dilanggar (8-22) 35 Tuladan ti turunan Rékhab nu taat (1-19) 36 Yérémia ngadiktékeun kekecapan nu kudu ditulis dina gulungan (1-7) Gulungan téh dibaca ku Barukh ku sora nu tarik (8-19) Yéhoyakim ngaduruk éta gulungan (20-26) Kekecapanana ditulis deui dina gulungan anyar (27-32) 37 Urang Khaldéa mundur ngan pikeun saheulaanan (1-10) Yérémia dipanjara (11-16) Zédékia panggih jeung Yérémia (17-21) Yérémia dibéré roti (21) 38 Yérémia diasupkeun ka jero sumur (1-6) Ébéd-mélékh nyalametkeun Yérémia (7-13) Yérémia ngadesek Zédékia pikeun nyerah (14-28) 39 Ancurna Yérusalém (1-10) Zédékia kabur tuluy ditéwak (4-7) Paréntah pikeun ngajaga Yérémia (11-14) Ébéd-mélékh bakal disalametkeun (15-18) 40 Nébuzaradan ngabébaskeun Yérémia (1-6) Gédalia diangkat pikeun ngawasaan éta nagri (7-12) Siasat pikeun maéhan Gédalia (13-16) 41 Gédalia dipaéhan ku Ismail (1-10) Ismail kabur ti Yohanan (11-18) 42 Yérémia dipénta pikeun ngadoa ménta pituduh (1-6) Yéhuwa ngajawab sangkan maranéhna ’ulah indit ka Mesir’ (7-22) 43 Jalma-jalma teu nurut tuluy indit ka Mesir (1-7) Firman Yéhuwa ka Yérémia di Mesir (8-13) 44 Ramalan ngeunaan musibat nu bakal ninggang ka urang Yahudi di Mesir (1-14) Jalma-jalma teu ngadéngékeun pépéling ti Yéhuwa (15-30) ”Ratu Sorga” disembah (17-19) 45 Firman Yéhuwa ka Barukh (1-5) 46 Ramalan ngeunaan Mesir (1-26) Mesir bakal ditalukkeun ku Nébukhadnézar (13, 26) Jangji-jangji keur Israél (27, 28) 47 Ramalan ngeunaan urang Filistin (1-7) 48 Ramalan ngeunaan Moab (1-47) 49 Ramalan ngeunaan Ammon (1-6) Ramalan ngeunaan Édom (7-22) Édom moal jadi hiji bangsa deui (17, 18) Ramalan ngeunaan Damaskus (23-27) Ramalan ngeunaan Kédar jeung Hazor (28-33) Ramalan ngeunaan Élam (34-39) 50 Ramalan ngeunaan Babilon (1-46) Kabur ti Babilon (8) Israél bakal dipulangkeun (17-19) Walungan nu ngurilingan Babilon bakal disaatkeun (38) Babilon moal dicicingan deui (39, 40) 51 Ramalan ngeunaan Babilon (1-64) Babilon bakal ujug-ujug diéléhkeun ku urang Média (8-12) Buku dialungkeun ka Walungan Éfrat (59-64) 52 Zédékia barontak ka Babilon (1-3) Nébukhadnézar ngepung Yérusalém (4-11) Kota jeung bait diancurkeun (12-23) Jalma-jalma diboyong ka Babilon (24-30) Yéhoyakhin dibébaskeun ti panjara (31-34)