PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • gf pal. 6 kaca 10-11
  • Pirdus Geus Santek!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pirdus Geus Santek!
  • Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bahan nu Sarupa
  • Iraha Bumi Jadi Pirdaus?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
  • Iraha Pamaréntahan Allah Mulai Maréntah di Planét Bumi?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Naha Ahir Dunya téh Geus Deukeut?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Iraha Ahir Dunya téh?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
gf pal. 6 kaca 10-11

PALAJARAN 6

Pirdus Geus Santek!

Hal-hal awon nu kajadian ayeuna di dunya némbongkeun yén Pirdus geus santek. Alkitab nyebutkeun yén urang bakal nyaksénan mangsa nu pikasieuneun sateuacan datangna Pirdus. Ayeuna urang nuju hirup dina éta mangsa! Alkitab ngajelaskeun hal-hal nu bakal kajadian, saperti:

Pesawat tempur

Perang-perang anu rongkah. ”Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang.” (Mateus 24:7) Ieu nubuat geus laksana. Ti taun 1914, geus kajadian dua perang dunya nu katambahan ku perang-perang séjénna nu leuwih leutik. Jutaan nyawa geus jadi korban.

Wabah panyakit. ”Pagebug di mana-mana.” (Lukas 21:11) Naon buktina nubuat ieu geus kajadian? Kangker, kasakit jantung, tuberkulosis (TBC), malaria, AIDS, sarta panyakit séjénna geus niwaskeun jutaan jalma.

Jalma-jalma nu geuring jeung kalaparan

Kalaparan. Di sakuliah bumi, aya jalma-jalma nu teu boga cukup dahareun. Unggal taun, jutaan jalma maot langlayeuseun. Ieu cicirén séjénna yén Pirdus geus téréh datang. Alkitab nyebutkeun yén bakal aya ”bala kalaparan di mana-mana.”​—Markus 13:8.

Lini. Bakal aya ”lini di mana-mana.” (Mateus 24:7) Ieu ogé geus jadi kanyataan di jaman urang. Ti saprak taun 1914, lini geus ngabalukarkeun leuwih ti sajuta jalma tariwas.

Saurang lalaki nu mawa pistol keur nyekék awéwé

Jalma jahat. Jalma-jalma bakal jadi ”sararakah [atawa, piduit]” sarta mung ”inget ka diri sorangan bae”. Maranéhna bakal leuwih resep senang-senang, tibatan nyaah ka Allah. Barudak bakal ngalawan ka kolot. (2 Timoteus 3:1-5) Naha Sadérék panuju yén kiwari seueur jalmi sapertos kitu? Maranéhna henteu hormat ka Allah, sarta ngahalangan jalma-jalma nu keur ngupayakeun diajar ngeunaan Allah.

Kajahatan. Kajahatan ogé bakal beuki loba. (Mateus 24:12) Naha Sadérék panuju yén ayeuna kajahatan langkung parna tibatan taun-taun nu kapungkur? Di mana-mana, jalma-jalma kaancam dirampog, ditipu, atawa dinyenyeri.

Ieu kabéh némbongkeun yén Karajaan Allah geus santek. Alkitab ngingetan, ”Lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg [geus santek].” (Lukas 21:31) Naon Karajaan Allah téh? Karajaan Allah téh pamaréntahan Allah di sawarga nu bakal ngawujudkeun Pirdus di bumi. Karajaan Allah bakal ngaganti pamaréntahan-pamaréntahan manusa.​—Daniel 2:44.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun