PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g20 No. 1 kaca 14-15
  • Urang Bisa Bébas tina Strés

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Urang Bisa Bébas tina Strés
  • Éling!—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Daptar Eusi
    Éling!—2020
  • Carana Nyanghareupan Strés
    Éling!—2020
  • Naha Sadérék Keur Strés?
    Éling!—2020
Éling!—2020
g20 No. 1 kaca 14-15
Bapa jeung budak lalakina keur maén ombak di laut, indung jeung dua budak awéwéna nempoan ti basisir.

CARANA BÉBAS TINA STRÉS

Urang Bisa Bébas tina Strés

Kekecapan nu bijaksana dina Kitab Suci bisa ngabantu urang sangkan teu strés teuing. Mémang, urang sorangan moal bisa ngaleungitkeun sagala nu nyababkeun strés. Tapi, Gusti nu nyiptakeun urang mah bisa. Mantenna tos milih hiji pribadi pikeun nulungan urang, nyaéta Isa Almasih. Basa hirup di bumi, Nabi Isa ngalakukeun loba hal nu luar biasa. Sakeudeung deui, anjeunna bakal ngalakukeun hal-hal nu leuwih hébat di sakuliah bumi. Misalna:

NABI ISA BAKAL NYAGEURKEUN NU GERING, SAPERTI NU PERNAH DILAKUKEUN.

”Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit. . . . Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun.”​—MATEUS 4:24.

NABI ISA BAKAL NYADIAKEUN IMAH JEUNG DAHAREUN KEUR SAKABÉH JALMA.

”[Rahayatna] anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen.”​—YESAYA 65:21, 22.

PAMARÉNTAHAN NABI ISA BAKAL NGAWUJUDKEUN KATENGTREMAN JEUNG KAAMANAN SADUNYA.

”Sapanjang jumenengna muga mekar kaadilan, muga makmur sapanjangna, tinanding umurna bulan. Karajaanana sing murba ti laut ka laut, ti Eprat dugi ka tungtung jagat. . . . Musuh-musuhna masing sarujud.”​—JABUR 72:7-9.

NABI ISA BAKAL NYINGKIRKEUN KATEUADILAN.

”[Anjeunna] asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah nangtayungan hirupna anu sangsara. Maranehna diluputkeun tina panggencet jeung katelengesan.”​—JABUR 72:13, 14.

NABI ISA BAKAL NGALEUNGITKEUN KASANGSARAAN JEUNG MAOT.

”Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​—WAHYU 21:4.

’JAMAN NU LOBA KASUKERAN’

”Leuwih ti nu enggeus-enggeus, dunya ayeuna téh beuki strés, hariwang, sedih, jeung sangsara.”​—Mohamed S. Younis, kapala éditor Gallup.

Ku naon beuki loba jalma nu strés? Kitab Suci méré jawaban nu paling asup akal. Dina 2 Timoteus 3:1 disebutkeun, ”Dina ahir jaman bakal loba kasukeran.” Kasukeran nu nyababkeun strés jeung masalah téh dilantarankeun ku sipat jalma-jalmana. Saterusna, Kitab Suci nyebutkeun yén sipat jalma-jalma dina ahir jaman téh sararakah, sarombong, marunapék, bengis, teu boga kanyaah ka kulawarga, jeung teu bisa ngadalikeun diri. (2 Timoteus 3:2-5) Tapi, ieu kabéh bakal eureun waktu Isa Almasih ngawasaan sakuliah bumi sabagé Raja tina Karajaan Allah, nu maréntah ti sawarga.​—Daniel 2:44.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun