PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 1 kaca 3
  • Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-Na

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-Na
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Anjeun Bisa Jadi Sobat Yéhuwa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Jadi Sobat Yéhuwa
    Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 1 kaca 3

PALAJARAN 1

Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-na

Allah miharep sangkan Sadérék janten sobat-Na. Naha kacipta ku Sadérék yén Sadérék tiasa janten sobat Allah Nu Maha Agung? Ibrahim, hiji nabi nu hirup di jaman baheula, disebut sobat Allah. (Yakobus 2:23) Jalma-jalma lian nu disebut dina Alkitab ogé ngajalin sosobatan sareng Allah sarta narima berkah anu limpah. Kiwari, jalma-jalma ti sakuliah dunya jaradi sobat Allah. Sadérék ogé tiasa janten sobat Allah.

Abraham ngadoa

Leuwih hadé jadi sobat Allah tibatan jadi sobat manusa mana waé. Allah moal bakal nguciwakeun sobat-sobat-Na anu satia. (Jabur 18:26) Jadi sobat Allah leuwih hadé batan mibanda harta. Waktu jelema beunghar maot, duitna bakal dipimilik ku batur. Namung, jalma-jalma nu sosobatan sareng Allah miboga harta nu henteu bisa dirampas ku saha waé.​—Mateus 6:19.

Sababaraha urang tiasa waé ngalarang Sadérék diajar ngeunaan Allah. Bisa waé maranéhna téh réréncangan sarta anggota kulawarga Sadérék nyalira. (Mateus 10:36, 37) Upami aya nu nyeungseurikeun sarta ngancam Sadérék, mangga tumaros ka diri nyalira, ’Kuring rék nyukakeun saha, manusa atawa Allah?’ Pikirkeun hal ieu: Upami aya nu ngalarang Sadérék tuang, naha Sadérék bakal ngagugu omonganana? Tangtu moal! Sadérék kedah tuang sangkan tetep hirup. Namung, Allah kersa maparin hirup nu langgeng ka Sadérék! Ku kituna, ulah ngantep saha waé ngalirénkeun Sadérék pikeun diajar carana janten sobat Allah.​—Yohanes 17:3.

Jalma-jalma moyokan saurang awéwé anu keur maca publikasi ngeunaan Allah
    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun