PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 1 kaca 4
  • Naon nu Bisa Nyababkeun Strés?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon nu Bisa Nyababkeun Strés?
  • Éling!—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Strés téh?
    Éling!—2020
  • Naha Sadérék Keur Strés?
    Éling!—2020
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Carana Nyanghareupan Strés
    Éling!—2020
Éling!—2020
g20 No. 1 kaca 4

CARANA BÉBAS TINA STRÉS

Naon nu Bisa Nyababkeun Strés?

Mayo Clinic nu kasohor di Amerika nyebutkeun, ”Kalolobaan jalma ngomong yén maranéhna beuki ka dieu beuki strés. Kahirupan jaman ayeuna téh teu pasti jeung sering barobah.” Perhatikeun sababaraha hal nu bisa nyababkeun strés:

  • pepegatan

  • ditinggal maot ku nu dipikanyaah

  • gering parah

  • kacilakaan nu parah

  • kajahatan

  • kahirupan nu sibuk teuing

  • musibat—nu disababkeun ku alam atawa manusa

  • digencét di sakola atawa di tempat gawé

  • hariwang kana pagawéan jeung duit

DIPECAT TINA PAGAWÉAN

American Psychological Association, nyaéta organisasi ahli jiwa di Amerika, nyebutkeun yén di-PHK téh balukarna bener-bener goréng. Jalma nu dipecat tina pagawéan bisa gering, boga masalah dina perkawinan, hariwang, déprési, malah bunuh diri.

STRÉS TI LEUTIK KÉNÉH

Ayeuna mah budak leutik gé bisa strés. Aya nu digencét di sakola atawa teu diurus ku kolotna. Aya ogé nu sok digebugan, dicarékan waé, atawa dilécéhkeun sacara séksual. Loba ogé nu hariwang kana peunteun jeung ujian di sakola. Nu séjénna strés ningali kulawargana papisah lantaran kolotna pepegatan. Budak nu strés bisa jadi sok ngimpi goréng, hésé diajar, déprési, atawa jadi cicingeun. Sababaraha aya nu teu bisa ngadalikeun émosi. Budak anu strés kudu gancang ditulungan.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun