Surat keur Sidang Jamaah di Roma
14 Jalma anu imanna kurang kuat téh kudu diaku sing soméah.+ Ulah ngahakiman manéhna lamun pandanganana béda jeung urang.* 2 Aya jalma nu boga iman yén naon waé gé meunang didahar, tapi jalma nu imanna kurang kuat mah ngan dahar sayur-sayuran. 3 Anu dahar ulah nyapirakeun anu teu dahar, jeung anu teu dahar ulah ngahakiman anu dahar,+ sabab manéhna geus ditarima ku Allah. 4 Saha kitu aranjeun téh bet wani ngahakiman palayan batur?+ Dununganana sorangan nu bakal mutuskeun manéhna bener atawa salah.+ Malah ku bantuan Yéhuwa,* manéhna bakal dianggap bener.
5 Aya jalma nu nganggap hiji poé téh leuwih penting tibatan poé séjénna,+ tapi aya ogé nu nganggap kabéh poé téh sarua.+ Unggal jalma kudu bener-bener yakin kana putusanana sorangan. 6 Jalma anu nganggap penting hiji poé, kituna téh demi Yéhuwa.* Jalma anu dahar ogé ngalampahkeunana téh demi Yéhuwa,* da manéhna nganuhunkeun ka Allah.+ Jalma anu ngan ngadahar sayuran ngalampahkeunana téh demi Yéhuwa,* lantaran manéhna gé nganuhunkeun ka Allah.+ 7 Sabenerna di antara urang, euweuh nu hirup keur dirina sorangan+ sarta euweuh nu maot keur dirina sorangan. 8 Lamun urang hirup, urang hirup téh demi Yéhuwa,*+ jeung lamun urang maot, urang maot téh demi Yéhuwa.* Jadi boh hirup boh maot, urang téh milik Yéhuwa.*+ 9 Sabenerna, tujuan Al-Masih maot jeung dihirupkeun deui téh supaya jadi Juraganna nu maot jeung nu hirup.+
10 Tapi, ku naon aranjeun ngahakiman dulur sorangan?+ Ku naon aranjeun gé nyapirakeun dulur sorangan? Urang kabéh téh bakal nangtung hareupeun korsi pangadilan Allah.+ 11 Aya ayat nu nyebutkeun, ”Saur Yéhuwa,* ’Kuring sumpah demi diri Kuring+ yén sakabéh jalma bakal sujud ka Kuring sarta ngaku yén Kuring téh Allah.’”+ 12 Jadi, urang masing-masing bakal tanggung jawab ka Allah.+
13 Ku kituna, ulah silih hakiman deui.+ Sabalikna, sing boga tékad sangkan henteu ngalantarankeun dulur urang luntur iman atawa nyimpang.+ 14 Salaku muridna Juragan Isa, kuring nyaho jeung yakin yén dasarna mah kabéh gé euweuh nu najis.+ Hiji hal jadi najis téh ceuk jalma nu nganggap éta najis. 15 Lamun dulur aranjeun nyeri haté ku lantaran naon nu didahar ku aranjeun, hartina aranjeun téh henteu némbongkeun deui kanyaah.+ Ulah ngancurkeun imanna ku lantaran dahareun, sabab Al-Masih téh maot keur manéhna ogé.+ 16 Ku kituna, laku lampah hadé aranjeun ulah matak piomongeun batur. 17 Hiji jalma asup kana Pamaréntahan Allah téh teu gumantung kana naon nu didahar jeung diinum ku manéhna.+ Tapi manéhna kudu bener laku lampahna, hirup rukun, jeung suka bungah ku karana kawasa suci. 18 Sing saha anu ngalalayanan Al-Masih ku cara kitu bakal dipikaresep ku Allah jeung ku sasama.
19 Ku kituna, pigawé naon waé nu bisa ngahasilkeun karukunan+ sarta nu bisa silih kuatkeun.+ 20 Mémang, dahareun téh euweuh nu najis.+ Tapi ari ngadaharna matak batur leungit iman, éta jadi salah.+ 21 Mending ulah ngadahar daging, atawa nginum cianggur, atawa ngalampahkeun naon waé lamun éta matak dulur aranjeun leungit iman.+ 22 Keun wéh iman aranjeun mah jadi urusan aranjeun jeung Allah. Bagja jalma anu teu nyalahkeun diri sorangan sanggeus migawé naon nu dianggap bener ku manéhna. 23 Sabalikna, lamun manéhna teu yakin ka nu rék didahar tapi tetep ngadahar éta, manéhna salah, sabab manéhna can boga iman yén éta téh meunang didahar. Jadi, naon waé nu dipigawé tapi teu dibarengan ku iman, éta téh dosa.