PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Jalma-Jalma nu Saperti Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa téh?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
    • PALAJARAN 1

      Jalma-Jalma nu Saperti Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

      Salah saurang Saksi Yéhuwa di Denmark

      Denmark

      Saksi Yéhuwa di Taiwan

      Taiwan

      Saksi Yéhuwa di Venezuela

      Venezuela

      Saksi Yéhuwa di India

      India

      Naha aya Saksi Yéhuwa nu dikenal ku Sadérék? Meureun aya tatangga, batur gawé, atawa batur sakola Sadérék nu Saksi Yéhuwa. Atawa bisa jadi Sadérék keur diajar Alkitab jeung maranéhna. Saha Saksi-Saksi Yéhuwa téh, jeung ku naon urang osok nyaritakeun kapercayaan urang?

      Urang téh jalma biasa. Kabudayaan, pendidikan, jeung kaayaan sosialna gé béda-béda. Aya nu baheulana nganut agama séjén, aya ogé nu baheulana mah teu percaya ka Allah. Saacan jadi Saksi, urang geus ngulik pangajaran Alkitab. (Rasul 17:11) Urang satuju kana pangajaranana tuluy mutuskeun sorangan pikeun ibadah ka Allah Yéhuwa.

      Urang geus ngarasakeun mangpaatna diajar Alkitab. Siga nu séjén, urang gé boga masalah jeung kakurangan. Tapi, urang sabisa-bisa ngalarapkeun prinsip Alkitab unggal poé. Ku kituna, hirup urang jadi leuwih hadé. (Jabur 128:1, 2) Éta salah sahiji alesanana urang nyaritakeun hal-hal hadé tina Alkitab ka batur.

      Urang nuturkeun prinsip-prinsip Allah dina kahirupan. Alkitab ngajarkeun prinsip-prinsip nu ngabantu urang jadi bagja, ngahargaan batur, sarta boga sipat-sipat hadé saperti jujur jeung bageur. Urang gé dibantu jadi warga nagara nu hadé sarta boga kulawarga nu harmonis jeung ahlakna alus. Urang yakin Allah teu ngabéda-bédakeun jalma. Jadi, urang boga duduluran di sakuliah dunya nu teu ngabédakeun warna kulit jeung nagara. Sacara pribadi urang mémang jalma biasa tapi sabagé umat, urang béda ti nu séjén.—Rasul 4:13; 10:34, 35.

      • Naon saruana Saksi-Saksi Yéhuwa jeung jalma séjén?

      • Lantaran ngulik Alkitab, para Saksi diajar prinsip-prinsip naon?

  • Ku Naon Urang Disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
    • PALAJARAN 2

      Ku Naon Urang Disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

      Nuh

      Nuh

      Ibrahim jeung Sarah

      Ibrahim jeung Sarah

      Musa

      Musa

      Yésus Kristus

      Yésus Kristus

      Loba jalma nganggap Saksi-Saksi Yéhuwa téh agama nu anyar. Tapi, leuwih ti 2.700 taun katukang, hamba-hamba Allah nu sajati disebut ’saksi-saksi’ Mantenna. (Yesaya 43:10-12) Nepi ka taun 1931, urang disebut Siswa-Siswa Alkitab. Jadi, ku naon urang maké ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa?

      Éta nunjukkeun saha Allah urang. Dina loba tarjamahan, nami Allah diganti ku gelar saperti Pangéran, Gusti, atawa Allah. Tapi numutkeun naskah kuno, nami Allah téh Yéhuwa. Éta disebutkeun rébuan kali dina Alkitab. Misalna, Allah nu sajati masihan terang nami-Na ka Musa, nyaéta Yéhuwa. Mantenna nyarios, ”Kitu salalanggengna jenengan Kami teh.” (Budalan 3:15) Ku cara kitu, Mantenna ngabédakeun dirina ti sakabéh allah palsu. Nyandang nami Allah nu suci téh kahormatan keur urang.

      Éta ngagambarkeun naon tugas urang. Ti jaman baheula, aya ”sakitu lobana” saksi nu méré kasaksian yén maranéhna boga iman ka Yéhuwa. (Ibrani 11:4–12:1) Nu mimiti disebutkeun téh Habil. Tuluy ka dieunakeun, aya Nuh, Ibrahim, Sarah, Musa, Daud, jeung nu séjénna. Saperti saksi di pangadilan nu ngabéla jalma nu teu salah, urang ogé hayang méré nyaho bebeneran ngeunaan Allah ka batur.

      Urang nyonto Yésus. Dina Alkitab, anjeunna disebut ”Saksi anu satia jeung satuhu”. (Wahyu 3:14) Yésus sorangan ngadoa sangkan ”jenengan [Allah] nu suci dimulyakeun”. Anjeunna ogé ”ngawurukkeun hal kaestuan” ngeunaan Allah. (Mateus 6:9; Yohanes 18:37) Jadi, murid-murid Kristus nu sajati kudu nyandang nami Yéhuwa jeung nguarkeunana. Ieu nu diupayakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

      • Ku naon Siswa-Siswa Alkitab ganti ngaran jadi Saksi-Saksi Yéhuwa?

      • Ti iraha Yéhuwa boga saksi-saksi di bumi?

      • Saha Saksi Yéhuwa nu pangagungna?

      PÉK DIAJAR LEUWIH LOBA

      Waktu panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa dina pasamoan, pék ngobrol ngarah leuwih wawuh jeung maranéhna. Tanyakeun, ”Ku naon Sadérék jadi Saksi Yéhuwa?”

  • Kumaha Bebeneran Alkitab Kaungkab Deui?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
    • PALAJARAN 3

      Kumaha Bebeneran Alkitab Kaungkab Deui?

      Sababaraha jalma ngulik Alkitab di taun 1870-an

      Siswa-Siswa Alkitab, 1870-an

      Saurang lalaki keur maca majalah Warta Hadé nu mimiti

      Édisi Warta Hadé nu mimiti, 1879

      Saurang awéwé nyepeng Warta Hadé jeung Éling!

      Warta Hadé kiwari

      Alkitab nganubuatkeun yén sanggeus maotna Kristus, guru-guru palsu bakal muncul di antara urang Kristen jeung ngaruksak bebeneran Alkitab. (Rasul 20:29, 30) Éta bener-bener kajadian. Ku maranéhna, pangajaran Yésus dicampur jeung pangajaran kapir. Éta ngalantarankeun mekarna agama Kristen nu palsu. (2 Timoteus 4:3, 4) Kumaha urang bisa yakin yén ayeuna urang boga pamahaman nu bener ngeunaan naon nu sabenerna diajarkeun Alkitab?

      Geus waktuna pikeun Yéhuwa nyingkabkeun bebeneran. Mantenna nganubuatkeun yén dina ahir jaman, ’anu barijaksana baris ngaharti’ kana bebeneran. (Daniel 12:9, 10) Dina taun 1870, aya sababaraha jalma nu sadar yén loba pangajaran garéja béda jeung pangajaran Alkitab. Lantaran hayang paham pangajaran nu sabenerna, maranéhna nalungtik Alkitab. Upaya ieu diberkahan ku Yéhuwa.

      Jalma-jalma nu ngulik Alkitab. Siswa-Siswa Alkitab ieu (ayeuna disebut Saksi-Saksi Yéhuwa) bener-bener hayang nyaho bebeneran Alkitab. Maranéhna ngabahas Alkitab satopik-satopik. Lamun aya ayat nu hésé kaharti, maranéhna néangan ayat-ayat séjén pikeun ngajelaskeun ayat éta. Lamun hiji pamahaman geus luyu jeung kabéh eusi Alkitab, éta dicatet ku maranéhna. Jadi, Alkitab sorangan nu ngajelaskeun eusina. Ku cara kitu, maranéhna meunangkeun bebeneran ngeunaan nami Allah jeung Karajaan-Na, kahoyong-Na pikeun bumi jeung manusa, kaayaan nu maot, jeung harepan pihudangeunana nu maot. Jadi, maranéhna dibébaskeun tina loba kapercayaan jeung kabiasaan palsu. (Yohanes 8:31, 32) Cara diajar ieu masih kénéh digunakeun ku urang nepi ka ayeuna.

