PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • nwt Jop 1:1-42:17
  • Ayub

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ayub
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Ayub

AYUB

1 Di tanah Uz aya hiji lalaki nu ngaranna Ayub.*+ Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.*+ Manéhna gé hormat* ka Allah jeung nyingkahan lampah goréng.+ 2 Manéhna boga tujuh anak lalaki jeung tilu anak awéwé. 3 Dombana aya 7.000, ontana aya 3.000, sapina aya 1.000,* jeung kaldéna* aya 500. Palayanna gé loba pisan. Di antara jalma-jalma di daérah Wétan, manéhna téh nu pangbeungharna jeung dihormat.

4 Anak-anakna nu lalaki sok bagilir ngayakeun pésta di imahna masing-masing. Tilu dulur awéwé maranéhna gé diajak dahar jeung nginum babarengan. 5 Sanggeus kabéhanana meunang giliran, Ayub bakal nitah anak-anakna datang pikeun nyucikeun maranéhna. Geus kitu, Ayub bakal hudang subuh-subuh sarta ngabaktikeun kurban beuleuman+ keur unggal anakna. Ceuk pamikirna, ’Bisi barudak téh aya nu nyieun dosa sarta nyumpahan Allah dina haténa.’ Éta nu terus dilampahkeun ku Ayub.+

6 Dina poé nu geus ditangtukeun, putra-putra ti Allah nu sajati*+ ngadep ka Yéhuwa.+ Sétan+ gé milu ngadep.+

7 Terus Yéhuwa nanya ka Sétan, ”Manéh tas ti mana?” Sétan ngajawab Yéhuwa, ”Tas ngideran jeung nilik-nilik bumi.”+ 8 Yéhuwa ngomong deui ka Sétan, ”Manéh merhatikeun hamba Kuring Ayub teu? Di bumi euweuh nu kawas manéhna. Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.*+ Manéhna gé hormat* ka Kuring jeung nyingkahan lampah goréng.” 9 Sétan némbalan ka Yéhuwa, ”Kumaha lamun Ayub teu dibéré naon-naon? Daékeun kénéh kitu hormat* ka Gusti?+ 10 Salila ieu manéhna ditangtayungan, pan?+ Manéhna, kulawargana, jeung sagala pangabogana dipageran, pan? Pagawéanana diberkahan,+ ingon-ingonna gé beuki ngalobaan. 11 Sok ayeuna mah coba paké kakuatan Gusti, cokot sagala pangabogana. Manéhna pasti nyumpahan Gusti hareupeun Gusti.” 12 Tuluy Yéhuwa ngajawab Sétan, ”Heug! Sagala pangabogana aya dina kakawasaan manéh, asal ulah nyilakakeun manéhna!” Léos Sétan indit ti hareupeun Yéhuwa.+

13 Dina hiji poé, waktu kabéh anak Ayub dalahar jeung ngarinum anggur di imah anak lalaki nu cikal,+ 14 torojol hiji palayan mawa béja ka Ayub, ”Waktu sapi-sapi keur ngawuluku* sarta kaldé-kaldé keur nyaratuan di deukeut dinya, 15 ujug-ujug urang Syéba narajang. Kabéh ingon-ingon dijarah, para palayan gé diparaéhan ku pedang. Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.”

16 Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Seuneu ti Allah* turun ti langit ngaduruk domba-domba sareng para palayan nepi ka béak! Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.”

17 Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Tilu gorombolan urang Khaldéa+ narajang. Onta-onta dijarah, para palayan gé diparaéhan ku pedang. Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.”

18 Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Anak-anak Juragan nu pameget sareng nu istri nuju taruang sareng ngaleueut anggur di bumi anak pameget nu cikal. 19 Tuluy, angin gedé ti tanah gurun nebak opat juru éta bumi. Bumina ambruk ninggang anak-anak Juragan, sadayana tiwas. Mung abdi nu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.”

20 Seug Ayub cengkat tuluy nyoéhkeun pakéanana, buukna digundulan, bruk manéhna sujud 21 tuluy ngomong,

”Kuring lahir teu babawaan,

Mulang gé moal babawaan.+

Yéhuwa nu masihan,+ Yéhuwa nu nyandak.

Mugia nami Yéhuwa terus dipuji.”

22 Sanajan ngalaman éta kabéh, Ayub teu nyieun dosa atawa nyalahkeun Allah.*

2 Dina poé nu geus ditangtukeun, putra-putra ti Allah nu sajati*+ ngadep ka Yéhuwa.+ Sétan gé milu ngadep ka Yéhuwa.+

2 Terus Yéhuwa nanya ka Sétan, ”Manéh tas ti mana?” Sétan ngajawab Yéhuwa, ”Tas ngideran jeung nilik-nilik bumi.”+ 3 Yéhuwa ngomong deui ka Sétan, ”Manéh merhatikeun hamba Kuring Ayub teu? Di bumi euweuh nu kawas manéhna. Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.*+ Manéhna gé hormat* ka Kuring jeung nyingkahan lampah goréng. Manéhna tetep satia+ ka Kuring, najan manéh nyoba ngahasud Kuring pikeun teu pupuguh nyilakakeun manéhna.”+ 4 Tapi Sétan némbalan Yéhuwa, ”Mun hiji jalma nyawana kaancam, manéhna bakal masrahkeun sagalana demi ngabélaan nyawana. 5 Sok ayeuna mah coba paké kakuatan Gusti, terapan awakna ku kanyeri. Manéhna pasti nyumpahan Gusti hareupeun Gusti.”+

6 Tuluy Yéhuwa ngajawab Sétan, ”Heug! Manéhna aya dina kakawasaan manéh, asal ulah maéhan manéhna!” 7 Léos Sétan indit ti hareupeun Yéhuwa tuluy nerapkeun ka Ayub bisul nu nyeri pisan,*+ ti sirah nepi ka dampal suku. 8 Seug Ayub nyokot sesemplékan kendi keur ngerokan kulitna. Manéhna diuk dina lebu.+

9 Pamajikanana Ayub ngomong, ”Nepi ka iraha rék terus satia ka Allah? Sok geura sumpahan Allah, tuluy maot!” 10 Tapi Ayub ngajawab, ”Ngomong téh mani teu dipikir heula. Maenya urang ngan daék narima hal hadé wungkul ti Allah nu sajati, tapi ari nu goréngna mah embung?”+ Sanajan ngalaman éta kabéh, Ayub teu nyieun dosa ku ucapanana.+

11 Tilu babaturan Ayub, nyaéta Élifaz+ urang Téman, Bildad+ urang Syuah,+ jeung Zofar+ urang Naama, ngadéngé béja yén Ayub katarajang ku musibat. Maranéhna indit ti tempatna masing-masing. Maranéhna jangjian rék babarengan ngalongok jeung nguatkeun Ayub. 12 Barang ningali Ayub ti kajauhan, maranéhna panglingeun ka Ayub. Maranéhna careurik tingsalegruk, nyoéhkeun pakéanana, tuluy ngawur-ngawurkeun kekebul ka awang-awang jeung kana sirah maranéhna.+ 13 Brek maranéhna diuk dina taneuh tujuh poé tujuh peuting. Tapi, maranéhna teu ngomong sakecap-kecap acan ka Ayub lantaran ningali manéhna sakitu sangsarana.+

3 Sanggeus kitu, Ayub ngomong sarta nyumpahan poé manéhna dilahirkeun.+ 2 Ceuk Ayub,

 3 ”Coba mun poé urang dilahirkeun téh euweuh,+

Kitu deui peuting waktu batur ngomong, ’Aya orok nu lahir!’

 4 Éta poé téh kuduna mah jadi poék.

Éta poé kuduna dipopohokeun ku Allah.

Éta poé kuduna teu dicaangan ku cahaya,

 5 Sina dilimpudan ku poék mongkléng,

Sina dituruban ku méga* hideung.

Cahayana sina katutup ku poék.

 6 Éta peuting kuduna mah poék pisan.+

Kuduna mah euweuh kabungah dina éta poé.

Éta poé sina dipupus tina bulan mana waé.

 7 Kuduna euweuh nu lahir dina éta peuting,

Kuduna teu kadéngé surak gumbira.

 8 Keun éta peuting sina dikutuk ku tukang ngutuk,

Ku nu bisa ngahudangkeun Léwiatan.*+

 9 Béntang-béntang pajar sina teu cahayaan deui.

Éta peuting sina ngadagoan cahaya nu moal pernah datang.

Éta peuting ulah nepi ka ningali sinar pajar.

10 Sabab dina éta peuting, urang dijurukeun ku indung urang+

Sarta diantep sina nandangan kasusah.

11 Ku naon urang teu maot waktu dilahirkeun?

Ku naon urang teu musna waktu dijurukeun?+

12 Keur naon urang dilalahun ku indung?

Keur naon urang disusuan ku anjeunna?

13 Mun harita urang maot, ayeuna urang pasti keur saré tibra.+

Urang bakal saré jeung ngarasa tenang+

14 Bareng jeung raja-raja di bumi sarta jurunaséhatna,

Nu ngawangun tempat-tempat keur maranéhna sorangan nu ayeuna geus jadi ruruntuhan,

15 Atawa bareng jeung para pangéran* nu boga emas,

Nu imahna pinuh ku pérak.

16 Ku naon urang teu siga orok nu maot di jero kandungan?

Ku naon urang teu siga budak nu teu pernah ningali cahaya?

17 Di jero kubur mah nu jahat moal hariwang deui,

Nu capé gawé gé reureuh tina gawéna.+

18 Di ditu mah para tahanan gé ayem tengtrem,

Teu ngadéngé sora jalma nu maksa maranéhna digawé.

19 Di ditu mah jalma penting jeung jalma biasa téh sarua waé.+

Budak beulian gé dibébaskeun ti dununganana.

20 Ku naon nu sangsara disina terus hirup* ku Allah?

Ku naon nu nalangsa dibéré kahirupan?+

21 Ku naon nu hayang pisan maot teu manggih ajal?+

Kahayang maotna téh leuwih gedé tibatan kahayangna kana harta pependeman.

22 Nu kitu mah atoheun jeung senang pisan

Mun geus manggihan kuburan.

23 Ku naon Allah ngantep jalma nu nyasab terus hirup,*

Nyaéta jalma nu dikepung ku Allah?+

24 Udah-aduh téh geus siga dahareun keur urang.+

Jumerit urang+ ngucur siga cai.

25 Nu dipikasieun nyerang,

Nu dipikahariwang narajang.

26 Urang teu ngarasa ayem, teu tengtrem, jeung teu genah.

Kasusah gé euweuh tungtungna.”

4 Tuluy Élifaz+ urang Téman ngajawab Ayub,

 2 ”Lamun aya nu ngabéjaan, manéh bakal ambek moal?

Sabab urang mah teu bisa cicing waé.

 3 Nya, mémang manéh geus mapatahan loba jalma.

Manéh gé sok nguatkeun nu lemah.

 4 Ucapan manéh negerkeun jalma nu ngudupruk.

Manéh nguatkeun jalma nu teu walakaya.*

 5 Tapi ayeuna mah manéh pisan nu katinggang ku musibat, sarta manéh teu kuat nandanganana.

Manéh katerap lara sarta jadi leutik haté.

 6 Ongkoh hormat ka Allah, naha atuh manéh bet teu percaya ka Anjeunna?

Ongkoh satia ka Allah,+ naha atuh manéh bet pegat harepan?

 7 Sok pikirkeun, pernah kitu jalma bener dibinasakeun?

Pernah kitu jalma soléh dimusnakeun?

 8 Urang geus nempo, nu melak kajahatan

Jeung nu nebarkeun masalah téh bakal ngala balukarna.

 9 Nu kararitu mah binasa ku angin ti napas Allah.

Maranéhna musna ku amarah Allah nu ngagedur.

10 Singa bisa guar-gaur, singa ngora bisa ngagerem,

Tapi angger wéh singa nu kuat* gé huntuna bisa potong.

11 Singa paéh lantaran euweuh mamangsan,

Sarta anak-anak singa paburencay.

12 Aya nu cicing-cicing datang, terus méré béja ka urang.

Aya nu ngaharéwos kana ceuli urang.

13 Peuting-peuting waktu jalma-jalma saré tibra,

Urang guligah lantaran meunang titingalian.

14 Urang ngeleper,

Sakujur awak ngadégdég bakating ku sieun.

15 Aya nu ngaliwat hareupeun urang.

Urang muringkak, sabulu-bulu muriding.

16 Tuluy nu ngaliwat téh eureun,

Tapi urang teu nyaho éta téh naon.

Aya nu ngabelegedeg hareupeun urang.

Harita téh keur jempling, ngong kadéngé sora,

17 ’Bisa kitu manusa leuwih bener tibatan Allah?

Bisa kitu manusa leuwih bersih tibatan Nu Nyiptana?’

18 Anjeunna teu percaya ka hamba-hamba-Na.

Anjeunna néang-néang kasalahan para malaikat-Na.*

19 Komo deui ka manusa nu dijieun tina taneuh liket,

Nu asalna tina kekebul,+

Nu babari diremukkeun kawas ngenget.*

20 Isuk-isuk maranéhna harirup kénéh, ari peutingna geus raremuk.

Les maranéhna musna salilana tapi taya nu paduli.

21 Maranéhna kawas kémah nu ambruk lantaran talina dicabut.

Maranéhna paraéh jeung teu baroga kabijaksanaan.

5 ”Sok sasambat! Mémangna aya nu ngajawab manéh?

Ka malaikat mana manéh rék ménta tulung?

 2 Jalma nu bodo bakal maot ku kaambekna.

Jalma nu pondok pikir bakal maot ku kasirikna.

 3 Urang pernah ningali jalma bodo nu hirupna jadi makmur,

Tapi ujug-ujug panyicinganana dikutuk.

 4 Anak-anakna euweuh nu ngajaga.

Maranéhna ditindes di gerbang kota,+ euweuh nu nyalametkeun.

 5 Nu dipanén ku manéhna didahar ku nu lapar,

Malahan nu aya dina rungkun cucuk gé diaralaan.

Harta bandana dirampas ku batur.

 6 Piraku kajahatan bijil tina kekebul?

Piraku kasusah bijil ti jero taneuh?

 7 Manusa téh hirupna pasti pinuh ku masalah,

Kawas ruhak lembut nu pasti mararétél tina seuneu.

 8 Lamun urang jadi manéh, urang bakal ménta tulung

Sarta masrahkeun kasus urang ka Allah,

 9 Ka Anjeunna nu ngadamel hal-hal nu hébat jeung teu kahontal ku akal,

Hal-hal nu matak tajub nu teu kaitung lobana.

10 Anjeunna nurunkeun hujan ka bumi,

Nyaian tegalan-tegalan.

11 Jalma leutik ku Anjeunna dipunjulkeun.

Jalma nu sedih ku Anjeunna disalametkeun.

12 Anjeunna ngagagalkeun rarancang jalma licik,

Supaya sagala usahana taya hasilna.

13 Anjeunna ngajiret jalma bijaksana ku kapinteranana sorangan,+

Supaya rencana jalma nu pinter gagal.

14 Keur maranéhna mah beurang téh karasana poék.

Beurang-beurang maranéhna rarampa kawas geus peuting.

15 Anjeunna nyalametkeun hiji jalma tina ucapan jalma jahat nu kawas pedang,

Nyalametkeun jalma miskin tina leungeun jalma nu kuat,

16 Supaya jalma leutik boga harepan,

Tapi biwir jalma nu teu bener dibekem.

17 Bagja jalma nu ditegor ku Allah,

Jadi ulah nampik lamun dipapatahan ku Nu Mahakawasa!

18 Sabab Anjeunna nu ngaraheutan, tapi Anjeunna ogé nu ngabulen raheutna.

Anjeunna nu motongkeun, tapi Anjeunna ogé nu nyageurkeun ku panangan-Na.

19 Anjeunna bakal nyalametkeun manéh tina genep musibat,

Malah ku musibat nu katujuh gé manéh moal matak kua-kieu.

20 Dina usum* kalaparan, manéh bakal disalametkeun tina maot.

Waktu perang, manéh bakal disalametkeun tina pedang.

21 Manéh bakal dijauhkeun tina omongan nu nganyenyeri kawas pecut.+

Manéh gé moal sieun waktu kabinasaan narajang.

22 Kabinasaan jeung kalaparan bakal diseungseurikeun ku manéh.

Ka sato galak di bumi gé manéh moal sieun.

23 Batu-batu di tegalan moal bakal nyusahkeun manéh.

Sato galak gé moal bakal nyerang manéh.

24 Manéh pasti bakal ngarasa aman di kémah manéh.

Waktu manéh ngalongok ingon-ingon di tegalan, moal aya sato nu leungit hiji-hiji acan.

25 Manéh bakal boga loba anak,

Sarta turunan manéh bakal loba pisan kawas jujukutan di bumi.

26 Manéh bakal jagjag kénéh waktu maot,

Kawas sabeungkeut gandum nu diala dina usum panén.

27 Tah! Sanggeus ditilik-tilik ku urang kabéh mah, nya mémang kitu kanyataanana.

Sok déngékeun jeung tarimakeun.”

6 Tuluy Ayub némbalan,

 2 ”Coba lamun kasangsaraan+ urang ditimbang,

Ditimbang bareng jeung musibat urang!

 3 Éta pasti leuwih beurat tibatan keusik di laut.

Nya matakna urang ngomong sangeunahna.+

 4 Sabab anak-anak panah ti Nu Mahakawasa nanceb kana awak,

Peurahna nyebar saawak-awak.+

Urang sieun pisan lantaran diserang ku Allah.

 5 Kaldé liar+ bakal hohoang kitu mun aya jukut?

Sapi jalu bakal emoh-emohan kitu mun aya dahareun?

 6 Saha nu beuki kadaharan nu hambar teu diuyahan?

Naon ngeunahna endog bobodasna wungkul?

 7 Ka nu kitu mah urang teu hayang-hayang acan,

Dahareun nu kitu mah pikageuleuheun.

 8 Coba mun paménta urang dikabul!

Coba mun kahayang urang dicumponan ku Allah!

 9 Coba mun Allah daék ngaremukkeun

Sarta nyingkirkeun urang ku panangan-Na!+

10 Mun kitu mah urang jadi reugreug.

Najan kasiksa ku kanyeri gé, urang bakal ajrug-ajrugan bakating ku atoh,

Lantaran urang teu nampik ucapan ti Nu Mahasuci.+

11 Urang geus teu kuat ngadagoan terus.+

Jang naon terus hirup gé ari euweuh harepan mah?

12 Mémangna urang téh kuat siga batu?

Mémangna daging urang téh tina tambaga?

13 Urang geus teu sanggup nulungan diri sorangan,

Da geus teu daya teu upaya.

14 Saha waé nu teu nyaah* ka sasama,+

Manéhna teu hormat* ka Nu Mahakawasa.+

15 Dulur-dulur urang teu bisa diandelkeun,+

Kawas walungan dina usum tiris nu caina garing.

16 Walunganna kiruh

Ku lantaran és jeung salju nu lééh.

17 Tapi dina usum panas, walunganna saat.

Waktu kapanasan, walunganna nyaab.*

18 Aliran caina méngkol,

Ngalir ka gurun keusik tuluy béak.

19 Rombongan ti Téma+ néangan éta walungan,

Rombongan ti Syéba+ ngarep-ngarep manggihan éta walungan.

20 Maranéhna éra lantaran yakin bakal manggihan cai.

Barang nepi ka dinya, maranéhna kuciwa.

21 Tah, maranéh ka urang téh siga kitu.+

Sanggeus ningali sakumaha parahna musibat nu narajang urang, maranéh jadi sieun.+

22 Pernah kitu urang punta-pénta ka maranéh?

Pernah kitu urang nitah maranéh méré hadiah ka batur demi urang?

23 Pernah kitu urang ménta dileupaskeun ti musuh

Atawa disalametkeun* ti jalma nu nindes?

24 Sok papatahan, urang bakal jempé.+

Tuduhkeun naon kasalahan urang.

25 Omongan nu jujur mah moal pikanyerieun!+

Tapi naon mangpaatna ditegor ku maranéh?+

26 Maranéh rék nyawad kekecapan urang,

Jalma nu pegat harepan, anu kekecapanana kawas angin?+

27 Budak yatim ku maranéh diundi, pan?+

Babaturan sorangan dijual* ku maranéh!+

28 Bisi pajarkeun bohong,

Yeuh teuteup beungeut urang.

29 Sok pikir-pikir deui, ulah salah sangka ka urang téh.

Pikirkeun deui, da urang mah teu salah nanaon.

30 Mémangna urang ngabohong?

Mémangna urang teu nyaho ku naon urang sangsara?

7 ”Lain manusa téh dipaksa kudu gawé beurat saumur hirupna?

Lain kahirupan maranéhna kawas kuli?+

 2 Manéhna téh lir budak beulian nu hayang manggih pangiuhan,

Lir kuli nu ngadago-dago diburuhan.+

 3 Mangbulan-bulan hirup urang taya gunana.

Unggal peuting urang nalangsa.+

 4 Ari geus dug rék saré, urang sok mikir hayang geura isuk.+

Tapi peuting téh asa ngarayap, urang gulinggasahan nepi ka bijilna panonpoé.

 5 Saawak-awak pinuh ku bilatung jeung kekebul,+

Kulit budug jeung pinuh ku nanah.+

 6 Hirup urang nyérélékna leuwih gancang tibatan alat tinun.+

Hirup téh gancang anggeusna, bari urang teu boga harepan.+

 7 Nun Gusti, sing émut yén hirup abdi téh mung napas sarénghap.*+

Panon abdi moal bakal ningal kabagjaan* deui.

 8 Panon nu ayeuna ningali abdi moal bakal ningali abdi deui.

Soca Gusti bakal milarian abdi, tapi abdi tos teu aya.+

 9 Kawas méga* nu nyaab* tuluy sirna,

Jalma nu turun ka Kuburan* moal bakal kaluar deui.+

10 Manéhna moal bakal balik deui ka imahna,

Sarta bakal dipopohokeun ku jalma-jalma di tempat matuhna.+

11 Ku kituna abdi moal ngabetem.

Abdi badé nyarita lantaran haté pinuh ku kapeurih.

Abdi badé nyoara lantaran papait nu kaalaman ku abdi!+

12 Mémangna abdi téh laut atawa mahluk raksasa di laut

Dugi ka Gusti miwarang batur pikeun ngawaskeun abdi?

13 Waktu abdi nyarios, ’Abdi badé ngagolér supaya bisa tenang.

Kasur abdi bakal ngurangan kasangsaraan abdi,’

14 Ku Gusti kalah ka dipasihan impian goréng

Sarta titingalian nu pikasieuneun.

15 Ku sabab éta, langkung saé abdi maot dicekék.

Mending kénéh abdi maot tinimbang hirup dina ieu awak.+

16 Abdi geuleuh kana kahirupan abdi,+ tos bosen hirup.

Kantunkeun baé, lantaran hirup abdi mah mung napas sarénghap.+

17 Naon atuh manusa téh dugi ka diémut-émut ku Gusti,

Dugi ka diperhatikeun ku Gusti?+

18 Ku naon Gusti ngawas-ngawas manéhna saban énjing

Sarta nguji manéhna unggal usik?+

19 Ku naon Gusti teu eureun-eureun ningalikeun abdi

Sarta teu masihan abdi waktu pikeun neureuy ciduh-ciduh acan?+

20 Nun Allah nu nilik-nilik manusa, saupama abdi gaduh dosa, Gusti téh rugi kitu?+

Ku naon abdi diarah ku Gusti?

Mémangna abdi téh ngabeungbeuratan Gusti?

21 Ku naon Gusti teu ngahampura palanggaran abdi

Sarta mopohokeun kasalahan abdi?

Sakedap deui gé abdi bakal maot sarta mulang jadi kekebul.+

Gusti bakal milarian abdi, tapi abdi tos teu aya.”

8 Tuluy Bildad+ urang Syuah+ némbalan Ayub,

 2 ”Nepi ka iraha manéh rék ngomong siga kitu?+

Omongan manéh téh siga angin ngagelebug!

 3 Mémangna Allah bakal nyimpang tina kaadilan?

Mémangna Nu Mahakawasa bakal nyimpang ti nu bener?

 4 Sigana mah anak-anak lalaki manéh téh geus nyieun dosa jeung barontak ka Anjeunna,

Nu matak maranéhna dihukum ku Anjeunna.

 5 Coba mun manéh néangan Allah+

Sarta ménta dipikarunya ku Nu Mahakawasa,

 6 Coba mun hirup manéh bersih jeung bener,+

Anjeunna tangtu bakal merhatikeun manéh

Jeung mulihkeun kaayaan manéh siga saacanna.

 7 Najan tadina manéh jalma leutik,

Ka hareupna mah hirup manéh bakal makmur.+

 8 Coba tanya ka kolot-kolot baheula,

Perhatikeun naon nu ditalungtik ku karuhun maranéhna.+

 9 Urang kabéh pan kakara lahir kamari, jaba teu nyaho nanaon deuih.

Hirup urang di bumi téh pondok.*

10 Maranéhna bakal ngajar manéh, pan?

Maranéhna gé bakal méré nyaho sagala kanyahona, pan?

11 Mémangna papirus bakal ngajangkungan lamun euweuh rawa?

Mémangna jujukutan bakal ngajangkungan lamun euweuh cai?

12 Najan masih kénéh kuncup jeung can dipetik,

Éta bakal leuwih gancang garing tibatan pepelakan séjén.

13 Kitu jadina jalma-jalma nu mopohokeun Allah,

Sabab jalma nu teu kenal ka Allah* mah harepanana moal laksana.

14 Nu diandelkeun ku manéhna taya gunana,

Nu dipercaya ku manéhna gampang ancur kawas ramat lancah.

15 Manéhna bakal nyarandé kana imahna, tapi imahna bakal ambruk.

Manéhna bakal nyekelan imahna, tapi imahna bakal rubuh.

16 Manéhna lir pepelakan seger nu kasorot ku panonpoé,

Sirung-sirungna nyaliara minuhan kebon.+

17 Akarna ngaranggeum tumpukan batu,

Néangan panyicingan dina sela-sela batu.

18 Tapi barang manéhna dirabut tina tempatna,

Tempatna bakal api-api teu wawuh ka manéhna, omongna, ’Urang can pernah ningali manéh.’+

19 Nya siga kitu manéhna bakal musna.+

Terus di tempat urut manéhna, pepelakan séjén bakal jaradi.

20 Allah moal ninggalkeun jalma nu bersih hirupna,*

Moal nulung ka nu jahat.

21 Manéh ku Anjeunna bakal disina seuri deui,

Bakal disina surak gumbira deui.

22 Jalma nu ijid ka manéh bakal dibajuan ku kaéra.

Kémahna jalma jahat moal aya-aya deui.”

9 Tuluy ku Ayub dijawab,

 2 ”Enya, urang gé geus nyaho.

Mémangna bisa manusa dianggap bener hareupeun Allah?+

 3 Mun aya nu paadu omong jeung Anjeunna,*+

Terus dibéré sarébu pananya, hiji gé moal bisa kajawab.

 4 Anjeunna téh nya bijaksana nya gedé kawasa-Na.+

Saha nu bisa ngalawan Anjeunna tapi teu raheut-raheut acan?+

 5 Anjeunna mindahkeun* gunung-gunung, tapi teu kanyahoan ku sasaha.

Waktu Anjeunna ambek, gunung-gunung dijungkir-jungkirkeun.

 6 Bumi digunjang-ganjing ku Anjeunna

Nepi ka tihang-tihangna aleundeur.+

 7 Anjeunna maréntahkeun panonpoé sina teu cahayaan,

Anjeunna gé nutupan cahaya béntang-béntang.+

 8 Anjeunna mébérkeun langit+

Sarta leumpang dina ombak nu gedé.+

 9 Anjeunna nyiptakeun rasi béntang As,* Késil,* jeung Kima,*+

Sarta rasi-rasi béntang di langit beulah kidul.

10 Anjeunna ngadamel hal-hal nu hébat sarta teu kahontal ku akal,+

Hal-hal nu matak tajub nu teu kaitung lobana.+

11 Anjeunna ngalangkung, tapi teu bisa katempo ku urang.

Anjeunna ngalangkung, tapi urang teu nyaho éta téh saha.

12 Mun Anjeunna ngarampas, saha nu bisa ngalawan?

Saha nu bisa nanya, ’Ku naon Gusti téh bet kitu?’+

13 Allah moal nahan amarah-Na,+

Malah nu marantuan Rahab*+ gé bakal sujud ka Anjeunna.

14 Komo deui urang waktu ngajawab Anjeunna,

Urang kudu ati-ati milih kekecapan waktu paadu omong jeung Anjeunna.

15 Sanajan bener gé, urang moal wani ngajawab Anjeunna.+

Urang mah ngan bisa ménta dipikarunya ku hakim urang.*

16 Mun urang sasambat ka Anjeunna, mémangna bakal dijawab?

Urang teu yakin bakal didéngékeun,

17 Sabab Anjeunna ngancurkeun urang ku angin topan

Sarta teu puguh-puguh nambahan kasangsaraan urang.+

18 Malah, urang teu meunang ngarénghap-ngarénghap acan.

Anjeunna teu eureun-eureun ngadatangkeun papait.

19 Mun sual kakuatan, Anjeunna leuwih kuat.+

Mun sual kaadilan, saha nu bisa ngagugat Anjeunna?

20 Dina enyana gé urang bener, angger wéh biwir urang bakal nyalahkeun.

Dina enyana gé urang hirup bersih,* angger wéh urang bakal dianggap salah ku Anjeunna.

21 Sanajan urang hirup bersih,* urang teu nyaho naon nu bakal kaalaman ku urang.

Urang geuleuh kana hirup urang sorangan.

22 Kabéhanana sarua waé. Éta sababna urang ngomong,

’Boh jalma bener* boh jalma jahat, kabéhanana dibinasakeun ku Anjeunna.’

23 Lamun caah ujug-ujug narajang sarta nyababkeun jalma paéh,

Anjeunna bakal nyeungseurikeun jalma nu teu boga salah nu pegat harepan.

24 Bumi disérénkeun ka nu jarahat.+

Anjeunna nutupan panon para hakim.

Lamun lain ku Anjeunna, ku saha deui?

25 Hirup urang ngabelesatna leuwih tarik tibatan jalma nu keur lumpat,+

Ngabelesat nepi ka urang teu pernah ngarasakeun nu haradé.

26 Hirup urang lir parahu tina jarami nu tarik lajuna,

Lir heulang nutug nyamber mamangsanna.

27 Saupama urang ngomong, ’Urang bakal mopohokeun kasedih urang,

Urang moal nguyung deui, sarta urang bakal gumbira,’

28 Angger wéh urang bakal ngarasa sieun lantaran kanyeri nu karasa ku urang.+

Urang nyaho yén urang moal dianggap bener ku Anjeunna.

29 Urang bakal tetep dianggap salah.*

Jadi keur naon urang susah payah ngabuktikeun diri teu salah?+

30 Saupama urang mandi ku salju nu geus lééh

Sarta ngumbah leungeun ku sabun,*+

31 Anjeunna bakal ngalelepkeun urang kana lombang nu pinuh ku leutak,

Nepi ka baju urang sorangan geuleuheun ka urang.

32 Anjeunna téh lain manusa kawas urang, jadi urang teu bisa némbalan Anjeunna

Sarta teu bisa mawa Anjeunna ka pangadilan.+

33 Moal aya nu bisa mutus perkara* urang jeung Allah,

Moal aya nu bisa jadi hakim keur urang jeung Allah.

34 Coba mun Anjeunna eureun neunggeulan urang

Sarta eureun ngabegbregan urang ku kasieun,+

35 Urang moal bakal sieun nyarita ka Anjeunna,

Da biasana gé urang mah tara sieun.

10 ”Urang geuleuh kana hirup urang.+

Urang rék ngabudalkeun kasusah urang.

Urang rék nyaritakeun sakumaha peurihna hirup urang!

 2 Urang rék ngomong kieu ka Allah, ’Abdi ulah dianggap salah.

Naon alesan Gusti ngamusuhan abdi?

 3 Naon untungna Gusti nindes abdi,

Nyapirakeun karya panangan Gusti,+

Sarta mikaresep naséhat jalma jahat?

 4 Mémangna soca Gusti téh kawas panon manusa?

Mémangna cara Gusti ningali téh kawas manusa?

 5 Mémangna hirup Gusti singget kawas hirup manusa?

Mémangna yuswa Gusti mung sababaraha taun kawas manusa,+

 6 Dugi ka Gusti milarian kasalahan abdi

Sarta terus ngoréhan dosa abdi?+

 7 Gusti terang abdi téh teu salah.+

Teu aya nu tiasa nyalametkeun abdi tina panangan Gusti.+

 8 Ku panangan Gusti, abdi dibentuk sarta dijieun,+

Tapi ayeuna Gusti badé maéhan abdi.

 9 Sing émut, Gusti ngadamel abdi tina taneuh liket,+

Tapi ku naon ayeuna Gusti hoyong mulangkeun abdi jadi kekebul deui?+

10 Pan Gusti nu nempatkeun abdi dina kandungan indung abdi

Sarta ngabentuk abdi di dinya.*

11 Gusti ngabulen abdi ku kulit jeung daging.

Awak abdi dianyam ku tulang jeung urat.+

12 Gusti masihan kahirupan sarta nunjukkeun asih satia ka abdi.

Gusti merhatikeun sarta ngajaga abdi.*+

13 Sihoréng téh Gusti cicing-cicing gaduh niat jahat ka abdi.

Abdi terang hal-hal ieu téh asalna ti Gusti.

14 Lamun abdi nyieun dosa, pasti katingali ku Gusti.+

Gusti gé moal ngahampura kasalahan abdi.

15 Lamun abdi salah, abdi cilaka!

Lamun bener gé, abdi teu wani nanggahkeun sirah,+

Sabab abdi téh jalma nu hina jeung sangsara pisan.+

16 Lamun abdi nanggahkeun sirah, Gusti bakal moro abdi kawas singa+

Sarta némbongkeun deui kawasa Gusti pikeun nyerang abdi.

17 Gusti mawa saksi-saksi anyar pikeun ngalawan abdi.

Gusti gé beuki ambek ka abdi.

Nu kaalaman ku abdi téh kasangsaraan deui, kasangsaraan deui.

18 Ku naon atuh abdi bet dijurukeun tina kandungan?+

Kuduna mah abdi maot méméh katingali ku jalma-jalma.

19 Kuduna mah ti jero kandungan kénéh abdi langsung asup ka kuburan,

Pan mun kitu mah saolah abdi teu pernah aya.’

20 Hirup urang téh kari sakeudeung deui, pan?+ Kuduna mah Anjeunna téh ninggalkeun urang.

Kuduna Anjeunna eureun ngawas-ngawas, ngarah urang bisa rada ngarénghap*+

21 Saacan urang indit jeung moal balik deui,+

Indit ka tempat nu poék mongkléng,+

22 Ka tempat nu surem,

Tempat nu poék pisan jeung acak-acakan.

Di ditu mah caang gé jadi poék.”

11 Zofar+ urang Naama ngajawab,

 2 ”Mémangna urang bakal cicing waé ngadéngé kabéh omongan manéh?

Mémangna jalma nu loba omong* bakal dianggap bener?

 3 Dikira omong kosong manéh téh moal aya nu ngabantah?

Dikira mun manéh terus ngahina téh moal aya nu negor?+

 4 Manéh ngomong, ’Nu diajarkeun ku urang téh bener.+

Urang gé bersih hareupeun Allah.’+

 5 Tapi coba lamun Allah ngabéjaan

Jeung ngomong ka manéh.+

 6 Anjeunna bakal nerangkeun rasiah-rasiah supaya manéh bijaksana.

Sabab lamun hayang bijaksana, manéh kudu loba diajar.

Mun geus kitu, kakara manéh sadar yén sababaraha kasalahan manéh téh geus dipopohokeun ku Allah.

 7 Bisa kitu manéh ngarti kana kabijaksanaan Allah

Atawa sagala hal ngeunaan* Nu Mahakawasa?

 8 Éta leuwih luhur tibatan langit, moal katepi ku manéh.

Éta leuwih jero tibatan Kuburan,* moal kahontal ku akal manéh.

 9 Éta leuwih gedé tibatan bumi

Sarta leuwih lega tibatan laut.

10 Lamun Anjeunna ngaliwat tuluy néwak jeung mawa hiji jalma ka pangadilan,

Saha nu bisa ngahalang-halang?

11 Anjeunna terang mun aya jalma nu nipu.

Waktu aya nu ngalampahkeun kajahatan, ku Anjeunna katingali, pan?

12 Tapi jalma bodo mah kakara bisa ngarti téh engké,

Lamun kaldé liar ngaborojolkeun manusa.

13 Coba mun ti ayeuna manéh bener mikirna

Sarta nadahkeun leungeun pikeun ngadoa ka Anjeunna.

14 Lamun manéh ngalampahkeun nu salah, sok eureun ayeuna.

Lampah nu teu bener kudu disingkirkeun ti kémah manéh.

15 Tah mun kitu, kakara manéh bisa tanggah lantaran manéh teu salah.

Manéh bakal nangtung ajeg, taya kasieun.

16 Manéh gé bakal poho kana sakabéh masalah manéh.

Éta moal kainget-inget deui, lir cai nu geus ngalir jauh.

17 Hirup manéh bakal leuwih caang tibatan caangna beurang,

Malahan poék gé bakal caang kawas isuk-isuk.

18 Manéh bakal reugreug lantaran boga harepan.

Manéh bakal saré tibra lantaran sakuriling manéh aman.

19 Waktu ngagolér, manéh moal sieun ku naon-naon.

Bakal loba nu bageur ka manéh lantaran hayang dipikaresep ku manéh.

20 Tapi panon jalma-jalma jahat bakal lolong.

Maranéhna moal bisa kabur ka mana-mana.

Nu diarep-arep téh taya deui iwal ti maot.”+

12 Tuluy Ayub ngajawab kieu,

 2 ”Maranéh mémang nyaho sagalana.

Mun maranéh maot, moal aya deui jalma bijaksana!

 3 Tapi da urang gé boga pangarti atuh,

Teu éléh ku maranéh.

Saha nu teu ngarti kana omongan maranéh?

 4 Urang diseungseurikeun ku babaturan sorangan,+

Pédah urang sasambat ka Allah sarta ngarepkeun jawaban ti Anjeunna.+

Jalma nu bener sarta nu hirupna taya cacadna mémang sok diseungseurikeun.

 5 Jalma nu hirupna tenang nyeungseurikeun jalma nu keur keuna musibat.

Ceuk pamikirna, musibat téh ngan kaalaman ku jalma nu boga masalah wungkul.

 6 Kémah-kémah rampog aman.+

Jalma-jalma nu ngalawan ka Allah hirupna tengtrem,+

Kawas jalma-jalma nu nyepeng berhala.

 7 Tapi cik tanya ka sasatoan, engké maranéhna bakal ngajar manéh.

Tanya ka manuk-manuk di langit, engké maranéhna bakal méré nyaho manéh.

 8 Sok perhatikeun* bumi, engké manéhna bakal ngajar manéh.

Perhatikeun ogé lauk-lauk di laut, engké maranéhna bakal ngajelaskeun ka manéh.

 9 Kabéh gé nyarahoeun

Yén maranéhna téh diciptakeun ku panangan Yéhuwa.

10 Kahirupan sakabéh mahluk hirup sarta napas* sakabéh manusa

Aya dina panangan Anjeunna.+

11 Kapan ceuli téh pikeun nguji kekecapan,

Kawas létah pikeun ngasaan kadaharan.+

12 Jalma nu geus kolot téh bijaksana, pan?+

Jalma nu geus lila hirupna téh boga pangarti, pan?

13 Allah téh bijaksana jeung kuat.+

Anjeunna boga pangarti sarta bakal ngalaksanakeun kahoyong-Na.+

14 Nu geus diruntuhkeun ku Anjeunna moal bisa diwangun deui.+

Nu geus ditutup ku Anjeunna moal bisa dibuka ku sasaha.

15 Lamun Anjeunna nahan hujan, bumi bakal garing.+

Lamun Anjeunna nurunkeun hujan, bumi bakal caah.+

16 Anjeunna kuat jeung bijaksana.+

Boh nu nyasab boh nu nyasabkeun batur, duanana aya dina kakawasaan Anjeunna.

17 Ku Anjeunna para panaséhat disina nyékér,*

Sarta para hakim disina barodo.+

18 Kakawasaan para raja dicabut ku Anjeunna.+

Maranéhna dibajuan ku baju budak beulian.

19 Ku Anjeunna para imam disina nyékér,+

Sarta para pangawasa nu kuat digulingkeun.+

20 Anjeunna ngabekem para panaséhat nu dipercaya.

Jalma nu geus kolot jadi teu bisa nyieun putusan nu bener.

21 Anjeunna ngarendahkeun para bangsawan+

Sarta ngalemahkeun jalma nu kuat.

22 Anjeunna ngabolékérkeun rasiah nu aya di nu poék.+

Anjeunna nyaangan nu poék mongkléng.

23 Bangsa-bangsa disina digjaya supaya bisa dibinasakeun ku Anjeunna.

Bangsa-bangsa disina ngalobaan supaya bisa dibawa ka pangbuangan.

24 Ku Anjeunna para pamingpin disina barodo.

Maranéhna disina apruk-aprukan di gurun keusik.+

25 Maranéhna rarampa di nu poék,+ di tempat nu euweuh cahayana.

Maranéhna disina utag-atog kawas nu mabok.+

13 ”Éta kabéh geus kasaksian ku urang.

Urang geus ngadéngé jeung ngarti kabéhanana.

 2 Kanyaho maranéh téh nya kanyaho urang kénéh,

Teu éléh urang ku maranéh mah.

 3 Tapi tibatan paréa-réa omong jeung maranéh, leuheung kénéh urang nyarita ka Nu Mahakawasa.

Urang rék ngabéla perkara urang hareupeun Allah.+

 4 Gara-gara maranéh ngabohong, ngaran urang jadi goréng.

Maranéh kabéh téh tabib nu euweuh gunana.+

 5 Coba mun maranéh jempé,

Maranéh bakal dianggap bijaksana.+

 6 Sok atuh déngékeun alesan urang,

Perhatikeun jawaban urang.

 7 Maranéh rék ngabohong bari mamawa nami Allah?

Maranéh rék nipu bari mamawa nami Anjeunna?

 8 Maranéh rék mihak ka Anjeunna

Sarta ngabéla perkarana Allah nu sajati?

 9 Mun dipariksa ku Anjeunna, aya kitu nu hadé dina diri maranéh?+

Maranéh téh rék ngabobodo Anjeunna kawas ngabobodo manusa?

10 Maranéh pasti bakal dicarékan ku Anjeunna

Lamun nutupan kamunapékan maranéh.+

11 Maranéh téh teu sieun kitu ku kaagungan Anjeunna?

Maranéh téh teu sieun kitu ku Allah?

12 Omongan maranéh nu bijak* téh euweuh hartina kawas lebu.

Jawaban maranéh téh euweuh gunana kawas taméng tina taneuh liket.

13 Mending maranéh jempé supaya urang bisa nyarita.

Naon waé nu bakal kaalaman ku urang, keun wéh sina kajadian!

14 Urang siap nyanghareupan bahaya

Jeung naruhkeun nyawa.

15 Sanajan Allah bisa waé maéhan urang, urang mah bakal tetep ngaharep ka Anjeunna,+

Urang bakal ngabuktikeun ka Anjeunna yén urang teu salah.*

16 Ku kituna, urang bakal disalametkeun ku Anjeunna,+

Da jalma nu teu kenal ka Allah* mah teu meunang ngadeuheus ka Anjeunna.+

17 Sok bandungan omongan urang,

Perhatikeun kekecapan urang.

18 Ayeuna urang geus siap ngabéla perkara urang.

Urang yakin urang téh bener.

19 Saha nu rék nuduh urang?

Lamun cicing waé, urang pasti paéh!*

20 Nun Gusti, abdi mung gaduh dua paménta

Supados abdi teu nyumput ti Gusti:

21 Abdi ulah hantem baé dipasihan kasusah,

Sarta ulah nyababkeun abdi teterusan sieun ka Gusti.+

22 Mangga Gusti heula nu nyarios, engké ku abdi dijawab.

Atanapi abdi heula nu nyarios, engké ku Gusti dijawab.

23 Naon kalepatan sareng dosa abdi?

Ébréhkeun palanggaran sareng dosa abdi.

24 Ku naon Gusti miceun beungeut+

Sarta nganggap abdi musuh?+

25 Abdi téh kawas daun nu katebak ku angin, kawas jarami.

Ku naon Gusti bet nyingsieunan sarta ngudag-ngudag abdi?

26 Gusti teras nyatet tuduhan ngeunaan abdi,

Sarta ngahukum abdi lantaran dosa-dosa abdi waktu keur ngora.

27 Suku abdi dipasung ku Gusti,

Sakabéh léngkah abdi disidik-sidik ku Gusti,

Sarta unggal tapak suku abdi dituturkeun ku Gusti.

28 Abdi* téh kawas barang nu ruksak,

Kawas pakéan nu dihakanan ku ngenget.*

14 ”Manusa, nu dilahirkeun ku awéwé,

Hirupna téh pondok+ jeung pinuh ku kasusah.*+

 2 Manéhna kawas kembang nu mekar tuluy layu.*+

Les manéhna leungit cara kalangkang.*+

 3 Tapi Gusti terus ngawas-ngawas

Sarta mawa manéhna* pikeun diperkarakeun.+

 4 Bisa kitu jalma nu teu bersih ngalahirkeun jalma nu bersih?+

Moal bisa.

 5 Upama umur manusa geus ditetepkeun,

Upama jumlah bulanna geus ditangtukeun,

Mung Gusti nu mampuh netepkeun watesna, hirup manusa moal bisa leuwih ti éta.+

 6 Tong ditingalikeun baé atuh, ambéh manéhna bisa reureuh,

Nepi ka manéhna nganggeuskeun hirupna, kawas kuli nu nganggeuskeun poé digawéna.+

 7 Lamun hiji tangkal dituar, masih kénéh aya harepan.

Éta tangkal bakal sirungan deui,

Sarta dahan-dahanna bakal terus jaradi.

 8 Najan akarna ngolotan dina taneuh

Sarta tunggulna garing,

 9 Barang manggih cai, pelentung kaluar sirung,

Sarta dahanna jaradi kawas pepelakan anyar.

10 Tapi lamun manusa maot mah ngagolépak teu walakaya.

Waktu manusa maot, ka mana inditna?+

11 Cai di laut saat,

Cai di walungan surud tuluy garing.

12 Manusa gé ngagolépak tuluy teu hudang deui.+

Nepi ka langit musna gé maranéhna moal hudang-hudang deui

Atawa digeuingkeun.+

13 Cobi upami Gusti nyumputkeun abdi di Kuburan,*+

Nyumputkeun abdi dugi ka amarah Gusti sirna,

Dugi ka cunduk waktu nu tos ditangtukeun ku Gusti pikeun émut ka abdi.+

14 Upami manusa maot, tiasa kitu manéhna hirup deui?+

Abdi bakal ngantosan salami abdi jadi budak beulian,*

Dugi ka waktuna dibébaskeun.+

15 Engké Gusti bakal nyauran, seug ku abdi dijawab.+

Gusti bakal sono kana karya panangan Gusti.

16 Tapi ari ayeuna mah Gusti ngétang unggal léngkah abdi.

Nu diperhatikeun ku Gusti téh mung dosa abdi.

17 Palanggaran abdi ku Gusti dilebetkeun kana kantong tuluy diségel.

Kasalahan abdi disimpen* ku Gusti.

18 Kawas gunung-gunung nu runtuh jeung urug,

Kawas batu nu ngagulutuk tina cadas,

19 Kawas batu nu lila-lila kagerus ku cai,

Kawas taneuh nu palid ku hujan gedé,

Nya kitu pisan harepan manusa ku Gusti diancurkeun.

20 Gusti nindes manéhna nepi ka musna.+

Gusti ngarobah dedeganana tuluy nitah manéhna indit.

21 Anak-anak lalakina dihormat, tapi manéhna teu nyahoeun.

Anak-anakna direndahkeun, tapi manéhna teu ningali.+

22 Manéhna ngarasa nyeri jeung sedih téh

Ngan salila manéhna hirup kénéh.”

15 Élifaz+ urang Téman ngajawab kieu,

 2 ”Mémangna jalma nu bijaksana bakal méré jawaban nu taya gunana

Atawa ngeusian haténa ku kahayang nu salah?

 3 Ngan saukur méré papatah mah taya gunana.

Naon mangpaatna mun ngan saukur ngomong?

 4 Ku lantaran omongan manéh, batur jadi teu sieun ka Allah

Sarta teu paduli ka Anjeunna.

 5 Manéh ngomong kitu téh pédah manéh salah.

Kekecapan manéh téh licik.

 6 Nu ngabuktikeun manéh salah téh nya omongan manéh sorangan, lain urang.

Nu nyebut manéh salah téh nya biwir manéh sorangan.+

 7 Mémangna manéh téh manusa nu pangheulana lahir

Atawa lahir saacan pasir-pasir* aya?

 8 Mémangna manéh ngadéngé waktu Allah nyaritakeun rasiah Anjeunna?

Mémangna ngan manéh jalma nu bijaksana?

 9 Mémangna aya kanyaho manéh nu urang kabéh teu nyaho?+

Mémangna aya pangarti manéh nu urang kabéh teu ngarti?

10 Urang jeung nu séjénna téh geus kolot jeung huisan,+

Leuwih kolot tibatan bapa manéh.

11 Mémangna ucapan Allah nu negerkeun

Sarta kekecapana-Na nu nengtremkeun téh teu cukup?

12 Ku naon manéh bet napsu jeung teu bisa nahan diri?

Ku naon manéh popolotot ka urang?

13 Manéh nepi ka wani ambek ka Allah

Sarta ngomong teu pararuguh kawas kitu.

14 Bisa kitu manusa dianggap suci?

Bisa kitu jalma nu dilahirkeun ku awéwé dianggap bener?+

15 Anjeunna mah ka para malaikat-Na gé teu percayaeun.

Malahan dina pandangan Anjeunna, langit gé teu bersih.+

16 Jadi, kumaha Anjeunna rék percaya ka jalma nu kalakuanana pikaijideun jeung bejad?+

Éta jalma téh hayang pisan ngalampahkeun kajahatan, kawas jalma nu halabhab hayang ngaleguk cai.

17 Yeuh, urang rék ngabéjaan, déngékeun!

Urang rék nyaritakeun naon nu geus ditingali ku urang,

18 Nyaéta nu dicaritakeun ku jalma-jalma bijaksana, nu didéngé ku maranéhna ti karuhunna+

Sarta teu disumput-sumputkeun.

19 Sakuliah nagri geus dibikeun ka karuhun maranéhna.

Taya hiji-hiji acan urang asing nu ngaliwat ka dinya.

20 Saumur hirupna, jalma jahat kasiksa.

Sapanjang hirupna, manéhna sangsara.

21 Sora-sora nu pikasieuneun kadéngé ku manéhna.+

Waktu kaayaanana keur aman, rampog nyerang manéhna.

22 Manéhna ngarasa moal bisa lolos tina musibat.+

Manéhna pasti bakal dipaéhan ku pedang.

23 Manéhna aprak-aprakan néangan dahareun,* ceuk manéhna, ’Di mana?’

Karasaeun yén manéhna geus téréh katarajang musibat.

24 Manéhna jadi sieun lantaran diudag-udag ku kasangsaraan jeung kasedih.

Éta kabéh ngawasaan manéhna kawas raja nu siap nyerang.

25 Sabab manéhna meureupan Allah

Sarta nyoba-nyoba nangtang ka* Nu Mahakawasa.

26 Ku bedegong-bedegongna, manéhna ngalawan Allah

Bari mawa taméng nu kandel jeung kuat.

27 Beungeutna katutup ku gajih,

Sarta beuteungna bucitreuk.

28 Manéhna matuh di kota-kota nu bakal diancurkeun,

Di imah-imah nu moal bakal dicicingan deui,

Nu engkéna jadi tumpukan batu.

29 Manéhna moal bakal beunghar, kakayaanana moal nambahan.

Harta bandana moal sumebar ka sakuliah nagri.

30 Manéhna moal bisa lolos tina musibat.

Manéhna bakal kawas tangkal nu dahan-dahanna garing ku seuneu.*

Manéhna gé bakal paéh ku seuneu ti Allah.+

31 Kuduna mah manéhna téh tong nyimpang sarta tong percaya kana hal nu teu guna,

Sabab beubeunanganana gé euweuh gunana.

32 Éta bakal kajadian moal lila deui.

Manéhna bakal kawas tangkal nu dahan-dahanna moal bakal jaradi.+

33 Manéhna bakal kawas tangkal anggur nu buahna maruragan saméméh asak,

Kawas tangkal zaitun nu kembangna ragragan.

34 Kumpulan jalma nu teu kenal ka Allah* moal bakal ngahasilkeun nanaon.+

Kémah-kémah tukang nyogok gé bakal béak kaduruk.

35 Maranéhna ngandung masalah sarta ngalahirkeun nu jahat,

Rahimna ngahasilkeun tipu daya.”

16 Tuluy Ayub ngajawab kieu,

 2 ”Urang mah geus mindeng ngadéngé omongan siga kitu.

Bororaah negerkeun, maranéh mah kalah ka ngabeungbeuratan urang!+

 3 Éta omong kosong téh can béak kénéh waé?

Ku naon manéh bet ngajawab kitu?

 4 Urang gé bisa ngomong siga kitu mah.

Mun maranéh sangsara siga urang,

Bisa waé urang gogodeg

Jeung nyawad maranéh.+

 5 Tapi urang mah moal kitu. Urang bakal nguatkeun maranéh ku omongan urang

Sarta nengtremkeun maranéh ku kekecapan urang.+

 6 Lamun urang ngomong, kasangsaraan urang moal leungit.+

Lamun eureun ngomong gé, angger wéh urang mah sangsara.

 7 Tapi ayeuna urang capé ku lantaran Allah.+

Anjeunna ngancurkeun rumah tangga urang.

 8 Anjeunna gé néwak urang, éta disaksian ku jalma-jalma.

Urang kari kulit jeung tulang, ku batur mah dipajarkeun boga salah.

 9 Ku amarah-Na urang disasaak, Anjeunna ngunek-ngunek ka urang.+

Anjeunna ningali urang bari waos-Na tingkereket.

Musuh-musuh urang melong lantaran ambek.+

10 Maranéhna calangap rék ngalegleg urang.+

Maranéhna nampiling urang bakating ku ngéwa-ngéwana.

Urang dirempug ku maranéhna.+

11 Ku Allah, urang disérénkeun ka barudak lalaki

Sarta disurung-surungkeun ka jalma-jalma jahat.+

12 Eukeur jongjon* hirup, ujug-ujug urang diancurkeun ku Anjeunna.+

Punduk urang dikerewek, urang diremukkeun ku Anjeunna.

Urang dijadikeun bubulanan ku Anjeunna.

13 Urang dikepung ku tukang panah ti Anjeunna.+

Anjeunna nubles giginjel urang,+ taya karunya.

Ku Anjeunna hamperu urang disina ngocor kana taneuh.

14 Urang kawas témbok nu dibobol mangkali-kali ku Anjeunna.

Anjeunna narajang kawas prajurit.

15 Urang ngaput kaén goni pikeun nutupan kulit urang.+

Kahormatan* urang dikubur dina kekebul.+

16 Beungeut beureum lantaran ceurik,+

Panon gé carindul,

17 Padahal urang tara kejem ka batur,

Doa urang gé sagemblengna haté.

18 Hé bumi, getih urang ulah disumputkeun!+

Sora urang sasambat ulah dieureunkeun!

19 Ti ayeuna gé, urang boga saksi di sorga.

Nu bisa ngabéla urang aya di tempat nu luhur.

20 Waktu babaturan ngahina,+

Urang mah ngan bisa ngadoa ka Allah bari ngeclakkeun cipanon.*+

21 Hayangna mah aya nu mutus perkara antara urang jeung Allah,

Kawas nu mutus perkara antara dua jalma.+

22 Sésa hirup urang téh kari sakeudeung deui,

Urang bakal indit sarta moal balik deui.+

17 ”Urang geus teu sumanget hirup, geus rék paéh.

Urang geus didodoho ku kuburan.+

 2 Urang dikurilingan ku jalma-jalma nu sok moyokan.+

Urang kapaksa ningali kalakuan* jalma-jalma nu sok barontak.

 3 Nun Gusti, mugia Gusti jangji pikeun ngadukung abdi.

Upami sanés Gusti, saha deui nu bakal nulungan abdi?+

 4 Sabab pikiran maranéhna ku Gusti dipoékkeun sangkan teu baroga pangarti.+

Éta sababna maranéhna ku Gusti teu disina punjul.

 5 Maranéhna barangbéré ka babaturanana,

Ari panon anak-anakna sorangan teu cékas lantaran kalaparan.

 6 Urang ku Anjeunna dijadikeun bahan sindiran di antara jalma-jalma.+

Beungeut urang diciduhan ku maranéhna.+

 7 Panon urang jadi teu awas bakating ku sangsara-sangsarana.+

Awak gé jadi begang pisan.

 8 Ningali kitu téh jalma nu bener mah olohok.

Jalma nu teu salah mah teu resep babarengan jeung jalma nu teu kenal ka Allah.*

 9 Jalma nu bener bakal terus ngalampahkeun nu bener.+

Jalma nu leungeunna bersih bakal leuwih satékah polah ngalampahkeun nu bener.+

10 Tapi, nya sok wéh ari maranéh rék terus nyawad urang mah,

Da di antara maranéh téh euweuh nu bijaksana.+

11 Hirup urang moal lila deui.+

Rencana jeung kahayang teu aya nu laksana.+

12 Ku babaturan peuting dipajarkeun beurang.

Ceuk maranéhna, ’Sakeudeung deui gé caang’, sidik nu katempo ku urang mah poék.

13 Lamun urang ngadagoan sakeudeung deui, Kuburan* bakal jadi imah urang.+

Di dinya urang bakal saré di nu poék.+

14 Ka kuburan+ urang bakal ngagero, ’Bapa!’

Ka bilatung urang bakal ngagero, ’Ema! Tétéh!’

15 Di mana harepan urang?+

Cik, saha anu mikir urang masih kénéh boga harepan?

16 Harepan urang bakal turun ka Kuburan.*

Urang gé bakal milu turun ka dinya jadi kekebul.”+

18 Bildad+ urang Syuah ngajawab,

 2 ”Rék nepi ka iraha manéh ngomong siga kitu terus?

Sok pikir heula, engké kakara urang ngobrol deui.

 3 Ku naon urang kabéh dianggap kawas sato,+

Dianggap bodo* ku manéh?

 4 Sanajan manéh ngaraheutan awak bakating ku ambek,

Mémangna bumi bakal diculkeun,

Atawa gunung batu bakal pindah ti tempatna demi manéh?

 5 Cahaya jalma jahat bakal dipareuman,

Seuneuna moal hurung deui.+

 6 Di kémahna moal bakal aya cahaya.

Lampu nu aya di luhureun manéhna bakal dipareuman.

 7 Tadina téh léngkahna teteg, tapi ayeuna mah teu boga tanaga keur ngaléngkah.

Bluk baé manéhna labuh ku rencanana sorangan.+

 8 Manéhna leumpang nyampeurkeun jiret,

Seug sukuna kasarimped.

 9 Keuneungna* bakal kajiret,

Manéhna bakal kajebak.+

10 Dina taneuh, aya tali nu disimpen mani buni pikeun ngajiret manéhna.

Éta jiret diteundeun di jalan nu diliwatan ku manéhna.

11 Manéhna sieun ku hal-hal di sakurilingna.+

Éta kabéh ngudag-ngudag manéhna.

12 Kakuatanana leungit,

Manéhna ngoléang* lantaran keuna musibat.+

13 Kulitna digarogotan ku panyakit,

Awakna béak ku panyakit nu parah.

14 Manéhna diséréd ti kémahna nu aman+

Tuluy digiring ka ajal nu pikasieuneun.

15 Kémahna dicicingan ku jalma nu teu dikenal.

Imahna diawuran ku walirang.+

16 Mun tangkal mah akarna paéh,

Dahanna gararing.

17 Jalma-jalma di bumi moal aya nu inget ka manéhna.

Di jalan, moal aya nu nyaho ngaranna.

18 Manéhna bakal disuntrungkeun ti nu caang ka nu poék

Sarta diusir ti ieu dunya.

19 Manéhna moal bakal boga anak incu jeung turunan di antara bangsana,

Moal aya nu bakal salamet di tempat manéhna matuh.

20 Waktu manéhna katarajang musibat, jalma-jalma di Kulon bakal rareuwas,

Sarta jalma-jalma di Wétan bakal sarieuneun pisan.

21 Éta nu bakal kaalaman ku rumah tanggana jalma jahat

Sarta ku jalma nu teu kenal ka Allah.”

19 Ayub ngajawab kieu,

 2 ”Rék nepi ka iraha maranéh nganyenyeri urang,*+

Ngaraheutan haté urang ku omongan maranéh?+

 3 Geus sapuluh kali maranéh nyarékan* urang.

Teu éra maranéh nyalahkeun urang?+

 4 Barina gé mun enya urang salah,

Éta urusan urang.

 5 Lamun maranéh keukeuh ngarasa leuwih punjul ti urang,

Nganggap urang mémang pantes dihina,

 6 Maranéh kudu nyaho yén Allah téh teu adil ka urang.

Anjeunna ngajiret urang ku jaring.

 7 Urang terus ngagorowok, ’Urang dikaniaya!’ tapi euweuh nu ngajawab.+

Urang terus ménta tulung, tapi euweuh nu ngabéla urang.+

 8 Jalan urang ku Anjeunna dihalangan ku témbok batu, jadi urang teu bisa ngaliwat.

Jalan urang ku Anjeunna dilimpudan ku poék.+

 9 Anjeunna ngarampas kamulyaan urang

Sarta nyokot makuta tina sirah urang.

10 Anjeunna ngaremukkeun urang nepi ka musna.

Harepan urang dirabut kawas tangkal.

11 Amarah Anjeunna ngagedur ka urang.

Urang dianggap musuh ku Anjeunna.+

12 Pasukan-Na ngepung urang.

Maranéhna masang kémah di sakuriling kémah urang.

13 Dulur-dulur urang sorangan ku Anjeunna disina ngajauhan urang.

Nu warawuh ka urang naringgalkeun urang.+

14 Baraya urang teuing ka marana.

Sobat-sobat urang mopohokeun urang.+

15 Nu sok nganjang ka imah+ sarta para palayan awéwé jadi teu warawuh ka urang.

Urang téh dianggap jalma asing.

16 Urang ngageroan palayan urang sarta méménta dipikarunya,

Tapi manéhna teu némbal-némbal acan.

17 Pamajikan sorangan geuleuheun kana napas urang.+

Adi lanceuk gé embung deukeut-deukeut acan, da baueun.

18 Malah, ku barudak leutik gé urang disapirakeun.

Waktu urang nangtung, maranéhna ngékéak.

19 Kabéh sobat dalit urang ngaréwaeun.+

Jalma-jalma nu dipikanyaah ku urang kalah ka malik ngalawan urang.+

20 Awak urang kari tulang jeung kulit,+

Urang ampir-ampiran paéh.

21 Hé sobat-sobat, sing karunya ka urang, sing karunya atuh,

Sabab urang diteunggeul ku Allah.+

22 Ku naon maranéh teterusan nganiaya urang kawas Allah,+

Teu eureun-eureun nyerang urang?+

23 Coba mun omongan urang dicatet,

Coba mun ditulis dina buku.

24 Coba mun éta kabéh diukir dina batu

Maké péna tina beusi jeung timah ngarah awét!

25 Urang nyaho pisan bakal aya nu nebus urang.+

Anjeunna bakal datang sarta nangtung luhureun bumi.

26 Sanajan kulit béak, ruksak ku panyakit,

Urang bakal ningali Allah salila urang hirup kénéh.

27 Anjeunna bakal katempo ku urang,

Katempo ku panon urang sorangan, lain ku panon batur.+

Tapi batin mah ngarasa capé!

28 Maranéh ngomong, ’Mémangna urang nganiaya manéhna?’+

Saolah kabéhanana téh salah urang sorangan.

29 Maranéh kudu sieun ku pedang,+

Lantaran mun maranéh salah, maranéh bakal dihukum ku pedang.

Maranéh kudu nyaho yén hakim téh aya.”+

20 Zofar+ urang Naama némbalan,

 2 ”Pikiran urang teu tenang, haté gé gulinggasahan,

Nu matak urang kudu ngajawab manéh.

 3 Urang geus ngadéngé panghina manéh ka urang.

Urang rék ngajawab manéh, lantaran urang boga pangarti.

 4 Tapi, da manéh pasti geus nyaho naon nu bakal diucapkeun ku urang.

Ti barang manusa* diciptakeun di bumi gé, kieu kanyataanana:+

 5 Surakna jalma jahat mah ngan saheulaanan.

Kagumbiraan jalma nu teu kenal ka Allah* mah ngan sakeudeung.+

 6 Sanajan kahébatanana luhur nepi ka langit

Jeung sirahna nyundul méga,*

 7 Manéhna bakal musna salilana kawas taina sorangan.

Jalma nu sering nempo manéhna bakal tatanya, ’Ka mana lesna éta jalma?’

 8 Manéhna bakal leungit kawas impian, moal témbong-témbong deui.

Manéhna bakal sirna kawas titingalian waktu peuting.

 9 Manéhna moal katingali deui ku panon nu pernah ningali manéhna.

Pamatuhanana gé moal nénjo manéhna deui.+

10 Anak-anakna sorangan bakal méménta dipikarunya ku nu miskin.

Harta beunang manéhna ngarampas bakal dipulangkeun deui ku leungeunna sorangan.+

11 Manéhna kuat kawas keur ngora,

Tapi kakuatanana bakal milu jadi lebu bareng jeung manéhna.

12 Kajahatan téh karasa amis dina sungutna,

Éta disumputkeun handapeun létahna.

13 Éta terus dirasa-rasa, embung diteleg,

Diheumheum dina sungutna.

14 Barang nepi ka jero beuteung, éta jadi haseum,

Siga peurah* oray kobra.

15 Kakayaan nu geus diteureuy ku manéhna diutahkeun deui.

Éta dibudalkeun ku Allah ti jero beuteung manéhna.

16 Peurah oray kobra bakal disedot ku manéhna.

Manéhna bakal paéh lantaran dipacok ku oray matih.

17 Manéhna moal nénjo susu jeung madu nu loba pisan,

Nu kawas walungan nu ngocor.

18 Barang-barang nu dirampas téh ku manéhna bakal dipulangkeun, bari can dipaké-paké acan.

Manéhna moal ngarasakeun hasil gawéna,+

19 Sabab manéhna nindes jeung teu paduli ka nu miskin

Sarta ngajabel imah batur.

20 Manéhna moal ngarasa tenang.

Hartana moal bisa nyalametkeun manéhna.

21 Euweuh nu bisa dirampas deui ku manéhna,

Nu matak kamakmuranana moal langgeng.

22 Waktu keur beunghar-beungharna, manéhna bakal diserang ku kahariwang.

Manéhna bakal ditarajang ku bahla nu hébat pisan.

23 Waktu manéhna keur ngeunah dahar,

Allah bakal narajang manéhna ku amarah-Na nu ngagedur,

Ngahujanan manéhna ku musibat.

24 Mun manéhna bisa lolos tina senjata beusi,

Anak-anak panah tina tambaga bakal tembus kana awakna.

25 Manéhna nyabut anak panah nu nanceb kana tonggongna,

Nyabut senjata nu gugurilapan tina hamperuna.

Manéhna dicangkerem ku kasieun.+

26 Kakayaanana bakal dibalangkeun ka nu poék mongkléng.

Manéhna bakal béak kaduruk ku seuneu nu teu dikipasan.

Saha waé nu salamet di kémahna bakal katarajang ku musibat.

27 Langit bakal nyingkabkeun kasalahanana,

Bumi bakal ngalawan manéhna.

28 Imahna bakal palid ku caah,

Bakal aya cai nu ngagulidag dina poé Allah ambek.

29 Tah éta bagianana jalma jahat nu ditetepkeun ku Allah.

Éta warisan nu ditangtukeun ku Allah keur manéhna.”

21 Ayub ngajawab,

 2 ”Déngékeun bener-bener omongan urang.

Ngan ku didéngékeun gé, urang mah geus kaupahan.

 3 Sing sabar ngadagoan urang nyarita.

Ari geus anggeus mah, rék moyokan urang gé pék baé.+

 4 Mémangna urang kukulutus téh ka manusa?

Lamun enya, urang pasti geus teu bisa sabar.

 5 Yeuh, tingali urang! Maranéh pasti olohok

Jeung teu bisa ngomong nanaon.

 6 Waktu inget deui kana mangsa nu geus liwat,

Urang guligah, sakujur awak ngadégdég.

 7 Ku naon nu jahat terus hirup,+

Umurna panjang, jeung beunghar?*+

 8 Maranéhna bisa riung mungpulung jeung barudakna.

Maranéhna gé bisa ningali turunanana.

 9 Imahna aman. Maranéhna teu pernah ngarasa sieun.+

Allah gé teu ngahukum maranéhna ku tongkat-Na.

10 Sapi jaluna anakan mani loba.

Sapi bikangna anakan waé, teu pernah kaluron.

11 Anak-anak lalakina lalumpatan di luar kawas kumpulan domba.

Anak-anakna ajleng-ajlengan bakating ku atoh.

12 Maranéhna ngawih diiring ku rabana jeung harpa.

Maranéhna gumbira ngadéngé sora suling.+

13 Hirup maranéhna marulus.

Maranéhna turun ka Kuburan* téh teu kudu kasiksa heula.*

14 Tapi ceuk maranéhna ka Allah nu sajati, ’Ulah ngaganggu urang!

Urang mah teu hayang nyaho kana jalan-jalan Gusti.+

15 Saha Nu Mahakawasa téh nepi ka kudu dilalayanan ku urang?+

Naon untungna lamun urang kenal ka Anjeunna?’+

16 Tapi urang mah teu pernah mikir siga kitu.+

Urang nyaho maranéhna teu bisa ngatur suksés henteuna hirupna.+

17 Sabaraha kali lampu jalma jahat dipareuman?+

Sabaraha kali maranéhna katarajang musibat?

Sabaraha kali Allah ngancurkeun maranéhna bakating ku ambek?

18 Pernah kitu maranéhna jadi kawas jarami nu ditiup ku angin?

Pernah kitu maranéhna jadi kawas huut nu katiup ku angin topan?

19 Hukuman keur hiji jalma ku Allah ditumplekkeun ka anak-anakna.

Tapi muga-muga manéhna sorangan nu dihukum ku Allah ngarah manéhna ngarti kasalahanana.+

20 Mudah-mudahan panonna sorangan ningali musibat nu narajang manéhna.

Mudah-mudahan amarah ti Nu Mahakawasa diinum ku manéhna.+

21 Lamun umur manéhna jadi pondok,

Mémangna manéhna bakal mikirkeun bagja cilakana turunan manéhna?+

22 Kapan Allah téh nu ngahakiman jalma-jalma nu pangdihormatna,+

Jadi aya kitu nu bisa ngajar* Allah?+

23 Aya jalma nu maotna téh jagjag kénéh,+

Waktu hirupna tenang jeung euweuh kabeurat,+

24 Waktu pingpingna kabulen ku gajih

Sarta tulang-tulangna karuat kénéh.

25 Tapi aya ogé jalma nu maotna téh waktu keur sangsara,

Bari jeung can ngarasakeun nu hadé sakali-kali acan.

26 Boh nu itu boh nu ieu, sarua balik deui jadi kekebul,+

Sarua dirubung ku bilatung.+

27 Urang nyaho pisan pikiran maranéh

Sarta rencana maranéh pikeun nganyenyeri* urang.+

28 Ceuk maranéh, ’Di mana imahna jalma nu dihormat téh?

Di mana kémahna éta jalma jahat téh?’+

29 Pernah teu maranéh nanya ka nu sok ngumbara?

Osok ditalungtik teu laporan-laporan ti maranéhna téh?

30 Nu jahat teu sangsara pan waktu ditarajang musibat?

Manéhna salamet pan waktu Allah ambek?

31 Saha nu wani méré nyaho manéhna yén kalakuanana téh salah?

Saha nu wani ngabales kalakuan manéhna?

32 Manéhna bakal dibawa ka pamakaman,

Tuluy makamna bakal dijaga.

33 Taneuh di lebak* tempat manéhna ngagolér téh karasana genaheun.+

Sakabéh umat manusa bakal nuturkeun manéhna ka dinya,*+

Sarua siga jalma-jalma nu teu kaitung lobana nu geus miheulaan manéhna.

34 Ongkoh rék negerkeun, geuning omongan maranéh téh euweuh eusina.+

Jawaban maranéh mah teu pararuguh, kalah ka ngawadul!”

22 Élifaz+ urang Téman ngajawab,

 2 ”Mémangna manusa aya gunana keur Allah?

Mémangna jalma nu boga pangarti aya mangpaatna keur Anjeunna?+

 3 Nu Mahakawasa merhatikeun* kitu lamun manéh ngalampahkeun nu bener?

Aya untungna kitu keur Anjeunna lamun manéh hirup bersih?*+

 4 Mun manéh hormat ka Allah,

Mémangna manéh bakal dihukum sarta dibawa ka pangadilan ku Anjeunna?

 5 Kapan éta téh pédah manéh loba teuing nyieun kajahatan

Sarta teu eureun-eureun nyieun kasalahan.+

 6 Manéh teu adil ka dulur-dulur manéh, ngarampas barang-barangna pikeun dijadikeun jaminan hutang.

Manéh nyokot baju jalma miskin tuluy ngantep manéhna sina taranjang.+

 7 Ka nu capé téh manéh tara méré nginum-nginum acan,

Ka nu lapar bororaah méré dahar.+

 8 Jalma nu kuat kawas manéh ngarampas tanah,+

Sarta ngan jalma nu dihormat kawas manéh nu bisa nyicinganana.

 9 Randa-randa ku manéh dititah indit bari teu dibahanan nanaon.

Leungeun barudak yatim* ku manéh diremukkeun.

10 Éta sababna manéh dikurilingan ku jiret+

Sarta ujug-ujug loba kasieun.

11 Éta sababna aya poék nu nyababkeun manéh teu bisa ningali,

Sarta manéh kalimpudan ku caah.

12 Kapan Allah téh aya di langit nu pangluhurna.

Tuh tingali, sakitu luhurna béntang-béntang.

13 Tapi ceuk manéh, ’Allah terang naon?

Bisa kitu Anjeunna ngahakiman ti tempat nu kahalangan ku méga* hideung?

14 Méga-méga ngahalangan Anjeunna,

Jadi waktu leuleumpangan di langit,* Anjeunna teu bisa ningali urang.’

15 Manéh rék nuturkeun jalan jalma jahat

Nu geus aya ti baheula?

16 Maranéhna téh jalma-jalma nu paéh saméméh waktuna.

Maranéhna kawas pondasi wangunan nu palid ku caah.+

17 Maranéhna ngomong ka Allah nu sajati, ’Ulah ngaganggu urang!’

Sarta, ’Bisa naon Nu Mahakawasa ka urang?’

18 Padahal nu minuhan imah maranéhna ku hal-hal hadé téh nya Anjeunna.

(Urang mah teu pernah boga pikiran jahat siga kitu.)

19 Jalma bener bakal atoh ningali maranéhna ancur,

Sarta jalma nu teu boga salah bakal moyokan maranéhna jeung ngomong,

20 ’Lawan-lawan urang geus dibasmi.

Naon nu nyésa ti maranéhna bakal diduruk ku seuneu.’

21 Nu matak, ayeuna mah sok raketan Allah, ulah ngamusuhan ka Anjeunna.

Engké manéh bakal meunangkeun berkah-Na.

22 Tarima hukum Anjeunna,

Simpen kekecapana-Na dina haté manéh.+

23 Mun manéh balik deui ka Nu Mahakawasa, manéh bakal dipulihkeun.+

Mun manéh nyingkirkeun lampah nu teu bener ti kémah manéh,

24 Mun manéh miceun emas kana lebu

Sarta ngalungkeun emas Ofir+ ka jungkrang,*

25 Nu bakal jadi emas manéh

Sarta pérak manéh nu pangalusna téh nya Nu Mahakawasa.

26 Nu bakal jadi sumber kabagjaan manéh téh Nu Mahakawasa.

Manéh gé moal sieun ngaraketan Allah deui.

27 Mun manéh sasambat, ku Anjeunna bakal didangukeun.

Manéh bakal nedunan ikrar manéh.

28 Sagala putusan manéh bakal hasil.

Jalan manéh bakal dicaangan.

29 Mun sombong, manéh bakal direndahkeun.

Tapi nu rendah haté mah bakal disalametkeun ku Anjeunna.

30 Anjeunna bakal nyalametkeun jalma nu teu salah.

Jadi lamun manéh teu ngalampahkeun nu jahat, manéh tangtu disalametkeun.”

23 Ayub ngajawab,

 2 ”Poé ieu gé urang rék ngungkabkeun kakeuheul, da urang teu tarima.+

Urang terus udah-aduh nepi ka béak tanaga.

 3 Coba mun urang nyaho Allah aya di mana!+

Ku urang rék disampeurkeun ka pamatuhana-Na.+

 4 Urang rék mawa perkara urang ka hareupeun Anjeunna,

Tuluy rék dijéntrékeun kabéhanana.

 5 Hayang nyaho kumaha Anjeunna rék ngajawab urang,

Ku urang rék diperhatikeun ucapana-Na.

 6 Anjeunna rék ngalawan urang ku kakuatana-Na nu gedé, kitu?

Moal, Anjeunna tangtu ngadéngékeun urang.+

 7 Jalma bener bakal méréskeun kasusna di ditu, hareupeun Anjeunna.

Hakim urang bakal ngabébaskeun urang keur salilana.

 8 Tapi barang ku urang ditéang ka wétan, Anjeunna teu aya.

Ditéang ka kulon, angger teu kapanggih.

 9 Waktu Anjeunna didamel di kalér, urang teu bisa ningali Anjeunna.

Waktu Anjeunna ka kidul, angger kénéh urang teu ningali Anjeunna.

10 Najan kitu, Anjeunna terang jalan nu ditempuh ku urang.+

Sanggeus diuji ku Anjeunna, urang bakal jadi kawas emas murni.+

11 Urang terus nuturkeun unggal léngkah-Na,

Tara nyimpang tina jalan-Na.+

12 Urang teu pernah ngalanggar paréntah nu diucapkeun ku Anjeunna,+

Malah ngalampahkeunana leuwih ti nu dipénta.

13 Mun Anjeunna geus mutuskeun, saha nu bisa ngahalang-halang?+

Mun Anjeunna boga kahayang, pasti dilaksanakeun.+

14 Naon nu geus ditetepkeun keur urang, kabéhanana bakal dilaksanakeun ku Anjeunna,

Sarta loba nu sarupa kitu téh.

15 Ku sabab éta, urang sieun ka Anjeunna.

Lamun mikirkeun Anjeunna, urang jadi beuki sieun.

16 Ku karana Allah, urang jadi gimir.

Ku karana Nu Mahakawasa, urang jadi sieun.

17 Tapi poék ngajumbleng moal ngabungkem urang,

Najan éta nutupan beungeut urang.

24 ”Ku naon Nu Mahakawasa teu netepkeun poé keur ngahakiman?+

Ku naon jalma-jalma nu wanoh ka Anjeunna teu ningali poé éta?

 2 Jalma-jalma mindahkeun wates lahan batur.+

Maranéhna ngarampas ingon-ingon pikeun dibawa ka tegalan milikna sorangan.

 3 Kaldé budak yatim dijabel ku maranéhna.

Sapi jalu milik randa dirampas pikeun dijadikeun jaminan hutang.+

 4 Nu miskin ku maranéhna dipaksa nyingkir ti jalan.

Nu teu walakaya kudu nyumput ti maranéhna.+

 5 Nu miskin néangan dahareun kawas kaldé liar+ di tanah gurun.

Maranéhna néangan dahareun di gurun keusik keur anak-anakna.

 6 Maranéhna kudu ngala di lahan* batur

Sarta mulung di kebon anggurna jalma jahat.

 7 Ti peuting, maranéhna saré bari teu dibaju.+

Maranéhna teu boga simbut jang ngahaneutan awakna.

 8 Maranéhna jibrug lantaran kahujanan di gunung.

Maranéhna mépéd cadas pikeun ngiuhan.

 9 Budak yatim nu keur nyusu direbut ti indungna.+

Baju jalma miskin dicokot, dijadikeun jaminan hutang.+

10 Maranéhna dipaksa indit bari teu dibaju,

Jaba kalaparan jeung mamawa beungkeutan hasil panén.

11 Waktu keur panas mentrang, maranéhna digawé beurat* di kebon nu aya di lamping.*

Maranéhna nincakan anggur di tempat pameresan anggur, tapi maranéhna harauseun.+

12 Nu sakarat udah-aduh di kota,

Nu raheut parah ngajerit ménta tulung,+

Tapi Allah mah haré-haré.*

13 Aya jalma-jalma nu nolak caang.+

Maranéhna teu hayang nyaho jalan nu caang

Jeung teu hayang nuturkeun.

14 Waktu bray caang, si tukang maéhan hudang.

Manéhna maéhan nu teu walakaya jeung nu miskin.+

Ari ti peuting, manéhna maling.

15 Si tukang jinah ngadago-dago pasosoré.+

Ceuk manéhna, ’Euweuh nu ningali urang!’+

Tuluy manéhna nutupan beungeutna.

16 Jalma jahat ngabobol imah peuting-peuting,

Ari keur beurang mah maranéhna nyarumput.

Maranéhna nyingkahan caang.+

17 Keur maranéhna mah isuk-isuk téh karasana poék mongkléng.

Kana poék jeung ka nu pikasieuneun mah maranéhna téh geus biasa.

18 Tapi maranéhna gancang kabawa palid ku cai.

Bagian tanahna bakal dikutuk.+

Maranéhna moal bakal balik deui ka kebon anggurna.

19 Kawas salju lééh tuluy nyaab* ku halodo jeung panas,

Nya kitu ogé jalma nu boga dosa, bakal musna di Kuburan!*+

20 Ku indungna sorangan gé geus dipopohokeun. Jasadna bakal dihakanan ku bilatung.

Manéhna moal diinget-inget deui.+

Jalma-jalma nu lampahna teu bener bakal dirubuhkeun kawas tangkal.

21 Awéwé mandul diarah ku manéhna,

Randa ditindes ku manéhna.

22 Ku kakuatana-Na, Allah bakal ngamusnakeun jalma nu perkasa.

Najan maranéhna boga jabatan luhur, euweuh jaminan maranéhna bakal tetep hirup.

23 Maranéhna ku Allah diantep sina reugreug jeung ngarasa aman.+

Tapi unggal lampahna diawaskeun ku Anjeunna.+

24 Keur saheulaanan mah maranéhna dipunjulkeun, tapi geus kitu maranéhna moal aya deui.+

Maranéhna direndahkeun+ jeung dikumpulkeun kawas nu séjénna.

Maranéhna kawas gandum nu diteukteuk tina gagangna.

25 Saha nu bisa ngabantah ucapan urang?

Saha nu bisa ngabuktikeun urang ngabohong?”

25 Ku Bildad+ urang Syuah ditémbalan,

 2 ”Allah boga kakawasaan jeung kakuatan nu matak tajub.

Nya ku lantaran Anjeunna sorga jadi tengtrem.

 3 Bisa kitu pasukan-Na diitung?

Saha nu teu kasorot ku cahaya Allah?

 4 Bisa kitu manusa dianggap bener ku Allah?+

Bisa kitu jalma nu dilahirkeun ku awéwé dianggap teu salah?*+

 5 Malahan dina pandangan Anjeunna mah bulan téh teu caang,

Béntang-béntang gé teu méncrang,

 6 Komo deui manusa nu kawas bilatung,

Sarta anak manusa nu kawas cacing!”

26 Tuluy Ayub némbalan,

 2 ”Nu kitu nu disebut mantuan nu teu walakaya téh?

Nu kitu nu disebut nyalametkeun nu lemah téh?+

 3 Alus pisan nya saran manéh keur jalma nu teu bijaksana!+

Loba pisan kabijaksanaan nu diucapkeun ku manéh!

 4 Cik, ka saha maksudna éta omongan téh?

Ti saha meunang ilhamna?

 5 Jalma nu geus maot, nyaéta nu teu walakaya, pada tingdarégdég.

Maranéhna leuwih rendah tibatan laut jeung eusina.

 6 Di Kuburan* mah euweuh nu buni tina pandangan Allah.+

Kabéh nu aya di tempat kabinasaan* téh katingali ku Anjeunna.

 7 Allah mébérkeun langit kalér di ruang hampa,+

Ngagantungkeun bumi di tempat nu suwung.

 8 Ku Anjeunna cai dibulen ku méga,*+

Tapi méga teu bobol sanajan beurat ku cai.

 9 Anjeunna mentangkeun méga

Supaya tahta-Na teu katingali.+

10 Anjeunna nyieun garis pikeun jadi wates antara langit jeung laut.+

Anjeunna netepkeun wates antara caang jeung poék.

11 Tihang-tihang langit eundeur

Jeung ngageter waktu disentak ku Anjeunna.

12 Ku kakuatan Anjeunna laut jadi motah.+

Ku pangarti-Na Anjeunna ngancurkeun mahluk raksasa di laut.*+

13 Ku napas-Na* langit jadi bersih.

Panangan Anjeunna nubles oray nu luar-léor.

14 Ieu téh kakara saeutik tina sakitu lobana tindakan Anjeunna,+

Ngan ukur haréwos-haréwosna nu kadéngé ku ceuli urang mah!

Jadi, saha nu bisa ngarti kana guludug-Na nu ngajelegur?”+

27 Ayub neruskeun deui omonganana,*

 2 ”Demi Allah nu hirup, nu geus ngarampas kaadilan ti urang,+

Demi Nu Mahakawasa, nu geus nyangsarakeun hirup urang,+

 3 Salila urang napas kénéh,

Salila napas ti Gusti masih aya dina diri urang,+

 4 Moal mungkin biwir urang ngucapkeun nu teu bener,

Atawa létah urang nipu!

 5 Mustahil urang nganggap maranéh bener!

Nepi ka paéh gé moal mungkin urang teu satia ka Allah!+

 6 Urang mah keukeuh ngarasa teu salah jeung bakal terus siga kitu.+

Salila urang hirup, urang moal bakal ngarasa salah.*

 7 Muga-muga musuh urang dihukum kawas jalma jahat,

Sarta nu nganiaya urang dihukum kawas jalma nu teu bener.

 8 Naon harepan keur jalma nu teu kenal ka Allah* waktu manéhna dimusnakeun,+

Waktu Allah ngarampas nyawana?

 9 Waktu manéhna keur susah,

Mémangna panyambatna bakal didéngé ku Allah?+

10 Mémangna manéhna bakal meunang kabagjaan ti Nu Mahakawasa?

Manéhna bakal terus sasambat ka Allah, kitu?

11 Urang bakal ngajar maranéh ngeunaan kawasa Allah.*

Urang moal bakal nyumputkeun nanaon ngeunaan Nu Mahakawasa.

12 Lamun enya maranéh kabéh meunang téténjoan,

Naha atuh bet ngocoblak euweuh hartina?

13 Ieu jatah ti Allah keur jalma jahat,+

Warisan ti Nu Mahakawasa keur jalma nu sok nindes.

14 Najan anakna loba, maranéhna bakal paéh ku pedang.+

Turunanana bakal karurang dahar.

15 Turunanana nu salamet bakal paéh ku wabah panyakit,

Ku pamajikan maranéhna gé moal diceungceurikan.

16 Najan manéhna nimbun pérak nu lobana kawas kekebul

Sarta nyimpen baju alus nu lobana kawas taneuh liket,

17 Najan manéhna sorangan nu ngumpulkeunana,

Nu bakal makéna mah jalma bener,+

Sarta nu bakal ngabagi-bagi pérakna mah jalma nu teu salah.

18 Imah nu diwangun ku manéhna babari rugrug kawas cacaka,*

Kawas saung+ nu dijieun ku tukang jaga.

19 Waktu saré mah manéhna beunghar, tapi les kakayaanana bakal leungit.*

Barang manéhna hudang, kabéhanana geus euweuh.

20 Kasieun narajang manéhna kawas caah.

Angin topan nyéréd manéhna peuting-peuting.+

21 Hiuk angin wétan niup manéhna, les baé leungit,

Manéhna kabawa ti imahna.+

22 Waktu manéhna rék kabur sakuat tanaga,+

Éta angin narajang manéhna taya karunya.+

23 Ti tempatna, éta angin* keprok jeung ngahéot,+

Moyokan manéhna.

28 ”Aya tempat keur ngagali pérak

Sarta tempat keur ngagali emas nu bakal dimurnikeun.+

 2 Beusi téh dialana tina taneuh,

Ari tambaga mah dialana tina babatuan.+

 3 Manusa nalukkeun poék.

Manéhna asup ka tempat nu poék ngajumbleng

Pikeun néangan logam nu mahal hargana.

 4 Manéhna ngagali guha nu jauh ti pamatuhan jalma-jalma,

Nyaéta tempat nu geus dipopohokeun, jauh ti tempat leumpangna jalma-jalma.

Sababaraha jalma turun tuluy guwang-gawing dina tali tambang.

 5 Luhureun taneuh, bijil pepelakan nu jadi dahareun.

Tapi handapeunana, taneuh kawas diburak-barik ku seuneu.*

 6 Di dinya aya batu sapir,

Kekebulna gé aya emasna.

 7 Heulang teu nyaho jalan ka dinya.

Heulang hideung gé teu pernah nénjo éta tempat.

 8 Sato galak teu pernah nincak ka dinya.

Singa ngora teu pernah kukulayaban di dinya.

 9 Jalma ngancurkeun batu nu teuas.

Dasar-dasar gunung digali, gunungna dijungkir-jungkirkeun.

10 Manéhna nyieun aliran-aliran cai+ di gunung batu,

Bréh katingali batu-batu anu marulya.

11 Di girang walungan manéhna ngabendung cai,

Seug naon-naon anu buni diangkat ka tempat nu caang.

12 Tapi ari kabijaksanaan, di mana néanganana?+

Di mana sumber pangarti téh?+

13 Euweuh nu nyaho nilaina kabijaksanaan.+

Éta moal kapanggih di mana-mana, di sakuliah bumi gé moal.

14 Ceuk laut nu jero, ’Lain di urang!’

Ceuk laut, ’Euweuh di urang gé!’+

15 Éta moal bisa dibeuli ku emas murni,

Moal bisa ditukeuran ku pérak, rék sakumaha beuratna gé.+

16 Éta moal bisa dibeuli ku emas Ofir,+

Atawa ku batu oniks nu langka jeung batu sapir.

17 Emas jeung kaca teu sabanding jeung éta.

Éta teu bisa ditukeuran ku wadah tina emas murni.+

18 Koral* jeung kristal teu sabanding jeung éta,+

Lantaran sakantong kabijaksanaan leuwih gedé nilaina tibatan sakantong mutiara.

19 Batu topas+ ti Kus teu bisa nandingan éta.

Éta moal bisa dibeuli sanajan ku emas murni.

20 Tapi ti mana asalna kabijaksanaan?

Di mana sumber pangarti téh?+

21 Éta disumputkeun ti panon sakabéh mahluk hirup+

Sarta teu katénjo ku manuk-manuk nu hiber di langit.

22 Kabinasaan jeung pati ngomong,

’Urang ngan saukur ngadéngé béjana.’

23 Ngan Allah nu terang ka mana néanganana.

Ngan Anjeunna nu terang éta aya di mana.+

24 Sabab Anjeunna ningali nepi ka tungtung-tungtung bumi

Sarta ningali kabéh nu aya di kolong langit.+

25 Waktu Anjeunna méré tanaga ka angin+

Sarta naker lobana cai,+

26 Waktu Anjeunna netepkeun aturan keur hujan+

Sarta nangtukeun pijalaneun keur angin topan jeung kilat,+

27 Harita kénéh Anjeunna ningali kabijaksanaan jeung nyaritakeunana.

Seug kabijaksanaan téh ditetepkeun jeung diuji.

28 Tuluy Anjeunna ngomong ka manusa,

’Mun hayang boga kabijaksanaan, kudu hormat* ka Yéhuwa.+

Mun hayang boga pangarti, kudu ngajauhan nu jahat.’”+

29 Ayub neruskeun deui omonganana,*

 2 ”Coba lamun hirup urang téh kawas baheula,

Basa urang dijaga kénéh ku Allah,

 3 Basa lampu Anjeunna nyaangan sirah urang,

Sarta cahaya-Na nyaangan urang nu keur leumpang di nu poék,+

 4 Basa urang ngora jeung jagjag kénéh,

Basa Allah jadi sobat urang jeung aya di kémah urang,+

 5 Basa Nu Mahakawasa nyarengan urang,

Basa urang riung mungpulung jeung barudak,*

 6 Basa suku urang dikumbah ku susu,

Sarta minyak zaitun ti gunung batu ngagolontor keur urang,+

 7 Basa urang masih kénéh sering indit ka gerbang kota+

Sarta diuk di lapangan,+

 8 Lamun nu ngarora ningali urang, maranéhna nyarisi méré jalan,

Nu sarepuh gé carengkat sarta terus narangtung.+

 9 Para pamingpin nahan omonganana,

Nutup bahamna ku leungeunna.

10 Jalma penting teu ngomong nanaon,

Létahna napel kana lalangit.

11 Saha waé nu ngadéngé ngeunaan urang bakal muji-muji,

Saha waé nu ningali urang bakal ngabéla urang.

12 Sabab urang nyalametkeun jalma miskin nu ménta tulung,+

Kitu ogé jeung budak yatim sarta saha waé nu kudu ditulungan.+

13 Jalma nu téréh maot ngaberkahan urang.+

Para randa gumbira lantaran ditulungan ku urang.+

14 Bebeneran dijadikeun pakéan ku urang,

Kaadilan dijadikeun jubah jeung sorban.

15 Keur nu lolong, urang jadi panonna.

Keur nu pincang, urang jadi sukuna.

16 Keur nu malarat, urang jadi bapana.+

Urang mantuan jalma nu teu dikenal pikeun meunangkeun kaadilan.+

17 Urang ngancurkeun cacapékna jalma jahat+

Sarta ngaleupaskeun mamangsan tina sungutna.

18 Baheula urang sok ngomong, ’Urang mah maotna rék di imah sorangan.+

Poé urang hirup gé jumlahna bakal kacida lobana kawas keusik.

19 Urang téh ibarat tangkal nu akarna ngarambat ka tempat nu loba caina,

Sapeupeuting ciibun ngabaseuhan dahan-dahan urang.

20 Kamulyaan urang moal pernah sirna.

Busur dina leungeun urang moal eureun mesatkeun panah.’

21 Jalma-jalma ngarep-ngarep bisa ngadéngé ucapan urang.

Maranéhna jarempé ngadagoan naséhat urang.+

22 Sanggeus urang ngomong, euweuh nu wani nambahan.

Omongan urang téh genaheun kadéngéna ku ceuli maranéhna.

23 Maranéhna ngadago-dago urang kawas ngadago-dago hujan.

Maranéhna ngarep-ngarep bisa ngadéngé kekecapan urang kawas ngarep-ngarep datangna hujan usum semi.+

24 Waktu urang ngajak seuri, maranéhna teu nyangka.

Ningali beungeut urang marahmay téh maranéhna ngarasa tenang.*

25 Urang jadi pamingpin nu méré pituduh ka maranéhna.

Urang kawas raja di antara pasukanna,+

Kawas jalma nu nguatkeun maranéhna nu keur sungkawa.+

30 ”Ari ayeuna, ku nu leuwih ngora gé

Urang diseungseurikeun,+

Padahal bapa maranéhna gé

Teu pantes ngajaga ingon-ingon bareng jeung anjing-anjing urang.

 2 Kakuatan maranéhna euweuh gunana keur urang.

Maranéhna geus béakkeun tanaga.

 3 Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, maranéhna jadi lemah.

Maranéhna ngagayem naon waé nu aya dina taneuh nu garing,

Nyaéta taneuh nu geus ancur jeung teu diurus.

 4 Maranéhna nyabutan daun-daun asin tina rungkun.

Akar-akar pait tina tangkal jadi dahareunana.

 5 Maranéhna téh jalma-jalma nu diusir ti masarakat.+

Jalma-jalma gogorowokan ka maranéhna kawas ka bangsat.

 6 Caricingna téh di lamping-lamping* di sisi leuwi,

Di guha-guha di jero taneuh, sarta di gunung-gunung batu.

 7 Maranéhna ngajerit tina rungkun

Sarta pajejel di antara pepelakan liar.

 8 Maranéhna téh turunan jalma bodo jeung euweuh gunana,

Ku kituna maranéhna diusir ti lemburna.

 9 Tapi ayeuna nu karitu patut gé moyokan urang, malahan dina lagu-laguna.+

Urang dijadikeun sindiran ku maranéhna.+

10 Maranéhna nyingkah lantaran geuleuheun ka urang.+

Maranéhna teu asa-asa nyiduhan beungeut urang.+

11 Maranéhna teu asa-asa ngalawan urang,

Pédah urang keur direndahkeun jeung dijadikeun teu walakaya ku Allah.

12 Ti beulah katuhu, maranéhna ngarempug urang,

Nu matak urang kudu kabur.

Sajajalan, maranéhna neundeun hahalang-hahalang supaya urang binasa.

13 Maranéhna ngaruksak jalan-jalan urang.

Gara-gara maranéhna, urang jadi beuki sangsara.+

Euweuh nu ngeureunkeun* maranéhna deuih.

14 Saolah maranéhna datang liwat témbok nu geus bobol.

Maranéhna narajang tempat nu geus ancur.

15 Urang dilimpudan ku kasieun.

Martabat urang leungit kabawa angin.

Harepan urang pikeun salamet sirna kawas méga* kasapu angin.

16 Ayeuna mah urang geus deukeut kana ajal,+

Urang sangsara+ saban poé.

17 Ari peuting, satulang-tulang nyareri,+

Asa dicocogan teu eureun-eureun.+

18 Pakéan urang dipuril-puril ku kakuatan nu gedé.*

Kawas liang beuheung baju nu sempit éta nyekék urang.

19 Allah miceun urang kana leutak.

Urang jadi kawas kekebul jeung lebu.

20 Abdi ngajerit ménta tulung, tapi ku Gusti teu diwaro.+

Abdi cengkat, tapi ku Gusti ngan ditingali wungkul.

21 Ku kejem-kejemna, Gusti nyerang abdi.+

Sataker kebek Gusti neunggeul abdi.

22 Ku Gusti abdi diangkat sina diapung-apung ku angin

Tuluy dibuntang-banting ku topan.*

23 Abdi terang Gusti bakal nyandak abdi kana ajal,

Ka pamatuhan sadaya jalmi, tempat maranéhna bakal ngumpul.

24 Mémangna aya nu téga neunggeul jalma nu teu walakaya*+

Waktu manéhna ngajerit ménta tulung lantaran sangsara?

25 Lain baheula téh urang sok milu ceurik ka nu sangsara

Jeung milu sedih ka nu miskin?+

26 Nu diarep-arep téh kahadéan, nu ditarima kalah ka kagoréngan.

Nu didago-dago téh caang, nu datang kalah ka poék.

27 Haté urang guligah teu eureun-eureun.

Saban poé urang sangsara.

28 Urang leumpang bari nguyung,+ teu ningali panonpoé.

Di antara jalma réa, urang nangtung jeung ngajerit ménta tulung.

29 Urang jadi dulurna anjing leuweung

Sarta baturna manuk onta.+

30 Kulit jadi hideung jeung molotok.+

Tulang-tulang asa panas kawas kaduruk.*

31 Harpa urang ngan dipaké waktu aya nu sungkawa.

Suling urang dipaké waktu aya nu ceurik.

31 ”Urang geus jangji ka diri* sorangan+

Moal pelang-pelong ka mojang bari boga pikiran kotor.+

 2 Mun urang siga kitu, urang bakal dibéré naon ku Allah nu aya di sorga?

Urang bakal narima naon ti Nu Mahakawasa nu aya di luhur?

 3 Kapan jalma jahat téh bakal keuna musibat,

Sarta jalma nu sok nyilakakeun téh bakal keuna ku bahla.+

 4 Allah teu ningali kitu jalan hirup urang?+

Teu merhatikeun kitu unggal léngkah urang?

 5 Pernah kitu urang ngabohong*

Atawa tupa-tipu ka batur?+

 6 Mugia Allah nimbang urang ku timbangan nu bener,+

Ku kituna Anjeunna terang yén urang téh satia ka Anjeunna.+

 7 Lamun urang méngpar tina jalan nu bener,+

Atawa haté urang kagoda ku nu ditingali ku panon,+

Atawa leungeun urang lamokot ku kajahatan,

 8 Keun baé binih nu ditebar ku urang didahar ku batur,+

Sarta keun baé naon nu dipelak ku urang sina dirabut.*

 9 Lamun haté urang kapincut ku awéwé,+

Sarta urang ngadodoho+ pamajikan batur di lawang pantona,

10 Keun pamajikan urang sina ngagiling gandum keur lalaki séjén,

Keun lalaki séjén sina ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan urang.+

11 Sabab kalakuan nu kararitu téh ngérakeun.

Éta téh kasalahan nu pantes dihukum ku para hakim.+

12 Éta kawas seuneu nu ngaduruk jeung ngamusnakeun,+

Malahan ngaduruk kabéh hasil gawé urang.

13 Mun palayan urang, boh lalaki boh awéwé,

Gegelendeng ka urang,* tapi teu dibéré kaadilan ku urang,

14 Urang kudu kumaha waktu ngadep ka Allah?

Urang kudu ngajawab naon waktu dipariksa ku Anjeunna?+

15 Allah nu nyieun urang di jero kandungan téh nyieun maranéhna ogé, pan?+

Saacan dijurukeun, boh urang boh maranéhna, sarua dibentuk ku Anjeunna, pan?+

16 Lamun urang teu nyumponan kahayang jalma miskin+

Atawa urang nyababkeun hiji randa ceurik,+

17 Lamun urang dahar sorangan,

Teu babagi ka yatim pahatu,+

18 (Sabab ti ngongora, urang geus dianggap bapa ku nu yatim pahatu éta,

Sarta ti leuleutik,* urang geus mantuan éta randa.)

19 Lamun urang ngantep jalma téréh maot lantaran katirisan teu boga baju,

Atawa ngantep jalma miskin teu boga nanaon keur nutupan awakna,+

20 Lamun manéhna teu ngaberkahan urang+

Lantaran ku urang teu dibéré wol keur ngahaneutan awakna,

21 Lamun urang meureupan yatim pahatu,+

Padahal manéhna téh butuh bantuan* urang di gerbang kota,+

22 Keun leungeun urang sina coplok tina taktak,*

Keun siku urang sina potong.

23 Urang mah sieun ku bahla ti Allah,

Sarta urang teu bisa nangtung hareupeun kamulyaana-Na.

24 Lamun urang ngandelkeun emas,

Atawa ngomong ka emas murni, ’Manéh téh andelan urang!’+

25 Lamun urang agul lantaran urang beunghar pisan+

Sarta boga loba harta banda,+

26 Lamun urang ningali panonpoé cahayaan

Atawa ningali gerak bulan nu sakitu éndahna,+

27 Tuluy haté urang kapincut

Nepi ka urang nyium leungeun sorangan tanda nyembah,+

28 Tah éta kabéh téh kasalahan nu pantes dihukum ku para hakim,

Sabab urang geus mungkir ti Allah nu sajati di sorga.

29 Pernah kitu urang atoh waktu musuh urang cilaka+

Atawa mupuas waktu manéhna keuna musibat?

30 Urang teu pernah nyieun dosa ku biwir sorangan.

Urang teu pernah nyumpahan manéhna sina maot.+

31 Pan jalma-jalma di kémah urang sok ngaromong kieu,

’Saha nu teu dibéré dahar* ku Ayub nepi ka seubeuh?’+

32 Euweuh urang asing nu kapaksa meuting di luar.+

Nu ngumbara sok diajak mondok di imah urang.

33 Pernah kitu urang nutupan palanggaran urang kawas batur,+

Nyumputkeun kasalahan urang di jero pakéan?

34 Pernah kitu urang sieun ka jalma réa

Atawa sieun dipikangéwa ku kulawarga séjén,

Nepi ka urang kudu jempé jeung teu wani kaluar imah?

35 Coba mun aya nu ngadéngékeun urang!+

Tanda tangan urang bakal neguhkeun yén omongan urang téh bener.

Mugia Nu Mahakawasa ngajawab urang!+

Coba lamun nu nuduh urang nuliskeun tuduhanana dina kertas!

36 Éta rék dibabawa dina taktak,

Rék diterapkeun dina sirah lir makuta.

37 Sagala kalakuan urang rék diunjukkeun ka Allah.

Kawas pamingpin, urang moal sieun ngadep ka Anjeunna.

38 Lamun lahan urang ngajerit ménta tulung

Sarta tapak wuluku* careurik gara-gara urang,

39 Lamun urang ngadahar hasil panén batur tapi teu mayar,+

Atawa nu bogana jadi susah gara-gara urang,+

40 Keun gandum dina lahan urang sina jadi rungkun cucuk,

Keun barli sina jadi jujukutan nu bau.”

Sakitu omongan Ayub téh.

32 Tilu babaturan Ayub teu némbalan deui, lantaran Ayub yakin yén manéhna téh bener.+ 2 Tapi Élihu anak Barakhél, urang Buz+ ti kulawarga Ram, ambek pisan. Manéhna ambek lantaran Ayub hayang ngabuktikeun yén nu bener téh dirina, lain Allah.+ 3 Manéhna gé ambek pisan ka tilu babaturan Ayub, lantaran maranéhna teu bisa ngajawab Ayub. Maranéhna kalah ka nyebut Allah téh jahat.+ 4 Élihu rék ngajawab Ayub, tapi ngadagoan nepi ka kabéhanana bérés ngomong, da maranéhna téh leuwih kolot.+ 5 Barang nu tiluan téa teu bisa ngajawab deui, amarah Élihu ngagedur. 6 Jadi Élihu anak Barakhél, urang Buz, ngomong kieu,

”Abdi téh ngora kénéh,

Ari aranjeun tos sarepuh.+

Jadi abdi nahan diri, da ngahargaan aranjeun.+

Abdi teu wani nyaritakeun kanyaho abdi.

 7 Ceuk pamikir abdi téh, ’Keun wéh nu karolot nu ngomong,

Keun wéh nu geus umuran nu nyaritakeun kabijaksanaan.’

 8 Tapi kawasa suci, nyaéta napas ti Nu Mahakawasa,

Nu méré pangarti ka manusa.+

 9 Nu geus kolot can tangtu bijaksana.

Nu bisa ngarti ka nu bener téh lain nu geus umuran wungkul.+

10 Jadi ayeuna abdi ngomong, ’Cik dangukeun abdi.

Abdi gé bakal nyaritakeun naon kanyaho abdi.’

11 Abdi ngadagoan nepi ka aranjeun bérés ngomong.

Abdi terus ngadéngékeun pamikiran aranjeun.+

Waktu aranjeun keur mikir rék ngomong naon, ku abdi didagoan.+

12 Abdi ngabandungan aranjeun,

Tapi teu aya saurang-urang acan nu bisa ngabuktikeun Ayub téh salah*

Atawa ngabantah omonganana.

13 Jadi ulah ngaromong kieu, ’Urang téh bijaksana.

Nu ngabuktikeun manéhna salah téh Allah, lain manusa.’

14 Ayub pan lain ngomong ka abdi,

Jadi abdi moal ngajawab Ayub ku pamikiran siga aranjeun.

15 Aranjeunna* téh baringungeun, teu bisa ngajawab nanaon deui,

Geus teu nyarahoeun rék ngomong naon deui.

16 Abdi geus ngadagoan, tapi aranjeunna teu ngomong deui.

Aranjeunna téh ngajaranteng wéh di dinya, teu ngomong nanaon.

17 Jadi abdi nu bakal ngajawab.

Abdi bakal nyaritakeun naon kanyaho abdi.

18 Loba nu rék diomongkeun.

Aya kawasa nu ngajurung abdi pikeun ngomong.

19 Abdi téh kawas cianggur dina kantong kulit nu ditutup pageuh,

Kawas kantong kulit anyar nu téréh bucat.+

20 Abdi kudu ngomong ambéh haté téh plong.

Abdi rék ngomong jeung ngajawab.

21 Abdi moal mihak ka sasaha.+

Abdi moal muji-muji* manusa.

22 Sabab abdi teu nyaho carana muji-muji.

Lamun nyaho gé, Nu Ngadamel abdi bakal gancang nyingkirkeun abdi.

33 ”Tapi Ayub, ayeuna dangukeun kekecapan abdi.

Dangukeun sadaya ucapan abdi.

 2 Coba bandungan, abdi badé nyarios.

Abdi kedah nyarios.

 3 Kekecapan abdi ngabuktikeun yén abdi téh bener.+

Abdi bakal jujur nyaritakeun kanyaho abdi.

 4 Abdi diciptakeun ku kawasa suci Allah.+

Ku napas Nu Mahakawasa, abdi hirup.+

 5 Mangga jawab abdi upami tiasa.

Tepikeun jawaban anjeun, sok siap-siap pikeun ngabéla kasus anjeun.

 6 Payuneun Allah nu sajati, abdi téh sami sareng anjeun,

Sami didamel tina taneuh liket.+

 7 Jadi ulah sieun ka abdi.

Kekecapan abdi moal ngabeungbeuratan anjeun.

 8 Abdi ngadangu omongan anjeun.

Abdi teterusan ngadangu anjeun ngomong kieu,

 9 ’Urang murni, taya palanggaran.+

Urang bersih, taya kasalahan.+

10 Tapi Allah boga alesan pikeun ngalawan urang.

Urang dianggap musuh ku Anjeunna.+

11 Suku urang dipasung ku Anjeunna.

Sakabéh léngkah urang disidik-sidik ku Anjeunna.’+

12 Omongan anjeun téh teu bener, jadi ku abdi badé dijawab:

Allah téh jauh leuwih hébat tibatan manusa.+

13 Ku naon anjeun kukulutus ka Allah?+

Pédah omongan anjeun teu aya nu dijawab?+

14 Sabenerna Allah tos nyarios mangkali-kali,

Tapi teu aya nu merhatikeun.

15 Anjeunna nyarios dina impian, dina titingalian peuting-peuting,+

Waktu jalma-jalma keur sararé tibra,

Waktu maranéhna keur sararé dina kasur.

16 Tuluy Allah muka ceuli maranéhna+

Sarta ngabéjakeun paréntah-Na ka maranéhna,

17 Supaya jalma bisa nyingkahan lampah salah,+

Sarta supaya jalma teu sombong.+

18 Allah nyalametkeun manéhna* tina liang kubur+

Sarta ngajaga nyawana supaya teu musna ku pedang.*

19 Waktu keur gering sarta waktu tulang-tulangna terus karasa nyeri,

Jalma bisa sadar kana kasalahanana,

20 Nepi ka teu hayang dahar-dahar acan.

Kana kabeukina gé manéhna embungeun.+

21 Awakna jadi begang pisan,

Tulang-tulangna nepi ka katingali.

22 Nyawana* beuki deukeut kana liang kubur.

Aya nu rék maéhan manéhna.

23 Lamun di antara sarébu utusan*

Aya hiji nu dititah datang ka manéhna

Pikeun méré nyaho naon nu bener,

24 Tuluy Allah nunjukkeun welas asih sarta nyarios,

’Salametkeun manéhna supaya teu turun kana liang kubur!+

Kuring geus meunangkeun tebusan keur manéhna!+

25 Muga-muga awakna leuwih jagjag* tibatan keur ngorana.+

Muga-muga manéhna jadi kuat kawas keur ngora.’+

26 Manéhna bakal sasambat ka Allah,+ sarta ku Allah bakal dijawab.

Manéhna bakal ningali raray Anjeunna bari surak gumbira.

Manusa bakal dianggap bener deui ku Anjeunna.

27 Manéhna bakal ngomong ka* jalma-jalma,

’Urang geus dosa+ sarta ngalampahkeun nu teu bener,

Tapi urang teu dihukum.*

28 Anjeunna tos nebus urang,* supaya urang teu asup kana liang kubur+

Sarta bisa terus hirup.’

29 Allah tos mangkali-kali ngalampahkeun hal éta

Keur hiji manusa,

30 Pikeun nyalametkeun manéhna tina liang kubur,

Supaya manéhna bisa dicaangan ku cahaya kahirupan.+

31 Ayub, perhatikeun abdi. Dangukeun abdi.

Ulah waka ngajawab, abdi badé terus nyarios.

32 Mun aya nu badé dicarioskeun, sok mangga.

Sok nyarios, lantaran abdi badé ngabuktikeun yén anjeun téh bener.

33 Mun teu aya nu badé dicarioskeun, mangga dangukeun heula.

Ulah waka nyarios, abdi badé ngajarkeun kabijaksanaan.”

34 Jadi Élihu neruskeun omonganana,

 2 ”Aranjeun nu bijaksana, dangukeun kekecapan abdi.

Aranjeun nu loba kanyaho, dangukeun abdi.

 3 Sabab ceuli téh pikeun nguji kekecapan,

Kawas létah pikeun ngasaan kadaharan.

 4 Hayu urang timbang-timbang mana nu bener.

Hayu urang putuskeun mana nu hadé.

 5 Sabab ceuk Ayub, ’Urang téh bener,+

Tapi urang teu dibéré kaadilan ku Allah.+

 6 Urang téh kudu ngabohong jeung ngomong yén urang mémang pantes dihukum, kitu?

Kasangsaraan urang teu leungit-leungit najan urang teu boga dosa.’+

 7 Saha jalma nu siga Ayub,

Nu narima panghina kawas ngaleguk cai?

 8 Sakeudeung deui Ayub bakal babaturan jeung jalma-jalma teu bener

Sarta gaul jeung jalma-jalma jahat.+

 9 Ceuk manéhna, ’Taya gunana

Jalma upaya pikeun nyenangkeun Allah.’+

10 Jadi, jalma-jalma nu boga pangarti, sok dangukeun abdi.

Moal mungkin Allah nu sajati ngalampahkeun nu jahat,+

Moal mungkin Nu Mahakawasa ngalampahkeun nu salah.+

11 Anjeunna bakal ngaganjar hiji jalma satimpal jeung lampahna+

Sarta ngabales manéhna satimpal jeung kalakuanana.

12 Allah mah pasti moal ngalampahkeun nu jahat,+

Nu Mahakawasa moal nyimpang tina kaadilan.+

13 Saha nu méré tugas ka Anjeunna pikeun ngajaga bumi?

Saha nu ngalantik Anjeunna pikeun ngawasaan sakuliah dunya?

14 Lamun Anjeunna ngamusuh ka manusa,

Lamun Anjeunna ngarebut nyawa jeung napas maranéhna,+

15 Kabéh manusa bakal musna

Sarta marulang jadi kekebul.+

16 Jadi mun anjeun boga pangarti, perhatikeun.

Bandungan ucapan abdi.

17 Pantes kitu jalma nu ijid kana kaadilan maréntah?

Atawa, pantes kitu anjeun nyalahkeun pangawasa nu adil?

18 Mémangna anjeun bakal ngomong kieu ka raja, ’Anjeun téh teu guna,’

Atawa ka bangsawan, ’Anjeun téh jahat’?+

19 Allah moal mihak ka para pamingpin,

Moal leuwih mentingkeun nu beunghar tibatan nu miskin,*+

Da kabéhanana téh karya panangan-Na.+

20 Tengah peuting,+ maranéhna bisa ujug-ujug maot.+

Maranéhna ngadégdég tuluy paéh.

Malah para pamingpin gé dirabut, tapi lain ku leungeun manusa.+

21 Allah ngawas-ngawas kalakuan manusa.+

Merhatikeun unggal léngkah maranéhna.

22 Jalma jahat moal bisa nyumput najan dina kalangkang*

Atawa di nu poék mongkléng gé.+

23 Allah teu netepkeun waktu keur manusa

Pikeun ngadep ka Anjeunna sarta diadilan.

24 Anjeunna teu perlu papariksa heula saacan ngancurkeun para pamingpin

Sarta ngalantik gagantina.+

25 Anjeunna terang laku lampah maranéhna.+

Peuting-peuting maranéhna digulingkeun ku Anjeunna, tuluy maranéhna diancurkeun.+

26 Anjeunna neunggeul maranéhna hareupeun jalma réa,

Lantaran lampah maranéhna jahat,+

27 Lantaran maranéhna teu nuturkeun deui Anjeunna+

Sarta teu paduli kana jalan-jalan-Na.+

28 Gara-gara maranéhna, nu miskin ngajerit ka Anjeunna.

Jumeritna jalma nu teu walakaya éta didangu ku Anjeunna.+

29 Mun Allah cicing waé, saha nu bisa nyalahkeun Anjeunna?

Mun Anjeunna nyumput, saha nu bisa ningali Anjeunna?

Rék Anjeunna nyumput ti hiji bangsa atawa ti hiji jalma, tungtungna mah sarua.

30 Anjeunna teu ngidinan jalma nu teu kenal ka Allah* pikeun maréntah+

Atawa pikeun masang jiret keur jalma-jalma.

31 Anjeun nyarios ka Allah,

’Abdi dihukum padahal teu salah nanaon.+

32 Sok béjaan naon nu teu kaharti ku abdi.

Lamun abdi nyieun salah, moal sakali-kali deui dilampahkeun.’

33 Mémangna Allah kudu mayar ganti rugi sakumaha kahayang anjeun, padahal anjeun sorangan nu teu narima putusana-Na?

Anjeun nu kudu mutuskeun rék narima putusana-Na atawa henteu, lain abdi.

Jadi, sok caritakeun naon kanyaho anjeun.

34 Jalma bijaksana jeung boga pangarti

Nu ngadéngékeun abdi bakal ngomong kieu,

35 ’Omongan Ayub téh omongan jalma nu teu boga kanyaho.+

Kekecapanana nunjukkeun manéhna kurang pangarti.’

36 Keun wéh Ayub sina diuji* bébéakan.

Jawabanana téh teu béda ti jalma jahat.

37 Manéhna téh geus mah boga dosa, barontak deuih.+

Ayub keprok hareupeun urang tanda ngahina.

Omonganana teterusan ngalawan Allah nu sajati.”+

35 Élihu neruskeun omonganana,

 2 ”Anjeun téh ngarasa sakitu benerna nepi ka ngomong,

’Urang leuwih bener tibatan Allah’?+

 3 Ceuk anjeun, ’Naon untungna* lamun urang ngalampahkeun nu bener?

Mémangna kaayaan urang bakal leuwih hadé lamun teu ngalampahkeun dosa?’+

 4 Abdi rék ngajawab anjeun

Jeung babaturan+ anjeun.

 5 Sok tanggah ka langit,

Perhatikeun méga-méga*+ di luhur anjeun.

 6 Lamun anjeun nyieun dosa, Allah rugi kitu?+

Lamun palanggaran anjeun loba, aya pangaruhna kitu keur Anjeunna?+

 7 Lamun anjeun ngalampahkeun nu bener, naon untungna keur Allah?

Anjeunna meunang naon?+

 8 Lampah anjeun, boh hadé boh jahat,

Untung rugina nya keur papada manusa kénéh.

 9 Upama ditindes kacida kejemna, jalma-jalma bakal ngajerit,

Ngajerit ménta dibébaskeun tina genggeman jalma nu ngawasa.+

10 Tapi euweuh nu ngomong kieu, ’Hayu urang balik ka Allah, Gusti nu Agung nu Ngadamel urang.+

Anjeunna nu nyababkeun jalma-jalma ngawihkeun pupujian peuting-peuting.’+

11 Ku Anjeunna urang kabéh dibéré leuwih loba kanyaho+ tibatan sato-sato liar di bumi.+

Urang dijieun leuwih bijaksana tibatan manuk-manuk di langit.

12 Jalma-jalma ngajerit, tapi ku Anjeunna teu dijawab,+

Lantaran maranéhna téh nya sombong nya jahat.+

13 Jumeritna jalma nu munapék* ku Allah pasti moal didangukeun,+

Ku Nu Mahakawasa moal diperhatikeun.

14 Nya komo deui lamun anjeun kukulutus, majar teu ningali pitulung Allah!+

Kasus hukum anjeun aya di hareupeun Allah, jadi tungguan wéh sing sabar,+

15 Sabab Anjeunna teu ambek jeung teu ngahukum anjeun.

Omongan anjeun nu kasar pisan gé ku Anjeunna teu diasupkeun kana haté.+

16 Cumah Ayub ngomong waé,

Omonganana téh euweuh eusina.”+

36 Élihu neruskeun omonganana,

 2 ”Sabar nya sakeudeung deui, sabab aya kénéh nu rék dijelaskeun.

Masih aya kénéh nu rék diomongkeun pikeun ngawakilan Allah.

 3 Abdi rék ngajéntrékeun kabéh kanyaho abdi

Sarta némbongkeun yén Nu Ngadamel abdi téh bener.+

 4 Nu rék diomongkeun ku abdi téh bener,

Éta asalna ti Anjeunna nu terang kana sagalana.+

 5 Allah téh perkasa+ jeung moal mandang rendah ka sasaha.

Pangarti-Na kacida hébatna.

 6 Anjeunna moal ngantep jalma jahat terus hirup.+

Sabalikna, nu sangsara bakal dibéré kaadilan.+

 7 Anjeunna terus merhatikeun jalma-jalma bener.+

Ku Anjeunna maranéhna diangkat jadi raja*+ sarta dipunjulkeun salawasna.

 8 Tapi lamun maranéhna diranté

Jeung dibeulitan ku tali kasangsaraan,

 9 Anjeunna bakal méré nyaho yén kalakuan maranéhna téh salah.

Maranéhna nyieun palanggaran téh lantaran sombong.

10 Ku Anjeunna maranéhna disina ngadéngékeun naséhat Anjeunna

Sarta dipépélingan supaya teu ngalampahkeun deui nu salah.+

11 Lamun maranéhna nurut jeung ngabakti ka Anjeunna,

Maranéhna bakal makmur nepi ka ahir hirupna,

Sarta hirupna bakal sugema.+

12 Tapi lamun maranéhna teu nurut, maranéhna bakal binasa ku pedang*+

Sarta bakal maot bari teu boga pangarti.

13 Nu teu kenal ka Allah* bakal nyimpen kakeuheul.

Najan ditalian ku Anjeunna gé, maranéhna moal sasambat ménta tulung.

14 Maranéhna maot najan ngora kénéh.+

Maranéhna hirup* di antara lalaki nu jadi palacur kuil.+

15 Tapi, nu keur sangsara mah ku Allah disalametkeun.

Waktu ditindes, maranéhna disina ngadéngékeun pituduh Anjeunna.

16 Anjeun bakal dijait* ku Anjeunna tina jurang kasusah,+

Dibawa ka tempat nu lega jeung bébas tina kasusah.+

Dina méja anjeun bakal aya dahareun nu ngeunah supaya haté anjeun kaupahan.+

17 Anjeun bakal puas waktu jalma jahat dihukum,+

Waktu hukuman diputuskeun sarta kaadilan dijalankeun.

18 Tapi ati-ati, najan ambek pisan, ulah nepi ka boga kangéwa,+

Sarta ulah kasasabkeun ku panyogok.

19 Sanajan anjeun jejeritan ménta tulung

Atawa usaha sakuat tanaga, bisa kitu anjeun leupas tina kasusah?+

20 Ulah ngarep-ngarep peuting datang,

Waktu jalma-jalma musna ti tempatna.

21 Ulah ngalampahkeun nu salah,

Tapi sing tabah nandangan lara.+

22 Allah dimulyakeun lantaran kakuatana-Na.

Guru mana anu bisa nandingan Anjeunna?

23 Saha nu bisa ngabéjaan Anjeunna kudu kitu kudu kieu*+

Atawa ngomong, ’Nu dilampahkeun ku Gusti téh salah’?+

24 Ulah poho ngamulyakeun tindakana-Na+

Nu sok dinyanyikeun ku jalma-jalma.+

25 Sakabéh manusa geus ningali tindakana-Na,

Tapi ningalina ti kajauhan.

26 Nya, urang moal paham sakumaha hébatna kawasa Allah.+

Moal aya nu bisa ngitung geus sabaraha lila Anjeunna jumeneng.+

27 Cai nyaab* jadi halimun, tuluy diangkat ka luhur ku Anjeunna.+

Éta halimun engkéna jadi hujan.

28 Cihujan ngucur tina méga-méga,*+

Ngahujanan sakuliah bumi.

29 Mémangna aya nu bisa ngarti kana lapisan-lapisan méga,

Kana guludug anu ngagulugur ti panglinggihan Allah?+

30 Pék tingali kumaha kilat disina patingburinyay+ di ditu,

Sarta kumaha dasar-dasar laut ditutupan ku cai.

31 Ku hal-hal éta, Anjeunna nunjang hirup* manusa.

Anjeunna méré loba dahareun ka maranéhna.+

32 Kilat digenggem ku panangan-Na

Tuluy diarahkeun kana sasaran.+

33 Guludug ngumumkeun Allah datang,

Malahan ingon-ingon gé méré nyaho saha* nu datang.

37 ”Jajantung abdi dag-dig-dug

Kawas rék coplok.

 2 Déngékeun bener-bener sora Anjeunna nu ngagulugur,

Sora Anjeunna nu kawas sora guludug.

 3 Éta kadéngé di sakolong langit.

Anjeunna ngirimkeun kilatna+ ka tungtung-tungtung bumi.

 4 Geus kitu kadéngé sora ngaguruh.

Sora Anjeunna tarik kawas guludug.+

Waktu Anjeunna ngomong, kilat tingjorélat.

 5 Sora Anjeunna nu ngagulugur+ téh matak tajub.

Anjeunna ngalampahkeun hal-hal nu teu kahontal ku akal urang.+

 6 Anjeunna maréntahkeun salju sina turun ka bumi.+

Anjeunna maréntahkeun hujan sina ngagebrét.+

 7 Allah ngeureunkeun sakabéh pagawéan manusa

Supaya maranéhna nyaho kana dadamelan Anjeunna.

 8 Sato-sato liar arasup ka tempatna

Jeung teu kalaluar tina liangna.

 9 Angin topan ngagelebug ti tempatna,+

Angin ti kalér mawa hawa tiis.+

10 Ku napas Allah, és ngajadi,+

Cai di tempat nu lega padet jadi és.+

11 Méga* jadi beurat lantaran pinuh ku cai.

Ku Anjeunna, kilat disina patingburinyay+ dina méga-méga.

12 Méga ngalayang ka tempat nu dituduhkeun ku Anjeunna.

Maranéhna ngalaksanakeun sagala paréntah Anjeunna+ di sakuliah bumi.*

13 Méga dipaké ku Anjeunna pikeun ngahukum,+ pikeun ngabaseuhan taneuh,

Atawa pikeun némbongkeun asih satia.+

14 Ayub, bandungan,

Perhatikeun jeung pikirkeun bener-bener padamelan Allah nu luar biasa.+

15 Mémangna anjeun terang kumaha Allah ngatur* méga-méga

Sarta nyababkeun kilat tingburinyay ti méga?

16 Anjeun ngarti kitu kumaha méga bisa ngalayang?+

Éta kabéh téh padamelan nu luar biasa ti Allah nu terang sagalana.+

17 Anjeun terang teu ku naon baju anjeun jadi panas

Waktu bumi jempé lantaran katebak angin ti kidul?+

18 Allah mentangkeun langit,+ ngajadikeunana kuat kawas eunteung logam.

Bisa kitu anjeun migawé nu sarua?

19 Cik béjaan, abdi sadaya kudu ngomong naon ka Anjeunna?

Abdi sadaya teu bisa ngajawab lantaran teu nyaho nanaon.

20 Mémangna Allah kudu dibéjaan heula lamun abdi rék ngomong ka Anjeunna?

Atawa aya kitu omongan nu sakitu pentingna nepi ka kudu didangukeun ku Anjeunna?+

21 Waktu mendung, jalma teu bisa ningali cahaya.*

Tapi waktu méga disapu ku angin, tuluy langit lénglang bersih,

Kakara cahaya katingali.

22 Di beulah kalér, bray katingali cahaya kawas emas.

Kamulyaan Allah+ téh matak tajub.

23 Mustahil urang bisa paham kana kahébatan Nu Mahakawasa.+

Kakawasaan Anjeunna téh luar biasa.+

Anjeunna salawasna adil+ jeung bener.+

24 Ku kituna, jalma-jalma kudu hormat* ka Anjeunna,+

Sabab Anjeunna teu resep ka jalma nu ngarasa diri pinter.”+

38 Tuluy Yéhuwa ngajawab Ayub ti jero angin ribut,+

 2 ”Saha ieu téh nu teu percaya kana putusan Kuring

Sarta nu ngomongna teu maké pangarti?+

 3 Sok siap-siap layakna lalaki.

Kuring rék nanya, manéh kudu ngajawab.

 4 Manéh di mana basa Kuring ngadegkeun bumi?+

Lamun enya ngarti, sok béré nyaho Kuring.

 5 Lamun nyaho, cik saha anu nangtukeun ukuran-ukuranana?

Saha anu narik tali ukuranana?

 6 Kana naon tihang-tihang anu nanggeuy bumi ditancebkeun?

Saha nu masangkeun batu juruna?+

 7 Manéh di mana waktu béntang-béntang pajar+ sarurak bungah,

Sarta sakabéh putra Allah*+ nyurakkeun pupujian?

 8 Saha anu ngabendung laut ku panto-panto+

Waktu caina kaluar ti jero kandungan bumi,

 9 Waktu Kuring nyimbutan laut ku méga*

Sarta ngabedong éta ku méga hideung,

10 Waktu Kuring netepkeun wawatesanana

Sarta masang palang-palang jeung panto-pantona,+

11 Waktu Kuring ngomong, ’Semet dieu nya, ulah leuwih.

Ombak manéh nu tingjalegur kudu eureun di dieu’?+

12 Pernah kitu manéh nitah ka poé sina geura isuk,

Atawa méré nyaho pajar kudu medal di mana?+

13 Mémangna manéh nu nitah cahaya pajar sina indit ka tungtung-tungtung bumi

Sarta ngusir nu jarahat?+

14 Waktu bray caang, bentuk bumi katingali kawas taneuh liket nu dicap.

Sagala eusina katingali, kawas corak kaén.

15 Tapi cahaya jalma jahat mah dirampas,

Maranéhna moal bisa nyilakakeun batur deui.

16 Pernah kitu manéh turun ka sumber laut

Atawa ngajajah samudra nu jero?+

17 Pernah kitu gerbang maot+ diébréhkeun ka manéh?

Pernah kitu manéh ningali gerbangna alam maot nu poék mongkléng?+

18 Mémangna manéh ngarti sakumaha legana ieu bumi?+

Lamun enya manéh ngarti éta kabéh, sok béjaan Kuring.

19 Mémangna manéh nyaho di mana tempat matuhna cahaya+

Sarta di mana tempatna poék?

20 Bisa kitu manéh nganteur maranéhna balik ka tempatna?

Nyaho teu jalan ka tempat matuhna?

21 Manéh nyaho téh lantaran harita geus lahir

Jeung geus kolot pisan?

22 Pernah kitu manéh asup ka gudangna salju+

Atawa nempo gudangna hujan és,+

23 Nu geus disimpen ku Kuring pikeun mangsa kasusah

Jeung usum perang?+

24 Ti arah mana cahaya* nyebar?

Ti mana asalna angin wétan nu ngagelebug ka bumi?+

25 Saha nu muka saluran-saluran cai di langit pikeun nurunkeun hujan gedé?

Saha nu nyieun pijalaneun keur angin topan jeung kilat?+

26 Saha nu nurunkeun hujan ka tempat nu euweuh pendudukna,

Ka tanah gurun nu teu dicicingan ku jelema?+

27 Saha nu ngabaseuhan tanah nu garing

Nepi ka jaradi jujukutan?+

28 Mémangna hujan boga bapa?+

Saha bapana ciibun?+

29 Ari és, saha indungna?

Salju nu turun ti langit, saha nu ngajurukeunana?+

30 Saha nu nyababkeun cai jadi teuas kawas batu,

Sarta beungeut laut nu jero ngajadi és?+

31 Bisa kitu manéh meungkeut rasi béntang Kima*

Atawa ngaleupaskeun tali rasi béntang Késil?*+

32 Bisa kitu manéh ngabijilkeun rasi béntang* dina usumna

Atawa nungtun rasi béntang As* jeung anak-anakna?

33 Mémangna manéh nyaho hukum nu aya di langit?+

Bisa kitu manéh nerapkeun éta hukum* di bumi?

34 Bisa kitu manéh ngagorowok ka méga

Sina nurunkeun hujan gedé ka luhureun manéh?+

35 Bisa kitu manéh ngutus kilat?

Mémangna maranéhna bakal datang tuluy ngomong, ’Siap, Juragan’?

36 Saha nu méré kabijaksanaan ka méga*+

Atawa pangarti ka langit?*+

37 Saha nu pinter pisan nepi ka bisa ngitung méga?

Saha nu bisa ngajungkirkeun gentong-gentong cai di langit?+

38 Saha nu bisa ngarobah kekebul jadi leutak

Sarta ngahijikeun guruntulan taneuh?

39 Bisa kitu manéh mangmorokeun mamangsan keur singa

Atawa maraban anak-anakna nepi ka sareubeuh,+

40 Waktu maranéhna darepa di liangna

Atawa ngadodoho mamangsan ti guhana?

41 Saha nu nyadiakeun dahareun keur gagak+

Waktu anak-anakna rarécét marénta tulung ka Allah

Sarta ka ditu ka dieu lantaran euweuh dahareun?

39 ”Manéh nyaho kitu iraha embé gunung anakan?+

Pernah teu manéh ningali uncal ngajuru?+

 2 Ku manéh diitung teu sabaraha bulan reuneuhna?

Manéh nyaho kitu iraha anakanana?

 3 Maranéhna darepa waktu keur anakan,

Ari geus kitu mah kanyerina leungit.

 4 Anak-anakna ngagedéan jeung jadi kuat di tegalan.

Maranéhna indit jeung teu pernah balik deui ka indungna.

 5 Ku saha diaburna kaldé liar téh?+

Saha nu ngudaran tali kaldé liar?

 6 Gurun keusik ku Kuring dijadikeun imah manéhna,

Tanah anu aya uyahna dijadikeun panyicinganana.

 7 Manéhna embung cicing di kota nu gandéng.

Manéhna embung ngadéngékeun sora jalma nu nitah manéhna digawé.

 8 Manéhna kukulayaban di pasir-pasir* néangan tegal jukut,

Néangan pepelakan nu haréjo.

 9 Daék kitu banténg digawé keur manéh+

Atawa meuting di kandang milik manéh?

10 Bisa kitu manéh nalian banténg

Pikeun ngawuluku* tanah manéh?

11 Mémangna manéh bakal ngandelkeun tanagana nu gedé

Pikeun migawé anu bareurat?

12 Mémangna manéh bakal mercayakeun manéhna sina mawa balik hasil panén?

Mémangna manéhna bakal ngumpulkeun éta ka tempat ngirik?*

13 Manuk onta atoh pisan ngiplik-ngiplik jangjangna,

Tapi bisa kitu tungtung jangjang jeung buluna nandingan manuk bango?+

14 Endog-endogna diantep ngagolér dina taneuh,

Sina kahaneutan ku keusik.

15 Manéhna teu inget yén endogna bisa waé katincak nepi ka peupeus

Atawa kaidek-idek ku sato liar.

16 Manéhna kasar ka anak-anakna, kawas lain ka anakna sorangan.+

Manéhna teu paduli upama usahana jadi percumah.

17 Manéhna ku Allah dihaja sina teu boga kabijaksanaan

Sarta teu dibéré budi akal.

18 Tapi waktu manéhna cengkat jeung ngiplik-ngiplik jangjangna,

Kuda jeung nu tumpakna diseungseurikeun ku manéhna.

19 Mémangna manéh nu méré kakuatan ka kuda?+

Manéh kitu nu ngahias pundukna ku susuri nu éndah?

20 Mémangna ku manéh pangna éta kuda bisa ngajleng kawas simeut?

Sora tarik tina irungna téh pikasieuneun.+

21 Sukuna ngagurudug nincakan lebak, ajleng-ajlengan némbongkeun kakuatanana.+

Beretek manéhna lumpat ka pangperangan.+

22 Manéhna nyeungseurikeun kasieun jeung euweuh kagimir.+

Manéhna moal mundur ku pedang.

23 Wadah anak panah nu tumpakna disada kotrak-kotrék.

Tumbak jeung lembingna tinggurilap.

24 Éta kuda geus teu sabar hayang geura maju.

Manéhna teu daék cicing* waktu ngadéngé térététna sora tarompét tanduk.

25 Waktu ngadéngé térétét tarompét, seug manéhna ngahiem.

Hawa perang geus kaambeu ku manéhna ti kajauhan.

Ceulina rancung ngadéngé gorowokna para panglima jeung jerit perang.+

26 Mémangna manéh nu ngajar manuk falkon hiber?

Manéh nu mapatahan éta manuk sina mébérkeun jangjangna jeung hiber ka kidul?

27 Mémangna manéh nu nitah heulang hiber ka luhur,+

Nyayang di tempat nu luhur,+

28 Saré di gawir sapeupeuting,

Jeung cicing di tempat nu weweg di gunung batu?

29 Ti dinya manéhna néangan mamangsan.+

Panonna ngawas-ngawas ti kajauhan.

30 Anak-anakna nyerotan getih.

Di mana aya bangké, manéhna pasti aya di dinya.”+

40 Yéhuwa neruskeun deui ucapana-Na ka Ayub,

 2 ”Pantes kitu manusa néangan kasalahan Nu Mahakawasa jeung ngabantah Anjeunna?+

Mun aya nu rék negor Allah, keun sina ngomong.”+

 3 Ayub ngajawab Yéhuwa,

 4 ”Abdi mah sanés sasaha.+

Kumaha abdi kedah ngajawab Gusti?

Abdi mah moal nyarios nanaon deui.+

 5 Tos mangkali-kali abdi nyarios,

Tapi ayeuna abdi moal ngajawab sareng nyarios deui.”

 6 Ti jero angin ribut Yéhuwa ngajawab Ayub,+

 7 ”Sok siap-siap layakna lalaki.

Kuring rék nanya, manéh kudu ngajawab.+

 8 Manéh rék ngomong yén Kuring teu adil?

Manéh rék nyalahkeun Kuring supaya kabukti bener?+

 9 Mémangna manéh boga leungeun nu kuat kawas leungeun Allah nu sajati?+

Mémangna sora manéh bisa ngageleger kawas sora Anjeunna?+

10 Cik témbongkeun kamulyaan jeung kakuatan manéh.

Témbongkeun kahormatan jeung kahébatan manéh.

11 Sok budalkeun amarah manéh nu ngagedur.

Tuh tingali nu galedé hulu, rendahkeun ku manéh.

12 Tingali nu galedé hulu, hina maranéhna.

Leyek nu jarahat di tempatna.

13 Kubur maranéhna dina kekebul,

Talian maranéhna di tempat nu poék.

14 Mun manéh sanggup, Kuring sorangan bakal ngaku*

Yén leungeun katuhu manéh bisa nyalametkeun manéh.

15 Cik tingali Béhémot,* boh éta sato boh manéh, nya Kuring nu nyiptakeunana.

Éta sato nyatuna téh jukut, teu béda ti sapi.

16 Tingali sakumaha bedas sukuna,

Sakumaha kuat otot-otot beuteungna.

17 Buntutna heuras kawas tangkal aras.

Urat-urat pingpingna kawas nu diuntun.

18 Tulang-tulangna kawas pipah tambaga.

Suku-sukuna kawas tongkat beusi.

19 Éta sato téh nu panghébatna* di antara ciptaan Allah.

Ngan Nu Nyieunna nu bisa nyerang manéhna ku pedang.

20 Gunung-gunung pangulinan sato liar

Ngahasilkeun hakaneun keur manéhna.

21 Manéhna ngagolér handapeun tatangkalan anu carucukan,

Nyumput di antara jujukutan nu jarangkung di rawa-rawa,

22 Diiuhan ku tatangkalan nu carucukan,

Dikurilingan ku tangkal poplar nu aya di lebak.*

23 Najan cai walungan motah, manéhna teu sieun.

Najan cai Walungan Yordan+ neumbragan bangusna gé, manéhna anteng-anteng baé.

24 Saha nu bisa néwak manéhna ti hareup

Atawa nojos irungna ku kakait?

41 ”Bisa kitu manéh néwak Léwiatan*+ maké useup

Atawa nalian létahna?

 2 Bisa teu manéh masang tali dina irungna

Atawa nojos cacapékna maké kakait?*

 3 Mémangna manéhna bakal ampun-ampunan ménta dipikarunya

Atawa lemah lembut waktu ngomong ka manéh?

 4 Mémangna manéhna bakal nyieun perjangjian jeung manéh

Supaya bisa dijadikeun palayan manéh saumur-umur?

 5 Bisa kitu ku manéh dicocoo kawas manuk

Atawa ditalian pikeun jadi cocooan anak-anak awéwé manéh?

 6 Mémangna para nalayan bakal jual beuli Léwiatan?

Mémangna éta bakal dipotong-potong tuluy dibagi-bagikeun ka nu daragang?

 7 Bisa kitu manéh nanceb-nancebkeun tumbak kana kulitna+

Atawa nubles huluna ku tumbak?

 8 Sok toél manéhna, manéh bakal kapok.

Manéh moal bakal poho basa keur tarung jeung manéhna.

 9 Percumah ngarep-ngarep nalukkeun manéhna.

Kakara nempo gé manéh geus sieun.*

10 Moal aya nu wani ngaganggu manéhna.

Jadi saha nu wani nangtang Kuring?+

11 Saha nu geus méré ka Kuring nepi ka Kuring kudu mulang tarima?+

Sagala nu aya di kolong langit téh milik Kuring.+

12 Kuring rék nyarita deui ngeunaan babagian awakna,

Ngeunaan kakuatanana jeung awakna nu dijieun sakitu hébatna.

13 Saha nu pernah ngaleupaskeun baju luarna?

Saha nu daék asup kana cacapékna waktu keur calangap?

14 Saha nu sanggup nyalawakkeun sungutna?

Huntu dina sungutna pikasieuneun.

15 Sisit dina tonggongna ngajajar,*

Mani kékép parérékép.

16 Sisit-sisitna padédémpét

Nepi ka angin gé teu bisa sésélékét.

17 Bakating ku kékép jeung rékép,

Sisit-sisitna teu bisa dipisahkeun.

18 Waktu manéhna beresin, kaluar caang nu ngaburinyay.

Matana moncorong lir surya kakara medal.

19 Tina bangusna, bijil kilat ngaburinyay,

Sarta kaluar ruhak lembut.

20 Haseup kaluar tina irungna,

Kawas haseup tina pameuleuman nu ngaduruk jukut.

21 Ku napasna, areng jadi ruhay.

Tina sungutna, seuneu luntab-léntab.

22 Pundukna kuat pisan.

Kabéh nu paamprok jeung manéhna sarieuneun pisan.

23 Kulit beuteungna kacida teuasna

Kawas pelat beusi nu teu bisa dilaanan.

24 Jajantungna teuas kawas batu,

Teuas kawas bagian handap batu panggilingan.*

25 Barang manéhna cengkat, nu gagah gé jadi gimir.

Waktu manéhna ngabuntang-banting buntutna, kabéh sarieuneun.

26 Pedang moal teurak,

Kitu ogé tumbak, anak panah, jeung senjata séjénna.+

27 Beusi dianggap jarami,

Tambaga dianggap kai bobo.

28 Najan dipanah, manéhna moal lumpat.

Batu-batu nu dibalédogkeun ka manéhna dianggap kawas jarami.

29 Tongkat paneunggeul dianggap kawas jarami.

Sora lembing nu dilempagkeun kalah ka diseungseurikeun.

30 Beuteungna kawas sesemplékan kendi nu seukeut.

Manéhna ngagolér dina leutak kawas papan paranti ngirik.*+

31 Laut digibeg-gibeg jadi kawas cai nu ngagolak dina panci.

Laut diubek-ubek jadi kawas minyak nu ngagolak dina panci.

32 Alur urutna ngojay ngabudah.

Laut katempona kawas huisan.

33 Di bumi euweuh nu diciptakeun siga kitu,

Mahluk nu euweuh kasieun.

34 Kabéh nu sombong dipelong ku manéhna.

Manéhna téh rajana sato galak nu kuat.”

42 Tuluy Ayub ngajawab Yéhuwa,

 2 ”Ayeuna abdi terang yén Gusti sanggup midamel sagala hal.

Sagala rencana Gusti gé moal aya nu teu laksana.+

 3 Saur Gusti, ’Saha ieu téh nu teu percaya kana putusan Kuring sarta nu ngomongna teu maké pangarti?’+

Mémang, abdi téh nyariosna teu maké pangarti.

Sabenerna abdi teu terang nanaon waktu nyarioskeun hal-hal nu kacida hébatna.+

 4 Saur Gusti, ’Sok déngékeun, Kuring rék ngomong.

Kuring rék nanya, manéh kudu ngajawab.’+

 5 Kapungkur abdi mung ngadangu ngeunaan Gusti,

Tapi ayeuna abdi nyaksian langsung.

 6 Upami émut deui kana omongan abdi, abdi asa kaduhung.+

Éta sababna abdi tobat, calik dina kekebul sareng lebu.”+

7 Sanggeus Yéhuwa bérés ngomong jeung Ayub, Yéhuwa ngomong ka Élifaz urang Téman,

”Kuring ambek pisan ka manéh jeung dua babaturan manéh,+ sabab omongan maranéh ngeunaan Kuring téh teu bener,+ teu kawas Ayub hamba Kuring. 8 Sok ayeuna mah sampeurkeun Ayub hamba Kuring. Bawa sapi jalu tujuh jeung domba jalu tujuh, tuluy baktikeun jadi kurban beuleuman keur dosa maranéh. Engké Ayub hamba Kuring bakal ngadoakeun maranéh.+ Kuring pasti ngadéngé paménta Ayub. Ku kituna, Kuring moal ngahukum maranéh nu geus sakitu bodona. Omongan maranéh ngeunaan Kuring téh teu bener, teu kawas Ayub hamba Kuring.”

9 Jadi Élifaz urang Téman, Bildad urang Syuah, jeung Zofar urang Naama ngajalankeun paréntah Yéhuwa éta. Yéhuwa ngadéngékeun doa Ayub.

10 Sanggeus Ayub ngadoa keur babaturanana,+ kasangsaraan Ayub disingkirkeun,+ sarta kamakmuranana dipulihkeun ku Yéhuwa. Malah, ku Yéhuwa dibéré dua tikeleun ti saacanna.+ 11 Sakabéh dulurna, boh nu awéwé boh nu lalaki, sarta babaturanana nu baheula,+ daratang jeung dalahar bareng di imahna. Maranéhna karunyaeun ka Ayub tuluy negerkeun manéhna nu geus diidinan ku Yéhuwa ngalaman kasangsaraan. Masing-masing méré duit pérak hiji jeung cingcin emas hiji.

12 Sésa hirup Ayub dihujanan berkah ku Yéhuwa leuwih ti saacanna.+ Dombana aya 14.000, ontana aya 6.000, sapina aya 2.000,* jeung kaldé bikangna aya 1.000.+ 13 Manéhna gé boga anak-anak deui, tujuh lalaki tilu awéwé.+ 14 Anak awéwé nu kahiji dingaranan Yémima, nu kadua Kézia, jeung nu katilu Kéren-hapukh. 15 Di sakuliah nagri, euweuh nu geulisna nandingan anak-anak awéwé Ayub. Ku bapana, maranéhna dibéré warisan sakumaha dulur-dulur lalakina.

16 Ti semet harita, Ayub hirup 140 taun deui. Manéhna bisa ningali anak incuna nepi ka turunan nu kaopat. 17 Umurna panjang, hirupna gé bagja. Ahirna Ayub maot.

Bisa jadi hartina ”Jalma nu Dipikangéwa ku Batur”.

Atawa ”satia ka Allah”.

As. ”sieun”.

As. ”500 pasang”.

As. ”kaldé bikangna”.

Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.

Atawa ”satia ka Allah”.

As. ”sieun”.

As. ”sieun”.

Ngaguar taneuh.

Atawa bisa jadi ”Kilat”.

Atawa ”nuduh Allah ngalampahkeun nu teu bener”.

Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.

Atawa ”satia ka Allah”.

As. ”sieun”.

Atawa ”ku borok nu parah”.

Atawa ”awan”.

Bisa jadi buhaya atawa sato nu gedé jeung kuat nu hirup di cai.

Atawa ”pajabat”.

As. ”dibéré caang”.

As. ”Ku naon Allah méré caang ka jalma nu nyasab”.

Atawa ”nu tuurna ngadégdég”.

Atawa ”singa ngora nu jabrig”.

Atawa ”para utusana-Na”.

Serangga nu osok ngahakan kaén.

Atawa ”usim”.

Atawa ”teu nunjukkeun asih satia”.

As. ”sieun”.

Atawa ”nguap”.

As. ”ditebus”.

Atawa ”dibarter”.

Atawa ”mung kawas angin”.

As. ”kasaéan”.

Atawa ”awan”.

Atawa ”nguap”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

As. ”kawas kalangkang”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa ”nu satia ka Anjeunna”.

Atawa ”nu mawa Anjeunna ka pangadilan”.

Atawa ”nyingkirkeun”.

Bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Beruang Besar (Ursa Mayor).

Bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Belantik (Orion).

Bisa jadi ngamaksudkeun gugus béntang Kartika (Pléiadés) dina rasi béntang Taurus.

Bisa jadi ngamaksudkeun mahluk raksasa di laut.

Atawa bisa jadi ”ku lawan urang di pangadilan”.

Atawa ”urang satia ka Allah”.

Atawa ”urang satia ka Allah”.

Atawa ”jalma nu bersih hirupna”.

As. ”jahat”.

Atawa ”larutan alkali; cai apu”.

Atawa ”bisa jadi perantara”.

As. ”Pan Gusti nu ngucurkeun abdi kawas cisusu sarta ngajadikeun abdi kentel kawas kiju”.

Atawa ”nyawa abdi; napas abdi”.

Atawa ”rada atoh”.

Atawa ”gedé omong”.

Atawa ”Atawa wates kaagungan”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa bisa jadi ”ngomong ka”.

As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”Ku Anjeunna pangaboga para panaséhat dirampas”.

Atawa ”nu teu bisa dipopohokeun”.

Atawa ”Urang bakal ngabéla diri hareupeun Anjeunna”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa bisa jadi ”Lamun aya, urang bakal cicing tuluy paéh”.

Atawa ”Ieu jalma”. Kecap Ibranina ”Manéhna”, nyaéta Ayub.

Serangga nu osok ngahakan kaén.

Atawa ”seubeuh ku kahariwang”.

Atawa bisa jadi ”diteukteuk”.

Atawa ”bayangan”.

As. ”abdi”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Maksudna, di kuburan.

As. ”ditapelkeun maké lém”.

Atawa ”bukit-bukit”.

As. ”roti”.

Atawa ”ngéléhkeun”.

Maksudna, teu boga harepan pikeun pulih tina musibat.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa ”jojong”.

Atawa ”Kakuatan”. As. ”Tanduk”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa bisa jadi ”Urang mah teu saré, tapi terus neuteup ka Allah”.

Atawa ”kapaksa cicing bareng jeung”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa bisa jadi ”najis”.

Atawa ”Tumitna”.

Atawa ”cingked”.

Atawa ”jiwa urang”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.

Atawa ”ngahina”.

Atawa ”umat manusa; Adam”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa ”awan”.

Atawa ”hamperu”.

Atawa ”boga kawasa”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”mani gancang”, nyaéta maotna gancang jeung teu ngarasa nyeri.

Atawa ”méré pangaweruh ka”.

Atawa bisa jadi ”nyilakakeun”.

Atawa ”wadi”.

As. ”Manéhna bakal nyéréd sakabéh umat manusa pikeun nuturkeun manéhna”.

Atawa ”resep”.

Atawa ”satia ka Anjeunna”.

Atawa ”yatim pahatu”.

Atawa ”awan”.

Atawa ”dina pelengkung langit”.

Atawa ”wadi”.

Atawa bisa jadi ”nyokot parab ingon-ingon di lahan”.

Atawa bisa jadi ”maranéhna meres minyak”.

Atawa ”léréng”.

Atawa bisa jadi ”Allah mah teu nyalahkeun sasaha”.

Atawa ”nguap”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”dianggap suci”.

Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”di Abadon”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”awan”.

As. ”Rahab”.

Atawa ”angin-Na”.

As. ”paribasana”.

Atawa ”haté urang moal bakal nyalahkeun urang”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa bisa jadi ”ngajar maranéh ku panangan Allah”.

Atawa ”kepompong”.

As. ”tapi manéhna moal bakal ngumpulkeun nanaon”.

Atawa bisa jadi ”maranéhna”.

Bisa jadi ngamaksudkeun prosés ngagali.

Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.

As. ”sieun”.

As. ”paribasana”.

Atawa ”para palayan”.

Atawa bisa jadi ”Maranéhna teu nyababkeun urang nguyung”.

Atawa ”léréng-léréng”.

Atawa bisa jadi ”mantuan”.

Atawa ”awan”.

Atawa bisa jadi ”Urang dipuril-puril ku kasangsaraan nu kacida”.

Atawa bisa jadi ”diancurkeun ku sora guludug”.

As. ”neunggeul ruruntuhan”.

Atawa bisa jadi ”panas lantaran muriang”.

As. ”panon”.

Atawa bisa jadi ”urang gaul jeung jalma nu teu jujur”.

Atawa ”Sarta keun baé turunan urang dibasmi”.

Atawa ”Ngagugat urang”.

As. ”ti jero kandungan kénéh”.

Atawa bisa jadi ”Padahal loba nu ngadukung”.

Atawa ”walikat”.

As. ”daging”.

Alat paranti ngaguar taneuh.

Atawa ”bisa negor Ayub”.

Katingalina di dieu Élihu keur ngomong ka Ayub.

Atawa ”méré gelaran kahormatan ka”.

Atawa ”jiwana”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”senjata”.

Atawa ”Jiwana”. Tingali Daptar Istilah.

Atawa ”malaikat”.

Atawa ”séhat”.

As. ”nyanyi keur”.

Atawa bisa jadi ”teu meunang kauntungan”.

Atawa ”jiwa urang”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.

Atawa ”mentingkeun bangsawan tibatan jalma leutik”.

Atawa ”bayangan”.

Atawa ”nu murtad”.

Atawa bisa jadi ”Bapa, keun wéh Ayub sina diuji”.

Atawa ”Naon untungna keur Allah”.

Atawa ”awan-awan”.

Atawa ”Omongan bohong”.

Atawa bisa jadi ”Ku Anjeunna raja-raja dilantik”.

Atawa ”senjata”.

Atawa ”Nu murtad”.

Atawa bisa jadi ”maot”.

Atawa ”diangkat”.

Atawa bisa jadi ”ngiritik tindakana-Na”.

Atawa ”nguap”.

Atawa ”awan-awan”.

Atawa bisa jadi ”ngabéla kasus”.

Atawa bisa jadi ”naon”.

Atawa ”Awan”.

Atawa ”di tanah nu subur di bumi”.

Atawa ”méré paréntah ka”.

Maksudna, panonpoé.

As. ”sieun”.

Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.

Atawa ”awan”.

Atawa bisa jadi ”kilat”.

Bisa jadi ngamaksudkeun gugus béntang Kartika (Pléiadés) dina rasi béntang Taurus.

Bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Belantik (Orion).

As. ”Mazarot”. Dina 2Raj 23:5, bentuk jamak tina ieu istilah ngamaksudkeun rasi béntang dina zodiak.

Bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Beruang Besar (Ursa Mayor).

Atawa bisa jadi ”hukum Anjeunna”.

Atawa bisa jadi ”manusa”.

Atawa bisa jadi ”pikiran”.

Atawa ”bukit-bukit”.

Ngaguar taneuh.

Misahkeun sisikian tina cangkangna.

Atawa bisa jadi ”teu nyangka”.

Atawa ”muji”.

Bisa jadi kuda nil.

As. ”nu pangmimitina”.

Atawa ”wadi”.

Bisa jadi buhaya.

As. ”cucuk”.

Atawa ”ngudupruk”.

Atawa bisa jadi ”Nu diagulkeun ku manéhna téh sisitna nu ngajajar”.

Tingali Daptar Istilah.

Misahkeun sisikian tina cangkangna.

As. ”1.000 pasang”.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kabijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun