Salasa, 24 Méi
Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad.—Jab. 41:4.
Waktu urang gering, komo mun geringna parah, sok hésé pikeun mikir positif. Pénta Yéhuwa negerkeun urang. Yéhuwa mémang moal nyageurkeun urang sacara mujijat, tapi Mantenna pasti ngahibur sarta méré kakuatan supaya urang tabah. (Jab. 94:19) Yéhuwa bisa jadi ngagerakkeun dulur saiman pikeun mantuan urang, saperti mantuan ngagawékeun pagawéan imah. Mantenna gé bisa ngagerakkeun dulur saiman pikeun ngadoa bareng jeung urang, atawa mantuan urang supaya inget kana ayat-ayat nu nengtremkeun, misalna ayat nu nyaritakeun engké mah di dunya anyar urang bakal sampurna jeung moal gering deui. (Rum 15:4) Meureun, urang teu bisa ngawawar jiga baheula. Laurel ti Amerika Serikat geus 37 taun maké mesin supaya bisa napas. Manéhna gé boga panyakit kangker, geus sababaraha kali dioperasi, sarta boga panyakit kulit nu parah. Jadi, manéhna teu bisa kaluar imah. Tapi, manéhna bisa terus ngawawar. Manéhna méré kasaksian ka suster jeung ka jalma-jalma nu ngalongok manéhna. Manéhna geus mantuan 17 jalma nepi ka dibaptis! w20.12 24 ¶9; 25 ¶12
Rebo, 25 Méi
PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?—Jab. 118:6.
Rasul Paulus butuh bantuan. Kira-kira taun 56 M, gorombolan jalma nyéréd manéhna kaluar ti bait Yérusalém, rék maéhan manéhna. Isukanana, pas dibawa ka Sanhédrin atawa Mahkamah Agama, Paulus gé ampir dipaéhan deui. (Ras. 21:30-32; 22:30; 23:6-10) Harita, meureun Paulus mikir, ’Nepi ka iraha urang bakal dikieukeun?’ Paulus meunang bantuan naon? Dina peuting waktu Paulus ditahan, bray Yésus némbongan ka manéhna. Ceuk Yésus, ”Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu.” (Ras. 23:11) Yésus muji Paulus lantaran manéhna geus ngawawar di Yérusalém. Yésus gé jangji Paulus bakal salamet nepi ka Rum sarta bakal ngawawar di ditu. Jangji éta bener-bener nguatkeun Paulus. Paulus pasti jadi ngarasa tenang, jiga budak leutik nu dikeukeupan ku bapana. w20.11 12 ¶1; 13 ¶3, 4
Kemis, 26 Méi
Eta pangharepan . . , jadi pamageuh hirup urang nepi ka urang ngarasa aman.—Ibr. 6:19.
Harepan kana jangji-jangji Allah téh jiga ”jangkar anu nanceb jero”. Éta bisa mantuan urang tetep tenang dina kaayaan nu susah atawa waktu ngarasa hariwang. Pék pikirkeun, engké mah moal aya deui hal-hal nu nyababkeun urang hariwang. (Yes. 65:17) Bayangkeun Sadérék aya di dunya anyar nu tengtrem. (Mika 4:4) Lamun Sadérék nyaritakeun jangji-jangji Allah ieu ka batur, harepan Sadérék gé bakal beuki kuat. Pék sabisa-bisa ngawawar jeung ngabantu batur jadi murid. Ku kituna, ”hal anu keur diarep-arep ku aranjeun teh laksana katarima.” (Ibr. 6:11) Dunya ieu geus téréh diancurkeun. Engké mah kaayaanana bakal leuwih susah. Urang bisa beuki hariwang. Urang kudu terus ngandelkeun Yéhuwa, lainna diri sorangan. Ku kituna, engké urang bisa tetep tenang. Hayu urang tunjukkeun yén urang percaya kana jangji Yéhuwa, ”Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.”—Yes. 30:15. w21.01 7 ¶17-18