      Dina taun 1879, Siswa-Siswa Alkitab paham yén bebeneran kudu diuarkeun. Jadi ti saprak harita, maranéhna medalkeun majalah Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa nu masih kénéh dicitak nepi ka kiwari. Ayeuna, urang ngawawarkeun bebeneran Alkitab di 240 nagri dina leuwih ti 900 basa. Pangaweruh nu bener kacida limpahna!

      • Sanggeus Kristus maot, kumaha jadina bebeneran Alkitab?

      • Kumaha bebeneran Firman Allah bisa kaungkab deui?

  • Ku Naon Urang Boga Tarjamahan Alkitab Sorangan?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
    • PALAJARAN 4

      Ku Naon Urang Boga Tarjamahan Alkitab Sorangan?

      Mesin citak jaman baheula
      Édisi Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dipedalkeun
      Jalma-jalma keur ningalian Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru di Kongo (Kinshasa)

      Kongo (Kinshasa)

      Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dipedalkeun di Rwanda

      Rwanda

      Fragmén Simakhus nu ngamuat nami Allah

      Fragmén Simakhus tina abad katilu atawa kaopat M nu ngamuat nami Allah dina Jabur 69:32

      Salila mangpuluh-puluh taun, Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun, nyitak, jeung ngabagikeun rupa-rupa tarjamahan Alkitab. Tapi ka dieunakeun, urang ngarasa perlu nyieun tarjamahan anyar ngarah unggal jalma bisa diajar bebeneran, saperti nu dipikahoyong ku Allah. (1 Timoteus 2:3, 4) Jadi ti saprak 1950, urang medalkeun sabagian-sabagian Alkitab Terjemahan Dunia Baru nu basana modéren. Ayeuna, Alkitab ieu geus ditarjamahkeun sacara akurat dina leuwih ti 170 basa.a

      Dibutuhkeun tarjamahan nu gampang kaharti. Basa téh terus barobah. Ku kituna, aya loba tarjamahan Alkitab nu kekecapanana geus kuno jeung teu pati kaharti. Salian ti éta, geus kapanggih naskah-naskah kuno nu leuwih akurat. Ku kituna, urang bisa leuwih paham kana basa Ibrani, Aram, jeung Yunani nu digunakeun dina Alkitab.

      Dibutuhkeun tarjamahan nu henteu ngarobah firman Allah. Panarjamah Alkitab teu meunang ngarobah tulisan nu diilhamkeun Allah. Maranéhna teu meunang nyimpang tina naskah aslina. Tapi, kalolobaan tarjamahan Alkitab ngaleungitkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa.

      Dibutuhkeun Alkitab nu ngagungkeun Pangarangna. (2 Samuel 23:2) Nami Yéhuwa dimunculkeun deui kira-kira 7.000 kali dina Terjemahan Dunia Baru, luyu jeung naskah-naskah Alkitab nu pangheubeulna. Gambar di handap ieu salah sahiji contona. (Mazmur [Jabur] 83:19, tingali TUHAN, Kamus Alkitab, Terjemahan Baru) Terjemahan Dunia Baru téh hasil tina panalungtikan mangtaun-taun, jadi ngeunaheun dibacana sarta bisa nepikeun pikiran Allah sacara jelas. Teu sual tarjamahan Alkitab naon nu dipiboga ku Sadérék, urang ngajurung Sadérék pikeun rutin maca Firman Yéhuwa unggal poé.—Yosua 1:8; Jabur 1:2, 3.

      • Ku naon urang ngarasa perlu nyieun tarjamahan Alkitab nu anyar?

      • Jalma-jalma nu hayang diajar ngeunaan kahoyong Allah kudu boga kabiasaan naon unggal poé?

      a Alkitab Terjemahan Dunia Baru can ditarjamahkeun ka basa Sunda. Tapi, Sadérék bisa maca dina basa Indonesia jeung basa séjénna.

      PÉK DIAJAR LEUWIH LOBA

      Mangga baca pangjajap Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru sarta jawab pananya, ”Panitia panarjamahan Alkitab ngarasa boga tanggung jawab naon?” Tuluy, bandingkeun ayat-ayat ieu dina Terjemahan Dunia Baru jeung tarjamahan Alkitab nu dipiboga ku Sadérék: Kajadian 25:29; Hakim 11:40; Mateus 5:3; 6:7; Lukas 23:43; Pilipi 1:10.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun