PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • nwt Kejadian 1:1-50:26
  • Kajadian

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kajadian
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian

KAJADIAN

1 Mimitina, Allah nyiptakeun langit jeung bumi.

2 Harita, di bumi téh can aya nanaon jeung kosong. Di mana-mana ngan aya cai nu jero,* jeung kaayaanana téh poék. Tanaga* Allah ka ditu ka dieu di luhureun cai.

3 Allah ngomong, ”Sing aya caang.” Geus kitu, bray baé caang. 4 Seug ku Allah ditingali caang téh alus, terus Allah misahkeun caang tina poék. 5 Ku Allah caang disebut Beurang, ari poék disebut Peuting. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kahiji.

6 Geus kitu Allah ngomong, ”Sing aya awang-awang* nu misahkeun cai jadi dua bagian. Awang-awang éta sina aya di tengah-tengahna.” 7 Tuluy, Allah nyieun awang-awang pikeun misahkeun cai nu di handap jeung nu di luhur. Seug baé éta kajadian. 8 Ku Allah awang-awang téh disebut Langit. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kadua.

9 Geus kitu Allah ngomong, ”Cai nu aya di handapeun langit sing ngumpul jadi satempat, jeung sing muncul taneuh nu garing.” Seug baé éta kajadian. 10 Taneuh nu garing téh ku Allah disebut Darat, ari cai nu ngumpul disebut Laut. Seug ku Allah ditingali, éta téh alus. 11 Tuluy Allah ngomong, ”Dina taneuh, sing jadi jujukutan, rupa-rupa pepelakan nu sikian, jeung tatangkalan nu baruahan, nu buahna sikian.” Seug baé éta kajadian. 12 Dina taneuh, seug jadi rupa-rupa jujukutan, pepelakan nu sikian, jeung tatangkalan nu baruahan, nu buahna sikian. Ku Allah ditingali, éta téh alus. 13 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu katilu.

14 Geus kitu Allah ngomong, ”Di langit, sing aya sumber-sumber caang pikeun ngabédakeun beurang jeung peuting, sarta pikeun nandakeun poé, taun, jeung usum-usum.* 15 Éta bakal jadi sumber-sumber caang di langit pikeun nyaangan bumi.” Seug baé éta kajadian. 16 Tuluy, Allah nyieun panonpoé jeung bulan.* Panonpoé keur nyaangan beurang, ari bulan keur nyaangan peuting. Béntang-béntang gé dijieun ku Allah. 17 Éta kabéh ku Allah ditempatkeun di langit sina nyaangan bumi, 18 nyaangan beurang jeung peuting, sarta misahkeun caang tina poék. Ku Allah ditingali, éta téh alus. 19 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kaopat.

20 Geus kitu Allah ngomong, ”Cai sing pinuh ku rupa-rupa sasatoan* nu hirup. Di langit, sing aya rupa-rupa sasatoan nu hiber.” 21 Tuluy, Allah nyiptakeun sagala rupa sasatoan laut nu galedé pisan, sasatoan* nu hirup di cai, sarta rupa-rupa sasatoan nu hiber nu jangjangan. Ku Allah ditingali, éta téh alus. 22 Allah ngaberkahan kabéhanana kieu, ”Sing aranakan jeung sing ngalobaan nepi ka minuhan laut. Sasatoan nu haliber gé sing ngalobaan di bumi.” 23 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kalima.

24 Geus kitu Allah ngomong, ”Di bumi, sing aya rupa-rupa sasatoan,* sato piaraan, sato leuweung, jeung sato séjénna.”* Seug baé éta kajadian. 25 Tuluy, Allah nyieun rupa-rupa sato leuweung, rupa-rupa sato piaraan, jeung rupa-rupa sato séjénna.* Ku Allah ditingali éta téh alus.

26 Geus kitu Allah ngomong, ”Hayu urang nyieun manusa nu sarupa jeung urang, nu aya saruana jeung urang. Maranéhna sina ngawasaan lauk di laut, sato nu haliber di langit, sato piaraan, jeung sagala sato séjénna* di bumi. Maranéhna gé sina ngawasaan sakuliah bumi.” 27 Tuluy, Allah nyiptakeun manusa nu sarupa jeung Anjeunna. Allah nyiptakeun lalaki jeung awéwé nu sarupa jeung Anjeunna. 28 Sanggeusna, Allah ngaberkahan maranéhna tuluy ngomong, ”Sing loba anak, turunan maranéh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta ngawasaan éta. Kawasaan sato di laut, sato nu haliber di langit, jeung sato nu hirup di darat.”

29 Geus kitu Allah ngomong, ”Kuring geus nyadiakeun sagala rupa sisikian di sakuliah bumi jeung sagala tatangkalan nu buahna sikian. Éta kabéh téh keur dahareun maranéh. 30 Ari keur sakabéh sato leuweung, sakabéh sato nu haliber, jeung sakabéh sato* nu hirup di bumi, Kuring méré sagala pepelakan héjo keur parabna.” Seug baé éta kajadian.

31 Sanggeusna, Allah ningali kabéh nu dijieun ku Anjeunna téh alus pisan. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kagenep.

2 Jadi, Allah geus réngsé nyiptakeun langit jeung bumi sarta sagala eusina. 2 Saacan poé nu katujuh dimimitian, Allah geus ngaréngsékeun pagawéana-Na. Jadi dina poé nu katujuh, Anjeunna reureuh tina sagala pagawéana-Na. 3 Tuluy, Allah ngaberkahan poé nu katujuh, sarta poé éta disebut suci ku Allah, lantaran dina poé éta Allah reureuh tina sagala pagawéana-Na, nyaéta nyiptakeun sagala nu dipikahayang ku Anjeunna.

4 Kitu sajarahna langit jeung bumi diciptakeun. Éta nu kajadian waktu Allah Yéhuwa* ngajadikeun bumi jeung langit.

5 Harita, di bumi can aya tatangkalan jeung pepelakan nu sirungan, da Allah Yéhuwa can nurunkeun hujan, sarta can aya jalma nu ngolah tanah. 6 Tapi aya halimun nu naék tina taneuh nu ngabaseuhan taneuh di bumi.

7 Tuluy, Allah Yéhuwa nyieun manusa tina taneuh. Sanggeusna, Allah niupkeun napas kahirupan kana liang irungna, seug manusa téh jadi jalma* nu hirup. 8 Geus kitu, Allah Yéhuwa nyieun taman di Éden beulah wétan. Manusa nu diciptakeun ku Anjeunna téh ditempatkeun di dinya. 9 Tuluy, ku Allah Yéhuwa taneuh téh disina ngabijilkeun rupa-rupa tatangkalan nu aralus, nu buahna ngeunah didahar. Di tengah-tengah taman éta gé aya tangkal kahirupan jeung tangkal pangarti ngeunaan nu hadé jeung nu goréng.

10 Aya walungan nu ngalir ti Éden nu nyaian éta taman. Ti dinya, walungan éta nyagak opat. 11 Nu kahiji ngaranna Pisyon. Walungan éta ngurilingan tanah Hawila, tempatna emas. 12 Emas ti tanah éta téh alus. Di dinya gé aya geutah seungit* jeung batu oniks. 13 Walungan nu kadua ngaranna Gihon. Walungan éta ngurilingan tanah Kus. 14 Walungan nu katilu ngaranna Tigris.* Walungan éta ngalir ka wétaneun Asiria. Walungan nu kaopat ngaranna Éfrat.

15 Lalaki éta ku Allah Yéhuwa ditempatkeun di Taman Éden sina ngagarap jeung ngurus taman éta. 16 Tuluy, Allah Yéhuwa méré paréntah ieu ka manéhna, ”Bubuahan ti tangkal mana baé di taman ieu meunang didahar nepi ka seubeuh. 17 Tapi, buah tina tangkal pangarti ngeunaan nu hadé jeung nu goréng mah ulah didahar, sabab mun didahar, poé éta kénéh manéh pasti paéh.”

18 Tuluy Allah Yéhuwa ngomong, ”Teu hadé lamun lalaki éta terus hirup sorangan. Kuring rék nyiptakeun pasangan nu cocog jeung manéhna ngarah bisa nulungan manéhna.” 19 Allah Yéhuwa geus nyieun tina taneuh sagala sasatoan leuweung jeung sagala sasatoan nu bisa hiber. Ku Allah éta kabéh dibawa ka lalaki éta, da hayang nyaho masing-masing rék dingaranan naon ku manéhna. Sebutan nu dibikeun ku manéhna ka unggal sato* jadi ngaran sato éta. 20 Ku kituna, lalaki éta méré ngaran ka sakabéh sato piaraan, sato nu bisa hiber, jeung sato leuweung. Tapi, lalaki éta teu boga pasangan nu cocog keur nulungan manéhna. 21 Jadi lalaki éta disina saré tibra ku Allah Yéhuwa. Waktu manéhna keur saré, tulang igana dicokot hiji, ari urutna ditutupan ku daging. 22 Tulang iga nu dicokot ti lalaki éta dijadikeun awéwé ku Allah Yéhuwa, tuluy awéwé éta dianteurkeun ka lalaki éta.

23 Seug lalaki éta ngomong kieu,

”Tah ieu ahirna, tulangna ti tulang kuring,

Dagingna ti daging kuring.

Manéhna bakal disebut Awéwé,

Da asalna ti lalaki.”

24 Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji* jeung pamajikanana, sarta maranéhna jadi satunggal.* 25 Boh lalaki éta boh pamajikanana, duanana taranjang, tapi maranéhna teu ngarasa éra.

3 Di antara sasatoan leuweung nu diciptakeun ku Allah Yéhuwa, oray téh sato nu paling ati-ati.* Oray ngomong ka awéwé éta, ”Bener kitu ceuk Allah, maranéh teu meunang ngadahar buah ti sakabéh tangkal di taman ieu?” 2 Awéwé éta ngomong ka oray, ”Urang meunang ngadahar bubuahan tina tangkal nu aya di taman ieu, 3 kajaba buah tina tangkal nu aya di tengah-tengah taman, da Allah geus ngomong kieu, ’Maranéh teu meunang ngadahar buah tina tangkal éta, dicabak gé ulah, ngarah maranéh teu paéh.’” 4 Tapi oray ngomong kieu ka awéwé éta, ”Maranéh tangtu moal paéh. 5 Puguh Allah téh nyaho, lamun maranéh ngadahar buah éta, poé éta kénéh panon maranéh bakal beunta jeung maranéh bakal siga Allah, nyaho mana nu hadé jeung nu goréng.”

6 Ku kituna, buah dina tangkal téh dipelong ku awéwé éta. Katingalina buahna meni ngeunah, pikabitaeun, jeung alus katempona. Seug buah téh dipetik jeung didahar ku manéhna. Geus kitu, waktu keur bareng jeung salakina, buah éta dibikeun ogé ka salakina. Ku salakina didahar. 7 Tuluy panon maranéhna beunta, maranéhna jadi sadar keur taranjang. Jadi, maranéhna nyambung-nyambungkeun daun ara pikeun nutupan cangkéngna.

8 Ka dieunakeun pas keur pasosoré,* maranéhna ngadéngé sora Allah Yéhuwa waktu Anjeunna keur leumpang di taman. Lalaki éta jeung pamajikanana nyumput ti Allah Yéhuwa di sela-sela tatangkalan di taman éta. 9 Allah Yéhuwa teterusan ngageroan lalaki éta, ”Manéh keur di mana?” 10 Ahirna manéhna ngajawab, ”Abdi ngadangu sora Gusti di taman, tapi abdi sieun da abdi taranjang, jadi abdi nyumput.” 11 Ngadéngé kitu, Anjeunna ngomong, ”Nyaho ti saha manéh taranjang? Manéh ngadahar buah tina tangkal nu dilarang ku Kuring, nya?” 12 Lalaki éta ngajawab, ”Awéwé nu dipasihan ku Gusti nu masihan buah éta, jadi ku abdi dituang.” 13 Tuluy Allah Yéhuwa nanya ka awéwé éta, ”Naha manéh bet kitu?” Awéwé éta ngajawab, ”Da abdi ditipu ku oray, jadi buahna dituang ku abdi.”

14 Tuluy Allah Yéhuwa ngomong ka oray, ”Lantaran kalakuan manéh kitu, manéh dikutuk ti antara sato piaraan jeung sato leuweung. Manéh bakal ngaléor maké beuteung manéh jeung bakal ngahakan kekebul saumur hirup. 15 Ku Kuring manéh bakal disina mumusuhan jeung awéwé éta, kitu ogé turunan* manéh bakal mumusuhan jeung turunan* awéwé éta. Turunanana bakal ngancurkeun sirah manéh, ari manéh bakal macok keuneung* manéhna.”

16 Allah ngomong ka awéwé éta, ”Manéh bakal sangsara pisan waktu keur ngandung, jeung bakal ngarasa nyeri pisan waktu keur ngajuru. Manéh moal bisa leupas ti salaki, jeung manéhna bakal ngawasaan manéh.”

17 Allah ngomong ka Adam,* ”Kuring geus méré paréntah ka manéh, ’Manéh ulah ngadahar buah tina tangkal éta’, tapi manéh kalah ka nurut ka pamajikan manéh jeung ngadahar buah tina tangkal éta. Ku lantaran manéh kitu, taneuh bakal dikutuk. Mun hayang ngala hasilna, manéh kudu digawé banting tulang saumur-umur. 18 Taneuh bakal ngabijilkeun rungkun cucuk jeung jujukutan. Manéh bakal kapaksa ngadahar tutuwuhan di tegalan. 19 Manéh kudu luut-léét késang heula kakara bisa dahar.* Kitu baé terus nepi ka manéh balik deui jadi taneuh, da manéh téh asalna ti dinya. Manéh téh dijieun tina taneuh jeung bakal balik deui jadi taneuh.”

20 Geus kitu, pamajikanana dingaranan Hawa* ku Adam, lantaran manéhna bakal jadi indung ti sakabéh jalma nu hirup. 21 Allah Yéhuwa mangnyieunkeun baju panjang tina kulit sato keur Adam jeung pamajikanana, sina dipaké ku maranéhna. 22 Tuluy, Allah Yéhuwa ngomong, ”Éta manusa geus jadi siga urang, nyaho naon nu hadé jeung nu goréng. Ngarah maranéhna gé teu nyokot buah tina tangkal kahirupan, tuluy didahar jeung hirup salalanggengna,—” 23 Ku kituna, Allah Yéhuwa ngusir manéhna ti Taman Éden sina ngolah tanah, nyaéta asal manéhna téa. 24 Manusa téh diusir ku Allah. Tuluy, Allah nempatkeun kérub-kérub di wétaneun Taman Éden sarta nempatkeun pedang nu hurung ku seuneu jeung terus muter pikeun ngahalangan jalan ka tangkal kahirupan.

4 Adam jeung Hawa pamajikanana ngalakukeun hubungan séks, tuluy Hawa ngandung. Waktu ngalahirkeun Kain, Hawa ngomong, ”Kuring ngalahirkeun* budak lalaki ku bantuan Yéhuwa.” 2 Ka dieunakeun, manéhna ngalahirkeun Habél, adina Kain.

Habél jadi tukang ngangon, ari Kain jadi tukang tani. 3 Hiji mangsa, Kain mawa sabagian hasil panénna pikeun dikorbankeun ka Yéhuwa. 4 Ari Habél mawa sababaraha anak domba cikal nu dikorbankeun jeung gajih-gajihna. Yéhuwa resep ka Habél jeung korbanna, 5 ari ka Kain jeung korbanna mah teu resepeun. Kain jadi ambek pisan jeung jamedud. 6 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Kain, ”Ku naon manéh bet ambek jeung jamedud kitu? 7 Lamun manéh daék barobah jeung ngalampahkeun nu bener, manéh bakal dipikaresep* ku Kuring. Tapi lamun henteu, tuh dosa keur ngadodoho di lawang panto rék ngawasaan manéh, ku manéh kudu diéléhkeun.”

8 Geus kitu, Kain ngomong ka Habél adina, ”Hayu urang ka tegalan.” Di dinya, Habél adina diserang jeung dipaéhan ku Kain. 9 Ka dieunakeun, Kain ditanya ku Yéhuwa, ”Mana Habél adi manéh?” Manéhna ngajawab, ”Duka atuh. Abdi pan lain pangasuhna.” 10 Ngadéngé kitu, ceuk Anjeunna, ”Ku naon manéh bet maéhan adi manéh? Tuh, getih adi manéh sasambat ka Kuring tina taneuh. 11 Ayeuna manéh dikutuk jeung diusir ti tempat ieu, lantaran di tanah ieu manéh geus ngucurkeun getih adi manéh ku leungeun manéh sorangan. 12 Lamun manéh pulak-pelak, taneuh moal méré hasilna. Manéh bakal ngumbara jeung kabur ka ditu ka dieu di bumi.” 13 Jadi Kain ngomong ka Yéhuwa, ”Hukuman keur kasalahan abdi téh beurat teuing. 14 Poé ieu, abdi diusir ti tanah ieu jeung dijauhkeun ti payuneun Gusti. Abdi bakal ngumbara jeung kabur ka ditu ka dieu di bumi. Saha waé nu manggihan abdi pasti maéhan abdi.” 15 Jadi Yéhuwa ngomong, ”Supaya teu kitu, saha waé nu maéhan Kain bakal dibales tujuh kalieun.”

Ku kituna, Yéhuwa nyieun* tanda keur Kain supaya saha waé nu manggihan Kain henteu maéhan manéhna. 16 Geus kitu, Kain indit ti hareupeun Yéhuwa tuluy cicing di tanah Pangbuangan,* di wétaneun Éden.

17 Ka dieunakeun, Kain ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikanana. Pamajikanana ngandung tuluy ngalahirkeun Hénokh. Ti dinya, Kain ngabangun kota nu dingaranan Hénokh, ngaran anakna. 18 Tuluy, Hénokh boga budak nu dingaranan Irad. Irad téh bapana Méhuyaél, Méhuyaél téh bapana Métusyaél, Métusyaél téh bapana Lamékh.

19 Lamékh boga dua pamajikan, nu kahiji ngaranna Ada, nu kadua ngaranna Zila. 20 Ada ngalahirkeun Yabal. Yabal téh jalma nu mimiti cicing di kémah-kémah jeung miara ingon-ingon. 21 Adina ngaranna Yubal. Manéhna téh jalma nu mimiti maén harpa jeung suling. 22 Ari Zila ngalahirkeun Tubal-kain, tukang nyieun sagala rupa pakakas tina tambaga jeung beusi. Dulur awéwéna Tubal-kain téh ngaranna Naama. 23 Tuluy, Lamékh nyieun puisi keur dua pamajikanana, Ada jeung Zila,

”Istri-istri Lamékh, déngékeun Akang,

Déngékeun kekecapan Akang:

Akang geus maéhan saurang lalaki nu nyilakakeun Akang,

Saurang jajaka nu neunggeul Akang.

24 Lamun nu maéhan Kain kudu dibales 7 kalieun,

nu maéhan Lamékh mah kudu dibales 77 kalieun.”

25 Adam ngalakukeun hubungan séks deui jeung pamajikanana. Seug pamajikanana ngalahirkeun budak lalaki. Budakna dingaranan Sét* ku pamajikanana, lantaran ceuk manéhna, ”Allah méré* anak* deui ka kuring, gaganti Habél nu dipaéhan ku Kain.” 26 Sét boga budak lalaki nu dingaranan Énos. Harita, jalma-jalma mimiti nyebut ngaran Yéhuwa.

5 Ieu catetan ngeunaan turunan Adam. Dina poé Allah nyiptakeun Adam, Adam diciptakeun aya saruana jeung Allah. 2 Allah nyiptakeun lalaki jeung awéwé. Dina poé Allah nyiptakeun maranéhna, maranéhna diberkahan jeung dingaranan Manusa.*

3 Umur Adam 130 taun basa manéhna boga anak lalaki nu nyeplés jeung manéhna. Anakna dingaranan Sét. 4 Sanggeus Sét lahir, Adam hirup 800 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 5 Jadi Adam hirup salila 930 taun, tuluy maot.

6 Umur Sét 105 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Énos. 7 Sanggeus Énos lahir, Sét hirup 807 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 8 Jadi Sét hirup salila 912 taun, tuluy maot.

9 Umur Énos 90 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Kénan. 10 Sanggeus Kénan lahir, Énos hirup 815 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 11 Jadi Énos hirup salila 905 taun, tuluy maot.

12 Umur Kénan 70 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Mahalalél. 13 Sanggeus Mahalalél lahir, Kénan hirup 840 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 14 Jadi Kénan hirup salila 910 taun, tuluy maot.

15 Umur Mahalalél 65 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Yaréd. 16 Sanggeus Yaréd lahir, Mahalalél hirup 830 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 17 Jadi Mahalalél hirup salila 895 taun, tuluy maot.

18 Umur Yaréd 162 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Hénokh. 19 Sanggeus Hénokh lahir, Yaréd hirup 800 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 20 Jadi Yaréd hirup salila 962 taun, tuluy maot.

21 Umur Hénokh 65 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Métusélah. 22 Sanggeus Métusélah lahir, Hénokh terus hirup sajalan jeung kahayang* Allah nu bener salila 300 taun. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 23 Jadi Hénokh hirup salila 365 taun. 24 Hénokh terus hirup sajalan jeung kahayang Allah nu bener. Manéhna teu aya deui lantaran dicandak ku Allah.

25 Umur Métusélah 187 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Lamékh. 26 Sanggeus Lamékh lahir, Métusélah hirup 782 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 27 Jadi Métusélah hirup salila 969 taun, tuluy maot.

28 Umur Lamékh 182 taun basa manéhna boga anak lalaki. 29 Anak éta dingaranan Nuh* ku manéhna, lantaran ceuk manéhna, ”Budak ieu bakal ngajait* urang tina gawé beurat nu nyababkeun leungeun urang nyeri lantaran ngolah tanah nu dikutuk ku Yéhuwa.” 30 Sanggeus Nuh lahir, Lamékh hirup 595 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé. 31 Jadi Lamékh hirup salila 777 taun, tuluy maot.

32 Umur Nuh geus 500 taun basa manéhna boga anak-anak lalaki nu dingaranan Sém, Ham, jeung Yafét.

6 Harita, jumlah manusa di bumi téh ngalobaan, sarta maranéhna boga barudak awéwé. 2 Putra-putra Allah nu bener* merhatikeun yén awéwé-awéwé manusa téh gareulis. Jadi maranéhna kawin jeung awéwé mana waé sakahayangna. 3 Tuluy Yéhuwa ngomong, ”Manusa moal terus diantep ku Kuring,* lantaran maranéhna téh manusa nu dosa.* Ku kituna, maranéhna bakal hirup 120 taun deui.”

4 Dina mangsa éta sarta sanggeusna, aya raksasa-raksasa* di bumi. Maranéhna téh turunan para malaikat nu kawin jeung awéwé-awéwé manusa. Anak-anakna téh lalaki-lalaki nu perkasa jeung kasohor dina jaman baheula.

5 Ku kituna, Yéhuwa ningali kajahatan di bumi téh parah pisan. Eusi pikiran jeung haté manusa téh ngan nu jarahat hungkul. 6 Yéhuwa ngarasa hanjakal* geus nyiptakeun manusa di bumi. Anjeunna nyeri haté. 7 Jadi Yéhuwa ngomong kieu, ”Kuring rék numpes manusa nu diciptakeun ku Kuring ti bumi ieu, nya manusa, sato piaraan, sato nu hiber, jeung sato séjénna,* lantaran Kuring ngarasa hanjakal* geus nyiptakeun maranéhna.” 8 Tapi ari Nuh mah dipikaresep ku Yéhuwa.

9 Ieu sajarahna Nuh.

Nuh téh jalma bener. Manéhna terus ngalampahkeun nu bener,* béda jeung jalma-jalma nu hirup sajaman jeung manéhna. Hirup Nuh sajalan jeung kahayang* Allah nu bener. 10 Ka dieunakeun, Nuh boga tilu budak lalaki nyaéta, Sém, Ham, jeung Yafét. 11 Tapi keur Allah nu bener mah bumi téh geus ruksak jeung pinuh ku kakerasan. 12 Allah ningali bumi, bumi téh geus ruksak. Kabéh jalma geus ruksak lalampahanana.

13 Geus kitu, Allah ngomong ka Nuh, ”Kuring geus mutuskeun rék ngamusnakeun kabéh mahluk, sabab gara-gara manusa, bumi pinuh ku kakerasan. Jadi Kuring rék ngabinasakeun maranéhna bareng jeung bumi. 14 Pék jieun kapal* tina kai nu kuat.* Di jerona, jieun kamar-kamar, tuluy luar jerona lapisan ku tér. 15 Ieu ukuran kapalna: Panjangna 134 méter, lébarna 22 méter, jeung jangkungna 13 méter.* 16 Jieun jandéla* ngarah asup cahaya ka jero kapal, kira-kira satengah méter* tina hateup. Jieun panto dina salah sahiji sisi kapal. Kapalna kudu aya tilu tingkat, nyaéta tingkat handap, tengah, jeung luhur.

17 ”Kuring rék ngadatangkeun caah ka bumi pikeun ngabinasakeun sakabéh mahluk* di handapeun langit. Kabéh nu aya di bumi bakal musna. 18 Kuring nyieun perjangjian jeung manéh. Manéh kudu asup ka kapal, nya manéh, pamajikan manéh, anak-anak lalaki manéh, jeung para minantu manéh. 19 Bawa ka kapal sagala rupa sasatoan, masing-masing dua, hiji jalu hiji bikang, ngarah sasatoan éta tetep hirup. 20 Bawa asup bareng jeung manéh ka kapal unggal jinis sato nu hiber, unggal jinis sato piaraan, jeung unggal jinis sato séjénna.* Ti masing-masing jinis bawa dua, ngarah sasatoan éta tetep hirup. 21 Kumpulkeun jeung bawa ogé sagala rupa dahareun keur manéh jeung sasatoan éta.”

22 Nuh ngajalankeun sagala nu diparéntahkeun ku Allah, percis sakumaha paréntah Anjeunna.

7 Geus kitu, Yéhuwa ngomong ka Nuh, ”Manéh sakulawarga geura asup ka kapal,* sabab ceuk Kuring mah manéh téh jalma bener, béda jeung jalma-jalma nu sajaman jeung manéh. 2 Ti unggal sato nu teu haram, cokot tujuh,* jalu jeung bikangna. Ti unggal sato nu haram, cokot dua, jalu jeung bikangna. 3 Sarta ti sato nu hiber, cokot tujuh,* jalu jeung bikangna, ngarah sakabéh sasatoan éta tetep hirup di bumi. 4 Sabab tujuh poé deui, Kuring bakal nurunkeun hujan ka bumi nu lilana 40 poé 40 peuting. Kuring bakal ngamusnakeun sakabéh mahluk hirup jieunan Kuring ti sakuliah bumi.” 5 Nuh ngajalankeun sakabéh nu diparéntahkeun ku Yéhuwa.

6 Umur Nuh 600 taun waktu aya caah gedé di bumi. 7 Saacan caah gedé datang, Nuh, pamajikanana, anak-anak lalakina, jeung para minantuna asup ka kapal. 8 Unggal sato nu teu haram jeung nu haram, ogé unggal sato nu hiber jeung nu hirup di darat 9 arasup ka kapal ka tempatna Nuh sajodo-sajodo, jalu jeung bikangna, sakumaha nu diparéntahkeun ku Allah ka Nuh. 10 Tujuh poé ti harita, der aya caah gedé di bumi.

11 Waktu umur Nuh 600 taun, dina poé nu ka-17 bulan nu kadua, lawang-lawang cai di langit maruka, tuluy cai nu kacida lobana turun ti langit. 12 Hujan ngagebrét turun ka bumi 40 poé 40 peuting. 13 Poé éta kénéh, Nuh asup ka kapal bareng jeung pamajikanana, anak-anak lalakina, nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét, sarta tilu minantuna. 14 Kabéhanana asup bareng jeung sagala jinis sato leuweung, sato piaraan, jeung sato séjénna* nu aya di bumi, sarta sagala jinis sato nu hiber, nyaéta manuk jeung kabéh sato nu jangjangan. 15 Sagala jinis sato nu hirup* arasup ka jero kapal sajodo-sajodo, nyalampeurkeun Nuh. 16 Jadi sagala jinis sato, boh jalu boh bikang, arasup sakumaha paréntah Allah ka Nuh. Geus kitu, Yéhuwa nutup panto kapal.

17 Hujan terus turun ka bumi salila 40 poé. Caina beuki ngaluhuran tuluy ngangkat éta kapal nepi ka ngambang jauh di luhureun taneuh. 18 Caina beuki ngalobaan jeung nutupan bumi, tapi ari kapalna mah ngambang dina cai. 19 Cai téh sakitu lobana, nepi ka sakabéh gunung nu luhur di sakuliah bumi katutupan ku cai. 20 Cai terus naék nepi ka kira-kira genep satengah méter* di luhureun puncak gunung-gunung.

21 Jadi kabéh mahluk hirup di bumi paraéh, nyaéta sato nu hiber, sato piaraan, sato leuweung, sato séjénna nu laleutik,* jeung sakabéh manusa. 22 Kabéh mahluk di darat nu baroga napas kahirupan paraéh. 23 Jadi Allah ngamusnakeun sakabéh mahluk hirup nu aya di bumi, kaasup manusa, sato piaraan, sato leuweung, sato nu hiber, jeung sato séjénna.* Kabéhanana dimusnakeun ti bumi. Ngan Nuh jeung kabéh nu di jero kapal nu salamet. 24 Cai terus nutupan bumi salila 150 poé.

8 Allah teu mopohokeun Nuh jeung sakabéh sato leuweung sarta sato piaraan nu aya dina kapal.* Allah ngagerakkeun angin di bumi supaya cai lalaunan surud. 2 Cai nu kacida lobana nu turun ti langit geus eureun. Lawang-lawang cai di langit gé geus nutup, jadi hujanna raat. 3 Cai di bumi beuki lila beuki surud. Sanggeus 150 poé, caina ngurangan. 4 Dina poé nu ka-17 bulan nu katujuh, kapal téh nyangsang di Pagunungan Ararat. 5 Cai terus surud nepi ka bulan nu kasapuluh. Dina poé nu kahiji bulan nu kasapuluh, puncak-puncak gunung mulai katémbong.

6 Sanggeus 40 poé, Nuh mukakeun jandéla kapal éta 7 tuluy ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak téh hiber bulak-balik ka kapal, nepi ka cai di bumi saat.

8 Ka dieunakeun, Nuh ngaleupaskeun manuk japati. Manéhna hayang nyaho cai téh geus surud atawa acan. 9 Tapi ku sabab bumi katutup kénéh ku cai, éta japati teu manggih tempat keur eunteup, jadi balik deui ka kapal. Nuh ngasongkeun leungeunna ka luar, tuluy manuk téh diasupkeun ka jero kapal. 10 Manéhna ngadagoan tujuh poé deui, tuluy japati téh dileupaskeun deui. 11 Pasosoré, éta japati balik deui bari mawa pucuk zaitun nu seger kénéh dina pamatukna! Jadi Nuh nyaho, cai di bumi téh geus surud. 12 Manéhna ngadagoan tujuh poé deui. Tuluy éta japati dileupaskeun, tapi ayeuna mah teu balik deui.

13 Dina taun nu ka-601, dina poé nu kahiji bulan nu kahiji, cai geus saat. Terus Nuh muka panutup nu aya dina hateup kapal tuluy ningali ka luar, ari pék téh taneuh geus rada garing. 14 Dina poé nu ka-27 bulan nu kadua, bumi geus bener-bener garing.

15 Tuluy Allah ngomong ka Nuh, 16 ”Geura kaluar ti kapal, nya manéh, anak pamajikan, jeung minantu-minantu manéh. 17 Kaluarkeun ogé sagala jinis sasatoan, nyaéta sato nu hiber, sato piaraan, sato leuweung, jeung sakabéh sato séjénna* sina aranakan jeung ngalobaan di bumi.”

18 Jadi Nuh, anak pamajikan, jeung minantuna kaluar ti kapal. 19 Kabéh sasatoan, nya sato nu hiber, sato séjénna,* jeung kabéh nu hirup di darat, kalaluar ti kapal nurutkeun jinisna. 20 Tuluy Nuh nyieun mézbah keur Yéhuwa. Manéhna nyokot sababaraha sato jeung manuk nu teu haram pikeun dikorbankeun jeung dibeuleum dina mézbah. 21 Éta korban kaambeuna meni seungit ku Yéhuwa. Anjeunna jadi bungah.* Yéhuwa ngomong di jero haté-Na, ”Moal sakali-kali deui Kuring ngutuk tanah ku lantaran manusa, sabab ti leuleutik gé nu dipikiran ku manusa téh ngan nu goréng hungkul. Kuring moal ngamusnakeun deui sakabéh mahluk hirup cara kieu. 22 Ti ayeuna mah di bumi bakal terus aya usum* melak jeung usum panén, hawa panas jeung hawa tiis, usum halodo jeung usum tiris, beurang jeung peuting.”

9 Tuluy Allah ngaberkahan Nuh jeung anak-anak lalakina. Ceuk Anjeunna, ”Sing loba anak, turunan maranéh sing nepi ka minuhan ieu bumi. 2 Kabéh sasatoan di bumi, nyaéta sato nu hiber, sato nu hirup di darat, jeung lauk di laut bakal sieun ka maranéh. Kabéhanana bakal dikawasakeun ka maranéh. 3 Kabéh sasatoan di bumi meunang didahar ku maranéh. Éta kabéh dibikeun keur dahareun maranéh, sakumaha Kuring geus méré pepelakan héjo keur dahareun maranéh. 4 Tapi daging nu aya kénéh getihna ulah didahar, sabab getih ngahartikeun nyawa. 5 Salian ti éta, lamun aya nu ngucurkeun getih* manéh, nu ngahartikeun nyawa manéh, Kuring rék ménta tanggung jawab. Lamun éta téh sato, satona kudu dipaéhan. Lamun éta téh manusa, manéhna kudu mayar ku nyawana, lantaran manéhna geus maéhan dulurna. 6 Manusa téh diciptakeunana sarupa jeung Allah. Ku kituna, saha waé nu maéhan* manusa bakal dipaéhan ku manusa. 7 Ari maranéh mah sing loba anak, sarta turunan maranéh sing beuki ngalobaan nepi ka minuhan ieu bumi.”

8 Tuluy Allah ngomong ka Nuh jeung anak-anak lalakina, 9 ”Ayeuna Kuring nyieun perjangjian jeung maranéh, turunan maranéh, 10 sarta sakabéh sasatoan* nu kaluar ti kapal* bareng jeung maranéh, nyaéta manuk, sato piaraan, jeung sato leuweung, nya sakabéh sasatoan nu aya di bumi. 11 Kieu perjangjian Kuring jeung maranéh: Kuring moal sakali-kali deui ngabinasakeun sakabéh mahluk hirup ku caah gedé, jeung moal ngancurkeun deui bumi ku caah gedé.”

12 Allah gé ngomong, ”Kuring rék méré tanda pikeun perjangjian antara Kuring jeung maranéh sarta sakabéh sasatoan* nu aya jeung maranéh. Tanda éta bakal aya saterusna pikeun sakabéh turunan maranéh. 13 Kuring rék nempatkeun katumbiri* dina awan. Éta bakal jadi tanda perjangjian antara Kuring jeung bumi. 14 Waktu Kuring ngadatangkeun awan tuluy turun hujan, bakal muncul katumbiri dina awan. 15 Kuring pasti inget kana perjangjian antara Kuring jeung maranéh sarta sagala jinis sasatoan.* Kuring moal ngabinasakeun deui sakabéh mahluk hirup ku caah gedé. 16 Waktu dina awan aya katumbiri, tangtu Kuring ningali tuluy inget kana perjangjian nu langgeng antara Kuring jeung sakabéh mahluk hirup di bumi.”

17 Allah ngomong deui ka Nuh, ”Ieu tanda keur perjangjian nu dijieun antara Kuring jeung sakabéh mahluk hirup di bumi.”

18 Anak-anak lalaki Nuh nu kaluar ti kapal téh nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét. Ka dieunakeun, Ham boga budak nu dingaranan Kanaan. 19 Tiluanana téh anak-anak lalakina Nuh. Maranéhna jadi karuhunna sakabéh manusa nu mencar ka sakuliah bumi.

20 Nuh jadi tukang tani jeung boga kebon anggur. 21 Hiji waktu, manéhna nginum cianggur tuluy mabok. Seug manéhna saré di jero kémah bari taranjang. 22 Ham bapa Kanaan ningali bapana taranjang, tuluy manéhna ngabéjaan dua lanceukna nu aya di luar. 23 Jadi Sém jeung Yafét nyokot hiji jubah, tuluy éta disampaykeun dina taktak maranéhna. Maranéhna asup ka kémah bari leumpang mundur. Geus kitu, maranéhna nutupan bapana ku éta jubah, tapi teu nyanghareup ka bapana ngarah teu ningali bapana nu keur taranjang.

24 Barang Nuh geus sadar, manéhna nyahoeun naon nu dilakukeun ku anak bungsuna. 25 Manéhna ngomong kieu,

”Kanaan sing dikutuk.

Manéhna sing jadi palayan nu pangrendahna keur dulur-dulurna.”

26 Manéhna ngomong deui,

”Puji Yéhuwa Allahna Sém.

Kanaan bakal jadi palayan manéhna.

27 Mugia Allah ngurniakeun daérah nu lega ka Yafét,

Jeung mugia manéhna matuh di kémah-kémahna Sém.

Kanaan bakal jadi palayan manéhna ogé.”

28 Sanggeus Caah Gedé, Nuh hirup 350 taun deui. 29 Jadi Nuh hirup salila 950 taun, tuluy maot.

10 Ieu sajarah anak-anak lalakina Nuh, nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét.

Sanggeus Caah Gedé, maranéhna boga anak-anak lalaki. 2 Anak-anak lalaki Yafét nyaéta Gomér, Magog, Madai, Yawan, Tubal, Mésyékh, jeung Tiras.

3 Anak-anak lalaki Gomér nyaéta Askénaz, Rifat, jeung Togarma.

4 Anak-anak lalaki Yawan nyaéta Élisya, Tarsyis, Kitim, jeung Dodanim.

5 Turunan maranéhna nyebar jeung cicing di pulo-pulo nurutkeun basana, kaomna, jeung bangsana.

6 Anak-anak lalaki Ham nyaéta Kus, Mizraim, Put, jeung Kanaan.

7 Anak-anak lalaki Kus nyaéta Séba, Hawila, Sabta, Raama, jeung Sabtéka.

Anak-anak lalaki Raama nyaéta Syéba jeung Dédan.

8 Kus boga budak nu dingaranan Nimrod. Nimrod téh pamingpin perkasa nu pangmimitina di bumi. 9 Manéhna téh tukang moro nu perkasa nu ngalawan Yéhuwa. Éta sababna sok aya nu ngomong kieu, ”Manéh mah siga Nimrod, tukang moro nu perkasa nu ngalawan Yéhuwa.” 10 Kota-kota nu mimiti aya di karajaanana téh nyaéta Babél, Érékh, Akad, jeung Kalné, di nagri Syinar. 11 Ti nagri éta, manéhna indit ka Asiria tuluy ngabangun Niniwé, Réhobot-Ir, Kala, 12 jeung Résén nu aya di antara Niniwé jeung Kala. Kabéhanana téh kota nu gedé.*

13 Mizraim boga budak nu dingaranan Ludim, Anamim, Léhabim, Naftuhim, 14 Patrusim, Kasluhim (karuhunna urang Filistin), jeung Kaftorim.

15 Anak-anak Kanaan téh nyaéta Sidon anak cikalna sarta Hét. 16 Kanaan gé karuhunna urang Yébus, urang Amori, urang Girgasyi, 17 urang Héwi, urang Arkhi, urang Sin, 18 urang Arwad, urang Zémar, jeung urang Hamat. Sanggeusna, kaom-kaom turunan Kanaan papencar. 19 Jadi wates daérah urang Kanaan téh ti Sidon nepi ka Gérar, deukeut Gaza, sarta nepi ka Sodom, Gomora, Adma, jeung Zéboyim, deukeut Lasya. 20 Tah éta turunan Ham nurutkeun kaomna, basana, tempat matuhna, jeung bangsana.

21 Sém adina* Yafét gé boga barudak. Ébér jeung anak-anakna téh turunan Sém. 22 Anak-anak lalaki Sém téh Élam, Assyur, Arpakhsyad, Lud, jeung Aram.

23 Anak-anak lalaki Aram téh Uz, Hul, Gétér, jeung Mas.

24 Arpakhsyad boga budak nu dingaranan Syéla, ari Syéla boga budak nu dingaranan Ébér.

25 Ébér boga dua anak lalaki. Nu kahiji dingaranan Pélég,* lantaran harita penduduk bumi téh papencar.* Anak lalaki nu hiji deui ngaranna Yoktan.

26 Yoktan boga budak nu dingaranan Almodad, Syéléf, Hazarmawét, Yérah, 27 Hadoram, Uzal, Dikla, 28 Obal, Abimaél, Syéba, 29 Ofir, Hawila, jeung Yobab. Maranéhna kabéh téh anak-anak lalakina Yoktan.

30 Daérah pamatuhan maranéhna téh ti Mésya nepi ka Séfar, daérah pagunungan di beulah Wétan.

31 Tah éta turunan Sém nurutkeun kaomna, basana, tempat matuhna, jeung bangsana.

32 Éta kulawarga anak-anak lalakina Nuh nurutkeun garis turunan jeung bangsana masing-masing. Turunan maranéhna téh jadi bangsa-bangsa nu nyebar ka sakuliah bumi sanggeus Caah Gedé.

11 Harita, sakabéh jalma di bumi téh ngan hiji basana, kecap-kecapna gé sarua. 2 Waktu jalma-jalma indit ka beulah wétan, maranéhna nepi di lebak nu lega di tanah Syinar, seug maratuh di dinya. 3 Maranéhna ngomong kieu jeung pada baturna, ”Hayu urang nyieun bata, urang beuleum ku seuneu.” Jadi maranéhna maké bata keur gagantina batu, jeung maké aspal keur pamageuhna. 4 Ceuk maranéhna, ”Hayu urang ngabangun kota jeung munara nu puncakna nepi ka langit, ngarah ngaran urang kamashur, jeung ngarah urang teu papencar ka sakuliah bumi.”

5 Tuluy, Yéhuwa ningalian* kota jeung munara nu dibangun ku manusa. 6 Ceuk Yéhuwa, ”Tuh tingali naon nu dilakukeun ku maranéhna! Maranéhna bisa ngahiji téh lantaran basana sarua. Lamun ayeuna gé maranéhna bisa kieu, komo deui engké. Sagala nu direncanakeun ku maranéhna tangtu ngawujud. 7 Hayu urang turun, urang kacowkeun basana, supaya maranéhna teu ngarti omongan baturna.” 8 Jadi Yéhuwa mencarkeun maranéhna ti dinya ka sakuliah bumi. Lila-lila, maranéhna eureun ngabangun kota éta. 9 Éta sababna kota éta dingaranan Babél,* lantaran di dinya, basa di sakuliah bumi dikacowkeun ku Yéhuwa, sarta jalma-jalma geus dipencarkeun ti dinya ka sakuliah bumi ku Yéhuwa.

10 Ieu sajarahna Sém.

Dua taun sanggeus Caah Gedé, basa umur Sém 100 taun, manéhna boga anak nu dingaranan Arpakhsyad. 11 Sanggeus Arpakhsyad lahir, Sém hirup 500 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

12 Umur Arpakhsyad 35 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Syéla. 13 Sanggeus Syéla lahir, Arpakhsyad hirup 403 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

14 Umur Syéla 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Ébér. 15 Sanggeus Ébér lahir, Syéla hirup 403 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

16 Umur Ébér 34 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Pélég. 17 Sanggeus Pélég lahir, Ébér hirup 430 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

18 Umur Pélég 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Réu. 19 Sanggeus Réu lahir, Pélég hirup 209 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

20 Umur Réu 32 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Sérug. 21 Sanggeus Sérug lahir, Réu hirup 207 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

22 Umur Sérug 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Nahor. 23 Sanggeus Nahor lahir, Sérug hirup 200 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

24 Umur Nahor 29 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Térah. 25 Sanggeus Térah lahir, Nahor hirup 119 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.

26 Sanggeus umur Térah 70 taun, manéhna boga anak-anak lalaki nu dingaranan Abram, Nahor, jeung Haran.

27 Ieu sajarahna Térah.

Térah boga anak-anak nu dingaranan Abram, Nahor, jeung Haran. Haran boga anak nu dingaranan Lot. 28 Waktu Térah bapana hirup kénéh, Haran maot di tanah kalahiranana, nyaéta di Ur kota urang Khaldéa. 29 Abram kawin, kitu ogé Nahor. Pamajikanana Abram ngaranna Sarai, ari pamajikanana Nahor ngaranna Milka, anak awéwéna Haran. Aya kénéh anak awéwé Haran séjénna, nyaéta Iska. 30 Sarai téh mandul, teu boga budak.

31 Geus kitu, Térah indit ti Ur, kota urang Khaldéa, ka tanah Kanaan. Manéhna mawa Abram anakna, Lot incuna, nyaéta anakna Haran, sarta mawa Sarai minantuna. Ka dieunakeun, maranéhna nepi di Haran tuluy maratuh di dinya. 32 Térah maot di Haran dina umur 205 taun.

12 Yéhuwa ngomong ka Abram, ”Jung indit ti nagri manéh, tinggalkeun baraya jeung kulawarga bapa manéh. Kuring bakal nuduhkeun ka nagri mana manéh kudu indit. 2 Ku Kuring manéh bakal dijadikeun bangsa nu gedé, manéh bakal diberkahan, ngaran manéh bakal kamashur, sarta manéh bakal jadi berkah keur batur. 3 Kuring bakal ngaberkahan saha waé nu ngaberkahan manéh jeung bakal ngutuk saha waé nu ngutuk manéh. Ku jalan manéh, sakabéh kulawarga di bumi tangtu meunang berkah.”

4 Jadi, Abram indit sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. Lot gé milu. Umur Abram 75 taun basa manéhna ninggalkeun Haran. 5 Abram indit ka tanah Kanaan bareng jeung Sarai pamajikanana, Lot alona, sarta sakabéh palayan nu dibawa ti Haran. Maranéhna gé mawa sakabéh barang nu geus dikumpulkeun ku maranéhna. Waktu maranéhna nepi di tanah Kanaan, 6 Abram ngideran tanah éta nepi ka daérah Syikhém, deukeut tatangkalan gedé Moré. Harita, tanah éta dicicingan ku urang Kanaan. 7 Tuluy Yéhuwa némbongan ka Abram jeung ngomong, ”Ku Kuring tanah ieu bakal dibikeun ka turunan* manéh.” Jadi, manéhna nyieun mézbah di dinya keur Yéhuwa nu némbongan ka manéhna. 8 Ka dieunakeun, manéhna pindah ka daérah pagunungan di wétaneun Bétel. Tuluy, manéhna masang kémah di antara Bétel jeung Ai (Bétel di beulah kulon jeung Ai di beulah wétan). Di dinya, manéhna nyieun mézbah keur Yéhuwa sarta mimiti nyebut ngaran Yéhuwa. 9 Geus kitu, Abram ngabongkar kémah terus indit ngajugjug ka Négéb. Salila perjalanan, manéhna eureun di sababaraha tempat jeung masang kémah.

10 Harita di tanah éta aya kalaparan nu kacida parahna, ku kituna Abram ngungsi sakeudeung ka* Mesir. 11 Pas téréh nepi di Mesir, manéhna ngomong ka Sarai pamajikanana, ”Nyai, déngékeun nya, Nyai téh geulis pisan. 12 Jadi lamun urang Mesir ningali Nyai, maranéhna pasti nyaho Nyai téh pamajikan Akang. Tangtu Akang engké dipaéhan, ari Nyai mah moal. 13 Geus, béjakeun wéh Nyai téh adi Akang, ngarah Akang teu dikukumaha jeung teu dipaéhan ku lantaran Nyai.”

14 Teu lila sanggeus Abram nepi di Mesir, urang Mesir naringalikeun yén manéhna téh datang bareng jeung awéwé nu geulis pisan. 15 Para pajabat Firaun gé ningali awéwé éta jeung muji-muji manéhna di hareupeun Firaun, jadi awéwé éta dibawa ka istanana Firaun. 16 Firaun ngabageuran Abram pédah awéwé éta. Manéhna méré domba, sapi, kaldé jalu jeung bikang, onta, sarta palayan awéwé jeung lalaki. 17 Tapi ku lantaran Sarai pamajikanana Abram, Yéhuwa ngadatangkeun panyakit nu parah* ka Firaun jeung saeusi istanana. 18 Ku kituna, Firaun ngageroan Abram, seug ngomong kieu, ”Ku naon manéh bet kitu? Ku naon teu ngabéjaan urang, awéwé éta téh pamajikan manéh? 19 Ku naon bet ngaku awéwé éta téh adi manéh? Ampir-ampiran dikawin ku urang. Yeuh pamajikan manéh. Jung bawa indit!” 20 Jadi Firaun maréntahkeun palayan-palayanna sina ngawal Abram, pamajikanana, jeung sagala pangabogana kaluar ti Mesir.

13 Geus kitu, Abram kaluar ti Mesir tuluy indit ka Négéb bareng jeung pamajikanana bari mawa sagala pangabogana. Lot ogé milu jeung manéhna. 2 Abram téh kacida beungharna. Manéhna boga loba ingon-ingon, pérak, jeung emas. 3 Salila perjalanan ti Négéb ka Bétel, manéhna eureun di sababaraha tempat jeung masang kémah. Geus kitu, manéhna nepi di hiji tempat antara Bétel jeung Ai, tempat manéhna baréto masang kémah. 4 Di tempat éta gé, baréto manéhna nyieun mézbah. Di dinya, Abram nyebut ngaran Yéhuwa.

5 Lot nu milu iinditan jeung Abram gé boga domba, sapi, jeung kémah sorangan. 6 Ku sabab ingon-ingon maranéhna loba pisan, maranéhna teu bisa cicing babarengan deui. Tanah éta geus teu mahi dipaké ku duaan. 7 Akibatna, jalma-jalma nu ngurus ingon-ingon Abram jeung ingon-ingon Lot paraséa. (Harita, tanah éta dicicingan ku urang Kanaan jeung urang Périz.) 8 Jadi Abram ngomong ka Lot, ”Urang téh pan dulur, jadi urang duaan jeung nu ngurus ingon-ingon urang ulah nepi ka paraséa. 9 Leuwih hadé urang misah. Pék manéh rék milih tanah nu mana? Lamun milih nu kénca, Emang nu ka katuhu, lamun milih nu katuhu, Emang nu ka kénca.” 10 Jadi Lot ningalian daérah sakurilingna. Bréh manéhna ningali daérah Yordan nepi ka Zoar téh daérah nu loba caina, siga taman Yéhuwa, siga tanah Mesir. (Harita Yéhuwa can ngabinasakeun Sodom jeung Gomora.) 11 Geus kitu, Lot milih sakuliah daérah Yordan tuluy mindahkeun pakémahanana ka beulah wétan, misah ti emangna. 12 Abram cicing di tanah Kanaan, ari Lot mah cicing di deukeut kota-kota di daérah Yordan. Ahirna Lot masang kémah di deukeut Sodom. 13 Urang Sodom téh jarahat jeung kacida dorakana ka Yéhuwa.

14 Sanggeus Lot misah, Yéhuwa ngomong ka Abram, ”Di tempat manéh nangtung, cik tempoan sakuriling manéh, ka kalér, ka kidul, ka wétan, jeung ka kulon. 15 Sakuliah nagri nu ditempo ku manéh rék dibikeun ku Kuring jadi milik manéh jeung turunan* manéh salalawasna. 16 Turunan* manéh ku Kuring rék dijadikeun loba pisan siga kekebul taneuh. Lamun aya nu bisa ngitung kekebul taneuh, nya turunan* manéh gé bakal kaitung. 17 Sok ayeuna mah ideran sakuliah nagri, sabab éta kabéh rék dibikeun ku Kuring ka manéh.” 18 Jadi Abram terus pipindahan jeung cicingna di kémah. Ka dieunakeun, manéhna nepi jeung matuh di deukeut tatangkalan gedé di Mamré, nyaéta di Hébron. Di dinya, manéhna nyieun mézbah keur Yéhuwa.

14 Dina hiji mangsa, Amrafél raja Syinar, Ariokh raja Élasar, Khédorlaomér raja Élam, jeung Tidal raja Goyim 2 perang jeung Béra raja Sodom, Birsya raja Gomora, Syinab raja Adma, Syémeber raja Zéboyim, jeung raja Béla nu disebut ogé Zoar. 3 Kabéhanana ngumpulkeun pasukanna di Lebak Sidim, nyaéta Laut Paéh.*

4 Tadina lima raja éta taluk ka Khédorlaomér salila 12 taun. Tapi dina taun ka-13, maranéhna barontak. 5 Jadi dina taun ka-14, Khédorlaomér jeung raja-raja nu jadi balad manéhna ngéléhkeun urang Réfaim di Astérot-karnaim, urang Zuzim di Ham, urang Émim di Syawé-kiriataim, 6 sarta urang Hori di Gunung Séir, nu terus diudag nepi ka Él-paran di gurun keusik. 7 Ti dinya, maranéhna balik ka Én-mispat, nyaéta Kadés, jeung nalukkeun sakabéh daérah urang Amalék sarta ngéléhkeun urang Amori nu cicing di Hazazon-tamar.

8 Harita, raja Sodom indit ka Lebak Sidim bareng jeung raja Gomora, raja Adma, raja Zéboyim, jeung raja Béla nu disebut ogé Zoar. Maranéhna nyiapkeun pasukanna 9 pikeun merangan Khédorlaomér raja Élam, Tidal raja Goyim, Amrafél raja Syinar, jeung Ariokh raja Élasar, lima lawan opat. 10 Di Lebak Sidim téh aya loba lombang aspal. Basa raja Sodom jeung raja Gomora rék kabur, maranéhna tigebrus ka dinya, ari nu séjénna mah kalabur ka daérah pagunungan. 11 Opat raja nu unggul perang téh ngarampas sakabéh harta banda jeung dahareun di Sodom jeung Gomora tuluy indit. 12 Maranéhna gé néwak Lot, alona Abram nu cicing di Sodom, sarta ngarampas harta bandana tuluy neruskeun perjalanan.

13 Aya saurang nu lolos tuluy ngabéjaan Abram urang Ibrani. Harita, Abram cicingna* di deukeut tatangkalan gedé milik Mamré urang Amori, dulurna Éskol jeung Anér. Maranéhna téh baladna Abram. 14 Sanggeus Abram ngadéngé alona ditéwak, manéhna ngumpulkeun 318 palayanna nu jaragoan, nu lahir di rumah tanggana, tuluy ngudag musuh nepi ka Dan. 15 Peutingna, manéhna ngabagi-bagi pasukanna. Tuluy manéhna jeung palayan-palayanna nyerang musuh nepi ka éléh. Musuhna diberik nepi ka Hoba di kaléreun Damaskus. 16 Abram ngabébaskeun Lot, para awéwé, jeung tawanan séjénna. Manéhna gé ngarebut deui harta bandana Lot jeung sakabéh harta banda nu geus dirampas.

17 Sanggeus ngéléhkeun Khédorlaomér jeung raja-raja nu jadi balad manéhna, Abram balik. Tuluy raja Sodom manggihan Abram di Lebak Syawé nu disebut ogé Lebak Raja. 18 Kitu ogé Mélkhizédék raja Salém manggihan Abram sarta méré roti jeung anggur. Manéhna téh imam ti Allah Nu Maha Agung.

19 Tuluy manéhna ngaberkahan Abram,

”Mugia Abram diberkahan ku Allah Nu Maha Agung,

Nu Nyiptakeun langit jeung bumi.

20 Mugia Allah Nu Maha Agung dipuji,

Nu geus nyerahkeun musuh-musuh manéh ka leungeun manéh!”

Tuluy Abram méré sapersapuluh tina hasil jarahan ka Mélkhizédék.

21 Sanggeus éta, raja Sodom ngomong ka Abram, ”Ka dieukeun wéh éta jalma-jalma téh, ari harta bandana mah mangga wéh candak.” 22 Tapi Abram ngomong ka raja Sodom, ”Abdi tos sumpah* ka Yéhuwa, Allah Nu Maha Agung, Nu Nyiptakeun langit jeung bumi, 23 abdi moal nyandak nanaon ti anjeun, benang salambar atawa tali sendal sacewir gé moal, bisi engké anjeun ngomong, ’Urang nu geus ngabeungharkeun Abram téh.’ 24 Abdi moal nyandak nanaon, kajaba nu tos dituang ku barudak ngora ieu. Tapi ari balad abdi mah, nyaéta Anér, Éskol, jeung Mamré, keun wéh sina nyandak bagianana.”

15 Geus kitu dina titingalian, Yéhuwa ngomong ka Abram, ”Tong sieun, Abram. Kuring nu ngajaga* manéh. Manéh bakal meunang ganjaran nu gedé pisan.” 2 Abram némbalan, ”Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, jang naon ganjaran éta téh? Da abdi teu gaduh budak. Nu bakal ngawaris harta banda abdi gé Éliézér, urang Damaskus téa.” 3 Abram ngomong deui, ”Gusti teu masihan turunan* ka abdi. Nu bakal jadi ahli waris abdi gé saurang palayan di rumah tangga abdi.” 4 Yéhuwa ngajawab, ”Nu bakal jadi ahli waris manéh téh lain manéhna, tapi anak manéh sorangan.”

5 Abram dititah kaluar, tuluy Anjeunna ngomong, ”Mangga tanggah ka langit. Sok itung béntang-béntang, ari bisa mah.” Tuluy Anjeunna ngomong deui, ”Tah turunan* manéh téh bakal sakitu lobana.” 6 Abram boga iman ka Yéhuwa, ku kituna manéhna dianggap bener ku Anjeunna. 7 Anjeunna ngomong deui, ”Kuring Yéhuwa, nu mawa manéh kaluar ti Ur, kota urang Khaldéa, pikeun méré nagri ieu jadi milik manéh.” 8 Ngadéngé kitu, Abram nanya, ”Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, kumaha abdi bisa yakin éta bakal jadi milik abdi?” 9 Anjeunna ngajawab, ”Pék bawa sapi bikang, embé bikang, domba jalu nu masing-masing umurna tilu taun, sarta japati ngora jeung tikukur.” 10 Seug sasatoan téh kabéhanana dibawa ku Abram tuluy dibeulah dua sarta diteundeun pahareup-hareup jeung beubeulahanana masing-masing. Tapi manukna mah teu dibeulah. 11 Teu lila, aya manuk-manuk nu sok ngahakan bangké turun nyampeurkeun, tapi ku Abram digebahan.

12 Pas panonpoé rék surup, Abram saré tibra tuluy ngimpi. Dina impianana, manéhna kasieunan lantaran di sakurilingeunana poék mongkléng. 13 Terus Allah ngomong ka Abram, ”Kuring ngabéjaan, turunan* manéh téh bakal jadi urang asing di nagri séjén. Maranéhna bakal diperbudak jeung ditindes ku pendudukna salila 400 taun. 14 Tapi bangsa nu nindes maranéhna bakal dihukum ku Kuring. Sanggeusna, maranéhna bakal kaluar bari mawa loba harta banda. 15 Ari manéh mah, manéh bakal panjang umur, hirup tengtrem, tuluy maot jeung dikuburkeun siga karuhun manéh. 16 Tapi génerasi kaopat ti turunan manéh bakal balik deui ka dieu, sabab can waktuna urang Amori dihukum lantaran kasalahanana.”*

17 Sanggeus panonpoé surup jeung geus poék pisan, bréh aya tungku nu haseupna ngebul, jeung obor hurung nu ngaliwat di antara beulahan-beulahan daging. 18 Poé éta Yéhuwa nyieun perjangjian jeung Abram, kieu cenah, ”Kuring bakal méré nagri ieu ka turunan* manéh, ti walungan di Mesir nepi ka walungan gedé, nyaéta Walungan Éfrat. Nu rék dibikeun téh nyaéta: 19 tanah milik urang Kéni, urang Kénaz, urang Kadmon, 20 urang Hét, urang Périz, urang Réfaim, 21 urang Amori, urang Kanaan, urang Girgasyi, jeung urang Yébus.”

16 Sarai pamajikanana Abram can boga anak kénéh, tapi manéhna boga palayan awéwé ti Mesir nu ngaranna Hajar. 2 Jadi, Sarai ngomong ka Abram, ”Kang, cik dangukeun abdi. Abdi téh can dibéré budak ku Yéhuwa. Kumaha upami palayan abdi dikawin ku Akang. Sugan wéh abdi boga budak ti manéhna.” Abram nurut kana omongan Sarai. 3 Ku kituna, Sarai pamajikanana Abram mikeun Hajar, palayanna nu ti Mesir téa, sina dikawin.* Éta téh sanggeus sapuluh taun Abram cicing di tanah Kanaan. 4 Jadi Abram saré jeung Hajar, tuluy Hajar ngandung. Barang nyaho keur ngandung, manéhna jadi nyapirakeun dunungan awéwéna.

5 Sarai ngomong ka Abram, ”Abdi susah kieu téh gara-gara Akang. Mémang abdi nu mikeun palayan abdi ka Akang, tapi barang nyaho keur ngandung, manéhna jadi nyapirakeun abdi. Mugia Yéhuwa nuduhkeun saha nu bener, abdi atawa Akang.” 6 Ngadéngé kitu, Abram ngomong ka Sarai, ”Pan manéhna téh palayan Nyai. Kumaha alusna Nyai wéh manéhna rék dikumahakeun ogé.” Ti dinya Hajar ditindes ku Sarai nepi ka ahirna kabur.

7 Ka dieunakeun, malaikat Yéhuwa manggihan Hajar di cinyusu di gurun keusik, di jalan nu rék ka Syur. 8 Éta malaikat nanya, ”Hajar palayanna Sarai, manéh téh ti mana jeung rék ka mana?” Hajar ngajawab, ”Abdi téh kabur ti Sarai dunungan abdi.” 9 Tuluy malaikat Yéhuwa ngomong, ”Jung balik ka dunungan manéh. Manéh kudu nurut jeung ngahargaan manéhna.” 10 Malaikat Yéhuwa ngomong deui, ”Kuring bakal ngajadikeun turunan* manéh loba pisan, nepi ka teu bisa diitung.” 11 Terus ceuk malaikat Yéhuwa, ”Manéh téh keur ngandung jeung bakal ngalahirkeun anak lalaki. Engké manéhna kudu dingaranan Ismail,* lantaran Yéhuwa geus ngadéngé manéh téh keur susah. 12 Manéhna bakal siga kaldé leuweung,* ka saha-saha bakal ngalawan, kitu deui jalma-jalma bakal ngalawan manéhna. Hirupna bakal misah ti* sakabéh dulurna.”

13 Tuluy Hajar muji ngaran Yéhuwa, Allah nu ngomong ka manéhna. Ceuk manéhna, ”Gusti téh Allah nu ningali sagalana.” Tuluy manéhna ngomong, ”Abdi geus nénjo Allah nu ningali abdi.” 14 Éta sababna, sumur éta di sebut Béér-lahai-roi.* (Ayana di antara Kadés jeung Béréd.) 15 Ahirna Hajar ngalahirkeun anak lalaki, tuluy ku Abram dingaranan Ismail. 16 Umur Abram 86 taun basa Hajar ngalahirkeun Ismail.

17 Waktu Abram umur 99 taun, Yéhuwa némbongan ka Abram, seug ngomong kieu, ”Kuring téh Allah Nu Mahakawasa. Hirup manéh kudu sajalan jeung kahayang Kuring,* sarta buktikeun hirup manéh téh bener. 2 Kuring rék nyieun perjangjian jeung manéh. Turunan manéh ku Kuring rék dijadikeun loba, loba pisan.”

3 Ngadéngé kitu, bruk Abram sujud. Allah ngomong deui ka manéhna, 4 ”Kuring pan geus nyieun perjangjian jeung manéh, manéh pasti jadi bapana loba bangsa. 5 Ngaran manéh lain Abram* deui, tapi Ibrahim,* sabab manéh ku Kuring bakal dijadikeun bapana loba bangsa. 6 Turunan manéh ku Kuring rék dijadikeun loba, loba pisan. Manéh bakal jadi karuhunna bangsa-bangsa jeung jadi karuhunna raja-raja.

7 ”Kuring bakal ngalaksanakeun perjangjian antara Kuring jeung manéh sarta sakabéh turunan* manéh. Perjangjian éta téh pikeun salilana. Kuring bakal jadi Allah manéh jeung Allah turunan* manéh. 8 Tanah ieu, tempat manéh cicing jadi urang asing, rék dibikeun ka manéh jeung turunan* manéh. Sakuliah tanah Kanaan bakal jadi milik maranéh salilana, sarta Kuring bakal jadi Allah maranéhna.”

9 Allah ngomong deui ka Ibrahim, ”Sabalikna, manéh gé kudu ngalaksanakeun perjangjian jeung Kuring, nya manéh sarta turunan* manéh turun-tumurun. 10 Ieu perjangjian antara Kuring jeung manéh nu kudu dijalankeun ku manéh jeung turunan* manéh: Unggal lalaki kudu disunatan. 11 Maranéh kudu disunatan. Éta bakal jadi tanda perjangjian antara Kuring jeung maranéh. 12 Maranéh turun-tumurun kudu nyunatan unggal budak lalaki nu umurna dalapan poé, nyaéta saha waé nu lahir di imah maranéh, saha waé nu lain turunan* maranéh, jeung saha waé nu dibeuli ti urang asing. 13 Unggal lalaki nu lahir di imah maranéh jeung unggal lalaki nu dibeuli kudu disunatan. Ieu téh tanda dina awak maranéh nu ngabuktikeun yén perjangjian antara Kuring jeung maranéh téh pikeun salilana. 14 Lamun aya lalaki nu teu disunatan, manéhna kudu dipaéhan.* Manéhna geus ngalanggar perjangjian Kuring.”

15 Tuluy Allah ngomong ka Ibrahim, ”Pamajikan manéh ulah disebut deui Sarai,* ngaranna ayeuna mah Sara.* 16 Manéhna bakal diberkahan ku Kuring, jeung bakal ngalahirkeun budak lalaki keur manéh. Manéhna bakal diberkahan ku Kuring, jeung bakal jadi karuhunna loba bangsa sarta karuhunna raja-raja.” 17 Bruk Ibrahim sujud bari seuri jeung ngomong di jero haté, ”Piraku lalaki nu umurna 100 taun bisa boga budak. Maenya Sara, nu umurna 90 taun, bisa ngalahirkeun?”

18 Jadi Ibrahim ngomong ka Allah nu bener, ”Nun Gusti, mugia Ismail diberkahan ku Gusti!” 19 Tapi Allah némbalan, ”Sara pamajikan manéh pasti bakal ngalahirkeun budak lalaki keur manéh, jeung ku manéh kudu dingaranan Ishak.* Kuring rék nyieun perjangjian jeung manéhna, kitu deui jeung turunanana* pikeun salilana. 20 Tapi paménta manéh ngeunaan Ismail bakal dikabulkeun. Manéhna ku Kuring bakal diberkahan sarta turunanana bakal dijadikeun loba, loba pisan. Manéhna bakal jadi karuhunna 12 pamingpin sarta bakal dijadikeun bangsa nu gedé. 21 Sanajan kitu, Kuring rék nyieun perjangjian jeung Ishak, nu bakal dilahirkeun ku Sara taun hareup dina waktu kawas ayeuna.”

22 Sanggeus ngomong jeung Ibrahim, Allah indit ti hareupeun manéhna. 23 Poé éta kénéh, Ibrahim nyunatan Ismail anakna jeung sakabéh lalaki nu lahir di imahna sarta nu dibeuli ku manéhna. Unggal lalaki di rumah tangga Ibrahim disarunatan, sakumaha nu diparéntahkeun ku Allah. 24 Umur Ibrahim 99 taun basa manéhna disunatan. 25 Ari Ismail anakna mah umur 13 taun basa manéhna disunatan. 26 Poé éta kénéh, Ibrahim jeung Ismail anakna disunatan. 27 Unggal lalaki di rumah tanggana, boh nu lahir di imahna boh nu dibeuli ti urang asing, kabéh disarunatan bareng jeung manéhna.

18 Geus kitu, Yéhuwa ngadatangan Ibrahim di deukeut tatangkalan gedé di Mamré. Harita, manéhna keur diuk di lawang kémah pas tengah poé, pas keur panas-panasna. 2 Manéhna nempo aya tilu lalaki keur nangtung teu jauh ti manéhna. Beretek Ibrahim lumpat ti lawang kémah manggihan maranéhna tuluy sujud. 3 Ceuk manéhna, ”Yéhuwa,* pami kersa mah nyimpang heula atuh ka tempat abdi. 4 Engké ku abdi dipangnyandakkeun cai keur ngumbah sampéan aranjeun. Saatosna, mangga reureuh heula di handapeun tangkal. 5 Pan aranjeun tos sumping ka tempat abdi, kumaha pami ku abdi disiapkeun tuangeun sakedik mah supaya aranjeun jagjag deui. Saatosna, mangga waé pami badé neruskeun perjalanan.” Ceuk maranéhna, ”Mangga, ari kitu mah katampi pisan.”

6 Ibrahim gancang nyampeurkeun Sara nu keur aya di kémah, ceuk manéhna, ”Nyai, geuwat! Cokot tilu takeran* tipung lemes, jieun adonan, tuluy jieun roti.” 7 Ti dinya, Ibrahim lumpat ka tempat ingon-ingon tuluy milih sapi ngora nu alus jeung dagingna hipu. Sapina dibikeun ka palayanna sina buru-buru diolah. 8 Geus kitu manéhna nyokot mantéga, susu, jeung daging sapi ngora nu geus diolah téa, tuluy disuguhkeun ka tamu-tamuna. Pas maranéhna keur dahar, Ibrahim nangtung di deukeut dinya di handapeun tangkal.

9 Maranéhna nanya, ”Ari Sara pamajikan manéh di mana?” Ibrahim némbalan, ”Aya di kémah.” 10 Salah saurang ti maranéhna ngomong kieu, ”Kuring pasti datang deui ka dieu taun hareup, dina waktu kawas ayeuna. Sara pamajikan manéh bakal boga budak lalaki.” Ari Sara keur ngadéngékeun di lawang kémah, di tukangeun lalaki éta. 11 Ibrahim jeung Sara téh geus kolot pisan. Sara geus teu bisa deui boga budak.* 12 Jadi Sara seuri di jero haténa, ceuk manéhna, ”Aing téh pan geus kolot jaba paréot kieu, Juragan gé sarua geus kolot. Bisa kitu aing ngarasakeun bungahna boga orok?” 13 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Ibrahim, ”Ku naon Sara bet seuri jeung ngomong, ’Bisa kitu aing ngalahirkeun? Aing téh pan geus kolot.’ 14 Mémangna aya nu mustahil keur Yéhuwa? Taun hareup, dina waktu kawas ayeuna, Kuring bakal datang deui. Sara bakal boga budak lalaki.” 15 Ku sabab sieun, Sara nyangkal, ceuk manéhna, ”Henteu seuri da!” Anjeunna ngajawab, ”Enya, manéh bieu seuri.”

16 Geus kitu, Ibrahim nganteur lalaki-lalaki éta indit. Maranéhna leumpang babarengan nepi ka hiji tempat. Di dinya, maranéhna bisa ningali ka handap ka arah Sodom. 17 Ceuk Yéhuwa, ”Kuring moal nyumput-nyumputkeun ti Ibrahim naon nu bakal dilakukeun ku Kuring. 18 Turunan Ibrahim téh bakal jadi bangsa nu gedé jeung kuat. Ku jalan manéhna, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah. 19 Kuring kenal pisan ka manéhna jeung yakin manéhna bakal maréntahkeun anak-anakna jeung sakabéh turunanana pikeun hirup sajalan jeung kahayang Yéhuwa, ku cara ngalakukeun nu bener jeung adil. Ku kituna, Kuring Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji Kuring ka Ibrahim.”

20 Tuluy Yéhuwa ngomong, ”Kuring geus ngadéngé loba omongan goréng ngeunaan Sodom jeung Gomora. Dosa maranéhna téh gedé pisan. 21 Kuring rék turun, hayang mastikeun omongan goréng nu kadéngé ku Kuring téh bener atawa henteu.”

22 Geus kitu, lalaki nu dua indit ka Sodom, ari Yéhuwa mah tetep bareng jeung Ibrahim. 23 Tuluy Ibrahim nyampeurkeun Allah jeung ngomong, ”Leres kitu, Gusti bakal ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat? 24 Misalna, upami aya 50 jalma bener di éta kota, Gusti bakal ngabinasakeun sadayana kitu? Éta kota moal dihampura ku Gusti kitu, demi 50 jalma nu teu salah? 25 Asa teu mungkin Gusti ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat! Piraku jalma bener disamikeun sareng jalma jahat. Teu mungkin Gusti kitu. Maenya Hakim sakuliah bumi teu adil?” 26 Ku Yéhuwa ditémbalan, ”Lamun aya 50 jalma bener di Sodom, saeusi kota bakal dihampura ku Kuring demi maranéhna. 27 Tapi Ibrahim ngomong deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui, sanajan abdi téh ngan saukur kekebul jeung lebu. 28 Bilih ieu mah, 50 jalma bener téh ngurangan lima, kota éta angger bakal dibinasakeun moal?” Ku Anjeunna ditémbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 45 jalma bener.”

29 Tapi Ibrahim nanya deui, ”Kumaha pami aya 40 jalma bener di dinya?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 40 éta.” 30 Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, ulah ambek nya, abdi badé naros deui: Kumaha pami di dinya ngan aya 30?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 30.” 31 Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui: Kumaha pami di dinya ngan aya 20?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 20 éta.” 32 Tungtungna manéhna ngomong, ”Punten Yéhuwa, ulah ambek nya, abdi badé naros sakali deui: Kumaha pami di dinya ngan aya sapuluh?” Anjeunna némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu sapuluh éta.” 33 Sanggeus ngomong jeung Ibrahim, Yéhuwa indit. Ari Ibrahim mah balik ka kémahna.

19 Dua malaikat éta nepi di Sodom soré-soré, ari Lot keur diuk di gerbang kota Sodom. Barang ningali maranéhna, Lot nyampeurkeun tuluy sujud. 2 Manéhna ngomong, ”Juragan, hayu atuh nyimpang jeung mondok di bumi abdi. Engké sampéan Juragan bakal dipangumbahkeun. Saatosna, Juragan tiasa gugah énjing-énjing pikeun neruskeun perjalanan.” Maranéhna némbalan, ”Wios ah, abdi duaan mah rék meuting di lapangan wéh.” 3 Tapi Lot keukeuh, jadi ahirna maranéhna milu ka imah Lot. Maranéhna disuguhan kadaharan nu ngareunah jeung roti nu teu diragian, tuluy éta didahar ku maranéhna.

4 Saacan maranéhna saré, sakabéh lalaki di kota Sodom, ti budak leutik nepi ka aki-aki, ngabring daratang jeung ngepung imahna Lot. 5 Maranéhna tinggorowok ka Lot, ”Mana éta jelema-jelema anu bieu datang ka imah manéh? Kaluarkeun, rék disaréan* ku kabéhan.”

6 Lot kaluar manggihan maranéhna, tuluy pantona ditutupkeun. 7 Manéhna ngomong, ”Dulur-dulur, ulah jahat kitu atuh. 8 Kieu wéh, kuring boga dua budak awéwé nu parawan kénéh. Kumaha lamun ku kuring maranéhna dibawa kaluar? Pék baé ku maranéh rék dikukumahakeun gé. Tapi, dua lalaki éta ulah dikukumahakeun. Maranéhna téh geus datang ka imah kuring, jadi ku kuring wajib dibélaan.”* 9 Tapi ceuk maranéhna, ”Haling siah! Wawanianan siah ngatur-ngatur urang! Manéh téh urang asing nu ngan saukur numpang di dieu. Manéh ku urang bakal disiksa leuwih parah tibatan dua lalaki éta.” Maranéhna ngadorong-dorong Lot rék ngadobrak panto. 10 Jadi, dua lalaki éta ngabedol Lot ka jero imah tuluy nutup pantona. 11 Ari kabéh jalma nu di luar, ti nu ngora nepi ka nu kolot, dilolongkeun ku dua lalaki éta nepi ka maranéhna carapéeun néangan panto.

12 Tuluy dua lalaki éta ngomong ka Lot, ”Aya kénéh teu baraya manéh di dieu? Minantu lalaki, budak lalaki atawa awéwé, kabéh baraya manéh di kota ieu bawa kaluar ti dieu! 13 Abdi duaan bakal ngabinasakeun tempat ieu. Yéhuwa geus ngadéngé loba omongan goréng* ngeunaan pendudukna, ku kituna Yéhuwa ngutus urang pikeun ngabinasakeun kota ieu.” 14 Jadi, Lot indit rék ngabéjaan dua minantuna, nu bakal kawin jeung barudak awéwéna. Manéhna teterusan ngomong kieu, ”Gancang! Kaluar ti dieu, lantaran kota ieu bakal dibinasakeun ku Yéhuwa!” Tapi disangka ku para minantuna mah Lot téh keur heureuy.

15 Subuh-subuh, para malaikat ngageugeuwat Lot. Ceuk maranéhna, ”Buru! Bawa pamajikan jeung dua budak awéwé manéh, ngarah manéh teu milu dibinasakeun jeung kota ieu nu dihukum ku lantaran kasalahanana!” 16 Lot ngaengké-engké. Tapi ku lantaran Yéhuwa karunyaeun ka manéhna, dua lalaki éta nyekel leungeun Lot, pamajikanana, jeung dua budak awéwéna tuluy dibawa ka luar kota. 17 Teu lila sanggeus dua lalaki éta mawa maranéhna ka luar kota, salah sahijina ngomong, ”Gancang lumpat lamun hayang salamet! Ulah ningali ka tukang jeung ulah eureun di mana waé di daérah ieu! Lumpat ka daérah pagunungan ngarah manéh teu milu binasa!”

18 Tuluy ceuk Lot ka maranéhna, ”Ulah ka dinya atuh, Yéhuwa!* 19 Mémang Anjeun téh tos sakitu karunyaan jeung bageur* ka abdi nepi ka abdi disalametkeun. Tapi, abdi teu sanggup kabur ka daérah pagunungan mah, da abdi sieun bisi keuna ku musibat. Atuh engké abdi maot. 20 Kumaha pami abdi kabur ka kota éta waé, da deukeut. Kotana leutik deuih. Tiasa nya abdi ka dinya? Kotana leutik da, ngarah abdi salamet.” 21 Anjeunna ngajawab, ”Heug, paménta manéh dikabulkeun. Kuring moal ngabinasakeun kota éta sakumaha paménta manéh. 22 Buru, lumpat ka ditu! Kuring teu bisa nanaon saméméh manéh nepi ka ditu!” Éta sababna kota éta dingaranan Zoar.*

23 Panonpoé geus medal waktu Lot nepi di Zoar. 24 Tuluy Yéhuwa nurunkeun hujan seuneu jeung walirang ka Sodom jeung Gomora. Hujan éta téh ti langit, ti Yéhuwa. 25 Anjeunna ngabinasakeun kota-kota éta, malahan sakuliah daérah éta, kaasup sakabéh penduduk jeung pepelakan nu aya di dinya. 26 Ari pamajikan Lot, nu aya di tukang, kalah ka ngalieuk ka tukang. Jleg baé manéhna jadi patung uyah.

27 Ibrahim hudang isuk-isuk tuluy indit ka tempat manéhna ngobrol jeung Yéhuwa téa. 28 Manéhna reuwas waktu ningali Sodom jeung Gomora sarta sakuliah daérah éta. Daérah éta meni mulek ku haseup kawas haseup nu bijil tina pameuleuman nu kacida gedéna! 29 Allah téh inget kana omongana-Na ka Ibrahim. Ku kituna, waktu Allah rék ngabinasakeun kota-kota di daérah éta, nyaéta nu aya di deukeut pamatuhanana Lot, Anjeunna nitah Lot kaluar ti dinya.

30 Ka dieunakeun, Lot sieun cicing di Zoar, jadi manéhna bareng jeung dua budak awéwéna indit ti dinya tuluy cicing di hiji guha di daérah pagunungan. 31 Tuluy, anak nu cikal ngomong ka adina, ”Bapa urang geus kolot, jaba di dieu euweuh lalaki nu bisa kawin jeung urang, sakumaha kabiasaan kabéh jalma supaya boga budak. 32 Kieu wéh, si Bapa téh urang béré nginum cianggur, tuluy urang saré jeung si Bapa, ngarah urang bisa neruskeun turunan bapa urang.”

33 Jadi peuting éta, bapana disina nginum cianggur nepi ka mabok. Tuluy anak nu cikal asup sarta saré jeung bapana, tapi bapana teu nyahoeun iraha anakna saré jeung manéhna sarta iraha anakna hudang. 34 Isukanana nu cikal ngomong ka adina, ”Tadi peuting, Tétéh geus saré jeung Bapa. Engké peuting, si Bapa urang béré cianggur deui. Tah engké mah giliran manéh saré jeung Bapa, ngarah urang bisa neruskeun turunan bapa urang.” 35 Jadi, peuting éta gé bapana disina nginum cianggur nepi ka mabok. Tuluy adina asup sarta saré jeung bapana, tapi bapana teu nyahoeun iraha anakna saré jeung manéhna sarta iraha anakna hudang. 36 Geus kitu, dua budak awéwéna Lot ngandung anak bapana. 37 Nu cikal ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Moab. Manéhna jadi karuhunna bangsa Moab kiwari. 38 Adina gé ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Bén-ami. Manéhna jadi karuhunna bangsa Ammon kiwari.

20 Ibrahim mindahkeun kémahna ka tanah Négéb tuluy cicing di antara Kadés jeung Syur. Waktu keur cicing* di Gérar, 2 Ibrahim ngaku deui yén Sara téh adina. Ku kituna, Abimélékh raja Gérar ngutus jalma pikeun mawa Sara ka manéhna. 3 Hiji peuting, Allah ngomong ka Abimélékh dina impian, kieu cenah, ”Manéh bakal paéh lantaran mawa awéwé éta. Awéwé éta téh geus boga salaki.” 4 Tapi Sara can dicabak-cabak acan ku Abimélékh.* Jadi ceuk manéhna, ”Yéhuwa, piraku Gusti rék maéhan bangsa nu teu boga salah? 5 Manéhna sorangan pan nu ngaku awéwé éta téh adina? Ceuk awéwé éta gé lalaki éta téh lanceukna. Abdi teu boga niat jahat, abdi gé teu nyaho mun éta téh salah.” 6 Tuluy Allah nu bener ngajawab manéhna dina impian éta, ”Kuring nyaho manéh téh teu boga niat jahat, matakna ku Kuring dihalangan, supaya manéh teu nyabak éta awéwé, jadi manéh teu nyieun dosa ka Kuring. 7 Ayeuna, pulangkeun awéwé éta ka salakina. Salakina téh nabi, engké manéhna bakal ngadoakeun manéh ngarah manéh tetep hirup. Tapi lamun teu dipulangkeun, manéh tangtu paéh, manéh jeung saeusi istana manéh.”

8 Abimélékh hudang isuk-isuk pisan, ngageroan kabéh palayanna, jeung nyaritakeun sagalana. Ngadéngé kitu, maranéhna jadi kacida sarieuneunana. 9 Ibrahim digeroan, tuluy Abimélékh ngomong kieu ka manéhna, ”Ku naon manéh téh bet kitu? Salah naon urang ka manéh nepi ka urang jeung karajaan urang jadi boga dosa gedé? Nu dilampahkeun ku manéh téh teu bener.” 10 Abimélékh nanya deui ka Ibrahim, ”Naon maksudna manéh kitu ka urang?” 11 Ceuk Ibrahim, ”Abdi kitu téh lantaran nyangka urang dieu euweuh nu sieun ka Allah. Maranéhna bakal nyokot pamajikan abdi, heug abdi dipaéhan. 12 Tapi mémang bener manéhna téh adi abdi, sabapa tapi béda indung, terus ku abdi dikawin. 13 Jadi basa Allah nitah abdi ninggalkeun imah bapa abdi tuluy ngumbara, pamajikan téh diomatan kieu, ’Lamun Nyai cinta* ka Akang, ka mana waé urang indit, ngomong wéh Akang téh lanceuk Nyai.’”

14 Geus kitu, Sara ku Abimélékh dipulangkeun ka Ibrahim, malah bari dibéré domba, sapi, sarta palayan-palayan awéwé jeung lalaki. 15 Abimélékh gé ngomong kieu, ”Mangga waé mun rék cicing di nagri urang mah. Sok pilih di mana resepna.” 16 Ari ka Sara mah manéhna ngomong kieu, ”Urang geus méré 1.000 duit pérak ka lanceuk Nyai. Éta téh bukti keur kulawarga Nyai jeung keur kabéh jalma yén Nyai téh teu salah jeung teu bisa disalahkeun.” 17 Geus kitu, Ibrahim ngadoa ka Allah nu bener, ku kituna Allah nyageurkeun Abimélékh, pamajikanana, jeung para palayan awéwéna. Maranéhna jadi baroga budak. 18 Saacanna, Yéhuwa nyababkeun sakabéh awéwé di istana Abimélékh jadi mandul* ku lantaran Sara, pamajikanana Ibrahim.

21 Sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa, Anjeunna teu mopohokeun Sara. Yéhuwa ngalaksanakeun jangji-Na ka Sara. 2 Dina waktu nu geus dijangjikeun ku Allah, Sara ngandung jeung ngalahirkeun budak lalaki keur Ibrahim waktu Ibrahim geus kolot. 3 Orok nu dilahirkeun ku Sara dingaranan Ishak ku Ibrahim. 4 Waktu Ishak umur dalapan poé, Ibrahim nyunatan manéhna, sakumaha paréntah Allah. 5 Umur Ibrahim 100 taun basa Ishak dilahirkeun. 6 Geus kitu, Sara ngomong kieu, ”Allah nyababkeun urang seuri ku kabungah. Saréréa nu ngadéngé ieu gé bakal milu seuri.”* 7 Manéhna ngomong deui, ”Saha nu nyangka Sara pamajikanana Ibrahim bakal nyusuan anakna sorangan? Tapi geuningan, sakitu geus kolot gé urang bisa ngalahirkeun anak keur manéhna.”

8 Budak téh beuki gedé sarta geus teu nyusu deui. Dina poé Ishak teu nyusu deui, Ibrahim ngayakeun hajat gedé. 9 Tapi Sara mangkali-kali ningali anak Hajar urang Mesir téa, nu dilahirkeun keur Ibrahim, moyokan Ishak. 10 Jadi Sara ngomong ka Ibrahim, ”Usir éta palayan awéwé jeung anakna téh, da anak manéhna moal bakal jadi ahli waris bareng jeung Ishak anak urang!” 11 Tapi Ibrahim keuheul pisan ngadéngé omongan Sara ngeunaan Ismail anakna. 12 Tuluy Allah ngomong ka Ibrahim, ”Ulah keuheul kana omongan Sara ngeunaan anak lalaki éta jeung palayan manéh. Déngékeun omongan Sara, sabab nu bakal disebut turunan* manéh téh nu asalna ti Ishak. 13 Anak ti palayan éta gé bakal dijadikeun hiji bangsa ku Kuring, lantaran manéhna téh turunan* manéh kénéh.”

14 Jadi isuk-isuk kénéh, Ibrahim hudang tuluy nyokot roti jeung kantong kulit nu dieusian cai sarta dibikeun ka Hajar. Éta kabéh digantélkeun kana taktakna Hajar ku Ibrahim, tuluy Hajar disina indit bareng jeung anakna. Jadi Hajar indit jeung ngumbara di gurun keusik Béér-syéba. 15 Tungtungna, cai dina kantong kulit téh béak, jadi éta budak disuntrungkeun ku manéhna kana rungkun. 16 Tuluy manéhna indit jeung diuk sorangan rada jauh ti dinya. Manéhna ngomong, ”Aing teu téga ningali anak aing paéh.” Bruk manéhna diuk tuluy ceurik gogoakan.

17 Allah ngadéngé sora budak lalaki éta. Geus kitu, malaikat Allah ngageroan Hajar ti langit, pok ngomong, ”Ku naon manéh bet ceurik, Hajar? Ulah sieun, Allah geus ngadéngé sorana éta budak. 18 Geura cengkat, tangtungkeun budak téh, cekelan sing bener, sabab Kuring rék ngajadikeun manéhna bangsa nu gedé.” 19 Geus kitu, panon Hajar dibuka ku Allah, bray manéhna nempo hiji sumur. Hajar ngajugjug ka dinya tuluy ngeusian kantong kulitna ku cai jeung méré nginum budakna. 20 Allah nyarengan budak éta nepi ka gedé. Manéhna cicing di gurun keusik tuluy jadi tukang manah. 21 Manéhna matuh di Gurun Keusik Paran. Indungna ngawinkeun manéhna jeung mojang ti Mesir.

22 Harita, Abimélékh bareng jeung Pikol panglima tentarana ngomong ka Ibrahim, ”Sagala nu dilampahkeun ku manéh téh disarengan ku Allah. 23 Sok ayeuna mah sumpah demi Allah, manéh moal ngalicikan urang jeung anak incu urang. Urang geus bageur* ka manéh, nya manéh gé kudu kitu ka urang jeung ka penduduk nu tanahna dicicingan ku manéh.” 24 Ibrahim ngajawab, ”Abdi sumpah.”

25 Tapi, Ibrahim ngadu ka Abimélékh ngeunaan sumur nu direbut ku anak buahna Abimélékh. 26 Ngadéngé kitu, Abimélékh ngomong, ”Urang mah teu nyaho da. Naha manéh teu ngabéjaan saacanna? Kakara ayeuna urang ngadéngé.” 27 Tuluy Ibrahim méré domba jeung sapi ka Abimélékh. Geus kitu, duanana nyieun perjangjian. 28 Waktu Ibrahim misahkeun tujuh anak domba bikang, 29 Abimélékh nanya ka Ibrahim, ”Keur naon manéh misahkeun tujuh anak domba bikang ieu?” 30 Ibrahim ngajawab, ”Abdi rék méré tujuh anak domba bikang ieu ka anjeun keur jadi bukti yén abdi nu ngagali sumur ieu.” 31 Éta sababna tempat éta disebut Béér-syéba,* lantaran di dinya maranéhna duaan nyieun sumpah. 32 Sanggeus maranéhna nyieun perjangjian di Béér-syéba, Abimélékh jeung Pikol panglima tentarana balik ka nagri urang Filistin. 33 Geus kitu, Ibrahim melak tangkal tamariska di Béér-syéba. Di dinya manéhna nyebut ngaran Yéhuwa, Allah nu abadi. 34 Ibrahim lila pisan matuh* di nagri urang Filistin.

22 Geus kitu, Allah nu bener nguji Ibrahim. Ceuk Anjeunna, ”Ibrahim!” Ditémbalan, ”Kulan?” 2 Tuluy ceuk Anjeunna, ”Cikan, bawa Ishak anak manéh nu ngan hiji-hijina nu kacida dipikanyaahna ku manéh. Sok indit ka tanah Moria. Korbankeun manéhna jadi korban beuleuman di gunung nu engké rék dituduhkeun ku Kuring.”

3 Jadi isuk-isuk kénéh, Ibrahim hudang, nyiapkeun kaldéna, jeung ngajak dua palayanna sarta Ishak anakna. Manéhna meulahan kai keur ngaduruk korban, geus kitu indit ka tempat nu dituduhkeun ku Allah nu bener. 4 Dina poé nu katilu, tempat nu rék dijugjug ku Ibrahim téh katempo ti kajauhan. 5 Ibrahim ngomong ka para palayanna, ”Tungguan di dieu nya jeung kaldé. Bapa jeung si Ujang rék ibadah ka ditu, engké balik deui ka dieu.”

6 Ibrahim nyokot kai keur ngaduruk korban, tuluy sina dipanggul ku Ishak anakna. Ari Ibrahim mah mawa seuneu jeung péso.* Duanana leumpang babarengan. 7 Terus Ishak ngomong ka Ibrahim bapana, ”Bapa!” Dijawabna, ”Enya, Jang!” Ishak ngomong deui, ”Ieu seuneu jeung kaina aya, ari domba nu rék dikorbankeunana mana?” 8 Ibrahim ngajawab, ”Jang, engké domba keur korban beuleumanana disadiakeun ku Allah.” Geus kitu duanana leumpang deui.

9 Ahirna, maranéhna nepi di tempat nu dituduhkeun ku Allah nu bener. Di dinya, Ibrahim nyieun mézbah jeung nyusun kai di luhurna. Leungeun jeung suku Ishak anakna ditalian, tuluy manéhna digolérkeun dina mézbah di luhureun kai. 10 Gep Ibrahim nyokot péso* pikeun maéhan anakna. 11 Ari pék téh malaikat Yéhuwa ngageroan ti langit, ”Ibrahim, Ibrahim!” Dijawabna, ”Kulan?” 12 Malaikat éta ngomong deui, ”Ulah dipaéhan budak téh, ulah dikukumaha. Ayeuna Kuring* nyaho, manéh téh hormat* ka Allah, lantaran manéh teu lebar masrahkeun anak manéh nu ngan hiji-hijina ka Kuring.” 13 Rét Ibrahim ningali aya domba jalu teu jauh ti dinya, nu tandukna ngait kana rungkun. Jadi éta domba jalu dicokot ku Ibrahim tuluy dibeuleum jadi korban gaganti anakna. 14 Éta tempat dingaranan Yéhuwa-yiréh* ku Ibrahim. Éta sababna nepi ka ayeuna, jalma-jalma sok ngomong, ”Di gunung Yéhuwa, Anjeunna bakal nyadiakeun.”

15 Kadua kalina malaikat Yéhuwa ngageroan Ibrahim ti langit, 16 ”Ceuk Yéhuwa, ’Kuring sumpah demi diri Kuring. Lantaran manéh geus nuturkeun omongan Kuring jeung teu lebar masrahkeun anak manéh nu ngan hiji-hijina, 17 Kuring pasti bakal ngaberkahan manéh, jeung bakal ngajadikeun turunan* manéh sarua lobana siga béntang di langit sarta keusik di basisir. Turunan* manéh bakal ngarebut kota-kota* musuhna. 18 Ku jalan turunan* manéh, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah, lantaran manéh geus nurut kana omongan Kuring.’”

19 Geus kitu, Ibrahim balik ka tempat para palayanna tuluy mulang bareng ka Béér-syéba. Ibrahim terus matuh di Béér-syéba.

20 Sanggeus kabéh kajadian éta, Ibrahim meunang kabar, ”Milka, pamajikan Nahor lanceuk anjeun geus ngalahirkeun anak-anak lalaki, 21 nyaéta Uz nu cikal, tuluy Buz adina, Kémuél bapana Aram, 22 Khéséd, Hazo, Pildas, Yidlaf, jeung Bétuél.” 23 Bétuél téh bapana Ribka. Éta dalapan anak lalaki nu dilahirkeun ku Milka, pamajikan Nahor, lanceukna Ibrahim. 24 Nahor boga selir, ngaranna Réuma, manéhna gé ngalahirkeun anak-anak lalaki, nyaéta Tébah, Gaham, Tahas, jeung Maaka.

23 Sara hirup nepi ka umur 127 taun. 2 Terus Sara maot di Kiriat-arba, nyaéta di Hébron di tanah Kanaan. Ibrahim meni sedih tuluy nyeungceurikan Sara. 3 Sanggeus nyeungceurikan pamajikanana nu geus maot, Ibrahim cengkat pikeun manggihan urang Hét. Manéhna ngomong, 4 ”Abdi téh urang asing nu cicing di daérah aranjeun. Abdi badé mésér tanah kanggo nguburkeun istri abdi nu nembé maot.” 5 Kieu jawaban urang Hét ka Ibrahim, 6 ”Jadi kieu, Juragan, abdi sadaya nganggap Juragan téh pamingpin nu dipilih ku Allah.* Mangga waé upama Juragan badé nguburkeun istri Juragan mah. Sok pilih tempat nu pangsaéna. Sadayana gé pasti satujueun mun tanahna dianggo nguburkeun istri Juragan.”

7 Jadi Ibrahim nangtung tuluy dongko ka urang Hét, penduduk nagri éta, 8 terus ngomong ka maranéhna, ”Upami aranjeun satuju abdi nguburkeun istri abdi di dieu, punten pangnepikeun ka Éfron anak Zohar 9 sina ngajual Guha Makhpéla milikna, nu aya di sisi tanahna. Sabaraha waé hargana, ku abdi bakal dibayar di payuneun aranjeun, ngarah abdi gaduh tempat keur nguburkeun istri abdi.”

10 Ari Éfron keur diuk bareng jeung urang Hét. Jadi, Éfron urang Hét éta ngajawab Ibrahim bari didéngé ku urang Hét séjénna jeung di hareupeun kabéh jalma nu asup ka gerbang kota éta. Kieu cenah, 11 ”Ulah atuh, Juragan! Kieu wéh, guha jeung tanahna dipasihkeun ku abdi. Di payuneun bangsa abdi, éta dipasihkeun ka Juragan. Mangga kuburkeun istri Juragan di dinya.” 12 Ngadéngé kitu, Ibrahim dongko di hareupeun penduduk nagri éta, 13 tuluy ngomong ka Éfron bari didéngé ku maranéhna, ”Punten, dangukeun abdi. Sabaraha waé harga tanah éta ku abdi bakal dibayar. Mangga tarima pérak ti abdi supaya abdi tiasa nguburkeun istri abdi di dinya.”

14 Tuluy Éfron ngajawab Ibrahim, 15 ”Juragan, dangukeun abdi. Tanah éta hargana 400 syékel* pérak, tapi éta mah teu penting lah. Mangga kuburkeun wéh istri Juragan di dinya.” 16 Sanggeus ngadéngé omongan Éfron, Ibrahim nimbang pérak sajumlah nu disebutkeun ku Éfron di hareupeun urang Hét séjénna, nyaéta 400 syékel* pérak nurutkeun timbangan nu dipaké ku para padagang. 17 Ku kituna, tanah di Makhpéla milik Éfron, nu aya di deukeut Mamré, kaasup guha jeung sakabéh tangkal nu aya di dinya, disahkeun jadi 18 milik Ibrahim. Tanah éta dibeuli di hareupeun urang Hét jeung di hareupeun kabéh jalma nu asup ka gerbang kota éta. 19 Geus kitu, Ibrahim nguburkeun Sara pamajikanana di guha nu aya di tanah Makhpéla deukeut Mamré, nyaéta di Hébron, di tanah Kanaan. 20 Kitu caritana tanah jeung guha nu aya di dinya diserahkeun ku urang Hét pikeun jadi tanah makam milik Ibrahim.

24 Ibrahim téh geus kolot pisan jeung diberkahan ku Yéhuwa dina sagala hal. 2 Ibrahim ngomong ka palayan nu pangkolotna di rumah tanggana, nu ngurus sagala harta bandana, ”Sok jangji ka kuring.* 3 Manéh kudu sumpah demi Yéhuwa, Allah nu ngawasaan sorga jeung Allah nu ngawasaan bumi, yén manéh moal milih awéwé Kanaan nu cicing di sakurilingeun kuring pikeun dijadikeun pamajikan anak kuring. 4 Sok indit ka nagri kuring, ka baraya kuring. Téang awéwé keur pipamajikaneun Ishak anak kuring.”

5 Tapi, palayan éta nanya kieu, ”Kumaha lamun awéwéna teu daékeun dibawa ka nagri ieu? Ishak waé kitu nu dibawa ka ditu, ka nagri asal Juragan?” 6 Ibrahim ngajawab, ”Ulah, kadé ulah mawa anak kuring ka ditu. 7 Yéhuwa téh Allah nu ngawasaan sorga, nu mawa kuring ti kulawarga bapa kuring jeung ti nagri baraya kuring. Anjeunna geus ngomong jeung sumpah kieu ka kuring, ’Ku Kuring tanah ieu bakal dibikeun ka turunan* manéh.’ Jadi Anjeunna bakal ngutus malaikat-Na pikeun nungtun manéh. Manéh pasti mawa awéwé ti ditu keur jadi pamajikan anak kuring. 8 Tapi lamun awéwéna teu daékeun milu jeung manéh, manéh bébas tina sumpah ieu. Pokona mah anak kuring ulah dibawa ka ditu.” 9 Seug palayan éta jangji ka Ibrahim dununganana sarta sumpah ngeunaan hal éta.

10 Jadi, palayan éta mawa sapuluh onta sarta rupa-rupa barang nu aralus milik dununganana. Bral manéhna indit ka kota tempatna Nahor di Mésopotamia. 11 Pas nepi di sumur nu aya di luareun kota, manéhna eureun ngarah onta-ontana istirahat heula. Harita téh pasosoré, waktuna awéwé-awéwé ngarala cai. 12 Tuluy manéhna ngadoa, ”Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, tulungan abdi sangkan sagalana dilancarkeun dinten ieu. Mugia Gusti némbongkeun kanyaah* ka Ibrahim dunungan abdi. 13 Ayeuna abdi nuju aya di deukeut sumur, nuju ngantosan mojang-mojang ti kota ieu nu badé ngarala cai. 14 Engké abdi badé nyarios ka salah saurang mojang, ’Cik ménta cai tina kendi keur nginum.’ Lamun manéhna ngajawab, ’Sok mangga, engké onta-onta Bapa gé bakal dibéré nginum ku abdi,’ éta hartina manéhna nu dipilih ku Gusti keur Ishak hamba Gusti. Ku kituna, abdi terang Gusti tos némbongkeun kanyaah* ka dunungan abdi.”

15 Saacan manéhna bérés ngadoa, jol Ribka datang bari mawa kendi cai dina taktakna. Ribka téh anak awéwéna Bétuél. Ari Bétuél téh anak lalakina Milka jeung Nahor, lanceukna Ibrahim. 16 Éta mojang téh meni geulis pisan jeung parawan kénéh, can pernah ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki. Manéhna turun ngeusian kendi ku cai tina sumur, tuluy naék deui. 17 Éta palayan langsung lumpat nyampeurkeun manéhna jeung ngomong, ”Cik Bapa ménta cai saeutik tina kendi éta.” 18 Ribka ngajawab, ”Mangga, Juragan.” Buru-buru manéhna nurunkeun kendina tuluy méré nginum palayan éta. 19 Sanggeus méré nginum palayan éta, Ribka ngomong, ”Engké onta-onta Juragan gé rék dipangalakeun cai ku abdi, sina nginum nepi ka seubeuh.” 20 Cai tina kendi téh gancang dikucurkeun ku manéhna kana bak paranti nginum. Tuluy manéhna lumpat bulak-balik ngala cai ka sumur nepi ka onta-ontana kabéh ngarinum. 21 Salila éta, palayan téh teu ngomong nanaon, ngan terus merhatikeun mojang éta bari ngarasa tajub. Manéhna gé hayang nyaho, Yéhuwa téh bakal ngalancarkeun perjalanan manéhna atawa henteu.

22 Sanggeus onta-ontana bérés nginum, palayan éta méré anting irung tina emas nu beuratna satengah syékel* jeung dua geulang emas nu beuratna sapuluh syékel* ka Ribka. 23 Tuluy manéhna nanya, ”Punten, ari Enéng téh anak saha? Ari di bumi bapa Enéng aya tempat mondok teu keur abdi sadaya?” 24 Ribka ngajawab, ”Abdi téh anakna Bétuél, incuna Milka jeung Nahor.” 25 Ceuk manéhna deui, ”Di bumi aya da tempat keur mondok mah, jarami aya, parab onta gé seueur.” 26 Tuluy éta palayan sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa, 27 seug ngomong, ”Mugia Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, dipuji lantaran Anjeunna terus némbongkeun kanyaah* sarta ngalaksanakeun jangji-Na ka dunungan abdi. Yéhuwa tos nungtun abdi ka imahna dulur dunungan abdi.”

28 Geus kitu, éta mojang lumpat tuluy ngabéjakeun sagalana ka indungna jeung nu séjénna. 29 Ribka téh boga lanceuk lalaki nu ngaranna Laban. Jadi Laban lumpat manggihan palayan éta nu keur aya di deukeut sumur. 30 Waktu Laban ningali anting irung jeung geulang di leungeun adina sarta ngadéngé carita Ribka adina ngeunaan palayan éta, manéhna manggihan palayan éta nu keur nangtung di gigireun onta-ontana di deukeut sumur. 31 Ceuk Laban, ”Juragan téh diberkahan ku Yéhuwa. Hayu atuh urang ka bumi, ulah di dieu. Abdi tos nyiapkeun tempat keur Juragan di bumi sarta tempat keur onta-onta.” 32 Jadi palayan éta milu ka imahna Laban, tuluy manéhna* nurunkeun muatan tina onta-onta, méré jarami jeung parab keur onta-onta, méré cai keur ngumbah suku palayan éta sarta jalma-jalma nu milu jeung manéhna. 33 Tapi waktu dahareun geus disuguhkeun, palayan éta ngomong, ”Abdi moal waka tuang saacan abdi nyaritakeun naon maksud abdi datang ka dieu.” Jadi ceuk Laban, ”Sok atuh, mangga!”

34 Seug éta palayan ngomong, ”Abdi téh palayanna Ibrahim. 35 Yéhuwa ngaberkahan pisan dunungan abdi sarta ngajadikeun anjeunna kacida beungharna. Anjeunna dibéré domba jeung sapi, onta jeung kaldé, pérak jeung emas, sarta palayan awéwé jeung lalaki. 36 Lain éta hungkul, Sara pamajikan dunungan abdi, sanajan geus kolot gé, bisa ngalahirkeun anak lalaki keur dunungan abdi. Éta budak bakal dibéré sagalana ku dunungan abdi. 37 Abdi téh dititah sumpah ku dunungan, ’Manéh ulah milih awéwé Kanaan nu cicing di sakurilingeun kuring pikeun dijadikeun pamajikan anak kuring. 38 Manéh kudu indit ka kulawarga bapa kuring, téang awéwé keur pipamajikaneun anak kuring.’ 39 Abdi téh némbalan ka dunungan, ’Kumaha lamun awéwéna teu daék milu jeung abdi?’ 40 Dunungan abdi ngajawab, ’Yéhuwa, nu dilalayanan ku kuring, bakal ngutus malaikat-Na pikeun nungtun manéh jeung ngalancarkeun perjalanan manéh. Manéh kudu milih awéwé keur pipamajikaneun anak kuring ti kulawarga bapa kuring. 41 Manéh dibébaskeun tina sumpah manéh ka kuring, lamun manéh indit ka kulawarga kuring tapi maranéhna teu daék mikeun anak awéwéna ka manéh. Ieu nu ngabébaskeun manéh tina sumpah.’

42 ”Pas abdi nepi di sumur poé ieu, abdi ngadoa, ’Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, sing dilancarkeun perjalanan abdi. 43 Ayeuna, abdi aya di deukeut sumur, abdi badé ngomong kieu ka mojang nu rék ngala cai ka dieu, ”Cik Bapa ménta cai saeutik tina kendi éta.” 44 Lamun manéhna ngajawab, ”Sok mangga, engké onta-onta Juragan gé rék dipangalakeun cai ku abdi,” éta hartina mojang éta nu dipilih ku Yéhuwa pikeun anak dunungan abdi.’

45 ”Saacan abdi bérés ngadoa di jero haté, jol Ribka datang bari mawa kendi cai dina taktakna. Manéhna turun ka sumur pikeun ngala cai. Tuluy abdi ngomong ka manéhna, ’Cik Bapa ménta cai keur nginum.’ 46 Gancang manéhna nurunkeun kendi cai tina taktakna tuluy ngomong, ’Sok mangga, engké onta-onta Juragan gé bakal dibéré nginum ku abdi.’ Seug abdi téh nginum, manéhna gé méré nginum onta-onta abdi. 47 Geus kitu, ku abdi ditanya, ’Ari Enéng téh anak saha?’ Manéhna ngajawab, ’Abdi anakna Bétuél. Bapa abdi téh anakna Nahor jeung Milka.’ Jadi, abdi masangkeun anting kana irungna jeung geulang kana leungeunna. 48 Ti dinya, abdi téh sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa jeung muji Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, lantaran Anjeunna geus nungtun abdi panggih jeung anak awéwé ti lanceuk dunungan abdi. Anak awéwé éta bakal jadi pamajikanana anak dunungan abdi. 49 Ayeuna abdi hoyong terang, aranjeun rék némbongkeun kanyaah* jeung kasatiaan ka dunungan abdi henteu? Lamun henteu, béjaan, ngarah abdi terang kedah kumaha.”*

50 Laban jeung Bétuél ngajawab, ”Lantaran ieu téh dibingbing ku Yéhuwa, urang teu bisa ngajawab enya atawa henteu ka anjeun.* 51 Ieu Ribka, mangga bawa sina jadi pamajikanana anak dunungan anjeun sakumaha ucapan Yéhuwa.” 52 Ngadéngé jawaban maranéhna, palayan Ibrahim langsung sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa. 53 Tuluy palayan éta ngaluar-luarkeun perhiasan tina pérak jeung emas sarta pakéan, tuluy dibikeun ka Ribka. Manéhna gé méré barang-barang nu aralus ka lanceuk jeung indungna. 54 Geus kitu, manéhna jeung jalma-jalma nu maturan manéhna téh dahar, nginum, sarta marondok di dinya.

Isuk-Isuk manéhna hudang jeung ngomong, ”Abdi badé pamit mulang ka dunungan abdi.” 55 Ngadéngé kitu, lanceuk jeung indungna ngomong kieu, ”Engké deui atuh inditna, si Enéng sina di dieu heula sapuluh poé deui mah.” 56 Tapi éta palayan ngajawab, ”Ulah nahan-nahan abdi, da Yéhuwa tos ngalancarkeun perjalanan abdi. Tos, idinan wéh abdi uih ka dunungan abdi.” 57 Jadi ceuk maranéhna, ”Urang geroan heula wéh Ribkana, keun kumaha manéhna.” 58 Maranéhna ngageroan Ribka jeung nanyakeun, ”Enéng daék milu ka ditu?” Manéhna ngajawab, ”Enya, daék.”

59 Jadi maranéhna ngidinan Ribka jeung pangasuhna* indit bareng jeung palayanna Ibrahim sarta rombonganana. 60 Maranéhna ngaberkahan Ribka, ”Ribka, turunan* manéh sing loba nepi ka mangjuta-juta, jeung mugia turunan* manéh ngarebut kota-kota* jalma-jalma nu ngéwa ka maranéhna.” 61 Geus kitu Ribka jeung para palayan awéwéna siap-siap, tuluy numpak onta sarta nuturkeun palayan Ibrahim. Jadi palayan éta mawa Ribka. Bral maranéhna indit.

62 Ishak téh matuh di tanah Négéb. Manéhna kakara datang ti arah Béér-lahai-roi. 63 Pas geus téréh poék, Ishak leuleumpangan di tegalan bari mikirkeun* itu ieu. Tuluy manéhna nempo aya onta-onta daratang. 64 Ribka gé ningali Ishak, gancang manéhna turun tina onta. 65 Tuluy manéhna nanya ka palayan éta, ”Ari lalaki nu keur leumpang ka dieu téh saha?” Palayan éta ngajawab, ”Dunungan abdi.” Seug baé Ribka ditiung. 66 Tuluy palayan éta nyaritakeun sagalana ka Ishak. 67 Geus kitu, Ribka dibawa ku Ishak ka kémah Sara indungna, tuluy ditikah. Ribka dipikacinta ku Ishak, ku kituna Ishak kaupahan sanggeus ditinggal maot ku indungna.

25 Ibrahim kawin deui jeung awéwé nu ngaranna Kétura. 2 Ka dieunakeun, Kétura ngalahirkeun Zimran, Yoksyan, Médan, Midian, Isbak, jeung Syuah.

3 Yoksyan téh bapana Syéba jeung Dédan.

Turunan Dédan téh nyaéta Assyurim, Létusyim, jeung Léumim.

4 Anak-anak lalaki Midian nyaéta Éfa, Éfér, Hanokh, Abida, jeung Éldaa.

Kabéhanana téh turunan Kétura.

5 Ka dieunakeun, Ibrahim ngawariskeun sagala hartana ka Ishak. 6 Ari anak-anak lalaki ti selir-selirna mah dibéré hadiah. Saacan maot, Ibrahim nitah maranéhna pindah ka beulah wétan, nyaéta ka nagri Wétan, jauh ti Ishak anakna. 7 Ibrahim hirup nepi ka umur 175 taun. 8 Manéhna geus kolot pisan jeung bagja hirupna. Geus kitu, manéhna maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. 9 Ku anak-anakna, nyaéta Ishak jeung Ismail, manéhna dikuburkeun di Guha Makhpéla di deukeut Mamré, nu aya di tanahna Éfron anak Zohar, urang Hét téa. 10 Tanah éta geus dibeuli ku Ibrahim ti urang Hét. Di dinya, Ibrahim dikuburkeun bareng jeung Sara pamajikanana. 11 Sanggeus Ibrahim maot, Allah terus ngaberkahan Ishak. Manéhna matuh di deukeut Béér-lahai-roi.

12 Ieu sajarahna Ismail anakna Ibrahim nu dilahirkeun ku Hajar, urang Mesir téa, palayanna Sara.

13 Ieu ngaran anak-anak lalaki Ismail, nyaéta turunanana: Anak cikal Ismail téh Nébayot, tuluy Kédar, Adbéél, Mibsam, 14 Misma, Duma, Masa, 15 Hadad, Téma, Yétur, Nafis, jeung Kédéma. 16 Éta ngaran anak-anak lalakina Ismail nu jadi 12 pamingpin kaom. Ngaran maranéhna gé jadi ngaran kampung jeung pakémahan* maranéhna. 17 Ismail hirup nepi ka umur 137 taun. Ahirna, manéhna maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. 18 Daérah pamatuhan turunan Ismail téh dimimitian ti Hawila nepi ka Asiria. Hawila téh aya di deukeut Syur, teu jauh ti Mesir. Maranéhna cicing di deukeut dulur-dulurna.*

19 Ieu sajarahna Ishak anak lalakina Ibrahim.

Ibrahim téh bapana Ishak. 20 Waktu umur 40 taun, Ishak kawin jeung Ribka, anak awéwéna Bétuél, urang Aram nu cicing di Padan-aram. Ribka téh adina Laban, urang Aram. 21 Lantaran pamajikanana mandul, Ishak terus ngadoakeun pamajikanana ka Yéhuwa. Ku Yéhuwa paméntana dikabul, jadi Ribka ngandung. 22 Anak-anak lalaki nu aya dina kandunganana garelut, nepi ka Ribka ngomong, ”Mun sangsara siga kieu mah mending kénéh aing paéh.” Ku kituna Ribka ménta pituduh ka Yéhuwa. 23 Yéhuwa ngomong ka manéhna, ”Aya dua anak lalaki* dina kandungan manéh nu engkéna bakal jadi dua bangsa nu papisah. Nu hiji bakal jadi bangsa nu leuwih kuat tibatan nu hijina deui, sarta nu bungsu bakal dilayanan ku nu cikal.”

24 Pas waktuna Ribka ngalahirkeun, ari pék téh anakna kembar! 25 Anu lahir ti heula, awakna beureum jeung pinuh ku bulu, nu matak dingaranan Ésau.* 26 Geus kitu adina lahir. Leungeunna nyekelan keuneung* Ésau, nu matak dingaranan Yakub.* Umur Ishak 60 taun waktu Ribka ngalahirkeun maranéhna.

27 Budak téh duanana geus gedé. Ésau jago kana moro sato, sarta resepna téh ngencar di luar. Ari Yakub mah jalma bener, sarta resepna téh cicing di kémah. 28 Ishak nyaahna ka Ésau lantaran Ishak resep dahar daging meunang moro, ari Ribka nyaahna ka Yakub. 29 Hiji poé, waktu Yakub keur masak bubur, jol Ésau balik ti tegalan. Manéhna téh capé pisan, 30 tuluy ngomong ka Yakub, ”Cik urang ménta saeutik* mah bubur beureum nu keur dipasak téh.* Burukeun, geus leuleus* yeuh!” Éta sababna manéhna gé dingaranan Édom.* 31 Ku Yakub ditémbalan, ”Sok jual heula ka urang hak manéh salaku anak cikal!” 32 Ésau ngajawab, ”Urang geus téréh paéh kalaparan! Naon untungna hak anak cikal keur urang?” 33 Ceuk Yakub, ”Sok sumpah heula ka urang!” Seug Ésau sumpah tuluy ngajual hakna salaku anak cikal ka Yakub. 34 Geus kitu, Yakub méré roti jeung bubur kacang* ka Ésau. Ésau dahar, nginum, léos wéh indit. Tah kitu, Ésau teu ngahargaan hakna salaku anak cikal.

26 Harita aya kalaparan deui di tanah éta, siga baréto keur jaman Ibrahim. Jadi Ishak indit ka Abimélékh raja urang Filistin di Gérar. 2 Geus kitu, Yéhuwa némbongan ka Ishak tuluy ngomong, ”Ulah indit ka Mesir. Geus cicing wéh di tanah nu dituduhkeun ku Kuring. 3 Sok matuh di tanah ieu jadi urang asing. Kuring bakal terus nyarengan jeung ngaberkahan manéh, lantaran sakabéh tanah ieu bakal dibikeun ku Kuring ka manéh jeung turunan* manéh. Kuring bakal ngalaksanakeun jangji Kuring ka Ibrahim bapa manéh. Kuring geus sumpah kieu, 4 ’Kuring bakal ngajadikeun turunan* manéh sarua lobana siga béntang di langit. Sakabéh tanah ieu bakal dibikeun ku Kuring ka turunan* manéh. Ku jalan turunan* manéh, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah.’ 5 Éta bakal dilaksanakeun ku Kuring lantaran Ibrahim terus nurut kana omongan Kuring sarta terus ngajalankeun paréntah, aturan, jeung hukum Kuring.” 6 Jadi Ishak tetep matuh di Gérar.

7 Lalaki-lalaki di dinya teterusan nanyakeun Ribka téh saha. Ku Ishak sok dijawab, ”Éta téh adi.” Ishak teu ngaku Ribka téh pamajikanana, da manéhna sieun dipaéhan ku jalma-jalma nu hayang nyokot Ribka nu geulis. 8 Sanggeus sababaraha waktu, Abimélékh raja urang Filistin nempo tina jandéla yén Ishak téh keur tatangkeupan jeung Ribka pamajikanana. 9 Abimélékh langsung ngageroan Ishak tuluy ngomong kieu, ”Geuning awéwé éta téh pamajikan manéh! Naha atuh bet ngakuna adi?” Ishak ngajawab, ”Da mun ngakuna pamajikan mah abdi sieun dipaéhan.” 10 Tapi ceuk Abimélékh, ”Ku naon manéh bet kitu? Kumaha lamun aya nu nyaréan pamajikan manéh? Atuh urang kabéh jadi dosa!” 11 Geus kitu, Abimélékh maréntahkeun kieu ka rahayatna, ”Saha waé nu ngaganggu lalaki ieu jeung pamajikanana pasti bakal dipaéhan!”

12 Di tanah éta, Ishak ngamimitian nebarkeun binih. Dina taun éta kénéh, hasil panénna téh 100 kalieun lantaran diberkahan ku Yéhuwa. 13 Manéhna jadi beunghar. Hartana beuki loba nepi ka manéhna jadi beunghar pisan. 14 Manéhna boga loba domba jeung sapi, sarta boga loba palayan. Ku kituna, urang Filistin jadi sirik ka manéhna.

15 Jadi, sumur-sumur beunang ngagali palayan-palayan Ibrahim basa Ibrahim hirup kénéh téh diurugan taneuh ku urang Filistin. 16 Geus kitu, Abimélékh ngomong ka Ishak, ”Ku lantaran manéh geus jauh leuwih kuat tibatan urang kabéh, sok wéh pindah ti dieu.” 17 Jadi Ishak pindah tuluy masang kémah di Lebak Gérar sarta matuh di dinya. 18 Sumur-sumur anu digali basa Ibrahim bapana hirup kénéh, nu diurugan ku urang Filistin sanggeus Ibrahim maot, digali deui ku Ishak. Sumur-sumur éta dingaranan deui numutkeun ngaran-ngaran nu dibéré ku bapana.

19 Waktu para palayan Ishak ngagali di lebak éta, maranéhna manggihan sumur anu caina bersih. 20 Tapi para pangangon di Gérar ngomong kieu, ”Cai ieu mah nu urang!” Jadi maranéhna paraséa jeung para pangangon Ishak. Ku kituna, sumur éta dingaranan Ésék* ku Ishak, lantaran para pangangon di Gérar paséa jeung manéhna. 21 Waktu para pangangon Ishak ngagali sumur séjénna, aya nu ngajak paséa deui. Jadi ku Ishak sumur éta dingaranan Sitna.* 22 Ka dieunakeun, manéhna pindah tuluy ngagali sumur deui. Tah di dieu mah euweuh nu ngajak paséa. Jadi ku manéhna sumur éta dingaranan Réhobot.* Ceuk manéhna, ”Ieu téh lantaran Yéhuwa geus méré tempat nu lega ka urang sarta ngalantarankeun urang boga loba turunan di tanah ieu.”

23 Ti dinya manéhna indit ka Béér-syéba. 24 Peuting éta, Yéhuwa némbongan ka manéhna tuluy ngomong, ”Kuring téh Allahna Ibrahim bapa manéh. Ulah sieun, da Kuring nyarengan manéh. Kuring bakal ngaberkahan manéh, sarta bakal ngajadikeun turunan* manéh loba pisan demi Ibrahim hamba Kuring.” 25 Jadi, Ishak nyieun mézbah di dinya tuluy ngadoa nyebut ngaran Yéhuwa. Geus kitu, manéhna masang kémah di dinya, tuluy para palayanna ngagali sumur.

26 Ka dieunakeun, Abimélékh datang ti Gérar rék manggihan Ishak. Manéhna bareng jeung Ahuzat panaséhatna sarta Pikol panglima tentarana. 27 Ishak nanya, ”Ku naon aranjeun ka darieu? Lainna aranjeun téh ngéwa ka abdi nepi ka ngusir abdi ti daérah aranjeun?” 28 Maranéhna ngajawab, ”Urang kabéh jelas-jelas ningali manéh téh disarengan ku Yéhuwa. Jadi, urang hayang nyieun perjangjian jeung manéh. Manéh kudu sumpah 29 yén manéh moal jahat ka urang sakumaha urang gé tara nyilakakeun manéh. Urang téh pan bageur waé ka manéh. Waktu indit gé, manéh teu dikua-kieu ku urang. Manéh téh jalma nu diberkahan ku Yéhuwa.” 30 Geus kitu, Ishak nyieun pésta keur maranéhna. Jadi maranéhna dahar jeung nginum. 31 Isukna, maranéhna hudang isuk-isuk. Geus kitu, maranéhna jeung Ishak ngucapkeun sumpah. Sanggeus pamitan jeung Ishak, maranéhna balik dina kaayaan salamet.

32 Poé éta kénéh, para palayanna Ishak datang jeung ngalapor ka manéhna yén sumur nu digali ku maranéhna téh geus ngabijilkeun cai. 33 Jadi ku manéhna sumur éta dingaranan Syiba. Éta sababna nepi ka ayeuna ngaran kota éta téh Béér-syéba.

34 Waktu Ésau umur 40 taun, manéhna kawin jeung Yudit anak Bééri urang Hét. Manéhna gé kawin jeung Basémat anak Élon urang Hét. 35 Ishak jeung Ribka ngabatin gara-gara dua awéwé éta.

27 Waktu Ishak geus kolot jeung panonna geus teu awas, manéhna ngageroan Ésau anak cikalna, ”Jang!” Dijawabna, ”Kulan, Pa?” 2 Ishak neruskeun, ”Bapa téh geus kolot, geus téréh maot. 3 Jadi ayeuna mah cokot busur jeung panahna. Jung indit, pangmorokeun sato leuweung keur Bapa, 4 sok olah ku manéh, jieun dahareun nu ngeunah karesep Bapa. Seug bawa ka dieu, engké ku Bapa didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh saacan Bapa maot.”

5 Ti dinya Ésau indit moro sato leuweung keur dibawa balik. Ari pék téh Ribka ngadéngé obrolan Ishak jeung Ésau. 6 Jadi Ribka ngomong ka Yakub, ”Bieu Mamah ngadéngé si Bapa ngomong kieu ka Ésau lanceuk manéh, 7 ’Pangmorokeun sato leuweung tuluy olah jadi dahareun nu ngeunah keur Bapa, engké ku Bapa didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh di hareupeun Yéhuwa saacan Bapa maot.’ 8 Sok ayeuna mah déngékeun Mamah nya, tuturkeun omongan Mamah. 9 Jung indit pangmawakeun dua embé ngora nu pangalusna ti ingon-ingon urang. Engké ku Mamah dipangmasakkeun dahareun nu ngeunah karesep si Bapa. 10 Tuluy bawa ku manéh ka si Bapa sina didahar, supaya si Bapa ngaberkahan manéh saacan si Bapa maot.”

11 Yakub ngomong ka Ribka indungna, ”Tapi pan Ésau mah awakna buluan, ari abdi mah henteu. 12 Kumaha lamun abdi dicabak ku si Bapa? Tangtu dianggapna abdi téh keur ngabobodo si Bapa. Engké lainna diberkahan, abdi kalah ka dikutuk.” 13 Ngadéngé kitu indungna némbalan, ”Keun wéh kutukan éta Mamah nu nanggung. Sok nurut wéh ka Mamah, bawa ka dieu embéna.” 14 Yakub indit nyokot embé, tuluy éta dibawa ka indungna. Ku indungna dipasak jadi dahareun nu ngeunah karesep bapana. 15 Geus kitu, Ribka nyokot baju Ésau nu pangalusna nu disimpen di imah, tuluy éta dipakékeun ka Yakub. 16 Manéhna gé nyokot bulu embé éta tuluy ditapelkeun kana leungeun jeung beuheung Yakub nu teu buluan. 17 Terus dahareun nu ngeunah jeung roti nu dijieun ku manéhna dibikeun ka Yakub.

18 Jadi Yakub indit manggihan bapana, tuluy ngomong, ”Bapa!” dijawabna, ”Enya, anaking. Saha éta, Ésau atawa Yakub?” 19 Yakub ngomong ka bapana, ”Abdi téh Ésau anak cikal Bapa. Abdi tos ngalaksanakeun paménta Bapa. Mangga calik, sok tuang daging kénging abdi moro. Saatosna, Bapa tiasa ngaberkahan abdi.” 20 Ceuk Ishak, ”Meni gancang kitu beubeunangan téh, Jang.” Dijawab ku Yakub, ”Abdi dibantuan ku Yéhuwa Allahna Bapa.” 21 Tuluy Ishak ngomong ka Yakub, ”Cikan ka dieu, Bapa rék nyabak manéh. Bapa hayang nyaho manéh téh bener Ésau atawa lain.” 22 Seug Yakub nyampeurkeun Ishak bapana. Sanggeus nyabak Yakub, Ishak ngomong kieu, ”Sorana sora Yakub, ari leungeunna leungeun Ésau.” 23 Ishak teu apaleun éta téh Yakub, lantaran leungeunna buluan siga leungeun Ésau. Jadi ku manéhna diberkahan.

24 Geus kitu Ishak nanya, ”Bener manéh téh Ésau?” Dijawabna, ”Bener, Pa.” 25 Ceuk Ishak, ”Sok bawa ka dieu daging meunang moro téh, ku Bapa rék didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh.” Sor dahareun jeung cianggur téh diasongkeun ka bapana, tuluy éta didahar jeung diinum ku bapana. 26 Geus kitu, Ishak bapana ngomong kieu, ”Sok ka dieu Jang, cium Bapa.” 27 Jadi Yakub nyampeurkeun jeung nyium bapana. Ishak bisa ngambeu bau bajuna, tuluy Ishak ngaberkahan kieu,

”Seungit anak Bapa siga seungit tegalan nu diberkahan ku Yéhuwa. 28 Mugia Allah nu bener nurunkeun ibun ti langit, masihan tanah nu subur di bumi, sarta masihan sisikian jeung cianggur anyar nu limpah keur manéh. 29 Suku-suku bangsa bakal ngalalayanan manéh sarta bangsa-bangsa bakal tarunduk ka manéh. Manéh bakal jadi dunungan dulur-dulur manéh, sarta anak-anak indung manéh bakal tarunduk ka manéh. Sing dikutuk saha waé nu ngutuk manéh, sarta sing diberkahan saha waé nu ngaberkahan manéh.”

30 Waktu Ishak kakara bérés ngaberkahan Yakub, sarta Yakub kakara ninggalkeun Ishak bapana, torojol Ésau datang balik moro. 31 Ésau gé masak dahareun nu ngeunah, tuluy éta dibawa ka bapana. Ésau ngomong kieu, ”Bapa geura gugah, sok ieu tuang daging kénging abdi moro. Saatosna, Bapa tiasa ngaberkahan abdi.” 32 Ngadéngé kitu Ishak nanya, ”Manéh saha?” dijawabna, ”Abdi Ésau anak cikal Bapa.” 33 Ishak ngadégdég tuluy ngomong kieu, ”Ari tadi saha atuh nu moro jeung mawa dagingna ka Bapa? Bapa geus dahar saacan manéh datang. Bapa gé geus ngaberkahan manéhna. Nya manéhna nu bakal meunang berkah!”

34 Ngadéngé omongan bapana kitu, Ésau ngajerit meni tarik ku sedih-sedihna, tuluy ngomong kieu ka bapana, ”Berkahan abdi ogé atuh, Pa!” 35 Tapi ceuk bapana, ”Adi manéh geus nipu Bapa supaya meunang berkah nu sakuduna keur manéh.” 36 Ku kituna Ésau ngomong, ”Pantes wéh manéhna dingaranan Yakub,* da geus dua kali manéhna ngarebut milik abdi. Hak cikal abdi geus dicokot, ayeuna berkah abdi gé dicokot!” Manéhna neruskeun, ”Aya deui teu berkah sanésna keur abdi?” 37 Tapi Ishak ngajawab, ”Bapa geus netepkeun manéhna jadi dunungan manéh, sarta sakabéh dulurna jadi palayanna. Bapa gé geus ngomong yén bakal aya loba sisikian jeung cianggur anyar keur manéhna. Bapa geus teu boga nanaon deui jang manéh, anaking.”

38 Ceuk Ésau ka bapana, ”Bapa, aya teu hiji wéh berkah keur abdi? Berkahan abdi ogé atuh, Pa!” Geus kitu Ésau ceurik meni tarik. 39 Jadi Ishak bapana ngomong ka manéhna,

”Manéh moal bakal matuh di tanah nu subur sarta moal meunang ibun ti langit. 40 Manéh kudu terus ngagunakeun pedang saumur-umur, sarta ngalalayanan adi manéh. Tapi lamun manéh geus teu tahan deui, manéh bisa ngabébaskeun diri ti manéhna.”*

41 Ésau jadi ngéwa pisan ka Yakub lantaran bapana geus ngaberkahan Yakub. Ésau terus ngomong kieu di jero haténa, ”Si Bapa geus téréh maot. Sanggeusna, si Yakub ku aing rék dipaéhan.” 42 Waktu rencana Ésau dibéjakeun ka Ribka, Ribka langsung ngageroan Yakub tuluy ngomong, ”Ésau lanceuk manéh ambek pisan, manéh rék dipaéhan. 43 Sok ayeuna mah nurut ka Mamah. Jung kabur ka Laban lanceuk Mamah di Haran. 44 Sok cicing heula di ditu nepi ka lanceuk manéh tenang, 45 geus teu ambek deui ka manéh, sarta geus poho kana tindakan manéh. Mun geus kitu, engké Mamah nitah jalma sina mawa balik manéh. Mamah embung kaleungitan dua anak Mamah sakaligus.”

46 Sanggeusna, Ribka teterusan ngomong kieu ka Ishak, ”Hirup abdi téh jadi nalangsa gara-gara awéwé-awéwé Hét éta. Lamun Yakub gé kawin jeung awéwé Hét siga kitu, awéwé di nagri ieu, mending kénéh paéh abdi mah.”

28 Jadi Ishak ngageroan Yakub, ngaberkahan manéhna, tuluy méré paréntah kieu, ”Manéh ulah kawin jeung awéwé Kanaan. 2 Sok indit ka Padan-aram ka kulawargana Bétuél aki manéh.* Heug kawin ka salah saurang anak awéwéna Laban ua manéh. 3 Manéh bakal diberkahan ku Allah Nu Mahakawasa, sarta turunan manéh bakal dijadikeun loba pisan. Manéh gé bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé. 4 Anjeunna bakal méré berkah ka manéh sarta turunan* manéh, nyaéta berkah nu dijangjikeun ku Anjeunna ka Ibrahim. Manéh bakal ngapimilik tanah nu dicicingan ku manéh salaku urang asing, nyaéta tanah nu dibikeun ku Allah ka Ibrahim.”

5 Jadi Yakub dititah indit ku Ishak. Yakub indit ka Padan-aram, ngajugjug ka Laban anak Bétuél urang Aram. Laban téh lanceukna Ribka, indungna Yakub jeung Ésau.

6 Ésau ningali Ishak ngaberkahan Yakub sarta nitah manéhna indit ka Padan-aram sina néangan pamajikan di ditu. Ésau gé ningali Ishak ngaberkahan Yakub sarta ngomat-ngomat kieu, ”Ulah kawin jeung awéwé Kanaan.” 7 Ésau nyahoeun Yakub téh nurut ka indung bapana tuluy indit ka Padan-aram. 8 Jadi Ésau sadar, Ishak bapana téh teu resepeun ka awéwé-awéwé Kanaan. 9 Ku kituna, Ésau manggihan Ismail anak Ibrahim tuluy kawin jeung Mahalat, adina Nébayot anak Ismail, padahal Ésau téh geus boga dua pamajikan.

10 Yakub indit ti Béér-syéba ngajugjug ka Haran. 11 Ahirna, manéhna nepi di hiji tempat tuluy siap-siap rék meuting di dinya lantaran panonpoé geus surup. Manéhna nyokot hiji batu pikeun dijadikeun bantal, seug ngagoler di dinya. 12 Tuluy manéhna ngimpi, aya tangga di bumi nu tungtungna nepi ka sorga. Éta tangga dipaké naék turun ku para malaikat Allah. 13 Bréh Yéhuwa katingali di luhureunana. Anjeunna ngomong,

”Kuring téh Yéhuwa, Allahna Ibrahim aki manéh jeung Allahna Ishak. Tanah tempat manéh ngagolér ku Kuring bakal dibikeun ka manéh sarta turunan* manéh. 14 Turunan* manéh pasti bakal loba pisan siga kekebul taneuh sarta bakal nyebar ka kulon, wétan, kalér, jeung kidul. Ku jalan manéh jeung turunan* manéh, sakabéh kulawarga di bumi pasti meunang berkah. 15 Kuring bakal nyarengan manéh sarta ngajaga manéh ka mana waé manéh indit. Kuring gé bakal mawa manéh balik ka tanah ieu. Kuring moal ninggalkeun manéh nepi ka Kuring ngalaksanakeun jangji Kuring ka manéh.”

16 Koréjat Yakub hudang tuluy ngomong, ”Geuningan Yéhuwa aya di tempat ieu, aing karék nyaho.” 17 Manéhna jadi sieun jeung tajub tuluy ngomong deui, ”Tempat ieu luar biasa! Ieu pasti imahna Allah jeung gerbangna sorga.” 18 Yakub hudang isuk-isuk. Batu nu dijadikeun bantal téa dicokot ku manéhna, tuluy ditangtungkeun jadi batu pangéling-ngéling, cur dikucuran minyak di luhurna. 19 Seug ku manéhna tempat éta dingaranan Bétel,* tadina mah kota éta téh ngaranna Luz.

20 Tuluy Yakub nyieun ikrar kieu, ”Lamun Allah terus nyarengan abdi, ngajaga abdi di perjalanan, méré abdi roti keur didahar, méré baju keur dipaké, 21 sarta abdi bisa salamet balik ka imah bapa abdi, bakal kabukti Yéhuwa téh Allah abdi. 22 Batu ieu nu dijadikeun batu pangéling-ngéling ku abdi bakal jadi imah Allah. Abdi gé pasti nyanggakeun sapersapuluh tina sakabéh hal nu dipasihkeun ku Gusti ka abdi.”

29 Geus kitu, Yakub neruskeun perjalanan ka daérah Wétan. 2 Di dinya, manéhna ningali aya hiji sumur di tegalan. Manéhna ningali tilu kumpulan domba keur darepa di gigireun sumur éta ngadagoan dibéré nginum ku para pangangon. Sumur éta ditutupan ku batu gedé. 3 Sanggeus dombana kumpul kabéh, kakara batu panutup sumur téh digulingkeun, tuluy dombana dibéré nginum. Mun geus bérés, sumurna ditutup deui ku batu éta.

4 Yakub nanya ka maranéhna, ”Lur, aranjeun téh ti mana?” Dijawab ku maranéhna, ”Ti Haran.” 5 Yakub nanya, ”Kenal teu ka Laban incuna Nahor?” Dijawab ku maranéhna, ”Kenal atuh.” 6 Ngadéngé kitu Yakub nanya deui, ”Kumaha kaayaanana, séhat?” Dijawab ku maranéhna, ”Séhat. Tuh Rakhél anak awéwéna keur ngagiringkeun domba ka dieu!” 7 Tuluy Yakub ngomong, ”Ayeuna téh pan beurang kénéh, can waktuna ngandangkeun. Ku naon domba téh teu dibéré nginum ngarah bisa nyaratuan deui?” 8 Maranéhna ngajawab, ”Ayeuna mah can bisa, kudu ngadagoan domba-dombana kumpul heula. Mun geus kitu, kakara batuna digulingkeun, tuluy dombana dibéré nginum.”

9 Waktu Yakub ngomong kénéh jeung maranéhna, Rakhél datang ngagiringkeun domba-domba bapana, da manéhna téh tukang ngangon. 10 Barang Yakub ningali Rakhél, anakna Laban lanceuk indungna, sarta ningali domba-dombana Laban, Yakub langsung ngagulingkeun batu nu nutupan sumur tuluy méré nginum domba-domba éta. 11 Geus kitu, Yakub nyium Rakhél tuluy ceurik sesegruk. 12 Yakub nyarita ka Rakhél yén manéhna téh alo bapana Rakhél, ngaran indungna téh Ribka. Beretek Rakhél lumpat ngabéjaan bapana.

13 Sanggeus dibéjaan ngeunaan Yakub anak adina, Laban langsung lumpat manggihan manéhna. Gabrug Yakub ditangkeup bari dicium terus dibawa ka imahna. Yakub nyaritakeun ka Laban sagala nu kaalaman ku manéhna. 14 Ceuk Laban, ”Manéh téh mémang kulawarga* urang.” Jadi Yakub cicing di imah uana salila sabulan.

15 Tuluy Laban ngomong kieu ka Yakub, ”Mémang manéh téh dulur, tapi angger, digawé mah kudu dibayar. Sok manéh rék ménta bayaran naon?” 16 Laban téh boga dua anak awéwé, lanceukna Léa, ari adina Rakhél. 17 Tapi panon Léa mah teu cahayaan, ari Rakhél nya geulis nya pikaresepeun ditingalina téh. 18 Yakub bogoheun ka Rakhél. Manéhna ngomong kieu ka Laban, ”Nya tos wéh abdi didamel keur Ua salami tujuh taun, asal abdi tiasa nikah sareng Rakhél anak Ua.” 19 Dijawab ku Laban, ”Nya mending Rakhél téh dibikeun ka manéh tibatan ka nu séjén. Heug manéh di dieu wéh jeung Ua.” 20 Jadi Yakub digawé salila tujuh taun demi meunangkeun Rakhél. Tapi keur Yakub mah éta téh karasana siga sababaraha poé bakating ku cinta-cintana ka Rakhél.

21 Ka dieunakeun, Yakub ngomong ka Laban, ”Abdi geus digawé salila tujuh taun. Ayeuna mah sok atuh tikahkeun Rakhél jeung abdi supaya jadi pamajikan abdi.”* 22 Prak Laban ngayakeun hajatan. Urang dinya kabéh diondang. 23 Tapi peutingna, nu dianteurkeun ku Laban téh kalah ka Léa, ngarah Yakub nyaréan Léa. 24 Léa gé ku Laban dibéré saurang palayan awéwé nyaéta Zilpa. 25 Isukna kakara katingali ku Yakub, sihoréng éta téh Léa! Jadi manéhna ngomong kieu ka Laban, ”Ku naon Ua téh bet kitu ka abdi? Abdi digawé téh demi meunangkeun Rakhél. Naha Ua bet ngabobodo abdi?” 26 Laban ngajawab, ”Di dieu mah teu biasa adi dikawinkeun miheulaan lanceuk. 27 Sok wéh rayakeun heula hajat kawinan jeung Léa saminggu ieu. Geus kitu, kakara Rakhél dibikeun ka manéh, tapi manéh kudu digawé tujuh taun deui keur Ua.” 28 Yakub satuju sarta ngarayakeun hajat kawinan jeung Léa salila saminggu. Sanggeusna, Laban nikahkeun Rakhél jeung Yakub. 29 Salian ti éta, Rakhél ku Laban dibéré saurang palayan awéwé nyaéta Bilha.

30 Geus kitu, Yakub gé saré jeung Rakhél. Yakub leuwih cinta ka Rakhél tibatan ka Léa. Jadi Yakub digawé tujuh taun deui keur Laban. 31 Waktu ningali Léa teu dipikacinta,* Yéhuwa ngaberkahan Léa supaya manéhna jadi bisa ngandung,* sabalikna Rakhél mah mandul. 32 Ku kituna, Léa ngandung tuluy ngalahirkeun anak lalaki nu dingaranan Rubén,* da ceuk manéhna, ”Yéhuwa tos ningal kasangsaraan abdi, ayeuna mah salaki téh bakal cinta ka abdi.” 33 Geus kitu, manéhna ngandung deui tuluy ngalahirkeun anak lalaki. Ceuk manéhna, ”Yéhuwa tos ngadangu yén abdi téh teu dipikacinta, jadi Anjeunna masihan anak ieu ogé.” Tuluy ku manéhna budak téh dingaranan Siméon.* 34 Ka dieunakeun, manéhna ngandung deui tuluy ngalahirkeun anak lalaki. Ceuk manéhna, ”Ayeuna mah salaki abdi bakal beuki deukeut ka abdi, lantaran abdi geus ngalahirkeun tilu anak lalaki keur manéhna.” Ku kituna, budak éta dingaranan Léwi.* 35 Manéhna ngandung sakali deui tuluy ngalahirkeun anak lalaki. Ceuk manéhna, ”Ayeuna abdi rék muji ka Yéhuwa.” Tuluy ku manéhna budak téh dingaranan Yéhuda.* Ti dinya manéhna teu ngandung deui keur sababaraha waktu.

30 Ku sabab teu bisa ngalahirkeun anak keur Yakub, Rakhél jadi sirik ka lanceukna tuluy ngomong kieu ka Yakub, ”Abdi ménta anak. Lamun henteu, abdi bakal maot.” 2 Ngadéngé kitu, Yakub ambek pisan ka Rakhél. Ceuk manéhna, ”Mémangna Akang téh Allah nu ngalantarankeun Nyai teu boga anak?” 3 Jadi ceuk Rakhél, ”Ieu Bilha palayan awéwé abdi. Sok saré jeung manéhna, ngarah manéhna boga anak. Engké anakna bakal dianggap jadi anak abdi.” 4 Seug Bilha dibikeun ka Yakub sina jadi pamajikanana, tuluy Yakub saré jeung manéhna. 5 Ti dinya, Bilha ngandung sarta ngalahirkeun anak lalaki keur Yakub. 6 Ceuk Rakhél, ”Allah tos adil ka abdi sarta ngadangukeun paménta abdi, jadi Anjeunna masihan anak lalaki ka abdi.” Éta sababna budak téh dingaranan Dan* ku manéhna. 7 Bilha palayan Rakhél ngandung deui, tuluy ngalahirkeun anak lalaki nu kadua keur Yakub. 8 Ceuk Rakhél, ”Abdi geus gulat bébéakan jeung lanceuk abdi. Abdi nu meunang!” Jadi budak téh dingaranan Naftali* ku manéhna.

9 Léa nyaho manéhna can bisa boga anak deui, jadi manéhna mikeun Zilpa palayanna sina jadi pamajikan Yakub. 10 Ti dinya, Zilpa palayanna Léa ngalahirkeun anak lalaki keur Yakub. 11 Ceuk Léa, ”Abdi téh meni untung!” Jadi budak éta dingaranan Gad* ku manéhna. 12 Geus kitu, Zilpa palayan Léa ngalahirkeun anak lalaki nu kadua keur Yakub. 13 Ceuk Léa, ”Abdi meni bagja! Sakabéh awéwé bakal nyebut abdi jalma bagja.” Jadi budak téh dingaranan Asyér* ku manéhna.

14 Pas keur usum* panén gandum, Rubén leuleumpangan di tegalan tuluy manggih buah dudaim.* Jadi ku manéhna buah éta dibikeun ka Léa indungna. Tuluy Rakhél ngomong ka Léa, ”Cik abdi ménta sababaraha siki buah dudaim nu dibawa ku anak Tétéh.” 15 Ceuk Léa, ”Acan puas ngarebut salaki Tétéh? Ayeuna buah dudaim nu dibawa ku anak Tétéh gé rék dicokot ku manéh?” Jadi ceuk Rakhél, ”Nya sok ari kitu mah engké peuting si Akang saré jeung Tétéh, asal abdi dipasihan buah dudaim éta.”

16 Pasosoré waktu Yakub balik ti tegalan, Léa manggihan manéhna tuluy ngomong, ”Peuting ieu Akang saré jeung abdi nya, lantaran abdi geus mayar Rakhél ku buah dudaim ti anak abdi.” Jadi peutingna, Yakub saré jeung Léa. 17 Allah ngadéngékeun jeung ngajawab doa Léa, jadi manéhna ngandung tuluy ngalahirkeun anak lalaki nu kalima keur Yakub. 18 Ceuk Léa, ”Allah tos masihan ganjaran keur abdi lantaran abdi méré palayan abdi ka salaki.” Jadi budak téh dingaranan Isakhar* ku manéhna. 19 Ka dieunakeun, Léa ngandung deui tuluy ngalahirkeun anak lalaki nu kagenep keur Yakub. 20 Ceuk Léa, ”Allah tos masihan hadiah anu saé ka abdi. Ahirna, salaki abdi bakal narima abdi, sabab abdi geus ngalahirkeun genep anak lalaki keur manéhna.” Jadi budak téh dingaranan Zébulon* ku manéhna. 21 Sanggeusna, Léa ngalahirkeun anak awéwé nu dingaranan Dina.

22 Ahirna, Allah inget ka Rakhél. Allah ngadéngé jeung ngajawab doa Rakhél, ku kituna manéhna jadi bisa ngandung.* 23 Manéhna ngandung tuluy ngalahirkeun anak lalaki. Ceuk manéhna, ”Allah tos nyingkirkeun hinaan ti abdi!” 24 Jadi budak téh dingaranan Yusuf* ku manéhna. Ceuk manéhna, ”Yéhuwa tos masihan anak lalaki deui ka abdi.”

25 Sanggeus Rakhél ngalahirkeun Yusuf, Yakub langsung ngomong ka Laban, ”Idinan abdi uih ka kulawarga di lembur abdi. 26 Istri-istri sareng barudak badé dicandak, pan abdi tos didamel kanggo Ua supaya maranéhna jadi milik abdi. Ua gé terang abdi téh didamel banting tulang kanggo Ua.” 27 Ceuk Laban, ”Ulah indit atuh, sing karunya ka Ua. Ari nurutkeun tanda nu dibaca ku Ua* mah, Ua diberkahan ku Yéhuwa téh lantaran manéh.” 28 Ceuk manéhna deui, ”Sok sebutkeun hayang dibayar ku naon. Engké ku Ua dibéré.” 29 Ceuk Yakub, ”Ua tos terang pan, abdi téh didamel banting tulang sarta bener-bener ngurus ingon-ingon Ua. 30 Méméh abdi datang mah ingon-ingon Ua ngan sakedik, tapi ayeuna jadi nyeueuran. Yéhuwa tos ngaberkahan Ua ti saprak abdi datang. Jadi ayeuna mah abdi hoyong didamel kanggo kulawarga abdi nyalira.”

31 Jadi Laban nanya, ”Hayang dibéré naon ku Ua?” Ceuk Yakub, ”Ua teu kedah masihan nanaon! Abdi aya hiji paménta, lamun éta dikabulkeun, abdi badé terus ngangon jeung ngajaga ingon-ingon Ua. 32 Hayu urang pariksa ingon-ingon Ua poé ieu. Mangga pisahkeun ku Ua domba anu totol-totol jeung belang sarta domba jalu ngora nu buluna coklat kolot. Pisahkeun ogé embé bikang nu belang jeung totol-totol. Ti saprak ayeuna, embé jeung domba nu siga kitu nu jadi bayaran abdi. 33 Hiji waktu lamun Ua mariksa embé jeung domba abdi, Ua bakal terang abdi téh jujur* atawa henteu. Lamun aya embé bikang nu henteu totol-totol jeung belang, sarta aya domba jalu ngora nu buluna henteu coklat kolot, hartina abdi maok ti Ua.”

34 Ngadéngé kitu Laban ngomong, ”Ua satuju jeung manéh.” 35 Poé éta kénéh, Laban misahkeun embé jalu nu loréng jeung belang, sarta misahkeun embé bikang nu belang jeung totol-totol, nyaéta nu aya totol bodasna. Manéhna gé misahkeun unggal domba jalu ngora nu buluna coklat kolot. Éta kabéh diserahkeun ka anak-anak lalakina sina diurus. 36 Ti dinya, Laban mawa ingon-ingon éta jauh ti Yakub, jauhna kira-kira tilu poé perjalanan. Ari Yakub mah ngangon ingon-ingon Laban nu séjénna.

37 Tuluy Yakub motong dahan-dahan tina tangkal storaks, almond, jeung platanus. Geus kitu, dahan-dahan éta dicokélan nepi ka kaciri bagian bodasna, jadi dahan-dahan éta katingali aya totol-totol bodasna. 38 Dahan-dahan éta diteundeun di hareupeun ingon-ingon, nyaéta di tempat nginumna. Éta téh supaya ingon-ingon karawin di hareupeun dahan-dahan éta waktu daratang rék nginum.

39 Jadi ingon-ingon téh karawin di hareupeun dahan-dahan éta, tuluy aranakan. Anak-anakna téh barelang, loréng-loréng, jeung totol-totol. 40 Geus kitu, Yakub misahkeun anak-anak ingon-ingon éta. Tuluy ingon-ingonna Laban disina nyanghareup ka ingon-ingon nu loréng jeung nu buluna coklat kolot. Ingon-ingon milik manéhna dipisahkeun tina ingon-ingon milikna Laban. 41 Unggal sato nu séhat rék kawin, Yakub neundeun dahan-dahan éta di tempat nginum supaya bisa katingali ku sato-sato éta waktu keur kawin. 42 Tapi lamun nu rék kawin téh sato nu lemah, Yakub henteu neundeun dahan-dahan éta di dinya. Ku kituna sato nu lemah pasti jadi milik Laban, ari sato nu kuat jadi milik Yakub.

43 Atuh harta Yakub jadi beuki ngalobaan. Manéhna boga loba embé, domba, onta, jeung kaldé, sarta palayan-palayan lalaki jeung awéwé.

31 Ka dieunakeun, Yakub ngadéngé anak-anak lalakina Laban ngomong kieu, ”Yakub geus nyokotan sagala harta bapa urang, matakna ayeuna manéhna jadi beunghar pisan.” 2 Waktu ningali beungeutna Laban, Yakub nyaho Laban téh geus béda ti nu biasana. 3 Ahirna Yéhuwa ngomong ka Yakub, ”Jung balik ka lembur bapa manéh sarta kulawarga manéh. Kuring bakal terus nyarengan manéh.” 4 Seug Yakub ngageroan Rakhél jeung Léa sina datang ka tegalan, tempat manéhna ngangon embé jeung domba. 5 Yakub ngomong ka maranéhna,

”Akang ningali bapa Nyai duaan téh geus béda ka Akang. Tapi, Allahna bapa Akang mah terus nyarengan Akang. 6 Nyai gé pasti apal Akang téh geus digawé sakuat tanaga keur bapa Nyai. 7 Tapi Akang kalah ka dilicikan ku si Bapa, geus sapuluh kali bayaran Akang dirobah. Ngan, Akang dijaga ku Allah. 8 Mun ceuk si Bapa, ’Bagian manéh anu totol-totol nya,’ kabéh embé jeung domba téh aranakanana totol-totol. Mun ceuk si Bapa, ’Bagian manéh nu loréng nya,’ heug kabéhanana téh aranakanana nu loréng. 9 Jadi Allah terus nyokotan ingon-ingon si Bapa tuluy dibikeun ka Akang. 10 Waktu usum* kawin ingon-ingon, Akang ngimpi yén embé jalu nu karawin téh nyaéta nu loréng, totol-totol, jeung belang. 11 Tuluy, malaikat ti Allah nu bener ngomong kieu dina impian éta, ’Yakub!’ Akang némbalan, ’Kulan?’ 12 Anjeunna* ngomong deui, ’Kuring geus ningali kalakuan Laban ka manéh. Ku kituna, tuh tingali, kabéh embé jalu nu karawin téh nu loréng, totol-totol, jeung belang. 13 Kuring téh Allah nu bener, nu manggihan manéh di Bétel, tempat manéh ngucurkeun minyak kana batu pangéling-ngéling sarta tempat manéh nyieun ikrar ka Kuring. Sok ayeuna mah indit ti dieu, tuluy balik ka tanah kalahiran manéh.’”

14 Ngadéngé kitu, Rakhél jeung Léa ngajawab, ”Di kulawarga si Bapa, urang duaan moal meunang warisan nanaon. 15 Urang téh geus dianggap urang asing ku si Bapa. Urang pan geus dijual, duitna gé geus dibéakkeun ku si Bapa. 16 Sakabéh harta nu dicokot ku Allah ti si Bapa téh milik urang jeung anak-anak urang. Jadi sok wéh laksanakeun sagala paréntah Allah ka Akang.”

17 Prak Yakub siap-siap. Anak-anak jeung pamajikan-pamajikanana ditumpakkeun kana onta. 18 Manéhna gé mawa sakabéh ingon-ingon sarta harta banda nu dikumpulkeun ku manéhna di Padan-aram. Tuluy manéhna indit ka Ishak bapana di tanah Kanaan.

19 Waktu Laban keur nyukuran bulu domba, Rakhél maok patung-patung berhala* milik bapana. 20 Salian ti éta, Yakub pinter, manéhna indit tapi teu bébéja ka Laban urang Aram éta. 21 Manéhna kabur meuntasan Walungan Éfrat bari mawa sagala milikna. Tuluy manéhna ngajugjug ka daérah pagunungan Giléad. 22 Dina poé nu katilu, Laban dibéré nyaho yén Yakub téh kabur. 23 Jadi Laban ngajak dulur-dulurna pikeun ngudag Yakub. Sanggeus tujuh poé, Yakub kasusul ku maranéhna di daérah pagunungan Giléad. 24 Peutingna, Allah némbongan ka Laban urang Aram éta dina impian. Anjeunna ngomong kieu, ”Kadé, jaga omongan manéh ka Yakub.”

25 Yakub masang kémah di daérah pagunungan Giléad. Laban jeung dulur-dulurna gé masang kémah teu jauh ti dinya. Tuluy Laban nyampeurkeun Yakub. 26 Laban ngomong ka Yakub, ”Ku naon manéh bet kitu? Ku naon manéh nipu sarta mawa anak-anak awéwé Ua siga tawanan perang waé? 27 Ku naon manéh licik ka Ua tuluy indit susulumputan teu bébéja ka Ua? Padahal lamun manéh bébéja mah, saacan maranéh indit téh ku Ua rék dipéstakeun, bari dikawihan sarta diiring ku rabana jeung harpa. 28 Tapi manéh mah meni teu mikir. Ua teu dibéré nyium-nyium acan ka anak incu. 29 Ua bisa waé nyilakakeun manéh, tapi tadi peuting Allahna bapa manéh ngomong kieu ka Ua, ’Kadé, jaga omongan manéh ka Yakub.’ 30 Ua ngarti manéh indit téh da sono jeung hayang balik ka kulawarga bapa manéh, tapi ku naon patung-patung allahna Ua bet dipaok?”

31 Yakub ngajawab, ”Nya da abdi sieun anak-anak awéwé Ua direbut ti abdi. 32 Sok ayeuna mah pariksa barang-barang abdi di payuneun dulur-dulur urang. Lamun aya barang milik Ua, mangga candak. Saha waé nu kapanggih nyokot patung-patungna Ua, manéhna bakal paéh.” Tapi Yakub teu nyahoeun yén nu nyokot patung-patung éta téh Rakhél. 33 Jadi Laban asup ka kémahna Yakub, ka kémahna Léa, jeung ka kémahna dua palayan awéwé téa, tapi patung-patungna teu kapanggih. Tungtungna manéhna asup ka kémahna Rakhél. 34 Ari Rakhél geus ngasupkeun patung-patung éta kana kantong pelana onta, tuluy didiukan ku manéhna. Kabéh kémah digaradah ku Laban, tapi patung-patung éta teu kapanggih. 35 Tuluy Rakhél ngomong ka bapana, ”Bapa, ulah ambek nya. Abdi teu tiasa cengkat, ieu nuju datang bulan.” Patung-patung téh angger teu kapanggih najan Laban geus taliti néanganana.

36 Ku kituna, Yakub ambek ka Laban tuluy ngomong kieu, ”Naon salah jeung dosa abdi, nepi ka Ua ngudag-ngudag abdi siga ngudag penjahat waé? 37 Ua pan geus mariksa sakabéh barang abdi, aya teu milik Ua? Sok tunda di hareupeun dulur-dulur abdi jeung dulur-dulur Ua, keun maranéhna sina mutuskeun saha nu bener, abdi atawa Ua? 38 Geus 20 taun abdi digawé keur Ua. Embé jeung domba Ua teu pernah aya nu kaluron. Abdi gé teu pernah ngadahar daging domba jalu ti ingon-ingon Ua. 39 Lamun aya nu dipaéhan ku sato galak, ku abdi teu pernah dibawa ka Ua tapi langsung digantian. Lamun aya nu leungit boh beurang boh peuting, abdi pasti dititah ngagantian ku Ua. 40 Beurang kasebrot ku panonpoé, peuting katirisan, abdi mah sering teu bisa saré. 41 Abdi geus cicing salila 20 taun di imah Ua. Geus 14 taun abdi digawé keur Ua demi meunangkeun dua anak awéwé Ua, sarta 6 taun supaya bisa meunang bagian ti ingon-ingon Ua. Bayaran abdi gé dirobah nepi ka sapuluh kali ku Ua. 42 Lamun abdi teu dijaga ku Allahna bapa abdi, nyaéta Allahna Ibrahim sarta Allah nu dihormat* ku Ishak, pasti abdi indit téh teu mawa nanaon. Allah geus ningali kasusahan abdi sarta ningali abdi téh geus banting tulang. Éta sababna Ua ditegor ku Allah tadi peuting.”

43 Tuluy Laban ngajawab Yakub, ”Maranéhna téh pan anak-anak Ua. Éta barudak gé incu-incu Ua. Ingon-ingon gé ingon-ingon Ua. Kabéh nu katempo ku manéh téh milik Ua jeung anak-anak awéwé Ua. Piraku Ua rék nyilakakeun anak incu? 44 Hayu ayeuna mah urang nyieun perjangjian. Perjangjian ieu bakal jadi saksi antara Ua jeung manéh.” 45 Jadi Yakub nyokot hiji batu, tuluy éta ditangtungkeun jadi batu pangéling-ngéling. 46 Geus kitu, Yakub ngomong ka dulur-dulurna, ”Kumpulkeun batu!” Seug maranéhna ngumpulkeun batu, tuluy éta ditumpukkeun. Sanggeusna, maranéhna dalahar dina tumpukan batu éta. 47 Éta tumpukan ku Laban disebut Yégar-sahaduta,* ari ku Yakub disebutna Galéd.*

48 Terus ceuk Laban, ”Tumpukan batu ieu jadi saksi antara Ua jeung manéh poé ieu.” Éta sababna tumpukan éta dingaranan Galéd, 49 sarta Munara Jaga, sabab ceuk manéhna, ”Mugia Yéhuwa terus merhatikeun urang duaan waktu urang pajauh. 50 Lamun manéh nganyenyeri anak-anak Ua sarta boga pamajikan deui, sanajan euweuh nu ningali, sing inget, éta katingali ku Allah nu jadi saksi urang duaan.” 51 Laban neruskeun, ”Tah ieu tumpukan batu jeung batu pangéling-ngéling nu dijieun pikeun jadi tanda perjangjian urang duaan. 52 Tumpukan batu jeung batu pangéling-ngéling ieu jadi saksi yén Ua moal ngaliwatan batu-batu ieu pikeun nyerang manéh. Manéh gé moal ngaliwatan batu-batu ieu pikeun nyerang Ua. 53 Keun Allahna Ibrahim sarta Allahna Nahor, nyaéta Allahna bapa maranéhna, jadi hakim keur urang duaan.” Geus kitu, Yakub sumpah demi Allah nu dihormat* ku Ishak bapana.

54 Tuluy Yakub nyanggakeun korban di gunung sarta ngondang dulur-dulurna dahar. Jadi maranéhna dahar jeung mondok di gunung éta. 55 Tapi ari Laban mah hudang isuk-isuk, tuluy nyium incu-incuna jeung anak-anak awéwéna sarta ngaberkahan maranéhna. Geus kitu, Laban balik ka imahna.

32 Yakub neruskeun perjalanan tuluy panggih jeung malaikat-malaikat Allah. 2 Pas ningali maranéhna, Yakub ngomong kieu, ”Ieu téh pakémahan Allah!” Jadi tempat éta dingaranan Mahanaim* ku manéhna.

3 Geus kitu, Yakub ngirim utusan miheulaan manéhna, sina manggihan Ésau lanceukna di tanah Séir, di daérah Édom. 4 Yakub nitah maranéhna, ”Béjakeun ka Ésau juragan kuring, ’Yakub palayan juragan ngomong kieu, ”Abdi tos lami cicing jeung* Ua Laban. 5 Ayeuna abdi tos gaduh sapi, kaldé, domba, sarta palayan awéwé jeung lalaki. Abdi ngirim pesen ieu téh supaya kadatangan abdi katampi ku Juragan.”’”

6 Sanggeus baralik deui, para utusan téh ngomong kieu ka Yakub, ”Abdi sadaya tos pendak sareng Ésau lanceuk Juragan. Ayeuna Ésau jeung 400 baladna nuju ka dieu badé mendakan Juragan.” 7 Yakub jadi sieun jeung hariwang. Ku kituna, manéhna ngabagi rombonganana jadi dua kelompok, kitu ogé jeung embé, domba, sapi, sarta onta-ontana. 8 Da ceuk pamikirna, ’Lamun Ésau nyerang kelompok nu hiji, kelompok nu hijina deui bisa kabur.’

9 Geus kitu Yakub ngadoa, ”Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim aki abdi sarta Allahna Ishak bapa abdi, Gusti nyarios kieu ka abdi, ’Jung balik ka lembur kulawarga manéh. Kuring bakal ngaberkahan manéh.’ 10 Abdi teu layak narima kanyaah* jeung kasatiaan nu ditémbongkeun ku Gusti. Kapungkur, basa abdi meuntasan Walungan Yordan, abdi ngan saukur nyandak iteuk, ari ayeuna abdi gaduh rumah tangga nu tiasa dibagi jadi dua kelompok. 11 Abdi nyuhunkeun ka Gusti, salametkeun abdi ti Ésau lanceuk abdi, sabab abdi sieun Ésau bakal datang tuluy nyerang abdi, sarta nyerang para wanita jeung barudakna. 12 Gusti pernah nyarios kieu, ’Kuring pasti bakal ngaberkahan manéh. Kuring bakal ngajadikeun turunan* manéh siga keusik di laut, nu teu kaitung lobana.’”

13 Peuting éta, Yakub mondok di dinya. Geus kitu manéhna nyokot sabagian tina sasatoan milikna jang dibikeun ka Ésau lanceukna, nyaéta 14 200 embé bikang, 20 embé jalu, 200 domba bikang, 20 domba jalu, 15 30 onta bikang bareng jeung anak-anakna, 40 sapi bikang, 10 sapi jalu, 20 kaldé bikang, jeung 10 kaldé jalu.

16 Yakub ngabagi-bagi kabéh sasatoan éta jadi sababaraha kelompok, tuluy diserahkeun ka para palayanna. Yakub ngomong ka maranéhna, ”Jung mareuntas ti heula. Béré jarak antara kelompok nu hiji jeung nu saterusna.” 17 Manéhna gé nitah kieu ka palayan nu maju panghareupna, ”Lamun manéh panggih jeung Ésau lanceuk kuring tuluy ditanya, ’Saha dunungan manéh, asal ti mana, sarta ingon-ingon ieu téh milik saha?’ 18 jawab wéh kieu, ’Milik Yakub hamba Juragan. Ieu téh hadiah kanggo Juragan Ésau. Yakubna aya di pengkereun.’” 19 Manéhna gé nitah kieu ka palayan nu ngajaga kelompok nu kadua, nu katilu, jeung nu saterusna, ”Maranéh gé kudu ngomong kitu nya lamun panggih jeung Ésau. 20 Terus béjakeun kieu, ’Yakub hamba Juragan aya di pengkereun.’” Yakub kitu téh lantaran mikir kieu, ’Lamun hadiahna dikirimkeun ti heula, sugan wéh manéhna jadi tenang. Jadi waktu panggih, manéhna bageur ka aing.’ 21 Ku kituna, para palayan nu mawa hadiah dititah meuntas ti heula. Ari manéhna mah mondok di pakémahan.

22 Peutingna, manéhna hudang tuluy mawa dua pamajikanana, dua palayan awéwéna, jeung 11 anak lalakina meuntasan Walungan Yabok. 23 Jadi Yakub mawa maranéhna meuntasan walungan éta bari mawa sakabéh hartana.

24 Waktu Yakub keur sorangan, aya saurang lalaki* datang tuluy gulat jeung manéhna nepi ka panonpoé téréh bijil. 25 Waktu lalaki éta ngarasa teu bisa ngéléhkeun Yakub, manéhna nyabak sendi pingpingna Yakub nepi ka sendina nyéngsol waktu gulat jeung lalaki éta. 26 Geus kitu lalaki éta ngomong, ”Leupaskeun, kaburu bray beurang.” Yakub ngajawab, ”Moal. Lamun abdi diberkahan, kakara rék dileupaskeun.” 27 Jadi lalaki éta nanya, ”Saha ngaran manéh?” Dijawab, ”Yakub.” 28 Lalaki éta ngomong, ”Ti saprak ayeuna, ngaran manéh lain Yakub deui, tapi Israél,* sabab manéh geus gulat jeung Allah sarta manusa, tuluy manéh nu meunang.” 29 Ceuk Yakub, ”Punten, ari nami anjeun téh saha?” Tapi ceuk lalaki éta, ”Jang naon manéh nanyakeun ngaran urang?” Tuluy Yakub diberkahan. 30 Jadi tempat éta dingaranan Péniél* ku Yakub, lantaran ceuk manéhna, ”Aing geus pahareup-hareup jeung Allah,* tapi hirup kénéh.”

31 Waktu Yakub ninggalkeun Pénuél,* panonpoé geus medal, tapi leumpangna cingked lantaran sendi pingpingna nyéngsol. 32 Éta sababna nepi ka ayeuna, urang Israél tara ngadahar urat pingping sasatoan, nyaéta nu aya di sendi pingping. Éta téh pédah lalaki éta geus nyabak urat sendi pingpingna Yakub.

33 Ti kajauhan, Yakub ningali Ésau datang bareng jeung 400 baladna. Jadi Yakub masrahkeun anak-anakna ka Léa, Rakhél, jeung dua palayan awéwéna. 2 Dua palayan awéwéna jeung anak-anakna ditempatkeun panghareupna, Léa jeung anak-anakna di tukangeunana, ari Rakhél jeung Yusuf ditempatkeun pangtukangna. 3 Geus kitu, Yakub leumpang panghareupna. Bari leumpang nyampeurkeun lanceukna, Yakub sujud deui sujud deui nepi ka tujuh kali.

4 Tapi Ésau lumpat nyampeurkeun Yakub. Gabrug Yakub ditangkeup tuluy dicium, duanana careurik. 5 Rét Ésau ningali awéwé-awéwé jeung barudak. Manéhna nanya, ”Éta nu bareng jeung manéh téh saha?” Yakub ngajawab, ”Maranéhna téh anak-anak nu dipasihan ku Allah ka hamba Juragan ieu.” 6 Jadi dua palayan awéwé éta jeung anak-anakna maju tuluy sujud. 7 Léa jeung anak-anakna gé maju tuluy sujud. Geus kitu, Yusuf jeung Rakhél maju tuluy sujud.

8 Ésau ngomong, ”Tadi Akang panggih jeung rombongan nu mawa sasatoan. Éta téh naon maksudna?” Yakub ngajawab, ”Éta téh supaya abdi katampi ku Juragan.” 9 Ceuk Ésau, ”Harta Akang geus loba. Geus cokot deui wéh.” 10 Tapi ceuk Yakub, ”Ulah kitu atuh. Lamun abdi dipikaresep ku Juragan, mangga tampi hadiah ti abdi. Abdi nyandak hadiah ieu téh supaya tiasa ningali raray Juragan. Ningali raray Juragan téh asa ningali raray Allah, lantaran abdi tos ditampi ku Juragan. 11 Mangga atuh ditampi hadiah nu dibawa ku abdi, da abdi téh tos diberkahan ku Allah, teu kakurangan nanaon.” Yakub keukeuh, jadi ku Ésau ditarima.

12 Ka dieunakeun, Ésau ngomong, ”Hayu atuh urang indit ti dieu. Akang di hareup nya.” 13 Tapi ceuk Yakub, ”Juragan apal pan barudak abdi téh laleutik kénéh, jaba abdi gé boga domba jeung sapi nu nyarusu kénéh. Lamun sapoéan dititah indit bari jeung kudu gancang, sakabéh ingon-ingon tangtu paraéh. 14 Mangga wéh Juragan ti payun. Hamba juragan ieu mah badé leumpang lalaunan nuturkeun sakumaha gancangna ingon-ingon jeung barudak, nepi ka engké datang ka tempat Juragan di Séir.” 15 Ceuk Ésau, ”Mun kitu mah ieu sababaraha balad Akang sina maturan.” Tapi ceuk Yakub, ”Teu kedah Juragan. Abdi mah tos ditampi ku Juragan gé tos cekap.” 16 Ku kituna poé éta, Ésau balik ka Séir.

17 Terus Yakub indit ka Sukot. Di dinya, manéhna ngabangun imah sarta kandang-kandang keur ingon-ingonna. Éta sababna tempat éta dingaranan Sukot* ku manéhna.

18 Sanggeus nempuh perjalanan ti Padan-aram, Yakub salamet nepi di kota Syikhém di tanah Kanaan. Manéhna masang pakémahan di deukeut kota éta. 19 Saterusna, tanah tempat manéhna masang kémah téh dibeuli ti anak-anak Hamor bapana Syikhém, hargana téh 100 duit pérak. 20 Di dinya, manéhna nyieun mézbah nu dingaranan ”Allah téh Allah Israél”.

34 Dina, anak awéwéna Yakub jeung Léa, sering ulin jeung* barudak awéwé urang dinya. 2 Di dinya, aya saurang lalaki nu ngaranna Syikhém anak Hamor urang Héwi, pamingpin di tanah éta. Manéhna melongkeun Dina, tuluy Dina dibawa jeung diperkosa ku manéhna. 3 Sanggeus éta, manéhna jadi teu bisa pisah jeung Dina anak awéwéna Yakub. Syikhém bogoh ka awéwé ngora éta sarta terus ngolo manéhna supaya haténa kabeuli. 4 Ahirna, Syikhém ngomong ka Hamor bapana, ”Pa, panglamarkeun awéwé ngora éta ngarah jadi pamajikan abdi.”

5 Waktu Yakub dibéjaan yén Dina anak awéwéna diperkosa, anak-anak lalakina keur ngangon di tegalan. Jadi Yakub teu ngomong nanaon nepi ka maranéhna baralik. 6 Ka dieunakeun, Hamor bapana Syikhém manggihan Yakub rék ngomong jeung manéhna. 7 Waktu ngadéngé kajadian éta, anak-anak lalakina Yakub langsung balik ti tegalan. Maranéhna nyeri haté jeung ambek pisan lantaran Syikhém geus ngahina Israél ku cara nyaréan anak awéwéna Yakub. Éta téh tindakan nu jahat.

8 Hamor ngomong kieu, ”Syikhém anak abdi bogoh ka anak Bapa. Kumaha upami anak bapa jadi istri anak abdi? 9 Urang sadaya bisa jadi dulur lantaran katalian ku perkawinan.* Engké anak-anak awéwé aranjeun jadi istri urang, anak-anak awéwé urang jadi istri aranjeun. 10 Aranjeun tiasa matuh sasarengan sareng abdi sadaya. Mangga wéh pilih badé di mana tanahna mah. Badé dagang sareng matuh di dieu gé sok wéh.” 11 Tuluy Syikhém ngomong ka bapa jeung lanceuk-lanceukna Dina, ”Cumponan atuh paménta abdi. Engké paménta aranjeun gé ku abdi bakal dicumponan. 12 Badé nyuhunkeun maskawin sareng hadiah anu sakumaha mahalna gé ku abdi bakal dipasihan, asal mojang éta kénging jadi istri abdi.”

13 Lantaran Syikhém geus merkosa Dina adi maranéhna, anak-anak lalaki Yakub boga niat rék nipu Syikhém jeung Hamor bapana. 14 Ceuk maranéhna, ”Moal mungkin urang mikeun adi urang ka lalaki nu teu disunatan,* da éta téh aéb keur urang. 15 Paménta aranjeun bakal dilaksanakeun, tapi ieu saratna: unggal lalaki di antara aranjeun kedah disarunatan siga urang. 16 Mun geus kitu, anak-anak awéwé urang bakal jadi istri aranjeun, sarta anak-anak awéwé aranjeun bakal jadi istri urang. Ku kituna, urang bakal matuh bareng jeung aranjeun sarta jadi hiji bangsa. 17 Tapi upami aranjeun teu satuju jeung teu daék disarunatan, adi urang badé dicandak tuluy angkat ti dieu.”

18 Hamor jeung Syikhém anakna satuju kana omongan maranéhna. 19 Paménta maranéhna buru-buru dilaksanakeun ku Syikhém, lantaran manéhna bogoh pisan ka anakna Yakub. Syikhém téh jalma nu paling dihormat di kulawarga bapana.

20 Geus kitu, Hamor jeung Syikhém anakna indit ka gerbang kota. Maranéhna ngomong kieu ka priya-priya di kotana, 21 ”Jalma-jalma éta daék ngabalad jeung urang. Tanah urang pan lega kénéh, keun wéh maranéhna sina matuh jeung dagang di dieu. Anak-anak awéwé maranéhna bisa dikawin ku urang, anak-anak awéwé urang gé bisa dikawin ku maranéhna. 22 Maranéhna satuju matuh di dieu sarta jadi hiji bangsa jeung urang, tapi ieu saratna: unggal lalaki di antara urang kudu disunatan siga maranéhna. 23 Tah engké, sagala milik maranéhna, hartana, jeung ingon-ingonna bakal jadi milik urang ogé, pan? Jadi hayu urang cumponan paméntana ngarah maranéhna daék matuh jeung urang.” 24 Sakabéh lalaki di kota éta nurut kana omongan Hamor jeung Syikhém anakna, ku kituna kabéh lalaki disarunatan.

25 Tapi dina poé nu katilu, waktu sakabéh lalaki di kota éta keur nyeri-nyerina, dua anak lalakina Yakub, nyaéta Siméon jeung Léwi lanceuk-lanceukna Dina, nyokot pedang tuluy asup ka kota. Euweuh nu curiga ka maranéhna. Ari pék téh maranéhna maéhan sakabéh lalaki di kota éta. 26 Hamor jeung Syikhém anakna gé dipaéhan ku maranéhna, tuluy Dina dibawa indit ti imahna Syikhém. 27 Anak-anak lalaki Yakub nu séjénna daratang ka kota éta. Ningali kabéh lalaki geus diparaéhan, maranéhna ngajarah kota éta lantaran adina geus diperkosa. 28 Maranéhna ngajarah embé, domba, sapi, kaldé, jeung sagala nu aya di kota sarta di tegalan. 29 Maranéhna gé ngajarah sagala milik kabéh lalaki éta, néwak pamajikan jeung barudakna, sarta ngajarah sakabéh nu aya di imah-imah.

30 Jadi Yakub ngomong kieu ka Siméon jeung Léwi, ”Gara-gara maranéh, Bapa jadi meunang masalah nu gedé.* Urang Kanaan jeung urang Périz nu cicing di dieu pasti geuleuheun ka Bapa. Maranéhna pasti bakal ngumpulkeun balad tuluy nyerang jeung maéhan Bapa sarta kulawarga urang, da urang mah pan ngan saeutikan.” 31 Tapi ceuk maranéhna, ”Bongan saha adi urang dikitu-kitu siga ka palacur waé?”

35 Geus kitu, Allah ngomong ka Yakub, ”Jung indit ka Bétel tuluy matuh di dinya. Sok jieun mézbah di dinya keur Allah nu bener, nu némbongan ka manéh basa manéh kabur ti Ésau lanceuk manéh.”

2 Tuluy Yakub ngomong kieu ka kulawargana sarta ka jalma-jalma nu bareng jeung manéhna, ”Piceunan patung allah-allah palsu nu aya di maranéh. Sucikeun diri maranéh jeung ganti baju maranéh. 3 Hayu urang indit ka Bétel. Di dinya, kuring rék nyieun mézbah keur Allah nu bener, nu ngajawab paménta kuring basa kuring keur kasusahan, sarta nu terus nyarengan kuring ka mana waé kuring indit.”* 4 Jadi maranéhna mikeun sakabéh patung allah-allah palsu ka Yakub, kitu ogé anting-anting dina ceuli maranéhna. Geus kitu, Yakub ngubur* kabéhanana di handapeun tangkal gedé di deukeut Syikhém.

5 Di sapanjang perjalanan maranéhna, Allah ngalantarankeun jalma-jalma di kota-kota sabudeureunana sarieuneun, jadi euweuh nu wani ngungudag anak-anak lalakina Yakub. 6 Ahirna, Yakub sarta jalma-jalma nu milu jeung manéhna nepi di Luz, nyaéta Bétel, di tanah Kanaan. 7 Di dinya, manéhna nyieun mézbah tuluy tempat éta disebut Él-bétel,* lantaran di dinya Allah nu bener némbongan ka manéhna basa manéhna kabur ti lanceukna. 8 Ka dieunakeun, Débora pangasuhna Ribka maot tuluy dikuburkeun di handapeun tangkal gedé* di deukeut Bétel. Jadi tempat éta dingaranan Alon-bakut* ku Yakub.

9 Waktu Yakub di perjalanan ti Padan-aram, Allah sakali deui némbongan ka manéhna sarta ngaberkahan manéhna. 10 Allah ngomong, ”Ngaran manéh Yakub, tapi manéh moal disebut Yakub deui. Ti saprak ayeuna, ngaran manéh jadi Israél.” Ti harita, Allah nyebut manéhna Israél. 11 Allah neruskeun, ”Kuring téh Allah Nu Mahakawasa. Sing loba anak, sarta turunan manéh sing beuki ngalobaan. Manéh bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé sarta karuhunna raja-raja. 12 Tanah nu geus dibikeun ku Kuring ka Ibrahim jeung Ishak bakal dibikeun ka manéh sarta turunan* manéh.” 13 Sanggeus ngomong jeung Yakub, Allah indit ninggalkeun manéhna.

14 Jadi, Yakub nangtungkeun hiji batu pangéling-ngéling di tempat Allah ngomong jeung manéhna. Tuluy batu éta dikucuran cianggur jeung minyak ku manéhna. 15 Tempat Allah ngomong jeung Yakub tetep disebut Bétel ku manéhna.

16 Geus kitu, maranéhna indit ti Bétel. Waktu maranéhna jauh kénéh ti Éfrata, Rakhél rék ngajuru, tapi ngajuruna téh meni hésé pisan. 17 Waktu Rakhél keur susah payah rék ngajuru, bidanna ngomong kieu, ”Tong sieun, Nyai bakal boga budak lalaki deui.” 18 Pas geus téréh maot (lantaran keur sakarat), Rakhél méré ngaran budak éta Bén-oni,* tapi ku bapana mah disebut Bényamin.* 19 Rakhél maot tuluy dikuburkeun di jalan nu rék ka Éfrata, nyaéta Bétléhém. 20 Yakub neundeun batu gedé di luhureun kuburan Rakhél. Batu éta aya kénéh di kuburan Rakhél nepi ka ayeuna.

21 Sanggeus éta, Israél indit tuluy masang kémah di beulah ditueun Munara Édér. 22 Waktu Israél cicing di tanah éta, Rubén nyaréan Bilha selir bapana. Éta kadéngéeun ku Israél.

Yakub boga 12 anak lalaki. 23 Anak-anak nu dilahirkeun ku Léa nyaéta Rubén anak cikalna Yakub, tuluy Siméon, Léwi, Yéhuda, Isakhar, jeung Zébulon. 24 Anak-anak nu dilahirkeun ku Rakhél nyaéta Yusuf jeung Bényamin. 25 Anak-anak nu dilahirkeun ku Bilha palayan Rakhél nyaéta Dan jeung Naftali. 26 Anak-anak nu dilahirkeun ku Zilpa palayan Léa nyaéta Gad jeung Asyér. Éta anak-anak lalakina Yakub nu lahir di Padan-aram.

27 Ahirna Yakub nepi di tempat Ishak bapana di Mamré, di daérah Kiriat-arba, nyaéta Hébron. Di dinya, Ibrahim jeung Ishak cicing jadi urang asing. 28 Ishak hirup nepi ka umur 180 taun. 29 Ahirna, Ishak maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. Umurna panjang, hirupna gé bagja. Manéhna dikuburkeun ku Ésau jeung Yakub, anak-anak lalakina.

36 Ieu sajarahna Ésau, nyaéta Édom.

2 Ésau kawin jeung awéwé-awéwé Kanaan, nyaéta Ada anak Élon urang Hét, jeung Oholibama anak Ana incuna Zibéon urang Héwi. 3 Salian ti éta, manéhna gé kawin jeung Basémat adina Nébayot, anak Ismail.

4 Anak Ésau ti Ada nyaéta Élifaz, ti Basémat nyaéta Réuél,

5 sarta ti Oholibama nyaéta Yéus, Yalam, jeung Korah. Éta anak-anak lalaki Ésau nu lahir di tanah Kanaan. 6 Geus kitu, Ésau mawa pamajikan-pamajikanana, anak-anak lalaki jeung awéwéna, sakabéh anggota rumah tanggana, embé, domba, jeung sasatoan séjénna, sarta harta bandana nu dikumpulkeun di tanah Kanaan, tuluy pindah ka tanah séjén, misah ti Yakub adina. 7 Éta téh lantaran harta banda maranéhna duaan geus loba pisan, jadi maranéhna teu bisa cicing babarengan deui. Salian ti éta, tanah nu dicicingan ku maranéhna* geus teu mahi lantaran ingon-ingon maranéhna kacida lobana. 8 Jadi Ésau matuh di daérah pagunungan Séir. Ésau téh Édom.

9 Ieu sajarahna Ésau, karuhunna urang Édom, nu cicing di daérah pagunungan Séir.

10 Ieu ngaran anak-anak lalaki Ésau: Élifaz anak Ada pamajikan Ésau sarta Réuél anak Basémat pamajikan Ésau.

11 Anak-anak lalaki Élifaz nyaéta Téman, Omar, Zéfo, Gatam, jeung Kénaz. 12 Élifaz anak Ésau boga selir nu ngaranna Timna. Ka dieunakeun, Timna jeung Élifaz boga anak ngaranna Amalék. Éta ngaran incu-incu lalakina Ada pamajikan Ésau.

13 Anak-anak lalakina Réuél nyaéta Nahat, Zérah, Syamah, jeung Miza. Éta ngaran incu-incu lalakina Basémat pamajikan Ésau.

14 Anak-anak lalakina Oholibama pamajikan Ésau nyaéta Yéus, Yalam, jeung Korah. Oholibama téh anak Ana incuna Zibéon.

15 Ieu kapala-kapala kaom* turunan Ésau: Ti anak-anak lalakina Élifaz, anak cikalna Ésau, nyaéta Téman, Omar, Zéfo, Kénaz, 16 Korah, Gatam, jeung Amalék. Maranéhna kapala-kapala kaom turunan Élifaz di tanah Édom. Maranéhna téh incu-incu lalakina Ada.

17 Ti anak-anak lalakina Réuél anak Ésau nyaéta Nahat, Zérah, Syamah, jeung Miza. Maranéhna kapala-kapala kaom turunan Réuél di tanah Édom. Maranéhna téh incu-incu lalakina Basémat pamajikan Ésau.

18 Ti anak-anak lalakina Oholibama pamajikan Ésau nyaéta Yéus, Yalam, jeung Korah. Maranéhna téh kapala-kapala kaom turunan Oholibama anak Ana.

19 Maranéhna kabéh téh turunan Ésau, nyaéta Édom, nu jadi kapala-kapala kaom urang Édom.

20 Ieu anak-anak lalaki Séir urang Hori, penduduk asli tanah éta: Lotan, Syobal, Zibéon, Ana, 21 Disyon, Ézér, jeung Disyan. Maranéhna téh anak-anak laki Séir nu jadi kapala-kapala kaom urang Hori di tanah Édom.

22 Anak-anak lalaki Lotan nyaéta Hori jeung Hémam. Lotan boga adi awéwé nu ngaranna Timna.

23 Anak-anak lalaki Syobal nyaéta Alwan, Manahat, Ébal, Syéfo, jeung Onam.

24 Anak-anak lalaki Zibéon nyaéta Aya jeung Ana. Ana téh nu manggihan sumber cipanas di gurun keusik waktu keur ngajaga kaldé-kaldé Zibéon bapana.

25 Anak lalaki Ana nyaéta Disyon, ari anak awéwéna nyaéta Oholibama.

26 Anak-anak lalaki Disyon nyaéta Hémdan, Ésban, Itran, jeung Khéran.

27 Anak-anak lalaki Ézér nyaéta Bilhan, Zaawan, jeung Akan.

28 Anak-anak lalaki Disyan nyaéta Uz jeung Aran.

29 Ieu kapala-kapala kaom urang Hori: Lotan, Syobal, Zibéon, Ana, 30 Disyon, Ézér, jeung Disyan. Maranéhna téh kapala-kapala kaom urang Hori di tanah Séir.

31 Ieu raja-raja nu maréntah di tanah Édom saacan urang Israél* boga raja. 32 Béla anak Béor maréntah di Édom. Ngaran kotana téh Dinhaba. 33 Sanggeus Béla maot, Yobab anak Zérah ti Bozra ngagantikeun manéhna jadi raja. 34 Sanggeus Yobab maot, Husyam ti nagri urang Téman ngagantikeun manéhna jadi raja. 35 Sanggeus Husyam maot, Hadad anak Bédad, nu ngéléhkeun urang Midian di daérah Moab, ngagantikeun manéhna jadi raja. Ngaran kotana téh Awit. 36 Sanggeus Hadad maot, Samla ti Masréka ngagantikeun manéhna jadi raja. 37 Sanggeus Samla maot, Syaul ti Réhobot di deukeut walungan ngagantikeun manéhna jadi raja. 38 Sanggeus Syaul maot, Baal-hanan anak Akhbor ngagantikeun manéhna jadi raja. 39 Sanggeus Baal-hanan anak Akhbor maot, Hadar ngagantikeun manéhna jadi raja. Ngaran kotana téh Pau. Ngaran pamajikanana nyaéta Méhétabél anak Matréd incu Mézahab.

40 Jadi, ieu ngaran kapala-kapala kaom turunan Ésau, nu dipaké ogé keur ngaran kulawarga sarta daérah maranéhna: Timna, Alwa, Yétét, 41 Oholibama, Élah, Pinon, 42 Kénaz, Téman, Mibzar, 43 Magdiél, jeung Iram. Maranéhna téh kapala-kapala kaom turunan Édom. Ngaran maranéhna gé dijadikeun ngaran pamatuhanana di tanah masing-masing. Éta turunan Ésau, karuhunna urang Édom.

37 Yakub tetep cicing di tanah Kanaan, di tempat bapana cicing jadi urang asing.

2 Ieu sajarahna Yakub.

Basa keur ngora kénéh, umur 17 taun, Yusuf ngajaga ingon-ingon bareng jeung anak-anak lalakina Bilha sarta anak-anak lalakina Zilpa, pamajikan bapana. Yusuf ngalaporkeun kalakuan goréng lanceuk-lanceukna ka bapana. 3 Israél leuwih nyaah ka Yusuf tibatan ka anak-anak séjénna, lantaran Yusuf mah lahirna téh pas Israél geus kolot. Israél mangnyieunkeun jubah* nu alus keur manéhna. 4 Ningali bapana leuwih nyaah ka Yusuf tibatan ka anak-anak séjénna, lanceuk-lanceukna jadi ngéwa ka Yusuf jeung sok kasar lamun ngomong ka manéhna.

5 Ka dieunakeun, Yusuf ngimpi, tuluy impian éta dibéjakeun ka lanceuk-lanceukna. Jadi lanceuk-lanceukna beuki ngéwa ka manéhna. 6 Ceuk Yusuf, ”Abdi rék nyarita, abdi téh ngimpi. 7 Urang kabéh keur meungkeutan gandum di kebon. Ari pék téh beungkeutan nu abdi nangtung, ari beungkeutan-beungkeutan nu Akang mah ngurilingan ka nu abdi tuluy sujud.” 8 Lanceuk-lanceukna ngomong ka manéhna, ”Jadi maksudna, manéh rék jadi raja jeung ngawasaan urang?” Ku sabab Yusuf nyaritakeun impianana, lanceuk-lanceukna beuki wéh ngéwa ka manéhna.

9 Sanggeus éta, manéhna ngimpi deui, tuluy éta dicaritakeun ka lanceuk-lanceukna, ”Abdi ngimpi deui. Nu ayeuna mah panonpoé, bulan, jeung 11 béntang sarujud ka abdi.” 10 Geus kitu, manéhna nyaritakeun impian éta ka bapana pas keur aya lanceuk-lanceukna. Bapana negor, ”Naon maksud impian manéh? Piraku Bapa, indung manéh, jeung adi lanceuk manéh bakal sujud ka manéh?” 11 Ku kituna, lanceuk-lanceukna jadi sirik ka Yusuf. Ari ku bapana mah omongan manéhna téh diinget.

12 Hiji waktu, lanceuk-lanceukna Yusuf indit ka Syikhém rék ngangon ingon-ingon bapana. 13 Ka dieunakeun, Israél ngomong ka Yusuf, ”Lanceuk-lanceuk manéh keur ngajaga ingon-ingon di deukeut Syikhém, pan? Jung ka ditu pangningalikeun.” Yusuf ngajawab, ”Muhun, Pa!” 14 Ceuk Israél, ”Cik pangningalikeun kumaha kaayaan lanceuk-lanceuk manéh jeung ingon-ingon. Engké balik deui ka dieu, béjaan Bapa.” Bral Yusuf indit ti Lebak Hébron ka arah Syikhém. 15 Tuluy Yusuf udar-ider di tegalan. Jol aya saurang lalaki nyampeurkeun, terus nanya, ”Néangan naon, Jang?” 16 Yusuf ngajawab, ”Milarian lanceuk-lanceuk abdi. Bapa terang teu maranéhna ngajaga ingon-ingon di mana?” 17 Lalaki éta ngajawab, ”Geus arindit. Bapa ngadangu mah maranéhna téh rék ka Dotan.” Jadi Yusuf nyusulan lanceuk-lanceukna ka Dotan, tuluy panggih jeung maranéhna di dinya.

18 Ti kajauhan, lanceuk-lanceukna geus nempo Yusuf. Saacan manéhna nepi, maranéhna badami rék maéhan Yusuf. 19 Maranéhna pada ngomong kieu, ”Tuh si tukang ngimpi datang. 20 Hayu urang paéhan manéhna tuluy alungkeun ka jero sumur. Béjakeun wéh dihakan ku sato galak. Hayang nyaho impianana téh kajadian atawa moal.” 21 Ngadéngé kitu, Rubén hayang nyalametkeun Yusuf. Ceuk manéhna, ”Ulah dipaéhan.” 22 Rubén ngomong deui, ”Geus urang alungkeun wéh ka sumur di gurun keusik ieu. Tapi ulah dipaéhan atawa dicilakakeun.” Manéhna ngomong kitu téh da hayang nyalametkeun Yusuf supaya bisa dibawa balik ka bapana.

23 Teu lila sanggeus Yusuf datang, jubah alus nu dipaké ku manéhna dirampas ku lanceuk-lanceukna. 24 Kerewek manéhna dicekelan tuluy digebruskeun kana sumur. Harita, sumur téh garing, euweuh caian.

25 Tas kitu, maranéhna diuk dalahar. Pas keur dalahar, maranéhna ningali rombongan urang Ismail datang ti Giléad rék ka Mesir. Onta-ontana ngakut geutah seungit,* minyak balsem, jeung kulit kai nu geutahan. 26 Ningali kitu, Yéhuda ngomong ka dulur-dulurna, ”Naon untungna maéhan manéhna jeung nutup-nutupan kalakuan urang? 27 Mending urang jual wéh manéhna ka urang Ismail, ulah dikukumaha. Kitu-kitu gé manéhna adi urang, sagetih sadaging jeung urang.” Ngadéngé kitu, dulur-dulurna satuju. 28 Waktu urang Ismail, nyaéta para padagang Midian, ngaliwat, lanceuk-lanceukna Yusuf ngangkat manéhna ti jero sumur tuluy ngajual manéhna 20 duit pérak ka urang Ismail. Ku maranéhna Yusuf dibawa ka Mesir.

29 Pas Rubén balik deui ka sumur, Yusuf geus euweuh di dinya. Béréwék Rubén nyoékkeun bajuna. 30 Waktu Rubén balik ka adi-adina, manéhna ngomong, ”Budak téh geus euweuh! Akang kudu kumaha ari geus kieu?”

31 Jadi, maranéhna meuncit embé jalu hiji, tuluy jubah Yusuf dicelupkeun kana getihna. 32 Geus kitu, jubah alus éta dibawa ka bapana. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya mendakan ieu. Leres teu ieu téh jubahna putra Bapa?” 33 Sanggeus mariksa, bapana ngomong, ”Ieu jubah anak Bapa! Manéhna pasti geus dihakan ku sato galak! Moal salah deui, Yusuf geus disasaak!” 34 Béréwék Yakub nyoékkeun bajuna. Geus kitu, manéhna maké kaén goni dina cangkéngna tuluy nyeungceurikan budakna mangpoé-poé. 35 Kabéh anakna nu lalaki jeung awéwé ngalilipur manéhna, tapi manéhna teu daék dililipur. Ceuk manéhna, ”Bapa rék nyeungceurikan budak Bapa nepi ka paéh!”* Bapana terus nyeungceurikan Yusuf.

36 Di Mesir, urang Midian ngajual Yusuf ka Potifar, pajabat istana Firaun jeung kapala pangawal.

38 Harita, Yéhuda indit ninggalkeun dulur-dulurna tuluy masang kémah di deukeut pamatuhanana Hira urang Adulam. 2 Di dinya, manéhna nempo saurang awéwé anakna Syua urang Kanaan. Jadi Yéhuda kawin jeung awéwé éta tuluy saré jeung manéhna. 3 Seug awéwé éta ngandung. Ka dieunakeun, manéhna ngalahirkeun anak lalaki nu dingaranan Ér ku Yéhuda. 4 Awéwé éta ngandung deui tuluy ngalahirkeun anak lalaki nu dingaranan Onan. 5 Sanggeus éta, manéhna ngalahirkeun deui anak lalaki nu dingaranan Syéla. Waktu anak éta lahir, Yéhuda keur aya di Akhzib.

6 Ka dieunakeun, Yéhuda ngawinkeun Ér anak cikalna ka Tamar. 7 Tapi kalakuan Ér anak cikalna Yéhuda téh jahat dina pandangan Yéhuwa. Jadi, ku Yéhuwa dipaéhan. 8 Ku lantaran kitu, Yéhuda ngomong ka Onan, ”Sok kawin jeung randana lanceuk manéh tuluy jalankeun kawajiban manéh salaku ipar,* ngarah lanceuk manéh boga turunan.” 9 Tapi Onan nyaho turunan éta moal dianggap turunanana. Jadi waktu manéhna ngalakukeun hubungan séks jeung randa lanceukna, cimanina sok dikana taneuhkeun ngarah lanceukna teu boga turunan. 10 Kalakuan Onan kitu téh jahat dina pandangan Yéhuwa. Jadi, manéhna gé dipaéhan. 11 Yéhuda ngomong ka Tamar minantuna, ”Geus ayeuna mah cicing heula di imah bapana Nyai. Ulah kawin deui nepi ka Syéla anak Bapa gedé.” Manéhna ngomong kitu téh lantaran sieun Syéla ogé bakal maot siga lanceuk-lanceukna. Jadi Tamar indit tuluy cicing di imah bapana.

12 Sanggeus sababaraha waktu, pamajikan Yéhuda, anak Syua, maot. Sanggeus mangsa sungkawana liwat, Yéhuda indit ka Timnah bareng jeung Hira babaturanana, urang Adulam téa, rék nyukuran bulu domba. 13 Aya nu ngabéjaan Tamar, ”Mitoha Nyai keur indit ka Timnah rék nyukuran bulu domba.” 14 Jadi Tamar ngaganti pakéan randana tuluy ditiung jeung maké soléndang keur nutupan awakna. Geus kitu, manéhna diuk di gerbang kota Énaim, di jalan nu rék ka Timnah. Manéhna kitu téh lantaran nyaho Syéla geus gedé tapi can dikawinkeun waé ka manéhna.

15 Waktu Yéhuda ningali Tamar, disangkana Tamar téh palacur, lantaran beungeutna ditutupan. 16 Jadi Yéhuda nyampeurkeun manéhna di sisi jalan tuluy ngomong, ”Nyai daék teu saré jeung Bapa?” Yéhuda teu nyahoeun manéhna téh minantuna. Ceuk Tamar, ”Bapa badé masihan naon lamun abdi saré jeung Bapa?” 17 Yéhuda ngajawab, ”Engké ku Bapa dikirim anak embé hiji nya.” Tapi ceuk Tamar, ”Naon jaminanana anak embéna bakal dikirim?” 18 Yéhuda neruskeun, ”Hayang dibéré jaminan naon?” Ceuk Tamar, ”Éta wéh cingcin materai jeung talina, sarta iteuk nu dicepeng ku Bapa.” Jadi éta kabéh dibikeun ka Tamar, tuluy manéhna saré jeung Tamar. Tungtungna Tamar ngandung. 19 Ti dinya, Tamar indit, ngaleupaskeun soléndangna, tuluy maké deui pakéan randana.

20 Ka dieunakeun, Yéhuda ngirimkeun anak embé nu dianteurkeun ku babaturanana, urang Adulam téa, supaya jaminan nu aya di awéwé éta dipulangkeun. Tapi awéwéna teu kapanggih. 21 Urang Adulam éta tatanya ka jalma-jalma di tempat awéwé éta, ”Ari palacur* nu sok aya di sisi jalan Énaim téh di mana, nya?” Ceuk maranéhna, ”Di dieu mah teu pernah aya palacur da.” 22 Ahirna, manéhna balik deui ka Yéhuda tuluy ngomong, ”Éta awéwé téh teu kapanggih. Ceuk jalma-jalma di ditu gé euweuh palacur di ditu mah.” 23 Jadi ceuk Yéhuda, ”Keun baé lah barang-barang mah sina dicokot ku manéhna. Geus ulah ditéangan deui, engké urang duaan nu éra. Nu penting mah anak embéna geus dikirimkeun, tapi awéwéna teu kapanggih.”

24 Kira-kira tilu bulan ti harita, aya nu ngabéjaan Yéhuda, ”Tamar minantu manéh geus jadi palacur. Gara-gara éta, manéhna jadi reuneuh ayeuna.” Ngadéngé kitu Yéhuda ngomong, ”Bawa manéhna kaluar, duruk wéh.” 25 Waktu dibawa kaluar, Tamar ngirim pesen ka mitohana, ”Abdi ngandung téh ku lalaki nu boga barang-barang ieu.” Manéhna neruskeun, ”Sok wéh pariksa, saha nu boga cingcin materai jeung talina sarta iteuk ieu.” 26 Sanggeus mariksa barang-barang éta, Yéhuda ngomong, ”Manéhna teu salah, kuring nu salah, lantaran kuring teu ngawinkeun Syéla anak kuring ka manéhna.” Ti saprak harita, Yéhuda teu ngalakukeun hubungan séks deui jeung Tamar.

27 Barang geus deukeut waktuna Tamar ngalahirkeun, ari pék téh anakna kembar. 28 Waktu keur ngalahirkeun, orok nu hiji ngaluarkeun leungeunna. Gancang ku bidan téh leungeunna ditalian ku benang beureum. Ceuk manéhna, ”Ieu nu kaluar mimiti.” 29 Tapi leungeunna asup deui, ari pék téh borojol wéh orok nu hijina deui. Bidan éta ngomong, ”Ku naon manéh nyoékkeun rahim indung manéh?” Éta sababna budak téh dingaranan Péréz.* 30 Geus kitu, borojol orok nu leungeunna ditalian ku benang beureum, tuluy manéhna dingaranan Zérah.

39 Yusuf dibawa ku urang Ismail ka Mesir. Tuluy manéhna dibeuli ku urang Mesir nu ngaranna Potifar, pajabat istana Firaun jeung kapala pangawal. 2 Tapi Yéhuwa nyarengan Yusuf. Matakna, sagala nu dilampahkeun ku manéhna pasti alus hasilna. Ku kituna, manéhna dibéré tanggung jawab di imah dununganana, urang Mesir téa. 3 Dununganana nyaho Yéhuwa nyarengan manéhna, sarta Yéhuwa ngabantu manéhna supaya sagala hasil pagawéanana téh alus.

4 Potifar beuki resep ka Yusuf, matakna Yusuf dijadikeun palayan pribadina. Manéhna dibéré tugas ngatur imah Potifar sarta sakabéh harta bandana. 5 Ti saprak harita, Yéhuwa terus ngaberkahan rumah tangga urang Mesir éta ku lantaran Yusuf. Yéhuwa gé ngaberkahan sagala milikna, boh nu aya di imahna boh nu aya di kebonna. 6 Ahirna, sagala milikna dipercayakeun ka Yusuf. Manéhna teu kudu mikiran nanaon deui salian ti dahareunana sorangan. Ari Yusuf jadi beuki gagah jeung kasép.

7 Lila-lila, pamajikan dunungan Yusuf sok melong ka Yusuf tuluy kapincut. Ceuk manéhna, ”Hayu saré jeung urang.” 8 Tapi ku Yusuf ditolak. Ceuk manéhna, ”Dunungan abdi tos mercayakeun sagalana ka abdi, jadi anjeunna mah tos teu kedah mikiran nanaon. 9 Di imah ieu, teu aya nu kawasana leuwih gedé tibatan abdi. Sagalana tos dipasrahkeun ka abdi kajaba Ibu, da Ibu istrina. Piraku abdi ngalakukeun kajahatan nu sakitu gedéna sarta nyieun dosa ka Allah?”

10 Unggal poé, awéwé éta ngagoda Yusuf, tapi Yusuf teu pernah daék saré jeung manéhna atawa paduduaan jeung manéhna. 11 Hiji poé, waktu Yusuf asup ka imah rék digawé, euweuh saurang-urang acan palayan di dinya. 12 Gep awéwé éta ngerewek bajuna Yusuf tuluy ngomong, ”Hayu saré jeung kuring!” Tapi Yusuf lumpat ka luar, ari bajuna mah ditinggalkeun, dicekel ku awéwé éta. 13 Barang Yusuf lumpat ka luar jeung ninggalkeun bajuna, 14 awéwé éta ngajerit ngageroan para palayanna tuluy ngomong, ”Urang Ibrani nu dibawa ku salaki kuring téh ngarendahkeun urang saréréa. Kuring rék diperkosa ku manéhna, tapi kuring ngajerit satarik-tarikna. 15 Ngadéngé kuring jejeritan, manéhna langsung lumpat ka luar. Ieu bajuna ditinggalkeun di gigireun kuring.” 16 Geus kitu, bajuna disimpen ku awéwé éta di gigireunana nepi ka dunungan Yusuf balik.

17 Terus, awéwé éta nyaritakeun nu sarua ka salakina, ”Palayan Ibrani anu dibawa ku Akang téh nyampeurkeun tuluy ngarendahkeun abdi. 18 Tapi pas abdi jejeritan mah, manéhna lumpat ka luar ninggalkeun bajuna.” 19 Ngadéngé carita pamajikanana yén manéhna dikitu-kitu ku palayanna, Potifar ambek pisan. 20 Jadi dunungan Yusuf mawa jeung ngajebloskeun manéhna ka panjara, tempat para tahanan raja. Yusuf ditahan di dinya.

21 Tapi, Yéhuwa terus nyarengan Yusuf jeung némbongkeun asih nu satia ka manéhna. Ku bantuan Anjeunna, Yusuf dipikaresep ku kapala panjara. 22 Jadi kapala panjara nugaskeun Yusuf sina ngatur para tahanan di panjara éta. Sagala nu dilakukeun ku para tahanan diaturna ku Yusuf. 23 Kapala panjara geus teu kudu mariksa deui naon nu dipercayakeun ka Yusuf, lantaran Yéhuwa nyarengan Yusuf sarta Yéhuwa ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus.

40 Sanggeus éta kabéh kajadian, pangurus inuman raja Mesir jeung pangurus roti nyieun kasalahan ka juragan maranéhna, nyaéta raja Mesir. 2 Ku kituna, Firaun ambek ka dua pajabatna, nyaéta pangurus inuman jeung pangurus roti. 3 Maranéhna dijebloskeun ka panjara di imahna kapala pangawal, tempat Yusuf ditahan. 4 Kapala pangawal nugaskeun Yusuf supaya maturan jeung ngaladenan maranéhna. Maranéhna rada lila aya di panjara.

5 Hiji peuting, pangurus inuman jeung pangurus roti raja Mesir nu keur dipanjara téh masing-masing ngimpi. Unggal impianana aya hartina. 6 Isuk-isukna, waktu disampeurkeun ku Yusuf, maranéhna katingali keur sedih. 7 Jadi manéhna nanya ka dua pajabat Firaun éta nu keur dipanjara bareng jeung manéhna, ”Ku naon dinten ieu aranjeun meni saredih kitu?” 8 Ceuk maranéhna, ”Urang duaan téh ngimpi, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.” Yusuf némbalan, ”Ngan Allah nu bisa ngahartikeun impian. Cikan caritakeun ka abdi.”

9 Jadi pangurus inuman nyaritakeun impianana ka Yusuf, ”Urang ngimpi, aya tangkal anggur di hareupeun urang. 10 Tangkalna téh boga tilu dahan, sirungan, kembangan, tuluy ngahasilkeun ranggeuyan-ranggeuyan anggur nu asak. 11 Ari urang keur nyekel gelas Firaun. Geus kitu, urang ngala jeung meres anggur-anggur éta kana gelas Firaun. Ku urang gelasna diasongkeun ka Firaun.” 12 Yusuf ngomong ka manéhna, ”Ieu harti impian éta: Tilu dahan hartina tilu poé. 13 Tilu poé deui, Firaun bakal ngabébaskeun anjeun sarta masihkeun deui jabatan anjeun salaku pangurus inuman. Anjeun bakal masihkeun inuman ka Firaun siga saacanna. 14 Tapi, engké lamun kaayaan anjeun tos saé, ulah hilap ka abdi. Sing bageur* ka abdi. Engké pangnyaritakeun ngeunaan abdi ka Firaun, supaya abdi bisa kaluar ti dieu. 15 Saleresna, abdi diculik ti tanah urang Ibrani. Abdi dijebloskeun ka panjara* gé saleresna mah teu gaduh salah nanaon.”

16 Ngadéngé harti impian baturna alus, pangurus roti nyaritakeun impianana ka Yusuf, ”Urang gé ngimpi. Urang mawa tilu karanjang dina sirah urang, eusina téh roti bodas. 17 Dina karanjang nu pangluhurna, aya rupa-rupa roti keur Firaun. Ari pék téh nu aya dina karanjang éta diparacokan ku manuk.” 18 Yusuf ngomong ka manéhna, ”Ieu harti impian éta: Tilu karanjang hartina tilu poé. 19 Tilu poé deui, anjeun bakal dipenggel ku Firaun tuluy digantung dina tihang. Awak anjeun bakal diparacokan ku manuk.”

20 Tilu poé ti harita, Firaun ulang taun. Manéhna ngayakeun pésta keur sakabéh hambana. Manéhna nitah pangurus inuman jeung pangurus roti sina ngadep ka manéhna di hareupeun hamba-hambana. 21 Jabatan pangurus inuman dibalikkeun deui. Manéhna ditugaskeun méré inuman ka Firaun siga saacanna. 22 Ari pangurus roti digantung ku Firaun, percis sakumaha omongan Yusuf. 23 Tapi, pangurus inuman teu inget ka Yusuf.

41 Dua taun ti harita, Firaun ngimpi manéhna keur nangtung di sisi Walungan Nil. 2 Ti Walungan Nil, bijil tujuh sapi anu aralus jeung lalintuh. Sapi-sapi éta ngahakan jukut di sisi walungan. 3 Geus kitu, bijil deui ti Walungan Nil tujuh sapi séjén nu garoréng jeung baregang. Sapi-sapi éta narangtung di gigireun sapi-sapi nu lalintuh di sisi Walungan Nil. 4 Tuluy sapi-sapi anu garoréng jeung baregang téh ngahakan tujuh sapi nu aralus jeung lalintuh. Ti dinya Firaun hudang.

5 Geus kitu, manéhna saré deui tuluy ngimpi kadua kalina. Manéhna ningali aya tujuh ranggeuy dina sagagang gandum, nya baleuneur nya aralus. 6 Tuluy, aya tujuh ranggeuy gandum nu jadi. Nu ieu mah sikina lalemét jeung gararing lantaran katiup ku angin panas ti wétan. 7 Geus kitu, ranggeuyan-ranggeuyan anu sikina lalemét ngahakan tujuh ranggeuyan anu baleuneur jeung aralus. Ti dinya Firaun hudang. Manéhna nyaho éta téh ngan saukur ngimpi.

8 Isuk-isukna, manéhna guligah. Jadi manéhna ngageroan sakabéh tukang sihir jeung jalma bijaksana di Mesir. Firaun nyaritakeun impianana ka maranéhna, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.

9 Ku kituna, pangurus inuman ngomong kieu ka Firaun, ”Dinten ieu abdi badé ngaku dosa. 10 Nu Mulya Firaun, Juragan pernah ambek ka abdi sareng ka pangurus roti, nepi ka abdi duaan dipanjarakeun di bumina kapala pangawal. 11 Hiji wengi, abdi duaan téh ngimpi, masing-masing aya hartina. 12 Tah, di dinya téh aya lalaki ngora urang Ibrani, palayanna kapala pangawal. Abdi duaan nyaritakeun impian masing-masing, tuluy manéhna ngajelaskeun hartina. 13 Bener waé kajadian percis sakumaha nu dijelaskeun ku manéhna. Jabatan abdi dibalikkeun deui, ari pangurus roti mah digantung.”

14 Jadi Firaun nitah Yusuf ngadep ka manéhna. Gancang Yusuf dikaluarkeun ti panjara.* Yusuf dicukur, ngaganti pakéanana, tuluy ngadep ka Firaun. 15 Geus kitu, Firaun ngomong ka Yusuf, ”Urang téh ngimpi, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina. Cenah manéh bisa ngajelaskeun harti impian.” 16 Ngadéngé kitu Yusuf ngajawab, ”Sanés abdi, Juragan! Allah nu bakal masihan warta hadé kanggo Firaun.”

17 Firaun nyarita ka Yusuf, ”Urang téh ngimpi, urang keur nangtung di sisi Walungan Nil. 18 Ari pék téh bijil tujuh sapi anu aralus jeung lalintuh ti Walungan Nil. Sapi-sapi éta ngahakan jukut di sisi walungan. 19 Geus kitu, bijil tujuh sapi séjénna anu garoréng patut jeung baregang kari tulang. Urang can pernah ningali sapi nu goréng patut siga kitu di sakuliah Mesir. 20 Éta sapi anu baregang jeung garoréng téh ngahakan tujuh sapi anu lalintuh. 21 Tapi sakitu geus ngahakan kabéhanana gé, angger wéh sapi-sapi éta téh garoréng patut jeung baregang siga saacanna, teu kaciri geus dahar. Geus kitu urang hudang.

22 ”Terus urang ngimpi deui, aya tujuh ranggeuy gandum nu jadi dina sagagang, nya baleuneur nya aralus. 23 Tuluy aya tujuh ranggeuy séjén nu jadi, tapi nu ieu mah sikina paréot, lalemét, jeung gararing lantaran katiup ku angin panas ti wétan. 24 Seug ranggeuyan-ranggeuyan nu sikina lalemét téh ngahakan tujuh ranggeuy anu aralus. Éta impian ku urang dicaritakeun ka tukang-tukang sihir, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.”

25 Yusuf ngomong ka Firaun, ”Impian Firaun téh duanana sami hartina. Allah nu bener tos ngawartosan ka Firaun naon nu bakal dilaksanakeun ku Anjeunna. 26 Tujuh sapi nu aralus éta téh hartina tujuh taun, kitu ogé tujuh ranggeuy gandum nu aralus téh hartina tujuh taun. Impian éta duanana sami hartina. 27 Tujuh sapi nu baregang jeung garoréng anu bijil sanggeusna, sarta tujuh ranggeuy gandum anu hapa jeung garing lantaran katiup ku angin panas ti wétan, hartina tujuh taun kalaparan. 28 Sakumaha nu tos disebutkeun ku abdi tadi: Allah nu bener tos némbongkeun ka Firaun naon nu bakal dilaksanakeun ku Anjeunna.

29 ”Bakal aya seueur pisan tuangeun salami tujuh taun di sakuliah Mesir. 30 Tapi saatosna, bakal aya tujuh taun kalaparan. Kalaparan éta bener-bener ngabalangsakkeun Mesir. Jalma-jalma nepi ka teu inget pernah aya seueur tuangeun di Mesir. 31 Mangsa-mangsa seueur tuangeun di tanah ieu moal kainget-inget, ku hébat-hébatna kalaparan saatosna. 32 Firaun ngimpi dugi ka dua kali téh lantaran perkara éta tos ditetepkeun ku Allah nu bener. Éta bakal énggal dilaksanakeun ku Allah nu bener.

33 ”Mangga ayeuna mah Firaun milarian saurang pameget anu pinter sareng bijaksana sina ngatur sakuliah Mesir. 34 Pilih ogé pangawas-pangawas di sakuliah Mesir. Maranéhna sina ngumpulkeun saperlima hasil tanah Mesir salami tujuh taun mangsa kamakmuran. 35 Pangawas-pangawas éta kedah ngumpulkeun sadaya tuangeun salami mangsa kamakmuran éta. Maranéhna kedah numpuk sadaya gandum di kota-kota kanggo bahan tuangeun, tuluy dijagaan. Sadayana aya dina kakawasaan Firaun. 36 Tuangeun éta bakal jadi bekel kanggo mangsa kalaparan salami tujuh taun nu bakal kajadian di Mesir. Ku kituna, jalma-jalma sareng ingon-ingon moal musna ku kalaparan.”

37 Firaun jeung kabéh hambana nganggap saran éta téh alus. 38 Jadi Firaun ngomong ka hamba-hambana, ”Saha deui jelema nu kawas kieu nu boga kawasa Allah?” 39 Tuluy Firaun ngomong ka Yusuf, ”Lantaran Allah geus méré nyaho ieu kabéh ka manéh, euweuh deui anu pinter jeung bijaksana kawas manéh. 40 Manéh bakal jadi pangawas di imah urang, sarta sakabéh rahayat bakal nurut kana sakabéh paréntah manéh. Euweuh nu leuwih luhur ti manéh kajaba urang, lantaran urang téh raja.”* 41 Firaun neruskeun, ”Ayeuna, urang ngalantik manéh jadi pangawasa di sakuliah Mesir.” 42 Geus kitu, Firaun nyabut cingcin cap tina ramona tuluy dipasangkeun kana ramo Yusuf. Yusuf dibajuan ku pakéan tina linén alus jeung dikangkalungan ku kongkorong emas. 43 Salian ti éta, Firaun nitah Yusuf numpak karéta kadua tutunggangan raja sarta nitah jalma-jalma ngagero, ”Avrékh!”* di hareupeun Yusuf. Kitu carana Yusuf diangkat jadi pangawasa di sakuliah Mesir ku Firaun.

44 Firaun ngomong deui ka Yusuf, ”Urang Firaun, tapi lamun teu diidinan ku manéh, euweuh nu bisa ngalakukeun nanaon* di sakuliah Mesir.” 45 Geus kitu, Yusuf dibéré ngaran Zafénat-panéah ku Firaun. Manéhna gé dikawinkeun jeung Asénat anak Potiféra imam di On.* Ti dinya Yusuf mulai ngawaskeun* sakuliah Mesir. 46 Umur Yusuf 30 taun basa manéhna ngadep ka* Firaun raja Mesir.

Geus kitu, Yusuf indit ti hareupeun Firaun tuluy ngider ka sakuliah Mesir. 47 Salila tujuh taun kamakmuran, loba pisan hasil tanah nu dihasilkeun di Mesir. 48 Salila tujuh taun éta, manéhna terus ngumpulkeun dahareun ti sakuliah Mesir, tuluy éta ditumpuk-tumpukkeun di kota-kota. Dahareun nu disimpen di unggal kota téh asalna ti kebon-kebon di sakurilingeun kota éta. 49 Yusuf terus numpuk-numpukkeun gandum nepi ka loba pisan siga keusik di laut. Ahirna, éta kabéh geus teu kaitung deui ku maranéhna.

50 Saacan mangsa kalaparan datang, Yusuf boga dua anak lalaki ti Asénat anak Potiféra imam di On.* 51 Anak cikalna dingaranan Manasyé* ku Yusuf, da ceuk manéhna, ”Ku bantuan Allah, urang jadi bisa poho kana masalah urang jeung ka kulawarga bapa urang.” 52 Anak nu kadua dingaranan Éfraim,* da ceuk manéhna, ”Allah méré anak-anak ka urang di tempat urang sangsara.”

53 Sanggeus tujuh taun, euweuh kamakmuran deui di Mesir. 54 Tuluy tujuh taun mangsa kalaparan dimimitian, sakumaha nu diucapkeun ku Yusuf. Di nagri-nagri séjén aya kalaparan, tapi di sakuliah Mesir mah aya dahareun.* 55 Ahirna, sakuliah Mesir ogé sangsara ku kalaparan, ku kituna rahayat méménta dahareun ka Firaun. Ceuk Firaun ka sakabéh urang Mesir, ”Jung indit ka Yusuf, tuturkeun paréntah manéhna.” 56 Kalaparan terus narajang ka sakuliah bumi. Ku parah-parahna kalaparan di Mesir, Yusuf muka tempat-tempat panyimpenan dahareun nu aya di Mesir, tuluy ngajual dahareunana ka urang Mesir. 57 Salian ti éta, jalma-jalma di sakuliah bumi daratang ka Mesir rék meuli dahareun ka Yusuf, lantaran kalaparan di sakuliah bumi téh parah pisan.

42 Waktu nyaho di Mesir aya gandum, Yakub ngomong ka anak-anak lalakina, ”Ku naon bet caricing waé?” 2 Manéhna neruskeun, ”Bapa ngadéngé di Mesir aya gandum. Jung ka ditu meuli saeutik mah, ngarah urang teu paéh kalaparan.” 3 Bral sapuluh lanceukna Yusuf indit ka Mesir rék meuli gandum. 4 Tapi Yakub ngalarang Bényamin adina Yusuf milu jeung lanceuk-lanceukna, da ceuk manéhna, ”Paur bisi aya kacilakaan, tuluy manéhna maot.”

5 Jadi anak-anak lalaki Israél jeung jalma-jalma séjénna daratang ka Mesir rék meuli dahareun, lantaran di tanah Kanaan gé aya kalaparan. 6 Yusuf téh jalma nu boga kawasa di sakuliah Mesir. Manéhna nu ngajual gandum ka sakabéh bangsa di bumi. Jadi lanceuk-lanceukna Yusuf daratang tuluy sarujud ka manéhna. 7 Waktu ningali maranéhna, Yusuf langsung nyaho éta téh lanceuk-lanceukna, tapi Yusuf teu ngabéjaan saha manéhna téh. Jadi Yusuf sesengor ka maranéhna, ”Asal maranéh ti mana?” Dijawab ku maranéhna, ”Ti tanah Kanaan, badé mésér tuangeun.”

8 Yusuf apaleun ka lanceuk-lanceukna, tapi maranéhna mah teu apaleun ka Yusuf. 9 Ras Yusuf inget kana impian ngeunaan maranéhna, tuluy manéhna ngomong kieu, ”Maranéh mah mata-mata! Datang ka dieu téh rék néangan kalemahan* nagri urang, nya?” 10 Maranéhna némbalan, ”Sanés kitu, Juragan. Abdi sadaya téh hamba Juragan, ka dieu téh badé mésér tuangeun. 11 Sadayana adi lanceuk ti hiji bapa. Abdi sadaya téh jalma bener. Hamba-hamba Juragan ieu sanés mata-mata.” 12 Tapi ceuk Yusuf, ”Bohong! Maranéh datang ka dieu téh rék néangan kalemahan nagri ieu!” 13 Ceuk maranéhna, ”Hamba-hamba Juragan ieu téh aya 12 urang. Sadayana anak ti hiji bapa nu matuh di tanah Kanaan. Nu bungsu aya sareng pun bapa, ari nu hijina deui tos teu aya.”

14 Tapi ceuk Yusuf ka maranéhna, ”Bener ceuk aing gé, maranéh mah mata-mata! 15 Ku aing rék diuji maranéh téh jujur atawa henteu. Demi hirup Firaun, saacan nu bungsu dibawa ka dieu, maranéh teu meunang indit ti tempat ieu. 16 Sok salah saurang ti maranéh balik tuluy bawa adi maranéh ka dieu, ari nu séjénna ditahan di dieu. Jadi aing nyaho omongan maranéh téh bener atawa henteu. Lamun bohong, demi hirup Firaun, maranéh mémang mata-mata.” 17 Geus kitu, kabéhanana dipanjara tilu poé.

18 Dina poé nu katilu, Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Urang téh jalma nu hormat* ka Allah. Sok wéh kieu ayeuna mah, ngarah maranéh tetep hirup. 19 Buktikeun lamun maranéh téh mémang jalma bener. Maranéh meunang balik bari mawa gandum jang kulawarga maranéh ngarah teu kalaparan, tapi salah saurang ti maranéh tetep ditahan di dieu. 20 Engké nu bungsu bawa ka dieu. Mun geus kitu, urang nyaho omongan maranéh téh bisa dipercaya, jadi maranéh moal paéh.” Maranéhna satuju.

21 Maranéhna pada ngomong kieu, ”Ieu pasti hukuman keur urang lantaran kalakuan urang baréto ka adi urang. Basa manéhna nalangsa méménta dipikarunya, ku urang teu didéngé. Matakna ayeuna urang kabéh jadi nalangsa.” 22 Rubén ngomong ka maranéhna, ”Ceuk Akang gé baréto budak téh ulah dicilakakeun, tapi ku maranéh teu didéngé. Ayeuna urang kabéh kudu tanggung jawab lantaran geus maéhan manéhna.”* 23 Ku sabab Yusuf ngomong ka maranéhna maké panarjamah, maranéhna nyangka Yusuf teu ngartieun omongan maranéhna. 24 Yusuf ninggalkeun maranéhna tuluy ceurik. Geus kitu, Yusuf balik sarta ngomong deui ka maranéhna. Yusuf milih Siméon, seug ditalian di hareupeun maranéhna. 25 Sanggeus éta, Yusuf maréntahkeun supaya karung-karung maranéhna dieusian gandum nepi ka pinuh, duit maranéhna dipulangkeun kana karungna masing-masing, sarta maranéhna dibéré bekel keur di perjalanan. Prak paréntah éta dilaksanakeun.

26 Karung-karung gandum téh dimuatkeun kana kaldé ku maranéhna, tuluy maranéhna indit ti dinya. 27 Di tempat mondok, salah saurang ti maranéhna muka karung rék maraban kaldé, ari pék téh di karungna aya duit. 28 Ningali kitu, manéhna ngomong ka dulur-dulurna, ”Duit urang dipulangkeun, aya dina karung urang!” Bakating ku sieun, maranéhna ngeleper tuluy pada ngomong kieu, ”Ku naon Allah téh bet kieu ka urang?”

29 Sanggeus nepi di tanah Kanaan, maranéhna nyaritakeun ka bapana naon nu kaalaman ku maranéhna, kieu cenah, 30 ”Jalma nu boga kawasa di ditu sesengor ka urang, jaba nuduh urang téh mata-mata nu keur ningali kaayaan nagri éta. 31 Tapi urang téh ngomong, urang mah jalma bener lain mata-mata. 32 Urang téh aya 12 adi lanceuk, kabéhanana anak ti hiji bapa. Nu hiji geus teu aya, ari nu bungsu ayeuna aya jeung Bapa di tanah Kanaan. 33 Tapi jalma nu boga kawasa éta kalah ka ngomong kieu, ’Buktikeun maranéh téh jalma bener. Sok baralik bawa dahareun jang kulawarga maranéh ngarah teu kalaparan. Tapi salah saurang dulur maranéh kudu tetep cicing di dieu. 34 Engké bawa nu bungsu ka dieu, jadi aing nyaho maranéh téh jalma bener, lain mata-mata. Mun geus kitu, dulur maranéh meunang dibawa balik. Maranéh gé meunang meuli dahareun di nagri ieu.’”

35 Pas maranéhna ngosongkeun karung, ari pék téh dina unggal karung aya kantong duitna masing-masing. Ningali kantong-kantong duit éta, maranéhna jeung bapana jadi sieuneun. 36 Yakub bapa maranéhna ngomong kieu, ”Gara-gara maranéh, Bapa kaleungitan anak! Yusuf geus euweuh, Siméon geus euweuh, ayeuna maranéh gé rék nyokot Bényamin! Ku naon aing bet sangsara siga kieu?” 37 Tapi ceuk Rubén ka bapana, ”Sok paéhan wéh dua anak lalaki abdi lamun abdi teu bisa mawa Bényamin balik deui. Manéhna bakal dijagaan ku abdi, engké dibawa balik deui ka dieu.” 38 Sanajan kitu, ceuk bapana, ”Anak Bapa teu meunang milu jeung maranéh, lantaran lanceukna geus maot, ayeuna kari manéhna sorangan. Lamun di perjalanan manéhna cilaka nepi ka maot, Bapa nu geus kolot ieu pasti maot* lantaran sedih pisan, éta téh gara-gara maranéh.”

43 Kalaparan di tanah Kanaan téh beuki parah. 2 Jadi waktu gandum nu dibawa ti Mesir téa béak, bapana ngomong ka anak-anakna, ”Jung indit deui, beuli saeutik dahareun keur urang kabéh.” 3 Yéhuda némbalan, ”Geus puguh jelema éta ngomat-ngomat, ’Lamun adi maranéh teu dibawa, maranéh teu meunang panggih jeung aing.’ 4 Lamun adi urang meunang milu, urang daék indit jeung meuli dahareun. 5 Tapi lamun teu meunang milu, urang gé moal indit, da ceuk jelema éta, ’Lamun adi maranéh teu dibawa, maranéh teu meunang panggih jeung aing.’” 6 Ceuk Israél, ”Ku naon atuh bet bébéja boga adi séjén? Nyusahkeun pisan maranéh téh.” 7 Maranéhna ngomong, ”Jelema éta nanyakeun urang jeung kulawarga urang. Ceuk manéhna, ’Ari bapa maranéh aya kénéh? Boga dulur séjén teu?’ Nya dijawab wéh saayana, da teu nyaho. Ari sugan téh moal nitah Bényamin dibawa.”

8 Tuluy Yéhuda ngayakinkeun Israél bapana, ”Keun budak téh sina milu jeung abdi. Jadi urang kabéh bisa indit, ngarah urang, Bapa, jeung anak-anak urang teu maot kalaparan. 9 Dijamin* budak téh salamet. Abdi nu tanggung jawab. Lamun abdi teu bisa mawa manéhna balik deui ka Bapa, saumur-umur abdi dosa ka Bapa. 10 Coba lamun teu diengké-engké, urang téh meureun geus dua balikan ka ditu.”

11 Jadi ceuk Israél bapa maranéhna, ”Nya geus atuh ari kuduna kitu mah, tapi kudu mawa hadiah keur jelema éta. Bawa hasil tanah nu pangalusna kana karung-karung maranéh: minyak balsem saeutik, madu saeutik, geutah seungit,* kulit kai nu geutahan, kacang pistasio, jeung kacang almond. 12 Bawa duit dua kalieun. Bawa ogé duit nu basa éta dipulangkeun kana karung-karung maranéh, bisi harita aya kasalahan. 13 Sok bawa adi maranéh, jung indit ka ditu panggihan jelema éta. 14 Mugia ku pitulung Allah Nu Mahakawasa, éta jelema jadi karunyaeun ka maranéh tuluy ngabébaskeun Siméon jeung Bényamin. Tapi lamun mémang Bapa kudu kaleungitan anak-anak, Bapa narimakeun!”

15 Jadi maranéhna mawa hadiah jeung duit dua kalieun. Geus kitu, maranéhna jeung Bényamin indit ka Mesir tuluy ngadep ka Yusuf. 16 Waktu ningali Bényamin bareng jeung maranéhna, Yusuf langsung nitah kieu ka pangurus imahna, ”Bawa maranéhna ka imah, peuncit sato, tuluy siapkeun dahareun. Maranéhna rék dahar bareng jeung urang beurang ieu.” 17 Gancang manéhna ngajalankeun paréntah Yusuf tuluy mawa maranéhna ka imah Yusuf. 18 Tapi maranéhna sarieuneun dibawa ka imahna Yusuf téh. Ceuk maranéhna, ”Pasti urang dibawa ka dieu téh gara-gara duit nu dipulangkeun kana karung urang harita. Urang pasti ditéwak jeung dijadikeun budak beulian, tuluy kaldé-kaldé urang dirampas!”

19 Jadi, maranéhna nyampeurkeun pangurus imahna Yusuf, tuluy ngomong jeung manéhna di lawang panto. 20 Ceuk maranéhna, ”Punten, Juragan. Kapungkur basa mimiti ka dieu, abdi sadaya mémang badé mésér tuangeun. 21 Tapi basa abdi sadaya nepi di panginepan tuluy mukaan karung-karung, ari pék téh aya artos dina karung masing-masing weuteuh kénéh, jadi badé dipulangkeun. 22 Ayeuna, abdi sadaya nyandak artos langkung kanggo mésér tuangeun, da harita téh teu terang saha nu ngalebetkeun artos kana karung.” 23 Ceuk pangurus éta, ”Tenang wéh, ulah sieun. Anu ngasupkeun duit kana karung aranjeun téh Allahna aranjeun sarta Allahna bapa aranjeun. Duit nu kamari mah geus katarima da.” Geus kitu, Siméon dibawa ka maranéhna.

24 Tuluy pangurus éta mawa asup maranéhna ka imah Yusuf, méré cai keur ngumbah suku maranéhna, sarta méré dahar kaldé-kaldena. 25 Ngadéngé Yusuf rék datang beurang éta sarta dahar bareng jeung maranéhna, maranéhna nyiapkeun hadiah téa keur Yusuf. 26 Waktu Yusuf datang ka imah, maranéhna mikeun hadiah éta ka Yusuf. Bruk maranéhna sujud ka manéhna. 27 Geus kitu, Yusuf nanyakeun kaayaan maranéhna. Manéhna nanya, ”Kumaha kaayaan bapa maranéh nu geus kolot nu harita dicaritakeun téh? Aya kénéh?” 28 Maranéhna ngajawab, ”Pun bapa aya kénéh, Juragan.” Geus kitu, maranéhna sujud deui.

29 Barang Yusuf ningali Bényamin adina nu saindung jeung manéhna, manéhna ngomong, ”Ieu téh adi bungsu maranéh nu pernah dicaritakeun téa?” Tuluy manéhna ngomong ka Bényamin, ”Mugia manéh diberkahan ku Allah, anaking.” 30 Ningali adina, Yusuf teu bisa nahan parasaanana. Buru-buru manéhna kaluar néangan tempat keur ceurik. Manéhna asup ka rohangan séjén, segruk baé ceurik. 31 Geus kitu, manéhna sibeungeut. Sanggeus tenang, manéhna balik deui tuluy ngomong, ”Sadiakeun dahareun.” 32 Seug dahareun disadiakeun keur Yusuf saméja, keur adi lanceukna saméja, sarta keur urang Mesir nu aya di dinya saméja. Éta téh lantaran urang Mesir geuleuheun lamun dahar bareng jeung urang Ibrani.

33 Adi lanceukna* diuk di hareupeun Yusuf. Diukna diatur ti nu cikal, nyaéta nu boga hak salaku anak cikal, nepi ka nu bungsu. Maranéhna silih pelong bari jeung bingung. 34 Yusuf terus mikeunan dahareun tina méjana ka méja maranéhna. Tapi ari ka Bényamin mah manéhna méré lima kali leuwih loba. Brak maranéhna dahar nginum nepi ka seubeuh.

44 Ka dieunakeun, Yusuf méré paréntah ka pangurus imahna, ”Eusian karung-karung maranéhna ku dahareun saloba-lobana, sasanggupna maranéhna mawa wéh. Asupkeun ogé duit maranéhna kana karungna masing-masing. 2 Tapi kana karung nu bungsu mah, salian ti duit, asupkeun ogé gelas pérak urang.” Jadi paréntah Yusuf éta dilaksanakeun ku manéhna.

3 Isukna pas bray caang, adi lanceukna Yusuf indit numpak kaldé. 4 Maranéhna can jauh ti kota waktu Yusuf ngomong kieu ka pangurus imahna, ”Geuwat udag maranéhna! Mun geus kasusul, béjakeun kieu, ’Ku naon maranéh ngabales kahadéan ku kajahatan? 5 Ku naon gelas dunungan urang bet dicokot? Éta téh sok dipaké nginum jeung ngaramal ku anjeunna. Kalakuan maranéh téh jahat.’”

6 Jadi sanggeus maranéhna kasusul, pangurus imahna Yusuf ngabejakeun ucapan éta. 7 Tapi maranéhna ngajawab, ”Ku naon Juragan téh bet nyarios kitu? Teu mungkin abdi sadaya ngalampahkeun hal éta. 8 Artos anu kapendak dina karung-karung gé ku abdi sadaya dibawa deui ti tanah Kanaan terus dipulangkeun ka Juragan. Jadi, piraku abdi sadaya mawa pérak atawa emas ti bumi dunungan Juragan? 9 Lamun éta kapendak di salah saurang hamba Juragan ieu, sok wéh paéhan manéhna, sésana bakal jadi budak beulian Juragan.” 10 Jadi manéhna ngomong, ”Enya, tapi jalma nu nyokot gelas éta hungkul nu bakal jadi budak beulian urang, sésana mah teu salah.” 11 Gancang maranéhna nurunkeun karung-karungna, terus dibarukaan ku masing-masing. 12 Seug pangurus éta mariksa meni taliti, ti mimiti nu cikal nepi ka nu bungsu. Ahirna, gelas éta kapanggih dina karungna Bényamin.

13 Béréwék maranéhna nyoékkeun bajuna. Geus kitu, karung-karungna dimuatkeun deui kana kaldé, terus maranéhna balik deui ka kota. 14 Waktu Yéhuda jeung adi lanceukna asup ka imah Yusuf, Yusuf aya kénéh di dinya. Bruk maranéhna sujud ka manéhna. 15 Ceuk Yusuf, ”Ku naon maranéh bet kitu? Teu nyaho kitu jalma siga aing téh jago ngaramal?” 16 Yéhuda ngajawab, ”Juragan, abdi sadaya tos teu tiasa nyarios nanaon deui. Kumaha abdi tiasa ngabuktikeun abdi téh teu salah? Allah nu bener tos nembrakkeun kasalahan hamba-hamba Juragan ieu. Ayeuna abdi sadaya sarta jalma nu dina karungna aya gelas Juragan jadi budak beulian Juragan!” 17 Tapi ceuk Yusuf, ”Moal, moal mungkin aing siga kitu! Ngan jalma nu dina karungna aya gelas éta nu bakal jadi budak beulian aing. Tapi sésana mah moal dikukumahakeun, jung wéh baralik ka bapa maranéh.”

18 Yéhuda ngadeukeutan Yusuf tuluy ngomong, ”Punten Juragan, hamba Juragan ieu badé nyarios, Juragan ulah ambek nya, da Juragan téh saperti Firaun. 19 Kapungkur pan Juragan pernah naros, abdi sadaya téh gaduh kénéh bapa atanapi dulur sanés teu. 20 Jadi saur abdi sadaya téh, ’Bapa aya kénéh, ngan tos sepuh, sarta aya nu bungsu nu lahir saparantos bapa sepuh. Nu bungsu téh gaduh lanceuk nu saindung, ngan tos maot. Jadi ngan manéhna nu aya kénéh. Pun bapa nyaaheun ka manéhna.’ 21 Tos kitu, Juragan téh miwarang manéhna dicandak supaya Juragan tiasa pendak. 22 Tapi abdi sadaya nyarios ka Juragan, ’Budak téh teu tiasa pisah jeung bapana. Lamun manéhna ninggalkeun bapana, bapana pasti maot.’ 23 Terus Juragan nyarios ka abdi sadaya, lamun nu bungsu teu dicandak, abdi sadaya teu kénging pendak sareng Juragan.

24 ”Jadi abdi sadaya uih ka pun bapa, hamba Juragan, tuluy nyaritakeun ucapan Juragan. 25 Ka dieunakeun, pun bapa miwarang abdi sadaya balik deui ka dieu kanggo meser tuangeun sakedik. 26 Abdi sadaya nyarios moal angkat. Tapi lamun nu bungsu kénging dicandak, abdi angkat, da saur Juragan téh abdi sadaya teu kénging pendak sareng Juragan lamun nu bungsu teu dicandak. 27 Tah pun bapa téh nyarios kieu, ’Maranéh nyaho pan, pamajikan Bapa téh ngan boga dua anak. 28 Tapi nu saurang geus leungit. Manéhna pasti geus disasaak ku sato galak. Buktina, nepi ka ayeuna Bapa teu panggih jeung manéhna. 29 Lamun nu ieu ogé dibawa tuluy manéhna cilaka nepi ka maot, Bapa nu geus kolot ieu pasti maot* lantaran nalangsa, éta téh gara-gara maranéh.’

30 ”Pun bapa nyaah pisan ka budak ieu, sarta teu tiasa hirup lamun manéhna teu aya. Jadi upami ayeuna abdi uih ka pun bapa bari teu bareng jeung budak ieu, 31 pun bapa pasti maot, da teu ningali budak éta. Tah, salah abdi sadaya upami pun bapa nu tos sepuh maot* lantaran sedih. 32 Abdi tos ngajamin kasalametan budak ieu ka pun bapa. Saur abdi, ’Lamun abdi teu bisa mawa manéhna balik deui ka Bapa, saumur-umur abdi dosa ka Bapa.’ 33 Jadi Juragan, ayeuna abdi badé nyuhunkeun, tos wéh abdi nu jadi budak beulian Juragan ngagantikeun budak ieu, ngarah manéhna tiasa uih sareng lanceuk-lanceukna. 34 Abdi teu tiasa uih ka pun bapa lamun henteu sareng budak ieu. Abdi teu kiat ningali pun bapa nalangsa!”

45 Ngadéngé kitu, Yusuf teu bisa nahan parasaanana deui. Manéhna nitah para palayanna, ”Kalaluar kabéh!” Waktu ngan aya adi lanceukna hungkul, Yusuf ngungkabkeun saha manéhna téh.

2 Segruk manéhna ceurik meni tarik, nepi ka kadéngé ku urang Mesir jeung saeusi imah Firaun. 3 Ahirna, Yusuf ngomong ka adi lanceukna, ”Urang téh Yusuf. Ari si Bapa aya kénéh?” Tapi maranéhna ngadon caricing bakating ku reuwas. 4 Jadi Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Sok ka darieu atuh.” Ku kituna, maranéhna ngadeukeutan Yusuf.

Tuluy ceuk Yusuf, ”Urang téh Yusuf adi maranéh nu dijual ka Mesir. 5 Geus ayeuna mah ulah hariwang jeung teu kudu silih salahkeun lantaran geus ngajual urang ka dieu. Allah nu ngutus urang ti heula ka dieu supaya bisa nyalametkeun hirup maranéh. 6 Ieu téh kakara taun kadua kalaparan, masih aya kénéh lima taun deui, moal aya nu bisa ngawuluku* atawa manén. 7 Éta sababna, Allah ngutus urang ti heula ngarah bisa nyalametkeun maranéh ku cara nu luar biasa, sarta ngarah turunan maranéh tetep aya di bumi.* 8 Jadi urang aya di dieu téh lain lantaran maranéh, tapi lantaran diutus ku Allah nu bener, supaya urang dilantik jadi panaséhat utama* Firaun, jadi pangawasa istanana, sarta jadi pangawasa sakuliah Mesir.

9 ”Sok geura balik ka si Bapa, tepikeun pesen ti urang, ’Allah geus ngalantik anak Bapa jadi pangawasa sakuliah Mesir. Énggal ka dieu, ulah ngaengké-engké. 10 Supaya caket sareng abdi, Bapa bisa matuh di tanah Gosyén bareng jeung anak incu Bapa, sakabéh ingon-ingon, jeung sagala pangaboga Bapa. 11 Abdi bakal nyadiakeun tuangeun kanggo Bapa, rumah tangga Bapa, sarta sagala milik Bapa supaya Bapa teu kalaparan sarta supaya sagala milik Bapa henteu béak, da kalaparan ieu téh masih lima taun deui.’ 12 Maranéh jeung Bényamin adi urang ningali sorangan, nu ngomong ka maranéh téh mémang urang. 13 Sok caritakeun ka si Bapa ngeunaan kakawasaan urang di Mesir jeung sagala nu ditingali ku maranéh. Gancang bawa si Bapa ka dieu.”

14 Gabrug Yusuf nangkeup Bényamin adina tuluy ceurik, Bényamin gé ceurik bari ngarangkul Yusuf. 15 Terus Yusuf nyium lanceuk-lanceukna jeung nangkeup maranéhna bari ceurik. Geus kitu, maranéhna ngobrol.

16 Béja ngeunaan datangna dulur-dulur Yusuf kadéngé ka istana Firaun. Ngadéngé béja éta, Firaun jeung hamba-hambana aratoheun. 17 Jadi Firaun ngomong ka Yusuf, ”Béjaan dulur-dulur manéh supaya ngamuatan sasatoan maranéhna ku dahareun, tuluy balik ka tanah Kanaan. 18 Sok bawa ka dieu bapa manéh jeung kulawarga manéh. Engké ku urang rék dibéré barang-barang alus ti Mesir. Maranéhna gé bakal ngadahar* hasil tanah nu pangalusna* di nagri ieu. 19 Paréntahkeun ogé maranéhna sina mawa karéta-karéta ti Mesir. Anak pamajikan maranéhna jeung si Bapa sina numpak éta ka dieu. 20 Maranéhna teu kudu mikiran barang-barangna, da barang-barang nu aralus di sakuliah Mesir téh milik maranéhna.”

21 Éta dilaksanakeun ku anak-anak lalaki Israél, sarta sakumaha paréntah Firaun, Yusuf méré karéta-karéta jeung bekel keur maranéhna di perjalanan. 22 Maranéhna masing-masing dibéré baju anyar hiji éwang, tapi Bényamin mah dibéré 300 duit pérak jeung lima baju anyar. 23 Ari keur bapana, Yusuf ngirim sapuluh kaldé nu ngakut barang-barang alus ti Mesir, sarta sapuluh kaldé bikang nu ngakut gandum, roti, jeung dahareun séjénna keur bekel bapana di perjalanan. 24 Jadi, manéhna nganteur dulur-dulurna indit, tuluy ngomong kieu, ”Kadé engké di jalan, ulah paraséa nya.”

25 Geus kitu, maranéhna indit ti Mesir tuluy nepi di tanah Kanaan sarta panggih jeung Yakub bapana. 26 Maranéhna ngabéjaan kieu, ”Yusuf hirup kénéh, ayeuna manéhna jadi pangawasa di sakuliah Mesir!” Tapi Yakub teu ngomong nanaon, da teu percayaeun kana omongan maranéhna. 27 Sanggeus ngadéngé sakabéh pesen Yusuf nu ditepikeun ku maranéhna, sarta ningali karéta-karéta nu dikirim ku Yusuf keur ngajemput manéhna, Yakub sumanget deui. 28 Ceuk Israél, ”Ayeuna Bapa percaya! Yusuf anak Bapa hirup kénéh! Saacan maot, Bapa kudu indit manggihan manéhna!”

46 Jadi Israél nyokot sagala milikna tuluy indit. Barang nepi di Béér-syéba, manéhna nyanggakeun korban keur Allah nu disembah ku Ishak bapana. 2 Peutingna, Allah ngomong ka Israél dina titingalian, ”Yakub, Yakub!” Ditémbalan, ”Kulan?” 3 Ceuk Allah, ”Kuring téh Allah nu bener, Allahna bapa manéh. Ulah sieun indit ka Mesir, sabab Kuring rék ngajadikeun manéh bangsa nu gedé di ditu. 4 Kuring bakal nganteur manéh ka Mesir, Kuring ogé nu bakal mawa manéh balik deui ka dieu. Engké Yusuf nu bakal nutup panon manéh waktu manéh maot.”

5 Geus kitu, Yakub indit ti Béér-syéba. Anak-anak lalakina* mawa manéhna sarta anak pamajikan maranéhna kana karéta-karéta nu dikirimkeun ku Firaun. 6 Maranéhna ogé mawa ingon-ingon jeung barang-barangna nu dikumpulkeun di tanah Kanaan. Ku kituna, Yakub jeung sakabéh turunanana nepi di Mesir. 7 Manéhna mawa sakabéh turunanana ka Mesir, nyaéta anak incuna, boh nu lalaki boh nu awéwé.

8 Ieu ngaran-ngaran turunan Israél, nyaéta turunan Yakub, nu datang ka Mesir: anak cikal Yakub nyaéta Rubén.

9 Anak-anak lalaki Rubén nyaéta Hanokh, Palu, Hézron, jeung Karmi.

10 Anak-anak lalaki Siméon nyaéta Yémuél, Yamin, Ohad, Yakhin, Zohar, jeung Syaul nu indungna téh awéwé Kanaan.

11 Anak-anak lalaki Léwi nyaéta Gérsyon, Kohat, jeung Mérari.

12 Anak-anak lalaki Yéhuda nyaéta Ér, Onan, Syéla, Péréz, jeung Zérah. Tapi, Ér jeung Onan maot di tanah Kanaan.

Anak-anak lalaki Péréz nyaéta Hézron jeung Hamul.

13 Anak-anak lalaki Isakhar nyaéta Tola, Puwa, Iob, jeung Syimron.

14 Anak-anak lalaki Zébulon nyaéta Séréd, Élon, jeung Yahléél.

15 Maranéhna téh turunan Léa jeung Yakub. Anak-anak lalakina lahir di Padan-aram, kitu ogé jeung Dina anak awéwéna. Turunan Yakub ti Léa jumlahna aya 33 urang.

16 Anak-anak lalaki Gad nyaéta Zifion, Hagi, Syuni, Ézbon, Éri, Arodi, jeung Aréli.

17 Anak-anak lalaki Asyér nyaéta Imnah, Iswa, Iswi, jeung Béria, ari anak awéwéna nyaéta Sérah.

Anak-anak lalaki Béria nyaéta Hébér jeung Malkhiél.

18 Maranéhna téh turunan Zilpa, palayan nu dibikeun ku Laban ka Léa anakna. Turunan Yakub ti Zilpa jumlahna aya 16 urang.

19 Anak-anak lalaki Rakhél pamajikan Yakub nyaéta Yusuf jeung Bényamin.

20 Anak-anak lalaki Yusuf nyaéta Manasyé jeung Éfraim, nu dilahirkeun di Mesir ku Asénat anak Potiféra imam di On.*

21 Anak-anak lalaki Bényamin nyaéta Béla, Békhér, Asbél, Géra, Naaman, Éhi, Ros, Mupim, Hupim, jeung Aréd.

22 Maranéhna téh turunan Yakub ti Rakhél nu jumlahna 14 urang.

23 Anak lalaki* Dan nyaéta Husyim.

24 Anak-anak lalaki Naftali nyaéta Yahzéél, Guni, Yézér, jeung Syilém.

25 Maranéhna téh turunan Bilha, palayan nu dibikeun ku Laban ka Rakhél anakna. Turunan Yakub ti Bilha jumlahna aya tujuh urang.

26 Sakabéh turunan Yakub nu indit ka Mesir bareng jeung manéhna téh aya 66 urang, can kaasup minantuna. 27 Anak-anak lalaki Yusuf nu lahir di Mesir téh aya dua urang. Jadi kulawarga Yakub nu datang ka Mesir kabéhanana aya 70 urang.

28 Yakub nitah Yéhuda indit ti heula ngabéjaan Yusuf yén manéhna keur di jalan rék ka Gosyén. Waktu maranéhna nepi di tanah Gosyén, 29 Yusuf nitah supaya karétana disiapkeun, tuluy indit manggihan bapana di Gosyén. Barang amprok jeung bapana, gabrug Yusuf nangkeup bapana tuluy ceurik rada lila.* 30 Geus kitu, Israél ngomong ka Yusuf, ”Ayeuna mah Bapa maot gé rido, da Bapa geus ningali manéh. Manéh téh hirup kénéh.”

31 Tuluy Yusuf ngomong ka dulur-dulur jeung rumah tangga bapana, ”Urang rék indit ngalapor ka Firaun yén dulur-dulur jeung rumah tangga bapa urang, nu ti tanah Kanaan téa, geus daratang ka dieu. 32 Ku urang rék dibéjakeun yén maranéh téh pangangon nu miara ingon-ingon. Maranéh gé mawa embé, domba, sapi, jeung sakabéh pangaboga maranéh. 33 Lamun maranéh dicalukan ku Firaun tuluy ditanya, ’Naon pagawéan maranéh?’ 34 jawab wéh kieu, ’Juragan, abdi sadaya téh tukang miara ingon-ingon ti ngongora nepi ka ayeuna, sakumaha karuhun abdi sadaya.’ Ku kituna, maranéh meunang matuh di tanah Gosyén, da urang Mesir téh geuleuheun ka tukang ngangon domba.”

47 Jadi Yusuf indit ngalapor ka Firaun, ”Pun bapa, adi lanceuk abdi, sarta embé, domba, sapi, jeung sagala pangaboga maranéhna tos dongkap ti tanah Kanaan. Ayeuna sadayana aya di tanah Gosyén.” 2 Yusuf mawa lima dulurna ngadep ka Firaun.

3 Firaun nanya ka dulur-dulurna Yusuf, ”Naon pagawéan maranéh?” Dijawab ku maranéhna, ”Abdi sadaya téh tukang ngangon domba, sakumaha karuhun abdi sadaya, Juragan.” 4 Tuluy maranéhna ngomong deui ka Firaun, ”Abdi sadaya dongkap téh badé ngiring matuh di dieu salaku urang asing, sabab di tanah Kanaan tos teu aya jukut di tegalan kanggo ingon-ingon, da kalaparan di ditu téh parah pisan. Jadi, mugia abdi sadaya diidinan matuh di tanah Gosyén.” 5 Ku kituna, Firaun ngomong ka Yusuf, ”Bapa jeung dulur-dulur manéh pan geus datang ka dieu. 6 Mesir gé aya dina kakawasaan manéh. Sok pilih tanah anu pangalusna di nagri ieu keur bapa jeung dulur-dulur manéh. Keun maranéhna sina matuh di tanah Gosyén. Lamun aya nu tarampil digawé, tugaskeun manéhna sina ngurus ingon-ingon urang.”

7 Tuluy Yusuf mawa Yakub bapana ngadep ka Firaun. Yakub ngaberkahan Firaun. 8 Firaun nanya ka Yakub, ”Umur Bapa téh sabaraha?” 9 Yakub ngajawab, ”Umur abdi 130 taun. Salami ieu abdi téh ngumbara.* Upami dibandingkeun sareng karuhun anu sami-sami tukang ngumbara* mah, umur abdi téh pondok bari jeung pinuh ku kasusah.” 10 Geus kitu, Yakub ngaberkahan Firaun tuluy indit ti hareupeunana.

11 Jadi Yusuf méré tanah pamatuhan ka bapana jeung ka dulur-dulurna. Manéhna méré tanah milik nu pangalusna di Mesir, nyaéta di tanah Ramésés, sakumaha paréntah Firaun. 12 Yusuf terus nyadiakeun dahareun* keur bapana, dulur-dulurna, jeung sakabéh rumah tangga bapana, luyu jeung jumlah anak di unggal kulawarga.

13 Di sakabéh nagri, geus euweuh dahareun* lantaran kalaparan téh beuki parah. Balukarna, penduduk Mesir jeung Kanaan jadi lemah teu walakaya. 14 Jalma-jalma terus meulian gandum nepi ka sakabéh duit di Mesir jeung Kanaan kakumpul di Yusuf. Yusuf terus mawa duitna ka istana Firaun. 15 Tungtungna, duit di sakuliah Mesir jeung Kanaan béak. Ku kituna, sakabéh urang Mesir datang ka Yusuf. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya nyuhunkeun tuangeun! Maenya Juragan badé ngantep abdi sadaya maot kalaparan lantaran tos teu gaduh artos deui?” 16 Ceuk Yusuf, ”Ari geus teu baroga duit mah, sok atuh bawa ingon-ingon maranéh, engké ditukeuran ku dahareun.” 17 Jadi maranéhna mawa ingon-ingonna ka Yusuf jang ditukeuran ku dahareun. Aya nu nukeuran maké kuda, embé, domba, sapi, jeung kaldé. Sapanjang taun éta, Yusuf terus méré dahareun ka maranéhna ditukeuran ku ingon-ingon.

18 Sanggeus taun éta liwat, maranéhna datang deui ka Yusuf dina taun saterusna. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya badé terus terang ka Juragan. Artos sareng sato piaraan téh tos diserahkeun sadayana ka Juragan. Abdi sadaya tos teu gaduh nanaon deui, kantun tanah jeung awak abdi. 19 Maenya Juragan badé ngantep abdi sadaya maot kalaparan sareng ngantep tanah abdi sadaya teu kaurus? Sok wéh pésér tanah jeung diri abdi, tukeuran ku tuangeun. Abdi sadaya bakal jadi palayan Firaun, sarta tanah abdi bakal jadi milikna. Pasihan abdi binih supaya abdi sadaya teu maot, sareng tanah téh tiasa kaurus.” 20 Jadi Yusuf meuli sakabéh tanah urang Mesir. Sakabéh urang Mesir ngajualan tanahna lantaran kalaparan téh parah pisan. Ku kituna, sakabéh tanah éta jadi milik Firaun.

21 Geus kitu, Yusuf maréntahkeun jalma-jalma di sakuliah Mesir pindah ka kota-kota. 22 Ngan tanah para imam nu teu dibeuli, lantaran maranéhna meunang jatah dahareun ti Firaun. Éta sababna maranéhna henteu ngajual tanahna. 23 Tuluy Yusuf ngomong ka jalma-jalma, ”Poé ieu, maranéh jeung tanah maranéh geus dibeuli ku urang keur Firaun. Yeuh binih keur maranéh, sok pelakan tanah maranéh ku binih ieu. 24 Mun aya hasilna, bikeun saperlimana ka Firaun, ari sésana mah milik maranéh. Sok éta paké keur ngabinihan deui sarta keur dahareun maranéh, anak-anak maranéh, jeung saeusi imah maranéh.” 25 Ceuk maranéhna, ”Juragan tos nyalametkeun hirup abdi sadaya. Mugia abdi sadaya dipikaresep ku Juragan, supaya abdi sadaya tiasa jadi palayanna Firaun.” 26 Geus kitu, Yusuf netepkeun aturan nu masih kénéh dipaké di Mesir nepi ka ayeuna, nyaéta saperlima hasil tanah bakal jadi milik Firaun. Anu lain milik Firaun téh ngan tanah para imam.

27 Kulawarga Israél terus matuh di Mesir, nyaéta di tanah Gosyén. Di dinya, maranéhna boga loba anak nepi ka jumlahna jadi loba pisan. 28 Yakub cicing di Mesir téh salila 17 taun, jadi Yakub hirup nepi ka umur 147 taun.

29 Waktu téréh maot, Israél nyalukan Yusuf anakna tuluy ngomong, ”Lamun manéh nyaah ka Bapa, sok sumpah ka Bapa* yén manéh bakal nunjukkeun asih nu satia sarta bisa dipercaya ku Bapa. Bapa ménta, Bapa ulah dikuburkeun di Mesir. 30 Lamun Bapa maot, bawa Bapa kaluar ti Mesir tuluy kuburkeun di kuburan karuhun Bapa.” Jadi ceuk Yusuf, ”Muhun Pa, éta bakal dilaksanakeun ku abdi.” 31 Tuluy manéhna ngomong, ”Sok sumpah ka Bapa.” Jadi Yusuf sumpah ka bapana. Terus Israél sujud di bagian sirah tempat saréna.

48 Sanggeus kajadian-kajadian éta, Yusuf dibéjaan, ”Si Bapa geus beuki lemah.” Ku kituna, Yusuf mawa dua budak lalakina, Manasyé jeung Éfraim, manggihan Yakub. 2 Geus kitu, Yakub dibéjaan, ”Yusuf anak Bapa aya di dieu rék manggihan Bapa.” Jadi Israél nguat-nguatkeun manéh tuluy diuk dina tempat saréna. 3 Seug Yakub ngomong ka Yusuf,

”Allah Nu Mahakawasa némbongan ka Bapa di Luz di tanah Kanaan, tuluy ngaberkahan Bapa. 4 Ceuk Anjeunna ka Bapa, ’Manéh ku Kuring rék dibéré loba pisan turunan. Manéh gé bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé. Tanah ieu ku Kuring rék dibikeun ka turunan* manéh supaya jadi milik maranéhna salilana.’ 5 Dua anak manéh nu lahir di Mesir saacan Bapa datang ka dieu téh milik Bapa. Éfraim jeung Manasyé bakal jadi anak-anak Bapa, sakumaha Rubén jeung Siméon. 6 Tapi anak-anak nu lahir sanggeus éta bakal jadi milik manéh. Maranéhna bakal meunang bagian tanah ti warisan nu ditarima ku Éfraim jeung Manasyé. 7 Baréto, basa Bapa datang ti Padan, Rakhél indung manéh maot, katungkulan ku Bapa. Maotna téh di tanah Kanaan, rada jauh ti Éfrata. Jadi Bapa nguburkeun si Mamah di jalan nu rék ka Éfrata, nyaéta Bétléhém.”

8 Geus kitu, Israél ningali anak-anak Yusuf tuluy nanya, ”Saha éta téh?” 9 Ceuk Yusuf, ”Maranéhna téh anak-anak abdi nu dipasihan ku Allah di dieu.” Jadi Israél ngomong, ”Sok atuh sina ka dieu, ku Bapa rék diberkahan.” 10 Lantaran geus kolot, Israél geus hésé ningali. Jadi Yusuf mawa anak-anakna nyampeurkeun Israél, tuluy maranéhna dicium jeung ditangkeup ku Israél. 11 Israél ngomong ka Yusuf, ”Bapa teu pernah ngabayangkeun bisa ningali manéh deui, tapi geuning ku Allah dikersakeun bisa ningali turunan* manéh ogé.” 12 Geus kitu, Yusuf mawa anak-anakna rada ngajauh ti bapana,* tuluy bruk manéhna sujud.

13 Terus, Yusuf nyekel Éfraim di leungeun katuhuna, sarta Manasyé di leungeun kéncana. Duanana dibawa ngadeukeut ka Israél. Éfraim ditempatkeun di kéncaeun Israél, ari Manasyé ditempatkeun di katuhueun Israél. 14 Tapi, Israél numpangkeun leungeun katuhuna kana sirahna Éfraim, sanajan manéhna téh leuwih ngora, sarta numpangkeun leungeun kéncana kana sirahna Manasyé. Éta téh dihaja ku manéhna, sanajan Manasyé téh anak cikal. 15 Tuluy manéhna ngaberkahan Yusuf,

”Allah nu bener nu dilalayanan ku karuhun abdi, Ibrahim jeung Ishak,*

Allah nu bener nu ngajaga* abdi saumur hirup abdi nepi ka ayeuna,

16 Nu ngutus malaikat-Na pikeun ngajait* abdi tina kasusah, berkahan anak-anak ieu.

Mugia jalma-jalma tarerangeun yén abdi, Ibrahim aki abdi, sareng Ishak bapa abdi téh karuhun maranéhna,

Mugia turunan maranéhna jadi loba pisan di bumi.”

17 Ningali leungeun katuhu bapana terus ditumpangkeun kana sirah Éfraim, Yusuf teu resepeun. Jadi, manéhna rék mindahkeun leungeun bapana tina sirahna Éfraim kana sirahna Manasyé. 18 Yusuf ngomong ka bapana, ”Ulah kitu, Bapa, nu ieu nu cikal téh. Tumpangkeun panangan katuhu Bapa kana mastakana.” 19 Tapi bapana embungeun, ceuk manéhna, ”Bapa gé nyaho, Jang, nyaho. Manasyé gé bakal jadi hiji bangsa, bangsa nu gedé ogé. Tapi adina mah bakal leuwih hébat, turunanana* bakal loba pisan, jumlahna siga loba bangsa.” 20 Jadi manéhna neruskeun deui ngaberkahan maranéhna,

”Mugia urang Israél nyebutkeun ngaran maranéh waktu ngucapkeun berkah. Maranéhna bakal ngomong,

’Mugia Allah ngaberkahan maranéh siga Anjeunna ngaberkahan Éfraim jeung Manasyé.’”

Yakub tetep miheulakeun Éfraim tibatan Manasyé.

21 Geus kitu, Israél ngomong ka Yusuf, ”Bapa geus téréh maot, tapi Allah pasti nyarengan maranéh sarta mawa balik maranéh ka tanahna karuhun maranéh. 22 Manéh ku Bapa rék dibéré hiji bagian tanah leuwih loba tibatan dulur-dulur manéh, nyaéta tanah nu direbut ku Bapa ti urang Amori maké pedang jeung panah.”

49 Ka dieunakeun, Yakub ngageroan anak-anak lalakina, tuluy ngomong, ”Sok karumpul, Bapa rék ngabéjaan bakal kumaha mangsa ka hareup maranéh. 2 Sok ngariung, anak-anak Yakub, déngékeun Bapa, déngékeun Israél Bapa maranéh.

3 ”Rubén, manéh téh anak cikal Bapa, kakuatan Bapa sarta anak kahiji ti Bapa.* Manéh téh nu paling dihormat jeung paling kuat. 4 Tapi manéh moal unggul siga kitu lantaran manéh teu bisa nahan diri kawas cai nu motah. Manéh geus nyaréan pamajikan Bapa. Harita, manéh ngotoran tempat saré Bapa.* Éta nu dilakukeun ku manéhna!

5 ”Siméon jeung Léwi téh adi lanceuk. Maranéhna téh jalma-jalma nu kejem, senjatana dipaké keur maéhan. 6 Mugia kuring* teu babarengan jeung maranéhna. Mugia haté* kuring teu ngagabung jeung maranéhna, lantaran maranéhna téh sok maéhan jalma lamun keur ambek sarta neukteuk urat suku sapi keur kasenangan. 7 Sing dikutuk amarah maranéhna nu kejem sarta kaambek maranéhna nu sadis. Ku kuring maranéhna rék disina papencar di antara Yakub sarta paburencay di antara Israél.

8 ”Ari manéh mah, Yéhuda, manéh bakal dipuji ku dulur-dulur manéh. Manéh bakal ngéléhkeun* musuh-musuh manéh. Anak-anak lalaki bapa manéh bakal sarujud ka manéh. 9 Yéhuda téh anak singa. Anaking, manéh bakal cengkat sanggeus ngadahar sato meunang moro. Manéh depa jeung nguliat siga singa. Ku sabab siga singa, saha nu wani ngahudangkeun manéh? 10 Tongkat karajaan bakal terus jadi milik Yéhuda, kitu ogé tongkat kakawasaan bakal terus aya di antara sukuna nepi ka Syilo* datang. Bangsa-bangsa bakal taat ka manéhna.* 11 Kaldéna dicangcang dina tangkal anggur, ari anak kaldéna dicangcang dina tangkal anggur pangalusna. Bajuna diseuseuh ku cianggur sarta pakéanana ku sari buah anggur. 12 Panonna beureum kolot ku cianggur, sarta huntuna bodas ku cisusu.

13 ”Zébulon bakal matuh di sisi laut. Basisirna jadi palabuhan kapal-kapal. Tungtung wates daérahna téh ka arah Sidon.

14 ”Isakhar téh kaldé nu tulangna kuat. Manéhna depa bari mawa dua kantong pelana. 15 Manéhna bakal ningali pamatuhanana téh alus sarta tanahna téh éndah. Manéhna bakal dongko pikeun manggul beban dina taktakna sarta daék digawé beurat siga budak beulian.

16 ”Dan, salah sahiji kaom di Israél, bakal ngahakiman bangsana. 17 Dan bakal jadi oray di sisi jalan, oray nu tandukan di gigireun jalan, nu macok keuneung* kuda nepi ka nu numpakna tijengkang. 18 Abdi ngantosan kasalametan ti Gusti, nun Yéhuwa.

19 ”Gad bakal diserang ku gorombolan rampog, tapi manéhna bakal malik nyerang ti tukang.*

20 ”Asyér bakal boga loba dahareun.* Manéhna bakal nyadiakeun dahareun keur raja.

21 ”Naftali téh uncal bikang nu gesit. Ucapan-ucapan manéhna ngeunah kadéngéna.

22 ”Yusuf téh cabang dina tangkal nu subur, nu buahan di deukeut cinyusu, nu cabang-cabangna ngaliwatan témbok. 23 Tapi manéhna terus dipikangéwa, diserang, jeung dipanah ku jalma-jalma tukang manah. 24 Sanajan kitu, manéhna nyekel pageuh busurna, leungeun manéhna kuat sarta gancang mesatkeun panah. Bisa kitu téh lantaran dibantuan ku nu kuat nu nulungan Yakub, ku pangangon jeung batu Israél. 25 Manéhna* téh hadiah ti Allah nu disembah ku bapana, Allah nu bakal nulungan manéhna. Manéhna bakal akrab jeung Nu Mahakawasa, Allah nu bakal ngaberkahan manéhna. Manéhna bakal diberkahan ku berkah ti langit, berkah cai ti jero taneuh, sarta berkah dibéré loba anak jeung ingon-ingon. 26 Berkah bapana leuwih hadé tibatan gunung-gunung nu langgeng, sarta leuwih éndah tibatan pasir-pasir* nu abadi. Yusuf, nu dipilih ti antara dulur-dulurna, bakal terus narima berkah-berkah éta.*

27 ”Bényamin bakal terus nyasaak kawas ajag. Isuk-isuk, manéhna bakal ngadahar sato meunang moro, ari peutingna, manéhna bakal ngabagikeun jarahan.”

28 Maranéhna téh 12 kaom Israél, sarta éta berkah nu diucapkeun ku bapana keur maranéhna. Masing-masing dibéré berkah nu cocog ku bapana.

29 Geus kitu, manéhna maréntahkeun kieu ka maranéhna, ”Bapa téh geus téréh maot. Engké kuburkeun Bapa bareng jeung karuhun Bapa di guha nu aya di tanahna Éfron, urang Hét téa, 30 nyaéta guha di tanah Makhpéla, nu aya di deukeut Mamré di tanah Kanaan. Éta téh tanah nu dibeuli ku Ibrahim ti Éfron, urang Hét téa, keur dijadikeun makam. 31 Ibrahim jeung Sara pamajikanana dikuburkeun di dinya, kitu ogé Ishak jeung Ribka pamajikanana dikuburkeun di dinya, terus Léa ogé dikuburkeun di dinya ku Bapa. 32 Tanah jeung guha nu aya di dinya téh dibeuli ti urang Hét.”

33 Sanggeus méré pituduh ka anak-anak lalakina, Yakub ngagolér di tempat saréna. Hos manéhna maot siga karuhunna.

50 Gabrug Yusuf nangkeup bapana, tuluy ceurik jeung nyiuman bapana. 2 Geus kitu, Yusuf nitah ka para palayanna, nyaéta para tabib, sangkan jasad bapana diawétkeun. Jadi jasad Israél diawétkeun* ku para tabib éta. 3 Butuh 40 poé keur ngawétkeun jasad. Urang Mesir nyeungceurikan manéhna salila 70 poé.

4 Sanggeus mangsa sungkawana bérés, Yusuf ngomong kieu ka para pajabat* Firaun, ”Abdi badé ménta tulung, pangnepikeun pesen ieu ka Firaun: 5 ’Sateuacan maot, pun bapa miwarang abdi sumpah sangkan abdi nguburkeun anjeunna di makam nu tos disiapkeun ku anjeunna di tanah Kanaan. Jadi, abdi ménta idin badé angkat nguburkeun pun bapa, saatosna abdi uih deui ka dieu.’” 6 Firaun ngajawab, ”Mangga waé, kuburkeun si Bapa sakumaha sumpah manéh.”

7 Jadi Yusuf indit nguburkeun bapana dibarengan ku sakabéh hamba Firaun, para pajabat luhur istana, para pajabat luhur Mesir, 8 sakabéh rumah tanggana Yusuf, adi lanceukna, jeung rumah tangga bapana. Nu ditinggalkeun di tanah Gosyén téh ngan barudak leutik jeung ingon-ingon maranéhna. 9 Nu milu ngiringkeun téh aya ogé anu tarumpak karéta jeung kuda, ku kituna rombongan éta jadi kacida gedéna. 10 Tuluy maranéhna nepi di tempat ngirik* di Atad, di daérah Walungan Yordan. Di dinya, maranéhna ceurik aluk-alukan tanda sungkawa ka bapana Yusuf salila tujuh poé. 11 Ningali maranéhna nu keur sungkawa di tempat ngirik di Atad, penduduk Kanaan nu cicing di dinya ngomong kieu, ”Urang Mesir nu keur sungkawa téh meni kacida sedihna!” Ku sabab kitu, tempat éta nu aya di daérah Walungan Yordan téh dingaranan Abél-mizraim.*

12 Anak-anak lalakina Yakub ngajalankeun paréntah bapana. 13 Jasadna dibawa ku maranéhna ka tanah Kanaan tuluy dikuburkeun di guha di tanah Makhpéla, nyaéta tanah di deukeut Mamré nu dibeuli ku Ibrahim ti Éfron urang Hét keur dijadikeun makam. 14 Sanggeus nguburkeun bapana, Yusuf balik deui ka Mesir bareng jeung adi lanceukna sarta kabéh jalma nu milu nguburkeun bapana.

15 Sanggeus bapana maot, lanceuk-lanceukna Yusuf ngaromong kieu, ”Kumaha lamun Yusuf ngéwa kénéh ka urang, terus ngabales kajahatan urang ka manéhna baréto?” 16 Jadi maranéhna ngirim pesen ka Yusuf, ”Saacan maot, si Bapa téh méré paréntah ieu, 17 ’Béjakeun kieu ka Yusuf, ”Baréto mémang lanceuk-lanceuk manéh téh nyilakakeun manéh, tapi Bapa ménta supaya kasalahan jeung dosa maranéhna dihampura.”’ Jadi ayeuna mah mugia kasalahan abdi sadaya, hamba-hamba Allah nu disembah ku si Bapa, dihampura.” Ngadéngé omongan éta, Yusuf ceurik. 18 Seug dulur-dulurna daratang tuluy sujud ka manéhna. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya téh palayan-palayan anjeun!” 19 Ceuk Yusuf, ”Ulah sieun, urang téh lain Allah nu bisa ngahakiman maranéh. 20 Sanajan harita maranéh boga niat jahat ka urang, éta ku Allah diganti jadi kahadéan, supaya loba jalma bisa disalametkeun siga ayeuna. 21 Jadi ayeuna mah teu kudu sieun. Urang bakal terus nyadiakeun dahareun keur maranéh jeung barudak maranéh.” Kitu carana Yusuf ngupahan jeung nengtremkeun haté maranéhna.

22 Yusuf terus matuh di Mesir bareng jeung kulawarga bapana. Yusuf hirup nepi ka umur 110 taun. 23 Yusuf bisa ningali incu-incuna Éfraim* sarta ningali anak-anakna Makhir, anak Manasyé. Maranéhna téh dianggap siga anak Yusuf sorangan.* 24 Ahirna, Yusuf ngomong kieu ka dulur-dulurna, ”Urang téréh maot, tapi Allah pasti bakal nulungan maranéh. Anjeunna pasti bakal mawa maranéh kaluar ti nagri ieu ka nagri nu dijangjikeun ku Anjeunna, sakumaha sumpahna ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.” 25 Jadi Yusuf ngomong ka anak-anak lalaki Israél, ”Allah pasti nulungan maranéh. Sok sumpah, maranéh kudu mawa tulang-taléng urang kaluar ti nagri ieu.” 26 Yusuf maot dina umur 110 taun. Jasadna diawétkeun* tuluy diasupkeun kana peti di Mesir.

Atawa ”motah”.

Atawa ”Kawasa suci”.

Maksudna, atmosfér atawa angkasa.

Atawa ”usim-usim”.

As. ”dua sumber caang nu galedé”.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Kecap Ibranina bisa ngamaksudkeun sasatoan nu aya dina taneuh saperti beurit, réptil, jeung serangga.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Ngaran pribadi Allah mimiti muncul dina ayat ieu, nyaéta יהוה (YHWH). Tingali Lamp. A4.

Atawa ”jiwa”. Kecap Ibranina néfés, nu hartina ”mahluk nu bisa napas”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”damar bedolah”.

As. ”Hidékel”.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”tetep bareng”.

As. ”sadaging”.

Atawa ”pinter”.

Atawa ”waktu angin keur ngahiliwir”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Atawa ”tumit”.

Hartina ”Manusa; Umat Manusa”.

As. ”dahar roti”.

Hartina ”Jalma nu Hirup”.

As. ”ngahasilkeun”.

Atawa ”diangkat”.

Atawa ”netepkeun”.

Atawa ”tanah Nod”.

Hartina ”Ditetepkeun; Dilantik; Ditempatkeun”.

Atawa ”netepkeun”.

As. ”binih”.

Atawa ”Adam; Umat Manusa”.

As. ”Hénokh leumpang jeung”.

Bisa jadi hartina ”Istirahat; Ngupahan”.

Atawa ”ngupahan”.

Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.

As. ”roh Kuring”. Tingali ”Roh” dina Daptar Istilah.

Atawa ”maranéhna ngan nuturkeun kahayang manusa nu dosa”.

As. ”Néfilim”. Bisa jadi hartina ”Tukang Numbangkeun”, nyaéta jalma-jalma nu nyababkeun batur ngagolépak. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”sedih pisan”.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”sedih pisan”.

Atawa ”Manéhna taya cacadna”.

Atawa ”Nuh leumpang jeung”.

Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bentukna kotak siga peti.

Atawa ”kai nu geutahan”.

As. ”Panjangna 300 hasta, lébarna 50 hasta, jeung jangkungna 30 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Ibrani: tsohar. Aya ogé nu nyebutkeun yén tsohar téh hateup nu miringna kira-kira satengah méter, lainna liang atawa jandéla pikeun asupna cahaya.

As. ”sahasta”. Tingali Lamp. B14.

Atawa ”mahluk nu boga napas kahirupan”.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bentukna kotak siga peti.

Atawa bisa jadi ”tujuh jodo”.

Atawa bisa jadi ”tujuh jodo”.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”sato nu aya napasan”.

As. ”15 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Katingalina ieu ngamaksudkeun sato leutik nu hirupna ngagorombol.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bentukna kotak siga peti.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Tingali cth. dina Kaj 1:24.

Atawa ”tenang”.

Atawa ”usim”.

Atawa ”ngaleungitkeun nyawa”.

As. ”ngucurkeun getih”.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bentukna kotak siga peti.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”pelangi”.

Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa bisa jadi ”Opat kota éta jadi hiji kota nu gedé”.

Atawa bisa jadi ”lanceukna”.

Hartina ”Papecah”.

As. ”harita bumi papecah”.

As. ”turun pikeun ningalian”.

Hartina ”Kacow”.

As. ”binih”.

Atawa ”Abram jadi urang asing di”.

Atawa ”musibat”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”Laut Uyah”.

Atawa ”cicingna di kémah-kémah”.

As. ”Abdi tos ngangkat leungeun pikeun sumpah”.

As. ”Kuring téh taméng”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Atawa ”sabab kasalahan urang Amori can nepi ka puncakna”.

As. ”binih”.

Atawa ”sina jadi pamajikan Abram”.

As. ”binih”.

Hartina ”Allah Ngadéngé”.

Aya nu nganggap ieu ngamaksudkeun zébra, nu bisa jadi ngagambarkeun jalma nu embung diatur.

Atawa bisa jadi ”Manéhna bakal mumusuhan jeung”.

Hartina ”Sumur ti Pribadi nu Hirup nu Ningali Abdi”.

Atawa ”Manéh kudu leumpang di jalan Kuring”.

Hartina ”Bapa téh Luhur (Diluhurkeun)”.

Hartina ”Bapana Loba Jalma”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”disingkirkeun ti bangsana”.

Bisa jadi hartina ”Resep Paséa”.

Hartina ”Putri Raja”.

Hartina ”Seuseurian”.

As. ”binihna”.

Ibrahim ngomong jeung malaikat utusan Yéhuwa saolah-olah ngomong langsung jeung Yéhuwa.

As. ”takeran séa”. 1 séa = 7,33 L. Tingali Lamp. B14.

Atawa ”geus teu haid deui”.

Maksudna, diajak ngalakukeun hubungan séks.

Atawa ”dilindungan”.

Atawa ”ngadéngé omongan goréng nu tarik pisan”.

Lot ngomong jeung malaikat utusan Yéhuwa saolah-olah ngomong langsung jeung Yéhuwa.

Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.

Hartina ”Leutik”.

Atawa ”cicing jadi urang asing”.

Maksudna, Abimélékh can ngalakukeun hubungan séks jeung Sara.

Atawa ”boga asih nu satia”.

Atawa ”Yéhuwa nutup rahim sakabéh awéwé di istana Abimélékh”.

Atawa bisa jadi ”bakal nyeungseurikeun urang”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.

Bisa jadi hartina ”Sumur Sumpah” atawa ”Sumur Tujuh”.

Atawa ”matuh jadi urang asing”.

Atawa ”péso paranti meuncit”.

Atawa ”péso paranti meuncit”.

Malaikat ieu ngomong ngawakilan Yéhuwa.

As. ”sieun”.

Hartina ”Yéhuwa Bakal Nyadiakeun; Yéhuwa Bakal Merhatikeun”.

As. ”binih”.

As. ”Binih”.

Atawa ”gerbang”.

As. ”binih”.

Atawa bisa jadi ”pamingpin nu hébat”.

1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

As. ”Sok tunda leungeun manéh di handapeun pingping kuring”. Sigana ieu téh cara pikeun ngukuhkeun sumpah.

As. ”binih”.

Atawa ”asih nu satia”.

Atawa ”asih nu satia”.

1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

Atawa ”asih nu satia”.

Bisa jadi maksudna mah Laban.

Atawa ”asih nu satia”.

As. ”kedah ka kénca atawa ka katuhu”.

Atawa ”ngomong goréng atawa alus ka anjeun”.

Maksudna, pangasuh nu ayeuna jadi palayanna.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Atawa ”gerbang”.

Atawa ”ngalenyepan”.

Atawa ”pakémahan nu dikurilingan ku témbok”.

Atawa bisa jadi ”Maranéhna mumusuhan jeung dulur-dulurna”.

As. ”dua bangsa”.

Hartina ”Buluan”.

Atawa ”tumit”.

Hartina ”Jalma nu Nyekel Keuneung; Jalma nu Ngarebut”.

Atawa ”sahuap”.

As. ”nu beureum-beureum éta”.

Atawa ”salatri”.

Hartina ”Beureum”.

As. ”bubur miju”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Hartina ”Paséa”.

Hartina ”Tuduhan”.

Hartina ”Tempat nu Lega”.

As. ”binih”.

Hartina ”Jalma nu Nyekel Keuneung; Jalma nu Ngarebut”.

As. ”bisa motongkeun kai tanggungan tina beuheung manéh”.

As. ”bapana indung manéh”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

Hartina ”Imah Allah”.

As. ”tulang jeung daging”.

Atawa ”supaya abdi bisa ngalakukeun hubungan jeung manéhna”.

As. ”Léa dipikangéwa”.

As. ”Yéhuwa muka rahimna”.

Hartina ”Tingali, Saurang Anak Lalaki!”

Hartina ”Ngadangu”.

Hartina ”Némpél; Deukeut”.

Hartina ”Dipuji; Nu Sok Dipuji”.

Hartina ”Hakim”.

Hartina ”Abdi Gulat”.

Hartina ”Untung”.

Hartina ”Bagja; Kabagjaan”.

Atawa ”usim”.

Awéwé sok ngadahar buah tina pepelakan ieu, da disangkana buah éta bisa ngabantu manéhna ngandung.

Hartina ”Manéhna téh Ganjaran”.

Hartina ”Ditarima”.

As. ”Allah ngadéngékeun manéhna sarta muka rahimna”.

Ieu téh ngaran pondok ti Yosifia, nu hartina ”Mugia Yah Masihan Deui (Nambahkeun)”.

Atawa ”nurutkeun bukti”.

Atawa ”bener”.

Atawa ”usim”.

Malaikat ieu ngomong ngawakilan Yéhuwa.

Atawa ”déwa kulawarga”. As. ”térafim”.

Atawa ”dipikasieun”.

Istilah Aram nu hartina ”Tumpukan nu Jadi Saksi”.

Istilah Ibrani nu hartina ”Tumpukan nu Jadi Saksi”.

Atawa ”dipikasieun”.

Hartina ”Dua Pakémahan”.

Atawa ”cicing jadi urang asing di”.

Atawa ”asih nu satia”.

As. ”binih”.

Lalaki ieu téh malaikat nu ngajirim jadi manusa.

Hartina ”Jalma nu Gulat jeung Allah” atawa ”Allah Gulat”.

Hartina ”Raray Allah”.

Maksudna, malaikat nu ngawakilan Allah.

Atawa ”Péniél”.

Hartina ”Saung-Saung; Kandang-Kandang”.

Atawa ”sering manggihan”.

Atawa ”lantaran silih kawinkeun”.

As. ”nu boga kulit khitan”.

Atawa ”jadi dijauhan”.

Atawa ”nyarengan di jalan nu ditempuh ku kuring”.

Atawa ”nyumputkeun”.

Hartina ”Allah Bétel”.

Atawa ”tangkal ék”.

Hartina ”Tangkal Ék Panyeungceurikan”.

As. ”binih”.

Hartina ”Putra Waktu Abdi keur Sedih”.

Hartina ”Putra Leungeun Katuhu”.

Atawa ”dicicingan ku maranéhna salaku urang asing”.

Atawa ”syékh”.

As. ”putra-putra Israél”.

Atawa ”baju panjang”.

Atawa ”geutah labdanum”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”jalankeun perkawinan ipar”. Tingali ”Perkawinan Ipar” dina Daptar Istilah.

Atawa ”palacur bait”.

Hartina ”Soék”, bisa jadi ngamaksudkeun soék dina bagian awak indung ku sabab ngalahirkeun.

Atawa ”Tunjukkeun asih nu satia”.

As. ”sumur; lombang”.

As. ”sumur; lombang”.

Atawa ”lantaran tahta ieu”.

Katingalina ieu téh kecap nu dipaké keur nitah jalma-jalma némbongkeun hormat.

As. ”euweuh nu bisa ngangkat leungeun atawa sukuna”.

Nyaéta Héliopolis.

Atawa ”ngideran”.

Atawa ”manéhna mimiti ngalalayanan”.

Nyaéta Héliopolis.

Hartina ”Ku Lantaran Manéhna, Urang Bisa Poho”.

Hartina ”Subur Pisan”.

As. ”roti”.

Atawa ”rék néangan daérah nu teu dijaga di”.

As. ”sieun”.

As. ”lantaran getihna”.

Atawa ”pasti turun ka Syéol”. Tingali ”Syéol” dina Daptar Istilah.

Atawa ”Abdi nu jadi jaminan”.

Atawa ”geutah labdanum”.

As. ”Maranéhna”.

Atawa ”turun ka Syéol”. Tingali ”Syéol” dina Daptar Istilah.

Atawa ”turun ka Syéol”. Tingali ”Syéol” dina Daptar Istilah.

Ngaguar taneuh maké wuluku.

Atawa ”di nagri ieu”.

As. ”jadi bapa”.

Atawa ”hirup ti”.

Atawa ”nu aya gajihna”.

As. ”Anak-anak lalaki Israél”.

Nyaéta Héliopolis.

As. ”Anak-anak lalaki”.

Atawa ”ceurik deui ceurik deui dina beuheungna”.

Atawa ”cicing jadi urang asing”.

Atawa ”cicing jadi urang asing”.

As. ”roti”.

As. ”roti”.

As. ”sok tunda leungeun manéh di handapeun pingping Bapa”. Sigana ieu téh cara pikeun ngukuhkeun sumpah.

As. ”binih”.

As. ”binih”.

As. ”tina tuur bapana”.

As. ”nu di payuneun Gusti, Ibrahim jeung Ishak karuhun abdi, leumpang”.

Atawa ”ngangon”.

Atawa ”ngangkat”.

As. ”binihna”.

Atawa ”nu mimiti tina kakuatan Bapa”.

As. ”naék kana tempat saré Bapa”.

Atawa ”jiwa kuring”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.

As. ”kamulyaan”.

As. ”Leungeun manéh bakal nyekel punduk”.

Hartina ”Manéhna nu Ngapimilik”.

Katingalina ngamaksudkeun Syilo.

Atawa ”tumit”.

As. ”nyerang keuneungna”.

As. ”roti”.

Nyaéta Yusuf.

Atawa ”bukit-bukit”.

As. ”Berkah-berkah éta bakal tetep aya di luhureun sirah Yusuf”.

Atawa ”dibalsem”.

Atawa ”rumah tangga”.

Misahkeun gandum tina cangkangna.

Hartina ”Sungkawana Urang Mesir”.

Atawa ”anak-anakna Éfraim nepi ka tilu génerasi”.

As. ”Maranéhna lahir di luhureun tuur Yusuf”.

Atawa ”dibalsem”.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun