BAGIAN 14
Kumaha Sadérék Ngabuktikeun Kasatiaan ka Yéhuwa?
Pék mihak ka Gusti. 1 Petrus 5:6-9
Jauhan kabiasaan jeung tradisi naon waé nu teu sajalan jeung pangajaran Kitab Suci. Sadérék kudu wani ngalakukeunana.
Ulah pipilueun urusan pulitik. Urang ngan ngadukung Yéhuwa jeung Karajaana-Na di sawarga.
Jieun putusan nu bener, dangukeun Gusti. Mateus 7:24, 25
Pék campur gaul jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Sadérék bakal dibantu ngaraket ka Gusti.
Ulah eureun diajar ngeunaan Gusti jeung terus jalankeun paréntah-paréntah-Na.
Sanggeus iman Sadérék kuat, Sadérék sakuduna ngabaktikeun hirup Sadérék ka Yéhuwa jeung dibaptis.—Mateus 28:19.
Dangukeun Gusti. Baca Kitab Suci, terus ménta Saksi-Saksi Yéhuwa ngabantu Sadérék supaya ngarti kana eusi Kitab Suci. Terus, jalankeun nu geus diajarkeun. Lamun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék bakal hirup langgeng.—Yohanes 17:3.