Siloka
14 Awéwé nu bener-bener bijaksana téh ngabangun rumah tanggana,
Tapi nu bodo mah ngancurkeun rumah tanggana ku leungeun sorangan.
2 Jalma anu lalampahanana bener téh hormat* ka Yéhuwa,
Tapi nu licik mah ngahina Anjeunna.
3 Ucapan sombong anu kaluar tina biwir jalma bodo téh kawas tongkat paranti ngahukum,
Sabalikna nu bijaksana mah dijaga ku biwirna sorangan.
4 Mun euweuh sapi, wadah parab téh bersih,
Tapi ku kakuatan sapi jalu, hasil panén téh loba.
5 Saksi nu bisa dipercaya mah moal ngabohong,
Tapi saksi palsu mah bohong deui bohong deui.
6 Nu sok moyok hayang jadi bijaksana tapi teu bisa,
Sabalikna nu boga pangarti mah babari meunang kanyaho.*
7 Nu bodo mah ulah dideukeutan,
Da omonganana euweuh eusina.*
8 Ku lantaran bijaksana, jalma nu boga pangarti téh mikir heula saacan migawé nanaon,
Ari nu bodo mah katipu* ku kabodoanana.
10 Mun hiji jalma keur sedih, ngan manéhna sorangan nu bisa ngarasakeun.
Mun keur senang gé, batur moal bisa milu ngarasakeun.
11 Imahna jalma jahat bakal diruntuhkeun,
Ari kémahna jalma bener mah bakal ngagedéan.
12 Aya nu ngarasa geus manggihan jalan nu bener,
Padahal brasna kana maot.
13 Sanajan keur seuri, haté mah bisa waé peurih.
Kagumbiraan gé bisa waé jadi kasedih.
14 Jalma nu goréng haté bakal ngarasakeun balukar tina jalan hirupna,
Sabalikna nu bageur mah bakal narima berkah tina lalampahanana.
15 Jalma polos* téh percaya kana sagala omongan batur,
Tapi nu boga pangarti mah ngawas-ngawas heula piléngkaheun.
16 Jalma bijaksana téh ati-ati jeung ngajauhan nu jahat,
Ari nu bodo mah nékad* jeung percaya diri teuing.
17 Nu babari ambek téh lalampahanana siga jalma bodo,
Tapi nu asak pikir gé kalah ka dipikangéwa ku batur.
18 Jalma polos* téh bakal nunjukkeun kabodoanana,
Ari nu boga pangarti mah bakal dimakutaan ku kanyaho.*
19 Jalma jahat tungtungna bakal sujud hareupeun jalma bageur,
Jalma bejad bakal sujud di gerbangna jalma bener.
20 Nu miskin mah ku tatanggana gé dipikangéwa,
Ari nu beunghar mah loba babaturanana.
21 Jalma nu ngarendahkeun sasamana téh nyieun dosa,
Tapi nu karunyaan ka jalma leutik mah bakal bagja.
22 Piraku jalma nu boga niat jahat moal nyasab?
Ari nu niatna hadé mah tangtu dipikanyaah* jeung dipercaya.
23 Sagala hal, ari digawékeun bener-bener mah pasti aya hasilna,
Tapi lamun ngomong hungkul mah pimalarateun.
24 Makutana jalma bijaksana téh kabeungharanana,
Ari nu bodo mah angger wéh bodo.
25 Saksi nu jujur téh nyalametkeun nyawa,
Ari nu teu jujur mah bohong deui bohong deui.
26 Jalma nu hormat* ka Yéhuwa téh bener-bener percaya ka Anjeunna,
Barudakna gé bakal meunang panyalindungan.
27 Rasa hormat* ka Yéhuwa téh ibarat cinyusu kahirupan,
Ngajauhkeun jalma tina jiret pati.
28 Agungna raja gumantung kana jumlah rahayatna.
Mun euweuh rahayat mah, pangawasa téh taya hartina.
29 Jalma anu teu gancang ambek téh luhur pangarti,
Ari nu teu sabaran mah tanda manéhna bodo.
30 Haté nu tenang matak séhat kana awak,*
Ari sirik dengki mah ibarat panyakit nu ngagarogotan tulang.
31 Jalma nu ngamangpaatkeun jalma leutik téh ngahina Nu Ngadamelna,
Tapi nu karunyaan ka jalma miskin téh ngamulyakeun Nu Ngadamelna.
32 Jalma jahat bakal meunang kasusah ku lantaran kajahatanana sorangan,
Sabalikna jalma bener mah bakal ditangtayungan ku lantaran bersih hirupna.*
33 Jalma nu boga pangarti téh tara nyombongkeun kabijaksanaanana,
Ari nu bodo mah ngagulkeun kanyahona.
34 Bangsa bakal dihormat lamun rahayatna bener,
Tapi bakal dihina lamun rahayatna nyieun dosa.
35 Raja atoh lamun tindakan hambana bijaksana,
Tapi amarahna ngagedur lamun kalakuan hambana ngérakeun.