PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • fg pal. 1 ques. 1-3
  • Naon Kabar Gumbirana téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Kabar Gumbirana téh?
  • Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Saha Gusti Allah téh?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
Kabar Gumbira ti Gusti!
fg pal. 1 ques. 1-3

PALAJARAN 1

Naon Kabar Gumbirana téh?

1. Naon kabar gumbira ti Gusti Allah téh?

Jalma-jalma hirup senang di bumi

Gusti Allah hoyong manusa hirup senang. Gusti nyiptakeun planét Bumi jeung kabéh eusina sabab nyaah ka manusa. Moal lila deui, Gusti bakal masihan kahirupan nu éndah keur kabéh jalma. Manusa bakal dibébaskeun tina kasangsaraan. Baca Yermia 29:11.

Teu aya pamaréntahan nu sanggup nyingkirkeun kajahatan, panyakit, atawa maot. Tapi, aya kabar gumbira! Sakeudeung deui, Gusti bakal ngaganti kabéh pamaréntahan manusa ku pamaréntahan Mantenna. Rahayat-Na bakal hirup tengtrem jeung moal aya deui nu gering. Baca Yesaya 25:8; 33:24; Daniel 2:44.

2. Ku naon ayeuna urang butuh kabar gumbira?

Sanggeus Gusti ngabasmi jalma-jalma nu jahat, moal aya deui nu sangsara. (Sepanya 2:3) Iraha éta téh? Kitab Suci ngaramalkeun yén kaayaan dunya bakal ruksak pisan jeung nyangsarakeun manusa. Éta ramalan geus jadi kanyataan ayeuna. Ieu tanda yén sakeudeung deui Gusti bakal nyieun tindakan. Baca 2 Timoteus 3:1-5.

3. Naon nu kudu dilakukeun ku urang?

Urang kudu diajar Kitab Suci supaya kenal ka Gusti. Kitab Suci téh ibarat surat ti saurang bapa nu nyaah ka budakna. Kitab Suci ngajar urang carana hirup leuwih bagja ayeuna, sarta carana bisa hirup langgeng di bumi. Bisa waé aya nu teu resep ningali Sadérék diajar Kitab Suci. Tapi lamun Sadérék terus diajar, Sadérék bakal boga kasempetan pikeun hirup bagja kahareupna. Baca Yosua 1:8; Wahyu 14:6, 7.a

[Catetan Handap]

a Kekecapan ”Injil Kasalametan” téh sarua hartina jeung ”kabar gumbira”.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun