SILOKA
1 Paribasa-paribasa* Sulaéman anak Daud, raja Israél.
2 Ieu ditulis ngarah jalma jadi bijaksana jeung narima didikan,
Sarta ngarti kana kekecapan jalma nu bijaksana.
3 Ieu gé ditulis ngarah jalma diajar, ku kituna manéhna jadi boga pangarti,
Nyaho nu bener, bisa nyieun putusan nu bener,* sarta jujur.*
4 Ieu ditulis ngarah nu teu boga pangalaman jadi jalma bijaksana,
Sarta ngabantu budak ngora boga pangarti jeung asak pikir.
5 Jalma nu bijaksana* mah resep ngadéngékeun jeung loba diajar.
Jalma nu boga pangarti mah resep néangan bingbingan ti jalma nu bijaksana
6 Sangkan ngarti kana paribasa jeung ibarat*
Sarta ngarti kana kekecapan jeung tatarucingan jalma bijaksana.
7 Supaya bisa meunangkeun kanyaho,* jalma téh kudu hormat* ka Yéhuwa.
Ngan jalma bodo nu nyapirakeun kabijaksanaan jeung didikan.
8 Anaking, lamun dididik ku bapa téh déngékeun,
Lamun dipapatahan ku indung* téh ulah ngabalieur.
9 Éta téh lir makuta nu éndah dina sirah
Sarta kongkorong nu alus dina beuheung.
10 Anaking, mun manéh diolo ku nu baroga dosa, ulah daék.
11 Lamun maranéhna ngomong, ”Hayu milu!
Urang nyumput terus serang jalma nu teu boga salah.
Urang dodoho maranéhna tuluy paéhan. Sok geura, meni resep!
12 Kawas Kuburan,* urang legleg maranéhna hirup-hirup.
Kawas jelema anu asup kana liang kubur, maranéhna urang teureuy saawak-awak.
13 Hayu urang rampas kabéh hartana,
Urang pinuhan imah urang ku barang jarahan.
14 Manéh kudu milu,*
Engké hasilna urang bagi rata.”
15 Anaking, nu kitu mah ulah dituturkeun.
Omat, kalakuan maranéhna ulah dituturkeun.
16 Maranéhna hayang geura-geura ngalampahkeun nu jahat,
Hayang buru-buru maéhan.
17 Euweuh gunana masang jiret keur manuk mun katempo ku manukna.
18 Matakna maranéhna susulumputan, da hayang nyerang batur nepi ka paéh.
Maranéhna ngadodoho rék maéhan jalma.
19 Tah, siga kitu kalakuan jalma nu hayang meunang untung tapi carana teu jujur.
Nya siga kitu ogé maranéhna bakal paéh.
20 Kabijaksanaan nu sajati ngageroan di jalan,
Sorana kadéngé beuki tarik di lapangan.
21 Éta ngagero di péngkolan-péngkolan jalan nu ramé.
Di gerbang kota, kabijaksanaan ngomong kieu,
22 ”Hé nu teu baroga pangalaman, rék siga kitu terus?
Nu sok moyokan, rék nepi ka iraha moyokan waé?
Nu barodo, rék nepi ka iraha maranéh nolak élmu?*
23 Déngékeun* lamun ditegor ku kuring téh.
Engké kuring bakal méré kahébatan kuring.
Kuring bakal mantuan maranéh ngarah ngarti kana kekecapan kuring.
24 Waktu kuring ngageroan, teu didéngé ku maranéh.
Waktu kuring ngasongkeun leungeun, teu ditarima ku maranéh.
25 Maranéh terus nolak sakabéh naséhat kuring
Sarta nampik tegoran ti kuring.
26 Nya kuring gé bakal nyeungseurikeun waktu maranéh keuna ku musibat.
Kuring bakal mupuas waktu maranéh ngadégdég kasieunan.
27 Sagala nu dipikasieun ku maranéh datang siga angin ribut.
Éta musibat bakal datang siga angin topan.
Maranéh bakal keuna ku kasusah jeung masalah.
28 Engké maranéh bakal méménta tulung ka kuring, tapi ku kuring moal dijawab.
Kuring ku maranéh bakal terus ditéangan, tapi moal kapanggih,
29 Lantaran maranéh nolak élmu* sarta teu hormat* ka Yéhuwa.
30 Maranéh teu daék narima naséhat kuring
Sarta teu ngahargaan sakabéh tegoran kuring.
31 Jadi, maranéh bakal cilaka ku kalakuan sorangan
Sarta bakal seubeuh ku siasat sorangan.
32 Ku lantaran barontak, nu teu boga pangalaman bakal maot.
Ku lantaran hirupna haré-haré, nu bodo bakal binasa.
33 Tapi jalma nu ngadéngékeun kuring mah hirupna bakal aman
Sarta moal sieun ku musibat.”
2 Anaking, lamun manéh daék ngadéngékeun omongan Bapa
Jeung nyimpen paréntah-paréntah Bapa lir harta,
2 Lamun manéh bener-bener daék ngadéngékeun kabijaksanaan
Sarta muka haté ngarah bisa nimbang-nimbang,
3 Lamun manéh méménta pangarti
Sarta méménta ngarah bisa nimbang-nimbang,
4 Lamun manéh terus néangan éta kabéh lir néangan pérak
Sarta terus ngagali lir néangan harta pependeman,
5 Kakara manéh bakal ngarti naon hartina hormat* ka Yéhuwa.
Manéh gé bakal boga kanyaho* ngeunaan Allah,
6 Sabab kabijaksanaan téh asalna ti Yéhuwa.
Ucapana-Na bisa ngabantu jalma-jalma boga kanyaho* sarta pangarti.
7 Kabijaksanaan disimpen ku Anjeunna keur jalma bener.
Anjeunna jadi taméng keur jalma nu satia,
8 Anjeunna ngajaga kahirupan jalma nu adil,
Anjeunna gé bakal nangtayungan umat-Na nu satia.
9 Ku kituna, manéh bakal ngarti mana nu bener jeung adil,
Sarta sagala nu bener nu kudu dipilampah.
10 Lamun kabijaksanaan aya dina haté manéh,
Sarta kanyaho* nyukakeun manéh,*
11 Manéh bakal asak pikir, éta téh ngajaga manéh.
Manéh gé bakal pinter nimbang-nimbang, éta téh ngalindungan manéh.
12 Ku kituna, manéh moal ngalampahkeun kagoréngan.
Manéh gé moal kabawakeun ku jalma nu omonganana teu bener,
13 Ku jalma nu naringgalkeun jalan anu lempeng
Seug ngajugjug ka jalan nu poék,
14 Atawa ku jalma nu resep ngalampahkeun kagoréngan,
Nu resepna téh kana sagala nu jahat.
15 Jalan hirup maranéhna téh nyimpang,
Maranéhna teu bisa dipercaya.
16 Lamun bijaksana, manéh moal kapincut ku awéwé anu bejad ahlak,*
Ku awéwé bangor* anu omonganana ngagoda,
17 Nu ngahianat ka salakina,* nu babarengan jeung manéhna pas keur ngora kénéh.
Manéhna teu satia kana perjangjianana jeung Allah.*
18 Lamun manéh ka imahna, éta sarua jeung nyampeurkeun ajal.
Lamun manéh leumpang ka dinya, éta sarua jeung leumpang ka kuburan.
19 Lalaki anu nyaréan éta awéwé moal bisaeun balik.
Manéhna moal bisa balik deui ka jalan anu brasna kana hirup.
20 Nu matak manéh kudu nuturkeun hirupna jalma bageur.
Manéh gé kudu tetep aya di jalanna jalma bener,
21 Sabab ngan jalma bener nu bakal cicing di bumi.
Ngan jalma nu bersih hirupna* nu bakal matuh di dinya.
22 Sabalikna, jalma jahat mah bakal dimusnakeun ti bumi.
Jalma nu teu satia bakal disingkirkeun ti dinya.
3 Anaking, ulah poho kana sagala nu diajarkeun ku* Bapa.
Manéh* kudu bener-bener nuturkeun paréntah-paréntah Bapa,
2 Supaya manéh panjang umur
Jeung hirup tengtrem.
3 Ulah leungit kanyaah* jeung kasatiaan.*
Kongkorongkeun dina beuheung,
Tulis dina haté.
4 Ku kituna, manéh tangtu dipikaresep ku Allah jeung manusa,
Sarta dikenal sabagé jalma nu bener-bener boga pangarti.
5 Sing percaya ka Yéhuwa ku sapinuh haté,
Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.
6 Dina sagala laku lampah manéh, sing inget ka Anjeunna,
Tangtu ku Anjeunna dituduhkeun jalan nu lempeng.
7 Ulah asa aing bijaksana.
Sing hormat* ka Yéhuwa, jauhan lampah jahat.
8 Éta téh matak séhat kana awak
Jeung matak seger kana tulang.
9 Sing hormat ka Yéhuwa, baktikeun pangaboga manéh nu panghadéna,
Hasil panén* manéh nu pangalusna.*
10 Jadi, gudang-gudang manéh bakal pinuh pisan.
Tempat-tempat pameresan anggur manéh gé bakal mudal ku cianggur anyar.
11 Anaking, ulah nampik didikan ti Yéhuwa,
Ulah keuheul mun ditegor ku Anjeunna.
12 Lamun ditegor, éta tandana Yéhuwa téh nyaah ka manéh,
Sakumaha saurang bapa negor anakna lantaran nyaah.
13 Bagja jalma nu meunang kabijaksanaan
Jeung jalma nu meunang pangarti.*
14 Meunangkeun kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan meunangkeun pérak,
Boga kabijaksanaan téh leuwih untung tibatan boga emas.
15 Kabijaksanaan téh leuwih hargaan tibatan batu koral.*
Sagala rupa anu dipikahayang ku manéh moal bisa nyaruaan éta.
16 Umur panjang aya dina leungeun katuhuna,
Kabeungharan jeung kamulyaan dina leungeun kéncana.
17 Lamun bijaksana, manéh bakal senang.
Hirup manéh gé bakal tenang.
18 Kabijaksanaan téh kawas tangkal kahirupan.
Saha waé nu nyekel pageuh éta tangkal bakal terus hirup jeung bagja.
19 Ku kabijaksanaana-Na, Yéhuwa ngajadikeun bumi.
Ku pangarti-Na, Anjeunna ngadegkeun langit.
21 Anaking, éta kabéh* ulah dipopohokeun.
Manéh kudu terus bijaksana jeung asak pikir.
22 Éta kabéh nu ngalantarankeun umur manéh panjang,
Sarta éta téh lir kongkorong nu alus dina beuheung manéh.
23 Manéh gé bakal aman waktu leumpang,
Suku manéh moal titajong.
24 Waktu keur ngagolér, manéh moal keueung.
Pas keur ngagolér, manéh bakal saré tibra.
25 Manéh moal sieun katarajang ku musibat anu ujug-ujug datang,
Moal sieun ku angin topan nu bakal narajang jalma jahat,
26 Lantaran Yéhuwa bakal ngajaga manéh tetep aman.
Anjeunna moal ngantep suku manéh kajiret.
27 Lamun manéh sanggup nulungan nu butuh,*
Ulah ditahan.
28 Ulah ngomong kieu, ”Balik heula wéh, engké ka dieu deui! Isuk ku urang dibéré.”
Ari bisa poé éta mah, poé éta kénéh wéh tulungan.
29 Ulah ngarancang kajahatan ka sasama,
Kapan manéhna téh deukeut jeung percaya ka manéh.
30 Ulah teu pupuguh cékcok
Jeung jalma anu teu boga salah ka manéh.
31 Ulah sirik ka jalma kejem,
Jeung ulah nurutan kalakuanana.
32 Yéhuwa téh geuleuh ka jalma licik,
Sabalikna Anjeunna nyobat jeung jalma bener.
33 Rumah tanggana jalma jahat dikutuk ku Yéhuwa,
Ari jalma bener mah rumah tanggana diberkahan ku Anjeunna.
34 Anjeunna nyeungseurikeun ka nu sok moyok,
Tapi nu lemah lembut mah dipikaresep ku Anjeunna.
35 Jalma bijaksana bakal dihormat,
Ari jalma bodo mah bakal direndahkeun.
4 Barudak, dangukeun papatah bapa maranéh.
Perhatikeun, supaya boga pangarti.
2 Bapa rék méré pituduh nu aya paédahna.
Ulah nyapirakeun pangajaran* ti Bapa.
3 Bapa téh nurut ka si Aki,
Bapa gé anak nu paling dipikanyaah ku si Nini.
4 Si Aki ngajarkeun kieu ka Bapa, ”Kekecapan Bapa kudu disimpen dina haté.
Paréntah-paréntah Bapa kudu terus dijalankeun ngarah manéh panjang umur.
5 Sing meunang kabijaksanaan, sing meunang pangarti.
Kadé, papatah Bapa ieu ulah dipopohokeun atawa dilalaworakeun.
6 Ulah nyapirakeun kabijaksanaan, lantaran éta bakal ngajaga manéh,
Justru éta kudu dipikaresep, lantaran éta bakal nangtayungan manéh.
7 Kabijaksanaan téh hal nu pangpentingna, jadi beunangkeun kabijaksanaan.
Salian ti éta, tina sagala nu hayang dibeunangkeun, beunangkeun ogé pangarti.
8 Lamun ngahargaan pisan kabijaksanaan, tangtu manéh dipuji.
Lamun nyekel pageuh kabijaksanaan, tangtu manéh dihormat.
9 Kabijaksanaan téh lir makuta tina kembang nu éndah dina sirah manéh,
Éta bakal jadi makuta nu alus keur manéh.”
10 Dangukeun Bapa, anaking, bandungan papatah Bapa,
Supaya manéh panjang umur.
11 Bapa rék ngajarkeun carana jadi jalma bijaksana,
Bapa rék nungtun manéh kana jalan nu bener.
12 Ku kituna waktu manéh leumpang, moal aya hahalang.
Waktu manéh lumpat gé moal titajong.
13 Cekel pageuh didikan ti Bapa, ulah dilésotkeun.
Éta kudu dijaga, sabab éta téh hirup manéh.
14 Ulah nuturkeun jalanna jalma jahat,
Ulah leumpang di jalanna jalma doraka.
15 Jauhan éta,
Nyingkir ti dinya.
16 Da jalma jahat mah mun teu ngajahatan batur téh sok hésé saré,
Nu karitu mah moal waka tunduh mun can nyilakakeun batur.
17 Keur maranéhna, kajahatan téh kawas dahareun,
Katelengesan téh kawas inumeun.
18 Sabalikna, jalanna jalma bener téh lir cahaya panonpoé isuk-isuk
Anu beuki beurang beuki caang nepi ka tengah poé.
19 Ari jalma jahat mah kawas jalma nu leumpang di jalan nu poék,
Manéhna teu nyaho naon nu nyababkeun manéhna titajong.
20 Anaking, perhatikeun papatah Bapa,
Dangukeun enya-enya omongan Bapa.
21 Omat nya, éta kabéh ulah dipopohokeun.
Simpen dina haté,
22 Sabab nu meunangkeun éta kabéh bakal terus hirup.
Awakna gé bakal séhat.
23 Tina sagala nu kudu dijaga, nu pangpentingna téh jaga haté manéh,
Sabab éta nu nangtukeun hirup manéh.*
24 Ulah ngomong anu lain sabenerna,
Omongan téh ulah nyasabkeun.
25 Ulah luak-lieuk,
Panon téh kudu neuteup ka hareup.
26 Singkirkeun kabéh hahalang di jalan manéh,*
Ngarah unggal léngkah manéh mulus.
27 Ulah méngkol ka kénca atawa ka katuhu.
Jauhan sagala nu jahat.
5 Anaking, perhatikeun ucapan nu bijaksana ti Bapa.
Déngékeun bener-bener pangarti ti Bapa,
2 Ngarah manéh bisa terus asak pikir,
Sarta ucapan manéh sajalan jeung pangaweruh* nu bener.
4 Tapi tungtungna mah kari paitna, lantaran manéhna téh kawas pepelakan pait.
Kari peurihna, lantaran manéhna téh kawas pedang nu seukeut dua sisina.
5 Sukuna turun ka tempat nu maot.
Manéhna ngaléngkah ka Kuburan.*
6 Manéhna teu paduli kana jalan nu brasna kana hirup.
Manéhna indit ka ditu ka dieu tapi teu nyaho rék ka mana.
7 Ku sabab kitu, anaking, déngékeun Bapa.
Omongan Bapa ulah disapirakeun.
8 Awéwé kitu mah jauhan,
Ngadeukeutan panto imahna gé ulah,
9 Ngarah manéh teu kaleungitan martabat
Sarta teu sangsara saumur-umur,
10 Ngarah harta banda* manéh henteu béak ku batur
Jeung bebeunangan usaha manéh teu dipimilik ku batur.
11 Mun henteu, manéh bakal udah-aduh bakating ku sangsara.
Tanaga béak, awak gé ruksak.
12 Engké manéh ngomong kieu geura, ”Ku naon aing téh bet teu daék dipapatahan?
Ku naon aing téh teu resep diélingan?
13 Aing teu daék ngagugu ka jalma-jalma nu ngajar,
Embung ngadéngékeun guru-guru.
14 Ayeuna aing geus téréh ancur,
Aing hina di tengah-tengah jamaah.”
15 Sok nginum cai* nu sorangan,
Cai nu nyegerkeun ti sumur sorangan.
16 Jang naon cinyusu manéh ngagolontor ka luar?
Jang naon aliran cai manéh dibudalkeun ka lapangan?*
17 Keun wéh éta kabéh keur manéh sorangan,
Ulah dibagikeun ka batur.
18 Mugia cinyusu manéh diberkahan,
Mugia manéh senang-senang jeung pamajikan nu dikawin ku manéh pas ngora kénéh.
19 Manéhna téh lir uncal bikang nu geulis, lir embé gunung nu pikaresepeun.
Mugia manéh terus ngarasa puas ku kanyaahna,*
Mugia manéh kabeungkeut ku cintana.
20 Jadi anaking, jang naon manéh kapincut ku awéwé anu bejad ahlak?*
Jang naon manéh nangkeup awéwé bangor?*
21 Yéhuwa ningali kalakuan manusa,
Anjeunna téh nilik-nilik unggal léngkahna.
22 Jalma jahat kajiret ku kasalahanana sorangan,
Dosa-dosana bakal kawas tali nu meulit manéhna.
23 Lantaran kacida bodona, manéhna nyasab,
Tungtungna paéh lantaran teu daék narima didikan.
6 Anaking, mun manéh jangji rék ngajamin hutang batur,
Geus nyieun perjangjian* jeung jelema nu teu dikenal,
2 Ari pék téh kabeulit ku jangji sorangan,
Kacangcang ku ucap sorangan,
3 Hartina manéh geus aya dina genggeman éta jalma.
Anaking, tah kieu carana ngabébaskeun diri manéh:
Buru-buru datangan manéhna, rendahkeun diri, jeung ménta dipikawelas ku manéhna.
4 Lamun urusanana can bérés, ulah waka saré.
Sanajan tunduh gé, panon ulah waka peureum.
5 Geuwat ngejat lir kijang kabur ti nu moro,
Lir manuk nu leupas tina leungeun tukang néwak manuk.
6 Hé nu kedul, tuh tempo sireum.
Diajar ti sireum geura, ngarah bijaksana.
7 Sanajan teu boga komandan, mandor, atawa pamingpin,
8 Sireum mah nyimpen dahareun pas usum* halodo
Jeung ngumpulkeun sasadiaan dahareun pas usum panén.
9 Hé nu kedul, rék gogoléran terus manéh téh?
Iraha rék hudang?
10 Saré sakeudeung deui, peureum sakeudeung deui,
Gégéléhéan* sakeudeung deui.
11 Pék wéh, kamiskinan bakal ujug-ujug datang kawas rampog.
Kakurangan bakal narajang kawas jalma nu mawa senjata.
12 Jalma nu jahat jeung hirupna euweuh gunana mah ka mamana téh ngan ngabohong waé.
13 Panonna ngiceupan, sukuna dipaké keur méré isarat, leungeunna* gé méré isarat, da hayang nipu.
14 Haténa téh licik,
Ka mamana ngan ngaréka-réka kajahatan jeung nyiar-nyiar piributeun.
15 Ku sabab kitu, manéhna bakal ujug-ujug katinggang ku musibat.
Dina sakiceup, manéhna bakal diancurkeun jeung teu bisa dipulihkeun deui.
16 Aya genep perkara nu dipikangéwa ku Yéhuwa,
Tujuh perkara nu dipikageuleuh ku Anjeunna:
17 Panon nu sombong, létah nu sok ngabohong, leungeun nu maéhan jalma nu teu salah,
18 Haté nu ngaréka-réka siasat jahat, suku nu gura-giru kana kajahatan,
19 Saksi nu bohong deui bohong deui,
Sarta jelema nu ngadu-ngadukeun dulur.
20 Anaking, lamun dibéré paréntah ku bapa téh sing nurut,
Lamun dipapatahan ku indung* téh ulah ngabalieur.
21 Cangcang éta dina haté,
Kongkorongkeun dina beuheung,
22 Sabab éta bakal nungtun waktu manéh leumpang,
Bakal ngajaga waktu manéh saré,
Sarta bakal ngajar* pas manéh geus hudang.
23 Paréntah téh lir lampu,
Hukum téh lir cahaya,
Ari naséhat jeung didikan téh nungtun kana jalan kahirupan.
24 Éta kabéh bakal ngajaga manéh ti awéwé jahat,
Ti awéwé bangor* nu omonganana ngagoda.
25 Ulah kapincut ku geulisna,
Ulah kapikat ku panonna nu ngagoda.
26 Gara-gara palacur, lalaki téh jadi malarat.*
Awéwé nu jinah téh ngincer nyawa.
27 Mémangna bisa jalma neundeun seuneu dina dadana bari jeung bajuna teu kaduruk?
28 Atawa, bisa kitu jalma leumpang dina areng ruhay tapi sukuna teu kaduruk?
29 Nya, kitu ogé lamun jalma jinah jeung pamajikan batur,
Nu cubak cabak ka éta awéwé pasti dihukum.
30 Maling nu maok ku lantaran lapar mah
Moal dihina ku batur.
31 Tapi ari kanyahoan mah, angger wéh kudu ngagantian tujuh kalieun.
Kabéh pangaboga di imahna kudu diserahkeun.
32 Lalaki nu jinah téh teu boga pikiran,
Nu kitu mah nyangsarakeun diri sorangan.
33 Manéhna bakal dihina jeung ngalaman kasusah,
Sarta bakal éra saumur-umur.
34 Salaki nu timburu mah amarahna ngagedur.
Waktu ngabales, taya karunyana.
35 Ditebus ku naon baé gé, moal daék narima.
Moal bisa diolo sanajan dibéré hadiah kacida lobana.
7 Anaking, déngékeun papatah Bapa,
Jeung hargaan paréntah ti Bapa.
2 Paréntah ti Bapa téh kudu terus dijalankeun ngarah panjang umur,
Pituduh* ti Bapa téh kudu dijaga ati-ati siga ngajaga siki panon manéh.
3 Éta kabéh kudu terus diinget-inget, saolah-olah dibeulitkeun kana ramo
Jeung ditulis dina haté manéh.
4 Kabijaksanaan téh kudu dianggap lanceuk awéwé,
Pangarti téh kudu dianggap dulur,
5 Sabab éta kabéh bisa ngajaga manéh ti awéwé nu bejad ahlak,*
Ti awéwé bangor* anu omonganana ngagoda.
6 Hiji waktu, tina kisi-kisi jandéla imah,
Bapa nempo ka handap.
7 Katénjo jalma-jalma anu polos.*
Ti antara barudak ngora, aya saurang nu kurang pangarti.
8 Manéhna ngaliwatan péngkolan imah éta awéwé,
Seug leumpang ka dinya
9 Pasosoré sanggeus panonpoé surup,
Pas téréh peuting jeung poék.
10 Bapa ningali éta awéwé téh nyampeurkeun manéhna.
Pakéanana kawas pakéan palacur, haténa téh licik.
11 Éta awéwé téh meni céréwéd jeung teu boga kaéra.
Manéhna tara aya di imah.
12 Sakapeung di luar imah, sakapeung di lapangan.
Manéhna ngadagoan di unggal péngkolan.
13 Kerewek éta budak ngora téh ditangkeup bari dicium.
Teu éra-éra, éta awéwé ngomong kieu,
14 ”Abdi téh pan kudu nyanggakeun korban karukunan.
Tah, poé ieu téh ikrarna tos kabayar.
15 Abdi kaluar téh badé mendakan Aa.
Ku abdi dipilarian, ari pék téh kapendak!
16 Ranjang ku abdi tos diamparan sepré nu alus,
Kaén linén warna-warni ti Mesir.
17 Malah ranjang téh tos meunang nyeungitan ku emur,* gaharu,* jeung kayu manis.
18 Hayu ah, urang puaskeun hasrat cinta urang duaan dugi ka énjing.
Urang puaskeun asmara urang,
19 Meungpeung salaki abdi nuju teu aya di bumi,
Nuju angkat jauh.
20 Uihna gé engké, tengah bulan,*
Da anjeunna tos nyandak artos.”
21 Tah, kitu ngolona ka éta budak ngora téh.
Omonganana meni manis jeung ngagoda.
22 Ngiclik éta budak ngora nuturkeun manéhna, lir sapi nu ditungtun rék dipeuncit,
Lir jalma bodo nu diranté,* teu bisa leupas tina hukuman,
23 Tungtungna panah nembus kana atina.
Manéhna teu engeuh nyawana keur kaancam, teu béda ti manuk nu asup kana jaring.
24 Ku sabab kitu, anaking, déngékeun Bapa.
Perhatikeun papatah ti Bapa.
25 Ulah kagoda ku awéwé siga kitu,
Ulah nuturkeun awéwé kitu.
26 Geus loba lalaki nu maot gara-gara manéhna.
Nu dipaéhanana téh geus teu kaitung.
27 Indit ka imahna téh sarua jeung indit ka Kuburan,*
Asup ka dinya téh sarua jeung asup ka tempat nu maraot.
8 Kabijaksanaan terus ngageroan,
Pangarti gé terus ngagorowok.
2 Kabijaksanaan nangtung di tempat nu laluhur,
Di sisi jalan, jeung di parapatan.
3 Di sisi gerbang-gerbang jalan ka kota,
Di lawang-lawang asup,
Kabijaksanaan terus ngageroan, kieu cenah,
4 ”Hé umat manusa, kuring ngageroan maranéh.
Kuring téh ngageroan unggal jalma.
5 Hé nu teu baroga pangalaman, cik atuh dialajar ngarah asak pikir.
Hé nu barodo, cik atuh beunangkeun pangarti.*
6 Déngékeun, sabab nu diucapkeun ku kuring téh penting.
Nu diucapkeun ku biwir kuring téh bener.
7 Biwir kuring téh ngucapkeun bebeneran,
Kuring geuleuh kana ucapan nu licik.
8 Kabéh omongan kuring téh bener,
Euweuh nu bohong atawa nyasabkeun.
9 Keur nu boga pangarti mah omongan kuring téh jelas.
Keur nu boga kanyaho* mah omongan kuring téh bener.
10 Tibatan milih pérak, mending milih didikan ti kuring.
Tibatan milih emas murni, mending milih kanyaho.*
11 Kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan batu koral,*
Sagala rupa anu dipikahayang ku manéh moal bisa nyaruaan éta.
12 Kuring téh kabijaksanaan, kuring cicing bareng jeung kapinteran,
Kuring téh asak pikir jeung boga kanyaho.*
13 Lamun hormat* ka Yéhuwa, manéh bakal ngamusuh kana kagoréngan.
Kuring geuleuh ka nu sombong jeung adigung, kitu deui kana kajahatan jeung omongan palsu.
14 Kuring téh bisa méré naséhat nu alus jeung bijaksana,
Kuring gé boga pangarti jeung kawasa.
15 Ku lantaran kuring, raja-raja bisa terus ngawasa,
Para pajabat gé bisa nyusun hukum nu adil.
16 Ku lantaran kuring, para pamingpin bisa terus ngawasa,
Para bangsawan gé bisa nyieun putusan nu adil.
17 Kuring nyaah ka nu nyaah ka kuring.
Saha waé nu néangan kuring pasti panggih jeung kuring.
18 Kuring boga kabeungharan jeung kamulyaan
Sarta kaadilan jeung harta nu aya salilana.*
19 Nu dibikeun ku kuring téh leuwih alus tibatan emas, sanajan emasna téh emas murni.
Nu ditarima ku manéh ti kuring téh leuwih alus tibatan pérak murni.
20 Kuring leumpang di jalan nu bener,
Sakabéh tindakan kuring gé adil.
21 Nu nyaah ka kuring bakal diwaris kakayaan,
Gudang-gudangna bakal dipinuhan.
22 Kuring téh nu pangmimitina diciptakeun ku Yéhuwa,
Nu pangheulana di antara hasil karya-Na di jaman baheula.
23 Kuring téh geus dibéré kadudukan ti jaman baheula,
Ti mimiti pisan saacan bumi diadegkeun.
24 Kuring geus lahir saméméh aya lautan,
Saméméh aya cinyusu nu mudal.
25 Kuring geus lahir saméméh gunung-gunung diadegkeun,
Saméméh pasir-pasir* aya,
26 Saméméh Allah ngadamel bumi jeung daratanana,
Jeung saméméh aya taneuh sakeprul nu mimiti di bumi.
27 Kuring aya di dinya basa Anjeunna ngadegkeun langit,
Basa Anjeunna mentangkeun cakrawala* di luhur laut
28 Jeung ngabentuk méga* di langit,
Basa Anjeunna nempatkeun cinyusu-cinyusu di tempat nu jero,
29 Basa Anjeunna netepkeun wates di laut
Ngarah cai teu ngaliwatan éta wates,
Basa Anjeunna masang pondasi-pondasi bumi.
30 Harita téh kuring digawé nyarengan Anjeunna jadi tukang nu ahli.
Unggal poé kuring nyenangkeun Anjeunna.
Kuring gumbira sapanjang waktu payuneun Anjeunna.
31 Kuring atoh waktu Anjeunna nyiapkeun bumi sangkan bisa dicicingan.
Kuring téh resep pisan ka manusa.
32 Ku sabab kitu, barudak, déngékeun kuring.
Nu nuturkeun omongan kuring mah tangtu bagja.
33 Déngékeun didikan ti kuring ngarah bijaksana,
Ulah disapirakeun.
34 Nu ngadéngékeun kuring tangtu bagja.
Unggal isuk, manéhna nyampeurkeun panto imah kuring,
Ngadagoan di deukeut lawang imah kuring.
35 Jelema anu manggihan kuring bakal meunangkeun kahirupan
Sarta dipikaresep ku Yéhuwa.
36 Tapi nu nyapirakeun kuring mah nyilakakeun diri sorangan,
Nu geuleuh ka kuring téh hartina cinta kana paéh.
9 Kabijaksanaan nu sajati geus ngabangun imah,
Manéhna masang tujuh tihang.
2 Daging geus disiapkeun* ku manéhna,
Cianggur geus dicampur rempah-rempah,
Méja gé geus beunang ditata.
3 Seug manéhna ngutus palayan-palayan awéwéna
Sina ngageroan jalma-jalma ti tempat nu laluhur di kota, kieu cenah,
4 ”Nu teu baroga pangalaman, sok ka darieu.”
Ka nu kurang pangarti, kabijaksanaan gé ngomong kieu,
5 ”Sok ka darieu, geura dalahar roti
Jeung ngarinum cianggur nu geus dicampur ku kuring.
6 Lamun hayang panjang umur, tong teterusan jadi jalma bodo,*
Tuturkeun jalan pangarti.”
7 Mapatahan nu sok moyokan mah sarua jeung ménta dihina,
Ngélingan jalma jahat mah matak nyeri haté.
8 Nu sok moyokan mah teu kudu diélingan, engké manéh kalah ka dipikangéwa.
Nu kudu diélingan téh jalma bijaksana, lantaran bakal nyaah ka manéh.
9 Ajar jalma nu bijaksana, engké manéhna jadi leuwih bijaksana.
Ajar jalma bener, engké kanyahona beuki nambahan.
10 Supaya bisa meunangkeun kabijaksanaan, jalma téh kudu hormat* ka Yéhuwa.
Supaya bisa meunangkeun pangarti, jalma téh kudu boga kanyaho* ngeunaan Nu Mahasuci.
11 Lamun boga kabijaksanaan, umur manéh bakal ditambahan,
Jeung manéh bakal panjang umur.
12 Lamun manéh bijaksana, untungna keur manéh kénéh,
Tapi ari sok moyokan mah, nya manéh sorangan nu rugi.
13 Awéwé bodo mah céréwéd pisan.
Manéhna téh kurang pangarti jeung teu nyaho nanaon.
14 Manéhna diuk di lawang imahna,
Nu aya di tempat luhur di kota.
15 Manéhna ngageroan nu laliwat,
Anu keur malikiran urusanana sorangan, kieu cenah,
16 ”Nu teu baroga pangalaman, sok ka darieu.”
Ka nu kurang pangarti, manéhna ngomong kieu,
17 ”Cai beunang maling téh karasana meni amis,
Kadaharan nu didaharna susulumputan téh karasana meni ngeunah.”
18 Tapi nu jaradi korbanna téh teu nyarahoeun yén di imahna geus loba nu paraéh,
Tamu-tamuna aya di Kuburan* nu jero.
10 Paribasa-paribasa Sulaéman.
Budak bijaksana, bapa nu bungah.
Ari budak bodo mah indung nu nalangsa.
2 Harta banda beunang teu jujur mah euweuh gunana,
Tapi lalampahan nu bener bisa nyalametkeun tina maot.
3 Jalma bener moal diantep kalaparan ku Yéhuwa,
Ari nu jahat mah angen-angenna gé bakal digagalkeun.
4 Nu kedul bakal miskin,
Ari nu getol mah bakal beunghar.
5 Budak anu rajin téh ngumpulkeun hasil panén dina usum* halodo,
Ari budak anu kebluk pas keur usum panén mah ngérakeun dirina sorangan.
6 Jalma bener bakal narima berkah,
Tapi nu jahat mah nutupan niat jahatna ku ucapanana.
7 Jalma bener moal dipopohokeun tapi bakal diberkahan,
Sabalikna nu jahat mah ngaranna gé bakal dipopohokeun.
8 Jalma nu bijaksana, dibéré naséhat* téh daék,
Tapi nu asal ngomong mah bakal ngalaman kasusah.
9 Jalma jujur hirupna bakal aman,
Tapi nu teu jujur mah pasti kanyahoan.
10 Tukang tipu* téh nyangsarakeun batur,
Jalma nu asal ngomong bakal ngalaman kasusah.
11 Ucapan jelema bener téh jadi sumberna hirup,
Tapi ucapan jalma jahat mah nutupan niat jahatna.
12 Jalma nu ngéwa ka batur osok nyiar-nyiar pipaséaeun,
Tapi nu boga kanyaah mah iklas ngahampura.*
13 Jalma nu boga pangarti téh omonganana bijaksana,
Tapi nu teu boga pikiran mah tonggongna kudu digebug ku tongkat.
14 Jalma bijaksana téh terus diajar sagala nu aya paédahna,
Ari ucapan jalma bodo mah ngadatangkeun masalah.
15 Kakayaan ngabénténg nu beunghar,
Ari nu miskin mah sangsara lantaran teu boga nanaon.
16 Lalampahan jalma bener téh nungtun kana hirup,
Ari lalampahan jalma jahat mah nungtun kana dosa.
17 Jalma nu daék narima didikan téh nuduhkeun jalan kahirupan ka batur,*
Tapi nu embung dipapatahan mah nyasabkeun batur.
18 Jalma nu nyumputkeun kangéwa téh omonganana bohong,
Nu nyebarkeun pitnah* téh bodo.
19 Lamun jalma loba ngomong, pasti aya salahna.
Ari nu ngajaga biwirna mah bijaksana.
20 Omongan jalma bener téh saibarat pérak murni,
Tapi pipikiran jalma jahat mah taya hargana.
21 Omongan jalma bener téh nyegerkeun* jalma réa,
Sabalikna nu bodo mah paéh ku lantaran teu boga pikiran.
22 Nu ngabeungharkeun téh berkah ti Yéhuwa,
Jeung berkahna téh teu dibarengan ku kasedih.
23 Keur jalma bodo, kalakuan nu ngérakeun téh dianggap heureuy,
Tapi nu bisa nimbang-nimbang mah bijaksana.
24 Naon nu dipikasieun ku jalma jahat, éta nu bakal kaalaman ku manéhna,
Tapi kahayang jalma bener mah bakal dikabulkeun.
25 Sanggeus angin topan liwat, jalma jahat geus moal aya deui,
Tapi jalma bener mah kawas pondasi nu salilana weweg.
26 Keur dununganana, jalma kedul téh
Kawas cuka nu matak linu kana huntu, kawas haseup nu matak peurih kana panon.
27 Jalma nu hormat* ka Yéhuwa téh bakal panjang umur,
Ari nu jahat mah umurna pondok.
28 Harepan jalma bener téh matak ngabungahkeun,
Ari harepan jalma jahat mah moal laksana.
29 Keur jalma nu hirupna bersih, sagala tindakan Yéhuwa téh jadi panyalindunganana,
Tapi keur jalma nu kalakuanana jahat mah éta téh musibat.
30 Jalma bener téh hirupna bakal aman,
Sabalikna nu jahat mah moal diantep hirup di bumi.
31 Jalma bener téh omonganana bijaksana,
Ari sungut nu nyasabkeun mah bakal dibekem salilana.
32 Jalma bener téh nyaho kana pitutur anu nyukakeun haté,
Ari nu jahat mah omonganana nyasabkeun.
11 Yéhuwa mikangéwa ka nu maké timbangan curang,
Tapi misuka ka nu maké timbangan nu ukuranana bener.
2 Jalma nu lancang téh dituturkeun ku kahinaan,
Tapi nu rendah haté* mah dituturkeun ku kabijaksanaan.
3 Jalma nu bersih hirupna* téh ngalampahkeun nu bener,
Tapi nu licik mah bakal cilaka ku kalicikanana.
4 Kakayaan téh euweuh gunana dina poé amarahna Allah,
Tapi nu lalampahanana bener mah bakal diluputkeun tina maot.
5 Jalma nu hirupna bersih jeung lalampahanana bener téh bakal mulus jalanna,
Ari nu jahat mah bakal cilaka ku kajahatanana sorangan.
6 Jalma bener téh bakal salamet ku lantaran lalampahanana bener,
Tapi nu licik mah bakal kajiret ku kahayangna sorangan.
7 Waktu jalma jahat maot, harepanana sirna,
Kitu ogé jeung kakuatan anu dijadikeun andelanana.
8 Jalma bener mah bakal dibébaskeun tina kasusahna,
Seug éta kasusah datangna ka jalma jahat.
9 Omongan jalma murtad téh matak batur binasa,
Tapi jalma bener mah bakal salamet lantaran boga kanyaho.
10 Jalma-jalma di kota bungah ku lantaran kahadéan jalma bener
Jeung surak gumbira waktu nu jahat maot.
11 Ku lantaran berkah nu ditarima ku jalma bener, hiji kota jadi agung,
Sabalikna omongan jalma jahat mah ngaruntuhkeun éta kota.
12 Jalma nu kurang pangarti téh ngarendahkeun sasamana,
Ari nu luhur pangarti mah tetep jempé.
13 Tukang pitnah téh osok ngabongkar rasiah batur,
Tapi nu bisa dipercaya mah bisa ngajaga rasiah.
14 Bangsa bakal runtuh lamun euweuh naséhat ti jalma nu bijaksana,*
Tapi mun loba jurunaséhat mah hasilna pasti alus.*
15 Nu dadaékanan ngajamin hutang jalma nu teu dikenal téh pasti cilaka,
Tapi nu teu daék nyieun perjangjian* siga kitu mah bakal aman.
16 Awéwé nu bageur téh meunang kamulyaan,
Sabalikna lalaki nu kejem mah ngarampas kakayaan.
18 Jalma jahat mah najan beubeunangan gé taya mangpaatna,
Sabalikna nu lalampahanana bener mah tangtu meunang ganjaran nu sajati.
19 Nu boga tékad pikeun terus ngalampahkeun nu bener téh bakal hirup,
Tapi nu keukeuh pikeun terus ngalampahkeun kajahatan mah tangtu paéh.
20 Yéhuwa mikangéwa ka jalma nu haténa licik,
Tapi jalma nu hirupna bersih mah dipikaresep ku Anjeunna.
21 Sing yakin, nu jahat téh pasti dihukum,
Sabalikna jalma bener mah anak-anakna bakal salamet.
22 Awéwé geulis tapi teu boga pikiran téh
Saibarat anting emas dina cungur babi.
23 Kahayang jalma bener téh hasilna bakal alus,
Ari angen-angenna jalma jahat mah matak Allah ambek.
24 Jalma nu resep barangbéré téh meunang leuwih loba,
Tapi nu ngeukeuweuk naon waé nu sakuduna dibikeun ka batur mah kalah ka malarat.
26 Jalma nu nimbun sisikian téh bakal disumpahan ku batur,
Tapi nu daék ngajual sisikian mah bakal dipuji.*
27 Jalma nu sok nyieun kahadéan bakal dipikaresep,
Sabalikna nu sok ngalampahkeun kajahatan mah tangtu meunang kasusah.
28 Jalma nu ngandelkeun kakayaan mah bakal meunang musibat,
Tapi jalma bener mah lir tangkal nu gomplok daunna.
29 Jalma nu nyusahkeun* kulawargana moal meunang warisan nanaon,*
Jeung nu bodo bakal jadi palayanna jalma bijaksana.
30 Lalampahan jalma bener téh lir tangkal kahirupan.
Nu ngajurung batur* pikeun nyieun kahadéan, manéhna téh jalma bijaksana.
31 Lamun jalma bener* gé bisa diganjar,
Komo deui nu jahat jeung nu baroga dosa, tangtu dihukum!
12 Jalma nu resep kana didikan téh resep diajar,*
Tapi nu teu boga pikiran mah embung dibéré naséhat.
2 Jalma bageur dipikaresep ku Yéhuwa,
Tapi nu ngararancang kajahatan mah dihukum ku Anjeunna.
3 Moal aya jalma jahat anu hirupna aman,
Tapi jalma bener mah bakal kawas tangkal anu teu bisa dirabut.
4 Pamajikan nu tarampil* téh lir makuta keur salakina,
Tapi pamajikan nu ngérakeun mah lir panyakit nu ngagarogotan tulang salakina.
5 Pipikiran jalma bener téh adil,
Tapi naséhat ti jalma jahat mah nyasabkeun.
6 Ucapan jalma jahat téh kawas jiret nu nyilakakeun,*
Sabalikna ucapan jalma bener mah bisa nyalametkeun.
7 Jalma jahat bakal dibasmi jeung moal aya deui,
Tapi imahna jalma bener mah bakal tetep weweg.
8 Jalma dipuji téh lantaran ucapanana bijaksana,
Tapi nu goréng haté mah bakal disapirakeun.
9 Mending kénéh jadi jelema biasa tapi boga bawahan
Tibatan ngaluhurkeun diri tapi kalaparan.
10 Jalma bener ngurus sato piaraanana,
Ari nu jahat mah ngarasa geus karunyaan padahal kejem.
11 Jalma nu ngolah lahanna moal kurang kadaharan,
Tapi jalma nu kurang pangarti mah ngudag-ngudag nu euweuh gunana.
12 Jalma jahat sok sirik ningali beubeunangan jalma jahat séjénna,
Tapi jalma bener mah kawas tangkal nu buahan jeung akarna kuat.
13 Jalma jahat kabeulit ku omonganana nu salah,
Tapi jalma bener mah bakal bébas tina kasusah.
14 Jalma nu hadé basa bakal ngala hasil nu hadé,
Nu digawékeun ku manéhna gé bakal ngadatangkeun berkah.
15 Jalma bodo mah sok ngarasa bener baé,
Sabalikna nu bijaksana mah daék narima naséhat.
16 Jalma bodo mah langsung némbongkeun kakeuheulna,
Ari nu boga pangarti mah teu ngaladénan waktu dihina.
17 Saksi nu jujur téh méré nyaho nu sabenerna,
Tapi saksi palsu mah osok ngabohong.
18 Omongan nu teu dipikir heula téh lir pedang nojos,
Tapi omongan jalma bijaksana mah nyageurkeun.
19 Omongan jujur téh bakal langgeng,
Tapi omongan bohong mah moal tahan lila.
20 Nu ngaréka kajahatan téh haténa pinuh ku tipu daya,
Tapi nu resep rukun mah bakal gumbira.
21 Jalma bener téh moal meunang kasusah,
Ari nu jahat mah hirupna bakal loba masalah.
22 Yéhuwa mikangéwa ka nu sok ngabohong,
Tapi mikaresep ka nu bisa dipercaya.
23 Ku nu boga pangarti mah, kanyaho téh disimpen,
Sabalikna nu bodo mah nguar-nguar kabodoanana.
24 Jalma nu getol bakal jadi pamingpin,
Tapi nu kedul mah paling-paling jadi palayan.
25 Ku kahariwangan mah jalma téh pegat harepan,*
Tapi ku kekecapan nu hadé mah haténa gumbira.
26 Jalma bener téh néangan tegal jukut* nu pangalusna,
Sabalikna nu jahat mah nyasabkeun dirina sorangan.
27 Anu kedul mah embung moro sato keur dahareunana,
Sabalikna sipat rajin téh mangrupa harta.
28 Lalampahan nu bener téh nungtun kana kahirupan,
Lain kana maot.
13 Budak nu bijaksana, lamun dididik ku bapana téh nurut.
Ari nu gedé hulu* mah dipapatahan téh teu daék ngadéngékeun.
2 Jalma nu hadé basa bakal ngala hasil nu hadé,
Tapi nu licik mah resepna kana kakerasan.
3 Jalma nu ngajaga létahna téh ngajaga hirupna,
Tapi nu asal ngomong mah bakal meunang kasusah.
4 Nu kedul téh loba kahayang tapi teu boga nanaon,
Sabalikna nu getol mah kahayangna tangtu laksana.*
5 Jalma bener téh teu resep kana omongan bohong,
Tapi kalakuan jalma jahat mah ngérakeun jeung ngadatangkeun kahinaan.
6 Jalma nu teu boga salah téh hirupna aman lantaran lalampahanana bener,
Sabalikna nu boga dosa mah sangsara lantaran lalampahanana jahat.
7 Aya nu pura-pura beunghar padahal teu boga nanaon,
Aya ogé nu pura-pura miskin padahal mah beunghar.
8 Anu beunghar, duitna dipaké keur ngajaga nyawana,
Sabalikna anu miskin mah moal diarah ku batur.
9 Jalma bener téh ibarat cahaya ngempray,
Tapi nu jahat mah ibarat lampu nu pes pareum.
10 Kalakuan lancang téh tungtungna pipaséaeun,
Tapi nu ménta naséhat* mah bijaksana.
11 Harta nu gampang dialana* bakal gampang béak,
Tapi harta nu dikumpulkeun saeutik-saeutik bakal beuki ngalobaan.
12 Haté nalangsa lamun nu diarep-arep can laksana waé,
Sabalikna kahayang nu kacumponan téh lir tangkal kahirupan.
13 Saha waé nu teu daék dipapatahan bakal keuna balukarna,
Tapi nu ngahargaan paréntah mah bakal meunang berkah.
14 Nu diajarkeun ku* jalma bijaksana téh ibarat cinyusu kahirupan,
Ngajauhkeun hiji jalma tina jiret pati.
15 Jalma nu luhur pangarti téh dipikaresep ku batur,
Sabalikna nu licik mah hirupna pinuh ku kasusah.
16 Jalma nu boga pangarti mah mikir heula saacan ngalampahkeun nanaon,
Tapi nu bodo mah ngabolékérkeun kabodoanana.
17 Utusan anu teu bisa dipercaya téh matak nyusahkeun,
Ari utusan anu satia mah matak reugreug kana haté.
18 Nu embung dididik bakal miskin jeung direndahkeun,
Tapi nu daék dipapatahan mah bakal dihormat.
19 Kacida bungahna lamun kahayang bisa laksana.
Jalma bodo mah embung ngajauhan kagoréngan.
20 Nu babarengan jeung jalma bijaksana tangtu jadi bijaksana,
Tapi nu nyobat jeung jalma bodo bakal cilaka.
21 Nu boga dosa mah dikukuntit ku picilakaeun,
Tapi jalma bener mah diberkahan ku kamakmuran.
22 Jalma bageur ninggalkeun warisan keur anak incuna,
Tapi nu boga dosa mah hartana bakal disimpen keur jalma bener.
23 Lahanna jalma miskin diwuluku* seug ngahasilkeun loba dahareun,
Tapi éta bisa waé dirampas* lantaran euweuh kaadilan.
24 Anu tara ngawarah anakna,* tanda manéhna teu nyaah ka anak.
Lamun enya nyaah mah, anakna tangtu* dididik.
25 Jalma bener bakal dahar nepi ka seubeuh,
Tapi nu jahat mah beuteungna bakal kukurubukan.
14 Awéwé nu bener-bener bijaksana téh ngabangun rumah tanggana,
Tapi nu bodo mah ngancurkeun rumah tanggana ku leungeun sorangan.
2 Jalma anu lalampahanana bener téh hormat* ka Yéhuwa,
Tapi nu licik mah ngahina Anjeunna.
3 Ucapan sombong anu kaluar tina biwir jalma bodo téh kawas tongkat paranti ngahukum,
Sabalikna nu bijaksana mah dijaga ku biwirna sorangan.
4 Mun euweuh sapi, wadah parab téh bersih,
Tapi ku kakuatan sapi jalu, hasil panén téh loba.
5 Saksi nu bisa dipercaya mah moal ngabohong,
Tapi saksi palsu mah bohong deui bohong deui.
6 Nu sok moyok hayang jadi bijaksana tapi teu bisa,
Sabalikna nu boga pangarti mah babari meunang kanyaho.*
7 Nu bodo mah ulah dideukeutan,
Da omonganana euweuh eusina.*
8 Ku lantaran bijaksana, jalma nu boga pangarti téh mikir heula saacan migawé nanaon,
Ari nu bodo mah katipu* ku kabodoanana.
10 Mun hiji jalma keur sedih, ngan manéhna sorangan nu bisa ngarasakeun.
Mun keur senang gé, batur moal bisa milu ngarasakeun.
11 Imahna jalma jahat bakal diruntuhkeun,
Ari kémahna jalma bener mah bakal ngagedéan.
12 Aya nu ngarasa geus manggihan jalan nu bener,
Padahal brasna kana maot.
13 Sanajan keur seuri, haté mah bisa waé peurih.
Kagumbiraan gé bisa waé jadi kasedih.
14 Jalma nu goréng haté bakal ngarasakeun balukar tina jalan hirupna,
Sabalikna nu bageur mah bakal narima berkah tina lalampahanana.
15 Jalma polos* téh percaya kana sagala omongan batur,
Tapi nu boga pangarti mah ngawas-ngawas heula piléngkaheun.
16 Jalma bijaksana téh ati-ati jeung ngajauhan nu jahat,
Ari nu bodo mah nékad* jeung percaya diri teuing.
17 Nu babari ambek téh lalampahanana siga jalma bodo,
Tapi nu asak pikir gé kalah ka dipikangéwa ku batur.
18 Jalma polos* téh bakal nunjukkeun kabodoanana,
Ari nu boga pangarti mah bakal dimakutaan ku kanyaho.*
19 Jalma jahat tungtungna bakal sujud hareupeun jalma bageur,
Jalma bejad bakal sujud di gerbangna jalma bener.
20 Nu miskin mah ku tatanggana gé dipikangéwa,
Ari nu beunghar mah loba babaturanana.
21 Jalma nu ngarendahkeun sasamana téh nyieun dosa,
Tapi nu karunyaan ka jalma leutik mah bakal bagja.
22 Piraku jalma nu boga niat jahat moal nyasab?
Ari nu niatna hadé mah tangtu dipikanyaah* jeung dipercaya.
23 Sagala hal, ari digawékeun bener-bener mah pasti aya hasilna,
Tapi lamun ngomong hungkul mah pimalarateun.
24 Makutana jalma bijaksana téh kabeungharanana,
Ari nu bodo mah angger wéh bodo.
25 Saksi nu jujur téh nyalametkeun nyawa,
Ari nu teu jujur mah bohong deui bohong deui.
26 Jalma nu hormat* ka Yéhuwa téh bener-bener percaya ka Anjeunna,
Barudakna gé bakal meunang panyalindungan.
27 Rasa hormat* ka Yéhuwa téh ibarat cinyusu kahirupan,
Ngajauhkeun jalma tina jiret pati.
28 Agungna raja gumantung kana jumlah rahayatna.
Mun euweuh rahayat mah, pangawasa téh taya hartina.
29 Jalma anu teu gancang ambek téh luhur pangarti,
Ari nu teu sabaran mah tanda manéhna bodo.
30 Haté nu tenang matak séhat kana awak,*
Ari sirik dengki mah ibarat panyakit nu ngagarogotan tulang.
31 Jalma nu ngamangpaatkeun jalma leutik téh ngahina Nu Ngadamelna,
Tapi nu karunyaan ka jalma miskin téh ngamulyakeun Nu Ngadamelna.
32 Jalma jahat bakal meunang kasusah ku lantaran kajahatanana sorangan,
Sabalikna jalma bener mah bakal ditangtayungan ku lantaran bersih hirupna.*
33 Jalma nu boga pangarti téh tara nyombongkeun kabijaksanaanana,
Ari nu bodo mah ngagulkeun kanyahona.
34 Bangsa bakal dihormat lamun rahayatna bener,
Tapi bakal dihina lamun rahayatna nyieun dosa.
35 Raja atoh lamun tindakan hambana bijaksana,
Tapi amarahna ngagedur lamun kalakuan hambana ngérakeun.
15 Jawaban lemah lembut nyirnakeun amarah,
Tapi omongan nu kasar* mah ngahudang napsu.
2 Jalma nu bijaksana mah ari ngomong téh maké kanyahona,*
Tapi nu bodo mah ngabolékérkeun kabodoanana.
3 Soca Yéhuwa ningali sagala hal,
Kalakuan jalma, boh hadé boh goréng, katingali ku Anjeunna.
4 Ucapan genah* téh lir tangkal kahirupan,
Tapi ucapan nu nipu mah matak pegat harepan.
5 Nu bodo teu ngahargaan didikan bapana,
Ari nu pinter mah daék dipapatahan.
6 Di imah jalma bener téh aya loba harta,
Ari beubeunangan jalma jahat mah ngan kasusah.
7 Kanyaho téh nyebarna tina biwir jalma bijaksana,
Lain ti jalma bodo.
8 Yéhuwa mikangéwa ka korban ti jalma jahat,
Tapi doa jalma bener mah nyukakeun haté-Na.
9 Yéhuwa geuleuh kana lalampahan jalma jahat,
Tapi nu hayang terus ngalampahkeun nu bener mah dipikanyaah ku Anjeunna.
10 Jalma nu lalampahanana geus teu bener mah teu daék diwarah,*
Padahal nu teu daék dipapatahan téh bakal maot.
11 Nu di jero Kuburan* jeung di tempat kabinasaan* waé gé katingali ku Yéhuwa,
Komo deui haté manusa.
12 Tukang popoyok teu resep lamun dipapatahan.
Manéhna gé tara tatanya ka nu bijaksana.
13 Haté gumbira téh matak raray marahmay,
Ari haté sedih mah matak leungit sumanget.
14 Ku nu boga pangarti mah kanyaho téh diulik,
Ari nu bodo mah resepna téh ngomongkeun nu euweuh gunana.
15 Keur nu hirupna sangsara* mah unggal poéna téh ripuh,
Ari keur nu senang haté mah unggal poéna téh siga pésta.
16 Mending kénéh teu boga loba harta tapi hormat* ka Yéhuwa
Tibatan beunghar tapi loba pikiran.
17 Kajeun kénéh dahar sayur sapiring bareng jeung jalma nu dipikanyaah
Tibatan dahar daging sapi nu panghadéna tapi bari aya kangéwa.
18 Nu gancang ambek mah nyiar-nyiar pipaséaeun,
Tapi nu teu gancang ambek mah nenangkeun kaayaan.
19 Jalma nu kedul mah jalanna téh kawas dipageran ku rungkun cucuk,
Ari nu lalampahanana bener mah jalanna téh kawas jalan nu rata.
20 Budak bijaksana, bapa nu bungah.
Ari budak bodo mah ngarendahkeun indungna.
21 Nu kurang pangarti mah resep ngalampahkeun nu euweuh paédahna,
Ari nu boga pangarti mah terus ngalampahkeun nu bener.
22 Mun teu dibadamikeun heula, rencana téh gagal,
Tapi mun loba juru naséhat mah hasilna tangtu alus.
23 Kacida atohna méré jawaban nu bener,
Jeung lamun diucapkeun dina waktu nu pas, sakecap waé gé matak haté senang.
24 Jalma nu boga pangarti mah jalanna téh ka luhur, ngajugjug kana hirup,
Lain ka handap ka Kuburan.*
25 Yéhuwa bakal ngaruntuhkeun imahna jalma sombong,
Tapi wates tanah randa mah bakal dijaga ku Anjeunna.
26 Yéhuwa mikageuleuh siasatna jalma jahat,
Tapi Anjeunna resep kana ucapan nu nyukakeun haté.
27 Nu nyokot untung bari teu jujur téh nyusahkeun* rumah tangga sorangan,
Tapi nu teu resep kana panyogok mah bakal terus hirup.
28 Jelema bener mah méméh ngajawab téh mikir heula,*
Tapi biwir jalma jahat mah ngabudalkeun nu goréng.
29 Yéhuwa jauh ti jalma jahat,
Tapi Anjeunna ngadangukeun doa jalma bener.
30 Raray marahmay ngagumbirakeun haté,
Béja hadé ngagedékeun haté.*
31 Jalma nu daék ngadéngékeun naséhat nu nungtun kana kahirupan téh
Kaasup di antara jalma-jalma nu bijaksana.
32 Saha waé nu teu daék narima didikan téh teu lebar kana nyawana sorangan,
Sabalikna nu daék ngadéngékeun naséhat mah meunangkeun pangarti.
33 Rasa hormat* ka Yéhuwa ngajarkeun kabijaksanaan,
Sipat rendah haté ngadatangkeun kamulyaan.
16 Di jero haté, jelema mikirkeun kecap-kecap* nu rék diomongkeun,
Tapi Yéhuwa nu ngabantu manéhna méré jawaban.*
2 Aya nu ngarasa sagala lampahna téh geus bener,*
Tapi nu mariksa niat haté mah da Yéhuwa.
3 Percayakeun* sagala tindakan manéh ka Yéhuwa,
Sangkan rencana-rencana manéh laksana.
4 Yéhuwa mastikeun sangkan sagalana sajalan jeung kahoyong-Na.
Anjeunna gé mastikeun sangkan nu jarahat ditumpes.
5 Yéhuwa mikangéwa ka jalma nu haténa sombong,
Nu kitu mah moal teu dihukum.
6 Ku kaasih* jeung kasatiaan, kasalahan téh dihampura,
Sarta ku lantaran hormat* ka Yéhuwa, hiji jalma babalik pikir ti nu jahat.
7 Lamun Yéhuwa mikaresep jalan hirup hiji jalma,
Musuh gé disina akur jeung manéhna.
8 Mending kénéh panghasilan saeutik tapi beunang jujur,
Tibatan panghasilan gedé tapi beunang teu jujur.
9 Jelema bisa waé boga rencana dina haténa,
Tapi nu ngabingbing léngkahna mah Yéhuwa.
10 Putusan nu kaluar tina biwir saurang raja téh kudu sajalan jeung pituduh ti Allah.
Manéhna kudu adil.
11 Timbangan jeung ukuran nu bener téh asalna ti Yéhuwa,
Anjeunna nu nangtukeun ukuran batu timbangan nu aya dina kantong.
12 Raja kudu mikangéwa lalampahan jahat,
Sabab tahtana téh bisa kukuh nya ku karana kaadilan.
13 Omongan nu bener téh nyenangkeun raja-raja.
Manéhna resep ka jalma nu ngomongna jujur.
14 Amarah raja bisa nyababkeun hiji jalma dipaéhan,
Tapi nu bijaksana mah bisa nenangkeun raja nu keur ambek.
15 Lamun jalma dipikaresep ku raja, hirupna téh bagja,
Sabab gumbirana raja téh lir méga* nu nurunkeun hujan dina usum* semi.
16 Meunangkeun kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan meunangkeun emas,
Sarta mending kénéh milih pangarti tibatan milih pérak.
17 Jalma bener mah ngajauhan kagoréngan.
Nu ngajaga jalan hirupna, ngajaga nyawana.
18 Adigung balukarna ancur,
Angkuh balukarna rubuh.
19 Mending ogé rendah haté sarta babarengan jeung nu lemah lembut,
Tibatan dibéré hasil jarahan ku nu angkuh.
20 Nu maké pangarti waktu nimbang-nimbang perkara tangtu meunangkeun hasil nu alus.
Nu ngandelkeun Yéhuwa tangtu bagja.
21 Jalma nu haténa bijaksana mah kaciri tina pangartina,
Nu omonganana pikaresepeun* téh bisa ngayakinkeun batur.
22 Pangarti hiji jalma téh lir cinyusu kahirupanana,
Ari nu bodo mah dihukumna ku kabodoan sorangan.
23 Jalma nu bijaksana, méméh ngomong téh dipikir heula,
Ku kituna omonganana jadi leuwih ngayakinkeun.
24 Ucapan nu nyukakeun haté téh lir madu nu nyakclakan,
Nya amis nya matak jagjag kana awak.*
25 Aya nu ngarasa geus manggihan jalan nu bener,
Padahal brasna kana maot.
26 Bakating ku hayang boga dahareun, nu jadi kuli tohtohan digawé.
Ku sabab lapar, manéhna buru-buru digawé.
27 Jalma nu euweuh gunana mah sok nguar-nguar kagoréngan batur.
Omonganana téh lir seuneu ngaléntab.
28 Tukang nyieun masalah* téh sok nyiar-nyiar pipaséaeun.
Tukang pitnah misahkeun nu keur sosobatan.
29 Jalma telenges mah sok ngajak batur,
Seug disasabkeun ka jalan nu salah.
30 Manéhna ngarancang siasat jahat bari ngiceupan.
Tina rarayna téh kaciri manéhna keur ngalaksanakeun niat jahatna.
31 Huis jalma nu lalampahanana bener téh
Lir makuta nu éndah.
32 Jalma nu teu gancang ambek leuwih hadé tibatan prajurit nu perkasa.
Mending kénéh bisa nahan amarah tibatan nalukkeun kota.
33 Jalma bisa waé ngalungkeun undi,*
Tapi nu nangtukeun putusanana mah Yéhuwa.
17 Mending kénéh dahar roti garing sasiki di imah nu tengtrem,
Tibatan dahar daging* di imah nu jalma-jalmana paraséa.
2 Palayan nu boga pangarti bakal ngawasaan budak dununganana nu kalakuanana ngérakeun,
Malah bakal kabagian warisan kawas budak dununganana.
3 Pérak jeung emas dimurnikeunana téh ku seuneu,
Ari haté manusa mah dipariksana ku Yéhuwa.
4 Jalma jahat mah resepna téh ngadéngékeun omongan anu nganyenyeri haté batur,
Tukang tipu resepna ngadéngékeun pitnah.
5 Jalma nu moyok ka nu miskin téh ngahina Nu Ngadamelna,
Nu atoh ningali batur susah téh bakal dihukum.
6 Incu téh kawas makuta keur nu geus karolot,
Kitu deui indung bapa téh sok diagulkeun ku barudakna.
7 Nu jahat mah teu cocog mun omonganana bener,*
Nya komo deui pangawasa,* teu cocog mun omonganana bohong!
8 Hadiah téh ibarat batu permata keur nu méréna.
Ku hadiah éta, sagala nu dipigawéna tangtu hasil.
9 Nu réla ngahampura* kasalahan téh tandana boga kaasih,
Tapi nu ngunek-ngunek waé mah megatkeun sosobatan.
10 Jalma nu boga pangarti mah ditegor sakali gé langsung ngarti,
Ari nu bodo mah digebugan ratusan kali gé teu ngarti-ngarti.
11 Jalma jahat téh hayangna barontak waé,
Tapi manéhna bakal dihukum ku utusan nu kejem.
12 Leuheung kénéh amprok jeung biruang nu kaleungitan anak,
Tibatan amprok jeung jalma bodo nu teu boga pikiran.
13 Jalma nu ngabales kahadéan ku kajahatan téh
Kulawargana bakal terus meunang kasusah.
14 Ngajak ribut téh ibarat muka panto bendungan.
Méméh paséa, geuwat indit.
15 Yéhuwa mikangéwa ka nu nganggap jalma jahat téh bener
Jeung ka nu nganggap jalma bener téh salah.
16 Naon gunana mun nu bodo sanggup meunangkeun kabijaksanaan
Tapi haténa teu hayang?*
17 Sobat sajati téh salawasna némbongkeun kanyaah.
Manéhna jadi dulur waktu aya kasusah.
18 Nu kurang pangarti téh daék sasalaman jeung nyieun perjangjian rék ngajamin hutang batur,
Kitu téh bari disaksian ku babaturanana sorangan.
19 Jalma nu resep paséa bakal nyieun kasalahan
Sarta nu gedé omong* téh nyilakakeun diri sorangan.
20 Nu haténa licik moal meunang kahadéan.
Nu sok nipu bakal cilaka.
21 Budak bodo, bapa nu sedih.
Budak teu boga pikiran, bapana nalangsa.
23 Jalma jahat téh susulumputan narima panyogok
Ambéh kaadilan teu dijalankeun.
24 Jalma nu boga pangarti téh néangan kabijaksanaan,
Tapi pikiran jalma bodo mah ngalayang nepi ka tungtung bumi.
25 Budak bodo matak bapa sedih,
Matak indung nyeri haté.
26 Ngahukum* jalma bener téh teu pantes,
Mecutan jalma nu dihormat téh salah.
27 Jalma nu boga kanyaho téh mikir heula saacan ngomong,
Nu boga pangarti bakal tetep tenang.
28 Nu bodo gé ari jempé mah sok dianggap bijaksana,
Nu balem sok dianggap boga pangarti.
18 Jalma nu resep nyorangan baé téh sok mentingkeun diri,
Dibéré naséhat nu alus gé embungeun.*
2 Jalma bodo mah tara daék diajar nanaon,
Hayangna téh ngan ngabudalkeun pipikiran sorangan.
3 Jalma nu kalakuanana jahat bakal direndahkeun,
Nu kalakuanana ngérakeun gé bakal dihina.
4 Ucapan jalma téh lir laut nu jero,
Kabijaksanaan éta jalma lir walungan ngocor.
5 Waktu mutuskeun perkara, teu hadé lamun mihak ka nu jahat
Atawa nyalahkeun nu bener.
6 Omongan jalma bodo téh pipaséaeun.
Mun manéhna ngomong, batur téh sok hayang neunggeul.
7 Omongan jalma bodo téh nyusahkeun dirina sorangan.
Manéhna cilaka ku biwirna sorangan.*
8 Omongan tukang pitnah téh jiga dahareun ngeunah,
Langsung dilegleg asup kana beuteung.
9 Jelema nu kedul digawé téh
Dulurna bangsat.
10 Nami Yéhuwa lir bénténg anu tohaga.
Jalma bener lumpat ka dinya, seug ditangtayungan.*
11 Ceuk pamikir nu baleunghar mah harta banda téh lir kota nu dibénténgan,
Lir témbok pertahanan.
12 Nu sombong bakal tijungkel,
Ari nu rendah haté bakal dihormat.
13 Jalma nu ngajawab tapi teu ngadéngékeun heula téh
Bodo jeung ngérakeun.
14 Jalma gering gé ari sumanget mah bisa kuat.
Tapi, saha nu kuat ari geus teu sumanget* mah?
15 Jalma nu boga pangarti meunangkeun élmu,
Jalma* nu bijaksana néangan élmu.
16 Hadiah téh mukakeun jalan keur nu méréna.
Ku hadiah éta, manéhna bisa panggih jeung jalma-jalma penting.
17 Nu mimiti ngadukeun perkara téh caritana sok siga nu enya,
Nepi ka lawanna datang jeung mariksa bener henteuna carita éta.
18 Waktu undi* dialungkeun, masalah bérés.
Jalma-jalma nu boga kawasa gé teu paraséa deui.
19 Dulur nu nyeri haté leuwih hésé ditalukkeun tibatan kota nu dibénténgan.
Jalma nu geus paséa jeung teu bisa rukun deui téh kawas gerbang nu dipalangan, hésé dibukana.
20 Jalma nu hadé basa téh kawas ngeusi beuteungna ku dahareun ngeunah.
Ku ucapanana, manéhna bakal sugema.
21 Hirup maotna jalma gumantung kana létahna.
Naon nu sering diomongkeun ku manéhna, nya éta nu bakal ditanggung ku manéhna.
22 Lalaki nu meunangkeun pamajikan bageur téh lir meunangkeun harta.
Manéhna gé dipikaresep ku Yéhuwa.
23 Nu malarat melas-melis ngucapkeun paménta,
Ari nu beunghar mah ngajawabna meni kasar.
24 Aya babaturan anu silih cilakakeun,
Tapi aya ogé babaturan anu leuwih raket tibatan dulur sorangan.
19 Leuheung kénéh miskin tapi hirup bener
Tibatan bodo bari jeung sok ngabohong waé.
2 Teu hadé jadi jelema euweuh kanyaho téh.
Nu gurunggusuh gé bakal nyieun dosa.
3 Jelema nincak jalan nu salah téh ku kabodoanana sorangan,
Tapi haténa kalah ka ambek nyalahkeun Yéhuwa.
4 Nu beunghar mah boga loba sobat,
Ari nu miskin mah ku babaturan sorangan gé teu dibaturan deui.
5 Saksi palsu moal teu dihukum,
Jalma nu bohong deui bohong deui gé moal bébas tina hukuman.
6 Loba jalma hayang kaaku ku para pajabat,*
Kabéh hayang jadi baturna jalma nu sok méré hadiah.
7 Nu miskin mah ku kabéh dulurna gé dipikangéwa,
Komo deui ku babaturanana, pasti dijauhan.
Najan teterusan ménta tulung gé, angger wéh euweuh nu ngawaro manéhna.
8 Jalma nu asak pikir téh ciri manéhna nyaah ka dirina sorangan.
Nu ngajaga pangartina tangtu makmur.
9 Saksi palsu moal teu dihukum,
Jalma nu bohong deui bohong deui gé pasti binasa.
10 Teu cocog mun nu barodo hirup méwah,
Nya komo deui mun palayan maréntah para pangawasa.
11 Jalma nu asak pikir téh teu gancang ambek.
Manéhna gé dipuji lantaran ngahampura kasalahan batur.
12 Raja nu ngagedurkeun amarah téh ibarat singa* nu guar-gaur,
Sabalikna rasa gumbirana téh ibarat ciibun dina pepelakan.
13 Budak bodo nyangsarakeun bapana,
Sarta pamajikan nu resep paséa téh ibarat hateup bocor nu caina terus nyakclakan.
14 Imah jeung harta téh warisan ti bapa,
Tapi pamajikan nu bijaksana mah kurnia ti Yéhuwa.
15 Nu kedul mah saré waé.
Nu sagala horéam bakal kalaparan.
16 Nu terus ngajalankeun paréntah Allah téh ngajaga hirupna,
Tapi nu teu paduli kana jalan hirup nu bener mah bakal maot.
17 Nu némbongkeun kahadéan ka jalma leutik téh ibarat méré nginjeum ka Yéhuwa,
Engké kahadéanana bakal dibales ku Anjeunna.
18 Warah budak téh meungpeung aya kénéh harepan.
Mun henteu, manéh nu kudu tanggung jawab lamun budak maot.*
19 Jalma nu gedé ambek mah bakal ngarasakeun balukarna,
Jeung mun ditulungan sakali téh engké ménta deui ménta deui.
20 Mun dipapatahan téh déngékeun, didikan téh kudu ditarima,
Ngarah manéh jadi bijaksana.
21 Manusa nyieun loba rencana di jero haté,
Tapi kahoyong* Yéhuwa nu bakal laksana mah.
22 Jelema dipikaresep téh ku lantaran boga kanyaah.*
Kajeun kénéh miskin tibatan jadi tukang bohong.
23 Nu hormat* ka Yéhuwa téh bakal terus hirup.
Saréna bakal tibra, manéhna gé moal cilaka.
24 Aya jelema anu ku kedul-kedulna nepi ka horéam ngahuap,
Padahal leungeunna geus aya dina mangkok.
25 Nu sok moyokan kudu digebug ngarah nu teu boga pangalaman bisa mikir jeung henteu nurutan.
Jalma nu boga pangarti kudu dipapatahan, ngarah kanyahona nambahan.
26 Budak nu kasar ka bapana jeung nu ngusir indungna téh
Ngérakeun jeung matak jadi aéb.
27 Anaking, lamun manéh geus embung dipapatahan deui,
Kanyaho nu geus dipiboga ku manéh gé bakal leungit.
28 Ku saksi nu euweuh gunana, kaadilan téh diseungseurikeun.
Ku nu jahat, kajahatan téh dilegleg.
29 Nu sok moyok pasti dihukum.
Nu bodo, tonggongna pasti digebug.
20 Nu loba teuing nginum cianggur jadi resep moyokan, nu loba teuing nginum inuman nu aya alkoholna jadi hésé diatur.
Nu kalakuanana teu bener ku lantaran mabok téh bodo.
2 Kawas singa* nu guar-gaur, raja téh dipikasieun ku rahayatna.
Saha waé nu wani ngahudang amarahna sarua jeung nganteurkeun nyawa.
3 Nu bodo mah sok pipilueun lamun aya nu paséa,
Ari nu embung pipilueun mah bakal dipuji.
4 Nu kedul mah sok embung ngawuluku* mun cuacana keur goréng.
Jadi pas usum* panén, manéhna kalah ka ménta-ménta da teu boga nanaon.*
5 Pipikiran* jelema téh ibarat cai dina sumur nu jero,
Tapi ku nu boga pangarti mah éta bisa katimba.
6 Nu ngakuna nyaahan mah loba,
Tapi anu enya satia mah langka.
7 Jalma bener téh bersih* hirupna.
Barudakna gé bakal bagja.
8 Waktu raja diuk dina tahta pangadilan,
Socana awas sangkan bisa nyingkirkeun kabéh kajahatan.
9 Mémangna aya nu wani ngomong kieu, ”Haté abdi geus bersih,
Abdi mah geus teu boga dosa deui”?
10 Yéhuwa mikangéwa
Ka jalma nu maké timbangan jeung ukuran nu teu bener.
11 Kalakuan budak, boh bener boh murni,
Témbong tina polahna.
12 Yéhuwa nyiptakeun ceuli keur ngadéngé,
Nyiptakeun panon keur ningali.
13 Entong saré waé, engké manéh malarat.
Geura hudang, ngarah manéh boga loba dahareun.
14 Anu meuli sok ngomong kieu, ”Ah, barangna goréng!”
Tapi ari geus beunang mah meni agul, da asa pinter nawar.
15 Emas jeung batu koral* téh mémang mahal,
Tapi nu leuwih hargaan mah kekecapan nu bijaksana.
16 Jalma nu ngajamin hutang jalma nu teu dikenal téh kudu dicokot bajuna.
Jaminan nu dibikeun ku manéhna keur awéwé asing* gé kudu dirampas.
17 Roti beunang teu jujur mah mimitina karasa ngeunah,
Tapi lila-lila asa siga keusik.
18 Lamun dibadamikeun* heula, rencana-rencana téh bakal laksana.*
Rék perang gé kudu ménta naséhat heula ti jalma nu bijaksana.*
19 Tukang pitnah osok ngabongkar rasiah batur.
Nu sok ngomongkeun batur* mah ulah dideukeutan.
20 Anu nyumpahan indung bapana,
Hirupna bakal kawas lampu nu pes pareum di nu poék.
21 Sanajan jalma sarakah jadi beunghar,
Tungtungna mah kakayaanana moal jadi berkah.
22 Ulah ngomong kieu, ”Engké dibales ku aing!”
Tapi kudu miharep ka Yéhuwa, manéh tangtu ditulungan.
23 Yéhuwa mikangéwa ka nu maké timbangan nu teu bener.
Maké takeran nu teu jujur téh salah.
24 Yéhuwa nu nungtun jalan hirup manusa.
Mustahil manusa ngarti jalan mana nu kudu dipilih.
25 Jelema anu rurusuhan nyieun jangji ka Allah
Tapi kakara dipikirkeun sanggeusna téh bakal kajiret ku jangjina sorangan.
26 Raja nu bijaksana nyingkirkeun jalma jahat
Sakumaha roda ngagiles sisikian sangkan misah tina cangkangna.
27 Keur Yéhuwa mah napas manusa téh ibarat lampu
Nu nyaangan naon nu aya di jero batin manusa.
28 Raja nu nyaahan* jeung satia bakal ditangtayungan.
Ku lantaran asih satiana, tahtana bakal kukuh.
29 Anu diagulkeun ku budak ngora téh tanagana,
Ari nu jadi kahormatan keur nu kolot mah huisna.
21 Haté raja téh aya dina panangan Yéhuwa,
Kawas cai walungan nu dikocorkeun ka mana waé sakahayang Anjeunna.
2 Aya nu ngarasa sagala lampahna téh geus bener,
Tapi nu mariksa haté* mah da Yéhuwa.
3 Tibatan ngabaktikeun korban,
Ngalampahkeun nu bener jeung adil téh leuwih nyenangkeun Yéhuwa.
4 Panon nu sombong jeung haté nu angkuh téh dosa.
Éta ibarat lampu nu nungtun jalma jahat.
5 Rencana nu dijieun ku nu getol mah tangtu nguntungkeun,
Tapi nu gurunggusuh mah pasti malarat.
6 Kabeungharan beunang teu jujur téh
Kawas halimun anu les leungit, kawas jiret pipaéheun.*
7 Nu jahat bakal cilaka ku kajahatanana sorangan,
Sabab maranéhna mah pantrang kana lampah bener.
8 Jalan hirup jalma doraka téh nyimpang,
Tapi nu bersih haténa mah lampahna bener.
9 Mending kénéh cicing di juru hateup*
Tibatan saimah jeung pamajikan anu resep paséa.
10 Jalma jahat kabeukina téh kajahatan,
Ka batur meni taya karunyana.
11 Lamun jalma nu sok moyokan dihukum, jalma nu teu boga pangalaman téh bisa mikir jeung beuki bijaksana.
Terus lamun jalma bijaksana narima pangarti, manéhna nyaho naon nu kudu dilampahkeun.
12 Allah nu adil nilik-nilik rumah tanggana jalma jahat,
Seug numpes maranéhna.
13 Jalma nu embung ngadéngé jumeritna jalma leutik,
Engké mun manéhna sasambat ménta tulung, moal aya nu ngajawab.
14 Hadiah nu dibikeunna susulumputan téh nenangkeun jalma nu keur ambek,
Panyogok nu dibikeunna cicing-cicing* téh nenangkeun jalma nu amarahna ngagedur.
15 Jalma bener mah mun ngajalankeun kaadilan téh atoh,
Sabalikna keur nu lalampahanana jahat mah éta téh pikasebeleun.
16 Jelema anu pangartina geus tara dipaké mah
Tungtungna bakal babarengan jeung nu maraot.
17 Jelema anu karesepna senang-senang téh bakal malarat,
Nu kabeukina cianggur jeung minyak téh moal beunghar-beunghar.
18 Jalma jahat bakal jadi tebusan keur jalma bener,
Tukang ngahianat bakal jadi tebusan keur jalma jujur.
19 Mending kénéh cicing di tanah gurun
Tibatan hirup bareng jeung pamajikan anu pundungan jeung resep paséa.
20 Harta jeung minyak nu mahal ayana di imah jalma bijaksana,
Ari nu bodo mah ngahambur-hambur* pangabogana.
21 Jelema nu hayangna téh ngalampahkeun nu bener jeung nunjukkeun kanyaah*
Bakal jadi jalma bener, dihormat, jeung terus hirup.
22 Jalma nu bijaksana mah bisa nalukkeun* kotana jalma-jalma perkasa
Jeung ngarugrugkeun bénténg pertahanan andelan maranéhna.
23 Jalma nu ngajaga biwir jeung létahna téh
Nyingkahan masalah.
24 Nu asa aing jeung gagabah téh
Disebut jalma lancang nu sombong jeung gedé omong.
25 Nu kedul mah bakal dipaéhan ku kahayangna sorangan,
Sabab manéhna teu daék digawé.
26 Sapoé jeput gawéna téh ngan ngalamun hayang boga itu ieu.
Sabalikna, jalma bener mah resep barangbéré.
27 Korban nu dibaktikeun ku jalma jahat téh pikageuleuheun,
Komo deui lamun nu méréna téh boga niat goréng.*
28 Saksi nu ngabohong bakal binasa,
Sabalikna jalma nu bener-bener ngadéngékeun mah kateranganana moal gagal.
29 Jelema jahat mah kandel kulit beungeut,
Tapi jelema bener mah lalampahanana geus pasti bener.*
30 Euweuh kabijaksanaan, pangarti, atawa naséhat nu bisa ngalawan kahayang Yéhuwa.
31 Kuda disiapkeun pikeun poé peperangan,
Tapi kaunggulan mah asalna ti Yéhuwa.
22 Mending milih ngaran seungit tibatan milih kabeungharan,
Leuwih hadé dihormat* tibatan boga pérak jeung emas.
2 Nu beunghar jeung nu miskin aya saruana:
Duanana diciptakeun ku Yéhuwa.
3 Jalma nu pinter mah ningali bahaya téh nyumput,
Ari nu teu boga pangalaman mah terus wéh maju, tungtungna cilaka.*
4 Jalma nu rendah haté sarta hormat* ka Yéhuwa
Bakal diberkahan, dihormat, jeung meunangkeun kahirupan.
5 Jalma nu licik milih jalan nu pinuh ku cucuk jeung jiret,
Tapi nu ngahargaan nyawa sorangan mah ngajauhan jalma-jalma siga kitu.
6 Budak* téh papatahan kumaha kuduna hirup,
Jadi nepi ka kolot téh moal ngalampahkeun nu teu bener.
7 Nu miskin dikawasaan ku nu beunghar,
Nu nginjeum duit téh jadi palayanna nu nginjeumkeun.
8 Jalma nu melak kajahatan bakal ngala bahla,
Tongkat paneunggeulna* nu sok dipaké nindes batur bakal dipotongkeun.
9 Nu béréhan bakal diberkahan,
Sabab manéhna daék babagi dahareun ka nu miskin
10 Nu sok moyok kudu diusir,
Ngarah euweuh deui nu cékcok.
Ku kituna, moal aya deui nu paséa jeung nu ngahina batur.
11 Jalma nu bersih haténa tur soméah hadé basa
Tangtu nyobat jeung raja.
12 Kanyaho* bakal dijaga ku Yéhuwa,
Tapi rencana jalma licik mah bakal digagalkeun ku Anjeunna.
13 Ceuk nu kedul, ”Aya singa di luar!
Engké aing dipaéhan di lapangan atuh!”
14 Biwir awéwé nu bejad ahlak* téh kawas liang nu jero.
Jalma nu ngahudangkeun amarah Yéhuwa bakal tigebrus ka dinya.
16 Ka nu miskin téh nipu ngarah leuwih beunghar,
Ari ka nu beunghar méré hadiah.
Jalma nu kitu mah tungtungna bakal malarat.
17 Regepkeun omongan jalma bijaksana,
Ngarah manéh ngarti naon nu diajarkeun ku Bapa.
18 Lamun éta kabéh disimpen dina haté, tangtu manéh bagja.
Manéh gé bakal terus nyaritakeun éta.
19 Poé ieu téh Bapa nerangkeun itu ieu,
Ngarah manéh yakin ka Yéhuwa.
20 Pan Bapa geus nuliskeun loba naséhat jeung pituduh keur manéh,
21 Éta téh ngarah manéh nyaho yén kekecapan ieu bener jeung bisa dipercaya.
Jadi lamun aya nu nanya sual éta, manéh bisa méré jawaban anu bener.
22 Ulah meres jalma miskin pédah maranéhna teu walakaya,
Jeung ulah nindes jalma leutik di gerbang kota,*
23 Sabab Yéhuwa bakal ngabéla perkarana.
Nu nipu maranéhna bakal dipaéhan ku Anjeunna.
24 Ulah gaul jeung nu gedé ambek,
Ulah urusan jeung nu gancang ambek,
25 Bisi katépaan,
Seug manéh cilaka.
26 Ulah daék sasalaman jeung nyieun perjangjian
Pikeun ngajamin hutang batur.
27 Engké ari teu bisa mayar,
Ranjang manéh gé bakal dijabel!
28 Ulah mindahkeun wawatesan tanah nu geus ditetepkeun ti baheula
Beunang netepkeun karuhun manéh.
29 Pernah teu nempo jalma nu tarampil digawéna?
Manéhna moal aya di lingkungan jalma biasa,
Tapi hareupeun para raja.
23 Mun dahar bareng jeung raja,*
Manéh kudu bisa mawa diri.
2 Lamun sagala hayang didahar,
Manéh kudu nahan diri.*
3 Ulah mikahayang dahareunana nu ngareunah,
Bisi manéh katipu.
4 Digawé téh ulah tohtohan teuing pédah hayang beunghar.
Ulah kitu! Manéh téh kudu némbongkeun pangarti.*
5 Duit mah sakilat gé leungit, siga jangjangan,
Ber hiber ka langit kawas heulang.
6 Ulah ngadahar dahareun jelema pedit,
Ulah mikahayang dahareunana nu ngareunah,
7 Da nu kitu mah sok itungan.
Ari ngomong mah, ”Mangga dituang atuh, sok dileueut,” padahal haté teu iklas.
8 Sok wéh, engké nu geus didahar ku manéh, hayang diutahkeun deui geura.
Percumah manéh muji-muji ogé.
9 Nu bodo mah teu kudu dipapatahan,
Da nu kitu mah moal ngahargaan omongan manéh nu bijaksana.
10 Ulah mindahkeun wawatesan tanah nu geus ditetepkeun ti baheula,
Ulah ngarampas lahanna budak yatim,
11 Sabab Nu Ngabéla* maranéhna téh kuat.
Anjeunna bakal mihak ka maranéhna jeung ngalawan ka manéh.
12 Didikan téh kudu diregepkeun,
Ucapan nu bijaksana kudu didéngékeun.
13 Tong asa-asa ngawarah budak.*
Saupama diteunggeul ku tongkat gé moal matak paéh.
14 Manéhna justru kudu diteunggeul ku tongkat,
Ngarah luput tina maot.*
15 Anaking, mun manéh* bijaksana,
Haté Bapa téh senang.
16 Mun ucapan manéh bener,
Haté* Bapa téh gumbira.
17 Ulah sirik ka nu marigawé dosa,
Tapi kudu terus hormat* ka Yéhuwa.
18 Ku kituna, mangsa ka hareup téh gumilang.
Harepan manéh gé moal sirna.
19 Déngékeun anaking, sing bijaksana,
Hirup téh kudu bener.*
20 Ulah loba teuing nginum cianggur,
Jeung ulah hawek ngadahar daging,
21 Sabab nu sok mabok jeung nu hawek kana dahareun mah bakal malarat.
Hirup ngan saré waé mah alamat papakéan manéh ruwang-rawing.
22 Déngékeun Bapa, da mun euweuh Bapa mah manéh moal aya.
Ka indung gé ulah ngahina, pédah indung geus kolot.
23 Bebeneran téh kudu dibeuli* jeung ulah dijual,
Kitu deui kabijaksanaan, didikan, jeung pangarti.
24 Mun anak hirup bener, bapa bungah.
Mun anak bijaksana, bapa gumbira.
25 Indung bapa manéh bakal gumbira,
Indung nu ngalahirkeun manéh bakal bagja.
26 Anaking, regepkeun ucapan Bapa.
Mugia manéh resep nyonto lampah Bapa.
27 Palacur téh ibarat liang nu jero,
Awéwé bangor* téh ibarat sumur nu sempit.
28 Manéhna téh kawas garong nu keur ngadodoho.
Gara-gara manéhna, jadi beuki loba lalaki nu teu satia.
29 Saha nu sangsara? Saha nu guligah?
Saha nu sok paséa? Saha nu kukulutus?
Saha nu raheut teu pupuguh? Saha nu panonna beureum?*
30 Éta téh jelema nu méakkeun loba waktu jang nginum cianggur,
Nu ngarumpul jang ngasaan* cianggur oplosan.
31 Ulah kagoda ku cianggur nu beureum pikabitaeun,
Ku cahayana nu ngénclong, ku rasana nu nikmat ngageleser dina tikoro,
32 Sabab tungtungna éta macok kawas oray,
Nyebrotkeun peurah kawas oray matih.
33 Engké panon téh nénjo nu aranéh,
Omongan gé ngacapruk.
34 Rarasaan téh asa keur saré di tengah lautan,
Asa keur ngagolér di luhur tihang kapal.
35 Heug ngacaprak, ”Aing diteunggeulan, tapi teu karasa geuning.
Aya nu neunggeulan, tapi saha nya?
Iraha nya aing hudang?
Hayang nginum deui yeuh.”
24 Ulah sirik ka nu jahat,
Jeung ulah hayang boga babaturan modél kitu,
2 Da niat haténa téh jahat waé,
Jeung ucap-ucapna téh picilakaeun batur.
3 Rumah tangga* dibangun ku kabijaksanaan,
Diajegkeun ku pangarti.
4 Ku kanyaho,* kamar-kamarna dipinuhan
Sagala rupa barang nu aralus jeung marahal.
5 Jalma bijaksana téh jalma nu kuat.
Jeung ku kanyaho,* hiji jalma jadi beuki kuat.
6 Rék perang téh kudu ménta naséhat heula ti jalma nu bijaksana.*
Lamun loba jurunaséhat, tangtu unggul.*
7 Jalma bodo mah moal bisa meunangkeun kabijaksanaan nu sajati.
Manéhna moal bisa ngomong nanaon di gerbang kota.
8 Jalma nu ngararancang kajahatan
Bakal disebut gegedugna kajahatan.
9 Rencana jalma bodo* téh pidosaeun.
Jalma nu sok moyokan téh dipikangéwa ku batur.
10 Lamun manéh leutik haté waktu keur susah,*
Kakuatan manéh bakal béak.
11 Mun aya jelema nu dibawa rék dipaéhan, geuwat salametkeun.
Mun aya nu leumpang sasampoyongan kana kabinasaan, geuwat halangan.
12 Mun manéh ngomong, ”Da urang mah teu nyaho nanaon,”
Ceuk pamikir manéh, Allah nu mariksa haté* téh teu nyahoeun kitu?
Anjeunna nu nilik-nilik manéh téh nyahoeun
Sarta bakal ngabales unggal jelema satimpal jeung kalakuanana.
13 Anaking, pék dahar madu, alus éta téh.
Madu tina sayang nyiruan téh amis karasana.
14 Kabijaksanaan ogé alus.
Mun manéh bijaksana, mangsa ka hareup téh gumilang.
Harepan manéh gé moal sirna.
15 Ulah cara jalma jahat nu ngaréka rék nyerang imahna jalma bener,
Ulah ngaruksak tempat reureuhna,
16 Sabab jalma bener mah saupama tibeubeut nepi ka tujuh kali gé tangtu hudang deui,
Ari nu jahat mah bakal ancur lebur ku bahla.
17 Ulah gumbira lamun musuh cilaka,
Ulah bungah lamun manéhna tijungkel.
18 Mun manéh kitu, Yéhuwa téh ningali, Anjeunna teu resepeun.
Musuh manéh gé moal dipikangéwa deui ku Anjeunna.
19 Ulah jéngkél* ka jalma bejad,
Ulah sirik ka jalma jahat,
20 Sabab nu bejad mah teu boga harepan,
Nu jahat gé ibarat lampu nu pes pareum.
21 Anaking, sing hormat* ka Yéhuwa jeung ka raja.
Ulah gaul jeung jalma nu sok barontak,*
22 Sabab maranéhna bakal ujug-ujug ditarajang ku bahla.
Aya kitu nu nyaho bahla siga kumaha nu bakal didatangkeun ku duanana* keur maranéhna?
23 Jalma nu bijaksana gé ngomong kieu:
Teu hadé lamun beurat sabeulah waktu ngahakiman.
24 Lamun aya nu ngomong kieu ka nu jahat, ”Manéh teu salah,”
Éta jalma bakal dikutuk jeung disumpahan ku bangsa-bangsa.
25 Tapi nu negor jalma jahat mah bakal makmur,
Manéhna bakal diberkahan ku sagala nu hadé.
26 Jalma nu ngajawabna jujur bakal dihormat.*
27 Urus heula sagala pagawéan di luar jeung siapkeun sagalana di lahan manéh,
Sanggeusna kakara manéh ngabangun imah.*
28 Ulah jadi saksi nu teu pupuguh ngalawan batur,
Omongan téh ulah nyasabkeun.
29 Tong ngomong kieu, ”Manéhna gé kitu ka aing,
Nya rék dibales satimpal ku aing.”
30 Bapa ngaliwat ka lahanna jalma kedul,
Ka kebon anggurna jalma nu kurang pangarti.
31 Éta mah meni pinuh ku eurih,
Taneuhna katutup ku rungkun cucuk,
Témbokna gé geus rugrug.
32 Sanggeus ditempo, seug ku Bapa kapikir.
Sanggeus ningali, ieu palajaranana:
33 Saré sakeudeung deui, peureum sakeudeung deui,
Gégéléhéan* sakeudeung deui.
34 Pék wéh, kamiskinan bakal ujug-ujug datang kawas rampog.
Kakurangan bakal narajang kawas jalma nu mawa senjata.
25 Ieu aya kénéh paribasa Sulaéman anu disalin ku bawahanana Raja Hizkia ti Yéhuda:
2 Allah dimulyakeun ku lantaran ngarasiahkeun hiji perkara,
Raja-raja dimulyakeun ku lantaran taliti mariksa hiji perkara.
3 Moal aya nu nyaho eusi haté raja.
Éta téh lir luhurna langit, lir jerona bumi.
4 Singkirkeun tai hiang dina pérak,
Sangkan pérakna jadi murni.
5 Singkirkeun nu jahat ti hareupeun raja,
Sangkan pamaréntahanana kukuh jeung adil.
6 Ulah ngagulkeun diri hareupeun raja
Jeung ulah diuk di antara jalma-jalma penting,
7 Sabab mending kénéh raja ngomong kieu, ”Hayu ka dieu,”
Tibatan manéh diéra-éra hareupeun para pajabat.
8 Ulah buru-buru ngadukeun perkara ka pangadilan,
Sabab mun engké batur ngabuktikeun manéh salah, rék kumaha?
9 Béréskeun heula masalah jeung manéhna,
Tapi ulah nepi ka ngabongkar rasiahna*
10 Ngarah manéh teu diéra-éra ku nu ngadéngékeun,
Da kagoréngan* nu diucapkeun ku manéh téh moal bisa ditarik deui.
11 Kekecapan mun diucapkeun dina waktu nu pas téh
Ibarat aapelan emas dina wadah pérak.
12 Keur jalma nu daék ngadéngékeun mah naséhat ti jalma bijaksana téh
Ibarat anting emas jeung perhiasan tina emas murni.
13 Utusan nu satia téh
Matak seger keur dununganana,
Ibarat tiisna salju dina panasna usum panén.
14 Aya nu ngomongna rék méré hadiah, ari pék téh henteu.
Nu kitu téh ibarat angin jeung méga* mendung tapi teu hujan-hujan.
15 Kasabaran bisa nalukkeun saurang komandan,
Ucapan nu lemah lembut bisa motongkeun tulang.
16 Lamun nimu madu, pék dahar sacukupna,
Ari loba teuing mah bisi utah.
17 Lamun nganjang ka imah batur ulah mindeng teuing,
Bisi boseneun, tungtungna ngéwa ka manéh.
18 Jelema anu méré katerangan palsu hal baturna téh
Ibarat jelema anu nyerang maké palu, pedang, jeung panah méncos.
19 Ngarepkeun jalma nu teu bisa diandelkeun* pas keur susah téh
Ibarat huntu ungger dipaké ngégél, suku cingked dipaké ngaléngkah.
20 Jalma nu ngadon nyanyi pas batur keur susah haté téh
Ibarat jalma nu ngalaanan baju pas keur tiris,
Ibarat cuka nu dikucurkeun kana soda.*
21 Mun musuh* manéh lapar, béré dahar.
Mun haus, béré nginum.
22 Ku cara kitu, manéhna bakal leuleuy kawas logam nu lééh ku seuneu.*
Yéhuwa gé bakal ngaberkahan manéh.
23 Angin kalér téh matak pihujaneun,
Létah nu sok ngomongkeun batur téh matak piambekeun.
24 Mending kénéh cicing di juru hateup*
Tibatan saimah jeung pamajikan anu resep paséa.
25 Ngadéngé béja hadé ti nagri nu jauh téh
Ibarat nginum citiis pas keur haus.
26 Jalma bener nu nyerah ka* nu jahat téh
Ibarat cinyusu anu kiruh ku leutak, ibarat sumur anu diracun.
27 Dahar madu ari loba teuing mah teu hadé.
Nya kitu ogé, hayang kapuji ku batur téh teu hadé.
28 Jalma nu teu bisa nahan amarah téh
Ibarat kota nu témbokna geus runtuh.
26 Lir salju dina usum* halodo jeung hujan dina usum panén,
Nya kitu ogé, kahormatan téh teu cocog keur jalma bodo.
2 Manuk moal teu pupuguh kabur, walét moal teu pupuguh hiber,
Nya kitu ogé jalma dikutuk téh pasti aya sababna.*
3 Pecut téh jang kuda, tali kekang jang kaldé,
Ari tongkat mah jang ngagebug tonggong jalma bodo.
4 Ulah ngajawab jalma bodo kawas jalma bodo deui,
Engké manéh sarua bodona.
5 Jalma bodo mah jawab ku kabodoanana,
Ngarah manéhna teu ngarasa bijaksana.
6 Mercayakeun pasualan ka jalma bodo téh
Ibarat nyacadan suku sorangan jeung nyilakakeun diri sorangan.
7 Jalma bodo nu ngucapkeun paribasa téh
Ibarat jalma cacad nu sukuna pincang.
8 Méré pujian ka jalma bodo mah
Ibarat nalikeun batu kana bandring.
9 Paribasa nu diucapkeun ku jalma bodo téh
Ibarat rungkun cucuk dina leungeun tukang mabok.
10 Méré gawé ka jalma bodo atawa ka nu kabeneran ngaliwat téh
Ibarat tukang panah nu asal manah.*
11 Jalma bodo nu ngalampahkeun deui kabodoanana téh
Ibarat anjing nu ngadahar deui utahna.
12 Pernah teu panggih jeung jalma nu ngarasa diri bijaksana?
Leuwih gampang jalma bodo ngarobah kalakuanana, tibatan jalma modél kitu.
13 Ceuk nu kedul, ”Aya singa ngora di jalan,
Aya singa di lapangan!”
14 Nu kedul mah gogoléran wéh di tempat saréna,
Cara panto galar-gilir dina éngsélna.
15 Aya jelema anu ku kedul-kedulna nepi ka ngahuap gé capé,
Padahal leungeunna geus aya dina mangkok.
16 Nu kedul mah ngarasa diri leuwih bijaksana
Tinimbang tujuh jelema anu jawabanana asup akal.
17 Jalma nu ambek* waktu ningali batur paséa padahal manéhna ngan saukur ngaliwat téh
Ibarat jelema anu ngabenyéng ceuli anjing.
18 Kawas jelema édan nu mesatkeun panah-panah seuneu jeung tumbak nu bisa maéhan jalma,
19 Tah kitu jalma nu teungteuingeun ngalicikan* batur tapi ngomong kieu, ”Urang mah ngan heureuy”.
20 Seuneu lamun teu disuluhan mah pareum,
Pacékcokan gé lamun euweuh tukang pitnah mah eureun.
21 Ku areng, ruhak jadi ruhay. Ku suluh, seuneu ngagedur.
Nya kitu ogé, gara-gara jalma nu resep paséa, masalah jadi beuki gedé.
22 Omongan tukang pitnah téh jiga dahareun ngeunah,
Langsung dilegleg asup kana beuteung.
23 Ucapan manis ti jalma nu haténa jahat téh
Kawas sesemplékan pariuk taneuh nu dipulas hérang ku pérak.
24 Aya jalma nu nutupan kangéwana ka batur ku omongan,
Padahal niat haténa mah nipu.
25 Kadé, tong percaya najan omonganana ngeunah kadéngéna,
Sabab haténa téh pinuh ku perkara nu pikageuleuheun.*
26 Sanajan bisa nipu pikeun nyumputkeun kangéwana,
Kajahatanana bakal dibolékérkeun hareupeun jalma-jalma.
27 Jalma nu ngagali lombang bakal tigebrus kana éta lombang.
Jalma nu ngagilindingkeun batu, bakal kagencét ku éta batu.
28 Jalma ngabohong téh lantaran ngéwa ka jalma nu dirugikeun ku manéhna.
Jalma nu sok muji-muji batur matak nyilakakeun batur.
27 Tong agul ku poé isuk,
Da manéh moal nyaho isuk bakal kumaha.
2 Keun wéh batur* nu muji manéh, ulah manéh sorangan.
Keun batur,* ulah biwir sorangan.
3 Batu jeung keusik téh mémang beurat,
Tapi mun keuheul gara-gara nu bodo nyieun masalah, éta leuwih beurat.
4 Amarah téh kejem, kaambek téh ngaruksak kawas banjir,
Tapi mun jalma geus timburu, moal aya nu tahan.
5 Mending kénéh naséhat nu terus terang tibatan kanyaah nu teu diungkabkeun.
7 Mun geus seubeuh, dibéré madu asli* gé embung.
Sabalikna, ari keur lapar mah nu pait gé asa amis.
8 Jalma nu kapaksa kudu ninggalkeun imah téh
Lir manuk nu kapaksa ninggalkeun sayangna.
9 Minyak jeung seuseungitan téh matak haté senang.
Tah, siga kitu sobat nu sapinuh haté méré naséhat téh.
10 Ulah poho ka sobat atawa ka sobatna bapa manéh.
Waktu keur meunang kasusah, ulah datang ka imah dulur.
Mending kénéh tatangga nu deukeut tibatan dulur nu jauh.
11 Sing bijaksana, anaking, sangkan Bapa senang,
Jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu ngagogoréng* Bapa.
12 Jalma nu pinter mah ningali bahaya téh nyumput,
Ari nu teu boga pangalaman mah terus wéh maju, tungtungna cilaka.*
13 Jalma nu ngajamin hutang jalma nu teu dikenal téh kudu dicokot bajuna.
Jaminan nu dibikeun ku manéhna keur awéwé asing* gé kudu dirampas.
14 Ngucapkeun salam subuh-subuh bari jeung gogorowokan mah
Bakal dianggap ngutuk.
15 Pamajikan nu resep paséa téh ibarat hateup bocor nu caina terus nyakclakan waktu keur hujan.
16 Cik, rék kumaha ngajempékeun manéhna?
Éta téh ibarat megatan angin atawa ngeupeul minyak.
17 Jelema silih asah jeung baturna,
Cara beusi silih asah jeung beusi.
18 Nu ngurus tangkal ara bakal ngadahar buahna,
Nu ngalalayanan dununganana bakal dihormat.
19 Diri urang téh katempo dina diri batur,
Kawas beungeut katempo dina cai.
21 Pérak jeung emas dimurnikeunana téh ku seuneu,
Ari manusa mah diujina ku pujian.
22 Nu bodo mah sangkilang geus digebugan
Kawas sisikian dibubukkeun dina lisung gé,
Angger wéh bodo.
23 Urus* domba manéh bener-bener.
Manéh kudu bener-bener nyaho ka ingon-ingon manéh.
24 Kakayaan mah moal salilana aya,
Turunan manéh gé moal saterusna jadi raja.
25 Jukut héjo gararing, jukut anyar jaradi,
Pepelakan di gunung dikumpulkeun keur parab sasatoan.
26 Pakéan dijieun tina bulu domba jalu nu ngora kénéh,
Lahan dibeuli ku duit hasil ngajual embé jalu.
27 Manéh bakal boga cukup susu embé keur dahareun manéh,
Rumah tangga manéh, jeung palayan-palayan awéwé manéh.
28 Nu jahat mah euweuh nu ngudag gé ngabecir,
Ari jalma bener mah wanian kawas singa.*
2 Lamun rahayat barontak* di hiji nagri, pangawasana gunta-ganti baé,
Tapi ku bantuan jalma nu boga pangarti jeung kanyaho,* saurang pangawasa* bakal lila ngawasana.
3 Jalma miskin nu nipu jalma leutik téh
Ibarat hujan nu malidkeun sakabéh hasil panén.
4 Teu taat kana hukum téh tanda muji ka nu jahat,
Ari nu ngajalankeun hukum mah ambek ka maranéhna.
5 Jalma jahat mah moal ngarti kana kaadilan,
Sabalikna nu néangan pitulung Yéhuwa mah bisa ngarti sagala rupa.
6 Leuheung kénéh miskin tapi bersih hirupna*
Tibatan beunghar tapi bejad kalakuanana.
7 Budak anu boga pangarti téh taat kana hukum,
Tapi budak nu nyobat jeung jalma nu hawek kana dahareun mah ngérakeun bapana.
8 Jelema anu beuki beunghar ku cara meunangkeun bunga jeung bati nu teu jujur,
Kabeungharanana bakal jadi milik jalma nu nyaah ka nu miskin.
9 Jelema nu teu taat kana hukum,
Doana gé dipikageuleuh ku Allah.
10 Nu nyasabkeun jalma bener sangkan nyieun kajahatan bakal keuna ku jiretna sorangan,
Tapi nu bersih tina kasalahan mah bakal meunang nu haradé.
11 Jalma beunghar téh sok asa aing bijaksana,
Tapi jalma miskin nu boga pangarti mah bisa nyaho sipat asli éta jalma.
12 Mun jalma bener meunang kaunggulan, jalma-jalma galumbira,
Tapi mun jalma jahat nyekel kawasa, jalma-jalma nyarumput.
13 Nu nyumputkeun dosa moal bisa salilana nyumputkeun dosana,
Tapi lamun ngaku dosa tuluy tobat tangtu dipikawelas.
14 Jalma nu terus ngajaga kalakuanana* bakal bagja,
Sabalikna nu haténa teuas mah tangtu cilaka.
15 Pangawasa jahat anu nindes jalma leutik téh
Ibarat singa nu guar-gaur sarta biruang nu rék ngarontok.
16 Pamingpin nu teu boga pangarti téh sok sawenang-wenang,
Tapi jalma nu teu resep kana kauntungan nu teu jujur mah bakal panjang umur.
17 Jalma nu dibeungbeuratan ku dosa lantaran geus maéhan batur bakal diudag-udag nepi ka liang kubur.
Keun wéh antep, ulah ditulungan.
18 Jalma nu hirupna euweuh cacadna bakal disalametkeun,
Tapi nu hirupna teu bener bakal ujug-ujug tijungkel.
19 Jalma nu ngolah tanahna bakal boga loba dahareun,
Tapi nu ngudag perkara-perkara nu euweuh gunana bakal malarat.
20 Jalma nu satia bakal meunang loba berkah,
Tapi nu hayang gancang beunghar mah pasti nyieun kasalahan.
21 Beurat sabeulah téh teu hadé,
Tapi jalma bisa waé nyieun kasalahan siga kitu demi roti sasiki.
22 Jalma nu sarakah* mah bébéakan hayang beunghar,
Manéhna teu nyahoeun bakal malarat.
23 Jalma nu ngélingan batur tungtungna bakal leuwih dipikaresep
Tibatan nu muji-muji tapi teu iklas.
24 Jelema nu maok ti indung bapana tapi ngomong, ”Teu salah da éta mah,”
Nu kitu téh sobatna bangsat.
25 Jalma nu sarakah* téh nyiar-nyiar pipaséaeun,
Tapi nu ngandelkeun Yéhuwa mah bakal makmur.
26 Jalma nu percaya kana haté sorangan téh bodo,
Tapi nu tindakanana bijaksana mah bakal salamet.
27 Nu resep barangbéré ka nu miskin moal kakurangan nanaon,
Tapi nu api-api teu ningali ka nu miskin mah loba nu nyumpahan.
28 Mun nu jarahat nyekel kawasa, jalma-jalma nyarumput.
Tapi mun maranéhna binasa, jalma bener beuki nambahan.
29 Jalma nu tiap diélingan téh angger waé heuras beuheung*
Bakal ujug-ujug diancurkeun nepi ka teu bisa pulih deui.
2 Lamun jalma bener loba, jalma-jalma galumbira,
Tapi lamun nu jahat boga kawasa, jalma-jalma udah-aduh bakating ku sangsara.
3 Jalma nu resepna kana kabijaksanaan téh nyenangkeun haté bapana,
Tapi nu resep babarengan jeung palacur mah ngahambur-hambur kakayaan.
4 Mun raja adil, nagri kuat,
Tapi mun narima panyogok, nagri ancur.
5 Muji-muji batur téh
Sarua jeung masang jiret keur suku jalma nu dipujina.
6 Jalma bener bakal surak gumbira,
Sabalikna nu jahat mah bakal kajiret ku kajahatanana sorangan.
7 Jalma bener mah mikirkeun hak-hakna jalma miskin,
Ari nu jahat mah bororaah.
8 Jalma nu gedé omong ngagedurkeun amarah sakota,
Tapi nu bijaksana mah ngeureunkeun amarah.
9 Jang naon nu bijaksana boga masalah jeung nu bodo?
Ngadon béak diamuk jeung dipoyokan ku nu bodo.
10 Tukang maéhan mah ka nu teu boga salah téh ngéwa,
Maranéhna hayang maéhan jalma-jalma nu hirupna bener.*
11 Nu bodo mah amarahna sok terus budal,*
Tapi nu bijaksana mah tetep tenang jeung bisa ngawasaan diri.
12 Lamun pangawasa ngadéngékeun katerangan-katerangan palsu,
Kabéh bawahanana tangtu jadi jarahat.
13 Nu miskin jeung nu ngagencétna téh aya saruana:
Duanana dibéré nyawa ku Yéhuwa.
14 Mun raja adil waktu ngahakiman jalma leutik,
Tahtana bakal langgeng.
15 Ku hukuman* jeung naséhat, jalma jadi bijaksana,
Tapi mun budak diantep sakarepna, tungtungna ngérakeun indung.
16 Mun jalma jahat beuki loba, kajahatan gé nambahan,
Tapi jalma bener mah bakal ningali maranéhna ancur.
17 Didik budak téh sangkan hirup manéh tenang,
Ku kituna budak bakal nyugemakeun manéh.
18 Lamun teu aya tungtunan ti Allah, jalma sok mawa karep sorangan,
Tapi nu taat kana hukum* mah bakal bagja.
19 Aya palayan nu teu bisa dipapatahan ku omongan hungkul.
Ngarti mah ngarti, tapi moal diturut.
20 Pernah teu panggih jeung jalma nu asal ngomong?
Loba kénéh harepan keur jalma bodo tibatan keur jalma modél kitu.
21 Lamun palayan diogo ti bubudak,
Engké manéhna jadi tara nganuhunkeun.
22 Nu gancang ambek mah nyiar-nyiar pipaséaeun.
Saha waé nu gancang ambek bakal ngalampahkeun loba kasalahan.
23 Jelema nu sombong bakal direndahkeun,
Sabalikna nu rendah haté mah bakal dimulyakeun.
24 Nu mantuan bangsat mah nyilakakeun dirina sorangan.
Waktu dijadikeun saksi,* manéhna teu méré nyaho nanaon.
25 Sieun ku* manusa téh jiret,
Tapi nu percaya ka Yéhuwa mah bakal ditangtayungan.
26 Loba nu hayang panggih jeung* pangawasa ngarah meunang pitulung,
Padahal kaadilan mah asalna ti Yéhuwa.
27 Jalma nu bener teu resep ka jalma nu beurat sabeulah,
Nu jahat gé teu resep ka jalma nu hirupna bener.
30 Ieu téh pitutur nu penting ti Agur putra Yaké, nu ditepikeun ka Itiél jeung Ukal.
2 Dibandingkeun jeung saha waé, abdi téh leuwih bodo.
Abdi gé teu boga pangarti nu sakuduna dipiboga ku manusa.
3 Abdi téh can diajar ngeunaan kabijaksanaan
Jeung can boga kanyaho* ngeunaan Nu Mahasuci.
4 Cik, saha nu geus naék ka sorga, seug turun ti dinya?
Saha nu bisa ngeupeul angin ku dua leungeunna?
Saha nu bisa mungkus cai ku jubahna?
Saha nu geus nangtukeun wawatesan bumi?
Cik, saha namina jeung saha nami putrana?
5 Sadaya ucapan Allah téh murni.
Anjeunna téh taméng keur sadaya nu nyalindung ka Anjeunna.
6 Ulah nambahkeun naon-naon kana ucapana-Na.
Mun henteu, manéh bakal ditegor
Jeung kabukti tukang bohong.
7 Nun Allah, abdi gaduh dua paménta,
Mugia dikabulkeun saacan abdi maot.
8 Bantu sangkan abdi teu ngabohong jeung nipu batur.
Abdi gé ulah dipasihan beunghar atawa miskin,
Pasihan tedaeun sacekapna wéh keur abdi mah.
9 Bilih ari sagala gaduh mah abdi teu ngaku ka Gusti, seug nyarios kieu, ”Saha Yéhuwa téh?”
Tapi abdi gé ulah diantep miskin, bilih abdi maok, éta matak ngaruksak nami Allah abdi.
10 Ulah mitnah palayan hareupeun dununganana.
Bisi manéh disumpahan, heug baé dianggap salah.
11 Aya jalma-jalma anu ka bapa téh nyumpahan,
Ka indung gé teu ngahormat.
12 Aya jalma-jalma anu ngarasa diri suci,
Padahal maranéhna can dibersihan tina kokotorna.
13 Aya jalma-jalma anu kacida sombongna,
Ka batur téh meni ngarendahkeun pisan!
14 Aya ogé jalma-jalma anu huntuna lir pedang,
Jeung huntu caréhamna lir péso paranti meuncit.
Maranéhna nindes jalma leutik nu aya di bumi
Jeung nindes jalma miskin di antara umat manusa.
15 Léntah boga dua anak awéwé, duanana tinggorowok, ”Jang urang! Jang urang!”
Aya tilu hal nu tara seubeuh-seubeuh,
Opat hal nu teu pernah ngomong, ”Cukup!”
17 Jelema nu moyok ka bapana jeung ngalawan ka indungna,
Panonna bakal dipacokan ku gagak-gagak ti lebak,*
Tuluy éta dihakanan ku anak-anak heulang.
18 Aya tilu hal nu sama sakali teu kaharti ku* abdi,
Abdi teu paham kana opat hal ieu:
19 Ngapungna heulang di awang-awang,
Ngaléorna oray dina batu,
Carana kapal balayar di tengah lautan,
Sarta kalakuan lalaki mun keur bareng jeung awéwé ngora.
20 Kieu kalakuan pamajikan nu sok salingkuh:
Tas dahar tuluy ngelap biwirna,
Ari ngakuna, ”Abdi mah teu salah.”
21 Aya tilu hal nu nyababkeun bumi oyag,
Jalma-jalma teu tahan kana opat hal ieu:
22 Palayan jadi raja,
Nu bodo loba dahareunana,
23 Awéwé nu dipikangéwa* dijadikeun pamajikan,
Jeung palayan awéwé ngarebut* kadudukan juragan istrina.
24 Aya opat sato di bumi, najan leutik pisan,
Kacida bijaksanana,* nyaéta:
25 Sireum, naon tanagana?
Tapi ari keur halodo téh ngarumpulkeun dahareun.
26 Hiraks,* naon tanagana?
Tapi bisa nyieun imah di gawir-gawir cadas.
27 Simeut, euweuh rajana,
Tapi mun geus ngabrul mah meni kawas pasukan tentara.*
28 Toké bisa napel kana témbok maké sukuna,
Jeung bisa asup ka istana raja.
29 Aya tilu mahluk hirup anu léngkahna pikaresepeun,
Opat anu leumpangna gagah:
30 Singa, panggagahna ti sakabéh sasatoan
Jeung euweuh kasieun ka sasaha,
31 Anjing tukang moro, embé jalu,
Sarta raja jeung pasukanna.
32 Lamun manéh ku bodo-bodona ngagulkeun diri
Atawa boga niat kitu,
Geuwat bekem baham manéh.
33 Sakumaha susu nu dikocok jadi mantéga,
Sarta irung nu dipencét kaluar getihna,
Amarah nu dipancing gé matak pipaséaeun.
31 Ieu téh pitutur Raja Lémuél, wejangan ti ibuna:
2 Anaking nu dilahirkeun tina rahim Ibu,
Anak tina ikrar Ibu, rék ngomong naon cik Ibu ka hidep téh?
3 Ulah miceun kagagahan demi awéwé,
Jeung ulah nuturkeun jalan hirup nu ngancurkeun raja-raja.
4 Lémuél, teu pantes mun raja nginum cianggur.
Teu pantes mun pangawasa ngomong kieu, ”Mana inuman téh?”
5 Sabab lamun mabok, maranéhna bakal poho kana hukum
Jeung ngalalaworakeun hak jalma leutik.
6 Inuman keras mah bikeun wéh ka nu sakarat,
Cianggur bikeun ka nu nalangsa.
7 Keun wéh sina ngarinum, sina paroho kana kamiskinanana,
Méh teu inget deui kana masalahna.
8 Sing bisa ngabéla jalma nu teu bisa ngabéla diri sorangan,
Béla hakna jalma nu téréh maot.
9 Kudu wani ngomong jeung kudu adil waktu ngahakiman,
Béla hak-hakna* jalma leutik jeung jalma miskin.
א [Alef]
10 Saha nu bisa meunangkeun pamajikan nu tarampil?*
Pamajikan siga kitu téh leuwih hargaan tibatan batu koral.*
ב [Bet]
11 Salakina percaya sapinuh haté ka manéhna
Jeung teu pernah kakurangan nanaon.
ג [Gimel]
12 Saumur hirup,
Manéhna méré nu hadé ka salaki, lain nu goréng.
ד [Dalet]
13 Manéhna ngumpulkeun wol jeung linén,
Leungeunna téh resep digawé.
ה [He]
14 Manéhna téh mawa dahareun ti tempat nu jauh,
Ibarat kapal-kapal sudagar.
ו [Waw]
15 Subuh-subuh geus hudang,
Nyiapkeun dahareun keur rumah tanggana
Jeung ngabagikeun dahareun* ka palayan-palayan awéwéna.
ז [Zayin]
16 Sanggeus nimbang-nimbang, manéhna meuli lahan,
Seug dipelakan anggur tina hasil beubeunangan sorangan.
ח [Khet]
17 Kana digawé téh saregep,
Leungeunna daék gawé beurat.
ט [Tet]
18 Manéhna nyaho usahana téh aya batina,
Digawéna gé nepi ka peuting.*
י [Yod]
19 Leungeunna nyekel kai paranti ngagulung
Jeung alat tinun.*
כ [Kaf]
20 Manéhna resep tutulung ka jalma leutik
Jeung resep barangbéré ka nu miskin.
ל [Lamed]
21 Pas keur usum tiris, manéhna teu hariwang ka rumah tanggana,
Da saeusi rumah tanggana maraké baju haneut.
מ [Mem]
22 Tilam kasurna gé beunang nyieun sorangan.
Pakéanana tina linén jeung wol ungu.
נ [Nun]
23 Manéhna boga salaki nu kasohor di gerbang-gerbang kota.
Di dinya, salakina biasa diuk bareng jeung para kokolot éta daérah.
ס [Samekh]
24 Manéhna nyieunan jeung ngajual baju linén,*
Manéhna gé ngajualan beubeur ka tukang dagang.
ע [Ayin]
25 Awakna jagjag waringkas, ku batur gé dihormat.
Manéhna nyanghareupan mangsa nu bakal datang kalawan yakin.
פ [Pe]
26 Ucapanana bijaksana.
Mun keur ngajar téh ngomongna lemah lembut.*
צ [Tsade]
27 Manéhna ngawaskeun sagala kagiatan di rumah tanggana,
Manéhna tara huleng jentul.
ק [Qof]
28 Barudakna ngadeg, seug muji manéhna.
Salakina gé ngadeg, seug muji manéhna.
ר [Res]
29 Kieu cenah, ”Awéwé tarampil* téh loba,
Tapi nu panghébatna mah ngan Enéng.”
ש [Syin]
30 Jelema nu kacirina pikaresepeun bisa waé palsu, kageulisan gé bisa waé leungit,*
Tapi awéwé nu hormat* ka Yéhuwa mah bakal dipuji.
ת [Taw]
31 Sagala nu geus dipigawé ku manéhna téh wajib dihargaan.
Manéhna layak dipuji di gerbang-gerbang kota lantaran getol digawé.
Atawa ”Siloka-siloka”.
Atawa ”nu adil”.
Atawa ”teu beurat sabeulah”.
Atawa ”nu tarampil”.
As. ”jeung kekecapan nu hésé kahartina”.
Atawa ”pangaweruh”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Lamun dibéré hukum ti indung”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Hayu undi babarengan”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”Ngalieuk”.
Atawa ”pangaweruh”.
As. ”sieun”.
As. ”sieun”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”jiwa manéh”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
As. ”nu teu dikenal”. Bisa jadi, maksudna téh jalma nu teu nuturkeun patokan moral ti Allah.
As. ”asing”. Bisa jadi, maksudna téh jalma nu teu nuturkeun patokan moral ti Allah.
As. ”ngahianat ka sobat dalitna”.
Perjangjian ieu bisa ngamaksudkeun perjangjian Hukum ngeunaan jinah atawa ikrar perkawinan.
Atawa ”nu satia”.
Atawa ”kana hukum ti”.
As. ”Haté manéh”.
Atawa ”asih satia”.
Atawa ”bebeneran”.
As ”sieun”.
Atawa ”Panghasilan”.
Atawa ”nu mimiti”.
Atawa ”nu bisa nimbang-nimbang”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa ”kanyaho-Na”.
Atawa ”awan”.
Katingalina ngamaksudkeun sipat-sipat Allah nu disebutkeun dina ayat-ayat saacanna.
Atawa ”nu boga hak”.
Atawa ”hukum”.
As. ”Sabab ti dinya téh kaluar sumber kahirupan”.
Atawa bisa jadi ”Pikir heula sing asak, jalan mana nu rék dipilih”.
Atawa ”kanyaho”.
As. ”Biwir”.
As. ”teu dikenal”. Tingali Sil 2:16.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”tanaga”.
Istilah ”nginum cai” dina ayat ieu ngamaksudkeun hubungan séks jeung pamajikan.
Atawa ”Ulah ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé séjén sarta boga budak ti manéhna.”
As. ”buah dadana”.
As. ”teu dikenal”. Tingali Sil 2:16.
As. ”asing”. Tingali Sil 2:16.
As. ”Geus sasalaman”.
Atawa ”usim”.
As. ”Leungeun disidakepkeun”.
As. ”ramona”.
Atawa ”Lamun dibéré hukum ti indung”.
Atawa ”ngomong”.
As. ”asing”. Tingali Sil 2:16.
As. ”lalaki téh ngan boga roti sasiki”.
Atawa ”Hukum”.
As. ”nu teu dikenal”. Tingali Sil 2:16.
As. ”asing”. Tingali Sil 2:16.
Atawa ”teu boga pangalaman”.
Geutah seungit. Tingali Daptar Istilah.
Tangkal nu kaina seungit, di jaman baheula osok dipaké pikeun nyieun minyak seungit.
As. ”engké, pas bulan purnama”.
Atawa ”dipasung”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”cik atuh haté téh boga pangarti”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa ”pangaweruh”.
As. ”sieun”.
Atawa ”jeung warisan”.
Atawa ”bukit-bukit”.
As. ”Anjeunna nyieun bunderan”.
Atawa ”awan”.
As. ”Sato geus dipeuncit”.
Atawa ”tong gaul jeung nu barodo”.
As. ”sieun”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”usim”.
Atawa ”paréntah”.
As. ”Nu licik waktu ngiceupkeun panonna”.
Atawa ”Tapi kanyaah mah nutup sagala kasalahan”.
Atawa bisa jadi ”aya dina jalan kahirupan”.
Atawa ”gosip”.
Atawa ”ngabingbing”.
As. ”sieun”.
Atawa ”nu sadar yén kasanggupanana aya watesna”.
Atawa ”nu satia”.
Atawa ”euweuh bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”maranéhna pasti salamet”.
As. ”teu daék sasalaman”.
Atawa ”Lalaki nu nunjukkeun asih satia”.
Atawa ”ngérakeun”.
As. ”lintuh”.
As. ”Nu méré loba cai inum ka”.
Atawa ”bakal diberkahan ku Allah”.
Atawa ”nu jadi aéb keur”.
As. ”bakal ngawaris angin”.
Atawa ”jiwa batur”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
As. ”jalma bener di bumi”.
Atawa ”resep kana pangaweruh”.
Atawa ”binangkit”.
Atawa ”kawas tukang maéhan nu siap nyerang”.
Atawa ”susah haté”.
Atawa ”milih pergaulan”.
Atawa ”nu sok moyok”.
Atawa ”nu getol mah bakal lintuh”.
Atawa ”nu badami heula”.
Meureun carana teu jujur.
Atawa ”Hukum ti”.
Diguar maké wuluku.
Atawa ”Tapi manéhna bisa waé leungit”.
Atawa ”ngagebug anakna maké tongkat”.
Atawa bisa jadi ”langsung”.
As. ”sieun”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruhna”.
Atawa bisa jadi ”nipu batur”.
Atawa ”teu ngupayakeun pikeun jadi leuwih hadé”.
Atawa ”boga niat alus”.
Atawa ”Jalma nu teu boga pangalaman”.
Atawa ”gagabah; sologoto”.
Atawa ”Jalma nu teu boga pangalaman”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”bakal narima asih satia”.
As. ”sieun”.
As. ”Sieun”.
Atawa ”matak hirup”.
Atawa ”satia”.
Atawa ”nyelekit”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”Létah nu nyageurkeun”.
Atawa ”nganggap pépéling téh kejem”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”di Abadon”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”surem”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”jadi aéb keur”.
Atawa ”ngalenyepan heula saacan ngajawab; nimbang-nimbang heula saacan ngomong”.
As. ”ngalintuhkeun tulang”.
As. ”Sieun”.
Atawa ”nyieun rencana”.
Atawa ”méré jawaban nu bener”. As. ”méré jawaban tina létahna”.
As. ”murni”.
As. ”Gorolongkeun”.
Atawa ”asih satia”.
As. ”sieun”.
Atawa ”awan”.
Atawa ”usim”.
As. ”Nu biwirna manis”.
As. ”matak nyageurkeun tulang”.
Atawa ”Jalma licik”.
As. ”ngalungkeun undi kana lahunan”, maksudna kana bagian kaén nu nutupan pingping jalma nu keur diuk. Tingali ”Undi” dina Daptar Istilah.
As. ”korban keur jamuan pésta”.
Atawa ”mun hadé basa”.
Atawa ”bangsawan”.
As. ”Nu nutupan”.
Atawa ”Tapi kurang pangarti?”
Atawa ”nu nyieun gerbang nu luhur”.
Atawa ”matak nyageurkeun”.
Atawa ”matak garing kana tulang”.
Atawa ”Ngadengda”.
Atawa ”teu resep”.
As. ”Biwirna jadi jiret keur nyawana”.
As. ”diangkat ka tempat luhur”, maksudna teu bisa dihontal, aman.
Atawa ”geus bener-bener pegat harepan”.
As. ”Ceuli jalma”.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”ku jalma nu sok barangbéré”.
Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Atawa ”Jeung ulah ngarepkeun budak maot”.
Atawa ”tujuan”.
Atawa ”asih satia”.
As. ”sieun”.
Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Ngaguar taneuh maké wuluku.
Atawa ”usim”.
Atawa bisa jadi ”manéhna néangan nu rék diala tapi euweuh”.
Atawa ”Niat haté”.
Atawa ”satia”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa ”urang asing”.
Atawa ”ménta naséhat”.
Atawa ”mantep”.
Atawa ”ménta bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”ngolo batur ku omonganana”.
Atawa ”nunjukkeun asih satia”.
As. ”Raheut jeung geuneuk”.
As. ”Ari jelema digebug mah batinna bersih”.
Atawa ”niat haté”.
Atawa bisa jadi ”keur jalma nu néangan pati”.
Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
As. ”Panyogok nu disumputkeun dina dada”.
As. ”neleg”.
Atawa ”asih satia”.
Atawa ”nérékél kana”.
Atawa ”nu méréna téh kalakuanana ngérakeun”.
Atawa ”mastikeun lalampahanana téh bener”.
As. ”dipikaresep”.
Atawa ”keuna hukuman”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Budak leutik; Budak ngora”.
As. ”Tongkat amarahna”.
Atawa ”Pangaweruh”.
As. ”nu teu dikenal”. Tingali Sil 2:16.
Atawa ”budak leutik; budak ngora”.
As. ”Tapi ku tongkat didikan mah”.
Maksudna, dina kasus hukum.
Ieu bisa ngamaksudkeun dahar bareng jeung jelema penting.
As. ”kudu ngantelkeun péso kana beuheung”.
Atawa bisa jadi ”Ulah ngandelkeun pangarti sorangan”.
As. ”Nu Nebus”.
Atawa ”budak leutik; budak ngora”.
As. ”Kuburan”, atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”haté manéh”.
As. ”Giginjel”.
As. ”sieun”.
As. ”Haté téh kudu diarahkeun ka jalan nu bener.”
Atawa ”dibeunangkeun”.
As. ”asing”. Tingali Sil 2:16.
Atawa ”teu cékas”.
Atawa ”néangan”.
Atawa ”Imah”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”ménta bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”tangtu salamet”.
Atawa ”Rencana bodo”.
Atawa ”waktu boga masalah”.
Atawa ”niat haté”.
Atawa ”panas haté”.
As. ”kudu sieun”.
Atawa ”nu keukeuh hayang aya parobahan”.
Maksudna, Yéhuwa jeung raja.
Atawa bisa jadi ”Méré jawaban nu terus terang téh ibarat nyium”.
Atawa ”rumah tangga”.
As. ”Leungeunna disidakepkeun”.
Atawa ”rasiah batur”.
Atawa ”warta nu disebarkeun ku niat jahat”.
Atawa ”awan”.
Atawa bisa jadi ”jalma licik”.
Atawa ”alkali”.
As. ”Mun jalma nu ngéwa ka”.
As. ”manéh numpuk ruhay dina sirahna”.
Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
As. ”gumeter hareupeun”.
Atawa ”usim”.
Atawa bisa jadi ”Nya kitu ogé kutukan nu euweuh dasarna moal jadi kanyataan”.
Atawa ”nu nyilakakeun saha waé”.
Atawa bisa jadi ”Jalma nu pipilueun”.
Atawa ”ngaheureuyan”.
Atawa ”Sabab dina haténa aya tujuh perkara nu pikageuleuheun”.
As. ”jalma nu teu dikenal”.
As. ”urang asing”.
As. ”diciuman”.
Atawa bisa jadi ”ku musuh tapi teu iklas”.
Atawa ”madu tina sayang nyiruan”.
Atawa ”nangtang”.
Atawa ”keuna hukuman”.
Atawa ”urang asing”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Abadon”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Perhatikeun”.
Atawa ”singa ngora”.
Atawa ”ngalanggar hukum”.
Atawa ”pangaweruh”.
As. ”manéhna”.
Atawa ”satia”.
Atawa ”ngarasa sieun ka Allah”.
Atawa ”sirik”.
Atawa bisa jadi ”sombong”.
Atawa ”bedegong”.
Atawa bisa jadi ”Tapi nu hirupna bener mah ngajaga nyawana sorangan”.
Atawa ”ngabudalkeun kabéh parasaanana”.
Atawa ”tongkat; didikan”.
Atawa ”hukum Allah”.
Atawa ”Waktu ngadéngé sumpah nu eusina kutukan”.
Atawa ”Ngadégdég hareupeun”.
Atawa bisa jadi ”hayang dipikaresep ku”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”wadi”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”nu hébat teuing keur”.
Atawa ”nu henteu dipikacinta”.
Atawa ”ngagantikeun”.
Atawa ”Kacida bijaksanana ti lahir”.
Sato nu siga marmot gedé, euweuh buntutan, jeung cicingna di daérah nu loba batuna.
Atawa ”ngabrulna dina kelompok-kelompok”.
Atawa ”kasusna”.
Atawa ”binangkit”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa bisa jadi ”pagawéan”.
As. ”Peuting-peuting gé lampuna teu pareum”.
Kai paranti ngagulung jeung alat tinun téh dipaké keur nyieun benang.
Atawa ”pakéan jero”.
Atawa ”Hukum ngeunaan asih nu satia téh aya dina létahna”.
Atawa ”binangkit”.
Atawa ”euweuh gunana”.
As. ”sieun”.