PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 4 kaca 6-7
  • Carana Sadérék Tiasa Diajar Ngeunaan Allah

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Sadérék Tiasa Diajar Ngeunaan Allah
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Saha Allah téh?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Kumaha Carana Urang Ngadangukeun Gusti?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 4 kaca 6-7

PALAJARAN 4

Carana Sadérék Tiasa Diajar Ngeunaan Allah

Sadérék tiasa diajar ngeunaan Yéhuwa ku cara maca Alkitab. Baréto, Allah milih sababaraha jalma pikeun nuliskeun pikirana-Na. Éta tulisan-tulisan disebutna Alkitab. Kiwari, urang diajar ngeunaan Allah ku cara maca Alkitab. Lantaran eusi Alkitab téh pirman, atawa warta, ti Yéhuwa, Alkitab disebut ogé Pirman Allah. Urang tiasa ngandelkeun Alkitab margi Yéhuwa tara ngabohong. ’Allah moal kersa jalir.’ (Ibrani 6:18) Pirman Allah téh eusina bebeneran.​—Yohanes 17:17.

Hiji kulawarga keur maca Alkitab babarengan

Alkitab téh salah sahiji pamasihan Allah pikeun urang nu luhur pangajina. Alkitab ibarat surat ti hiji bapa nu welas asih pikeun barudakna. Alkitab masihan terang ka urang ngeunaan jangji Allah nyaéta ngarobih bumi janten pirdus, tempat matuh anu éndah. Alkitab masihan terang naon waé anu parantos, nuju, sarta nu badé dilampahkeun ku Mantenna dina mangsa pikahareupeun pikeun putra-putra-Na nu satia. Alkitab ogé ngabantu urang dina ngaréngsékeun masalah sarta ngahontal kabagjaan.​—2 Timoteus 3:16, 17.

Saksi-Saksi Yéhuwa téh sobat-sobat Allah; aranjeunna bakal ngabantu Sadérék paham kana naon nu diajarkeun Alkitab. Ulah asa-asa masihan terang ka aranjeunna yén Sadérék palay diajar Alkitab. Aranjeunna moal nyuhunkeun bayaran. (Mateus 10:8) Salian ti éta, Sadérék tiasa hadir ka pasamoan Kristen nu diayakeun di tempat nu disebatna Balé Karajaan. Hadir di pasamoan Kristen tiasa ngaronjatkeun pangaweruh Sadérék ngeunaan Allah.

Sadérék tiasa diajar ngeunaan Allah tina dadamelana-Na. Misalna, Alkitab nyebutkeun, ”Allah nyiptakeun jagat raya [langit jeung bumi].” (Kajadian 1:1) Nalika Yéhuwa nyiptakeun langit, Mantenna ngadamel panonpoé. Hal ieu ngébréhkeun naon ngeunaan Allah? Ieu hal masihan terang ka urang yén Yéhuwa téh ageung kawasana. Teu aya nu tiasa ngadamel panonpoé anu sakitu hébatna, iwal ti Mantenna. Ieu ogé masihan terang ka urang yén Yéhuwa téh kagungan hikmat, lantaran dibutuhkeun hikmat pikeun nyieun panonpoé anu bisa mancarkeun panas tur caang, namung moal pernah béak kaduruk.

Ciptaan Yéhuwa ngébréhkeun yén Mantenna mikanyaah urang. Pikirkeun rupa-rupa bubuahan nu aya di bumi. Yéhuwa tiasa waé nyayagikeun mung sarupa buah pikeun urang atanapi henteu sama sakali. Sabalikna, Yéhuwa maparin urang bubuahan dina rupi-rupi bentuk, ukuran, warna, sarta rasa. Hal ieu némbongkeun yén Yéhuwa téh teu ngan saukur welas asih tapi ogé Allah nu sipat murah, hadé haté, sarta maliré ka urang.​—Jabur 104:24.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun