PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • fg pal. 10 ques. 1-4
  • Kumaha Urang Bisa Nyaho Mana Ibadah nu Bener?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Urang Bisa Nyaho Mana Ibadah nu Bener?
  • Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Bahan nu Sarupa
  • Cara Ibadah nu Bener ka Allah
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Cara Manggihan Agama Nu Bener
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Bakal Kumaha Agama-Agama Engkéna?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Agama Palsu Ngajauhkeun Jalma-Jalma ti Allah
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Kabar Gumbira ti Gusti!
fg pal. 10 ques. 1-4

PALAJARAN 10

Kumaha Urang Bisa Nyaho Mana Ibadah nu Bener?

1. Naha agama nu bener téh ngan aya hiji?

Nabi Isa keur ngajar

”Sing awas ka nabi-nabi palsu!”​—MATEUS 7:15.

Ceuk batur, kabéh agama téh alus. Tapi Sadérék pasti satuju, agama nu bener kudu ngajarkeun bebeneran. Jadi, naha bisa kabéh agama ngajarkeun bebeneran, bari jeung pangajaranana béda-béda? Kumaha ceuk Kitab Suci? Gusti ngan narima ibadah nu luyu jeung Firman-Na. Nabi Isa ogé ngan ngajarkeun hiji agama nu sajati, nu diibaratkeun siga jalan nu nungtun kana hirup langgeng. Ceuk anjeunna, ”ngan saeutik” nu manggihan éta jalan. (Mateus 7:14) Kabéh panganut ibadah sajati ngahiji dina éta jalan.​—Epesus 4:4, 5. Baca Yohanes 4:23, 24, ”SF”; 14:6.

Tingali vidéo Naha Kabeh Cara Ibadah Ditarima ku Gusti?

2. Kumaha ceuk Nabi Isa ngeunaan agama Kristen nu palsu?

Saurang pamingpin agama keur hutbah di garéja. Terus, manéhna ngadoakeun para tentara.

”Ngakuna mah nyaho ka Allah, ari kalakuanana ingkar ti Allah.”​—TITUS 1:16.

Agama-agama nu ngakuna Kristen téh kabagi-kabagi, pangajaranana ogé béda-béda. Nabi Isa geus ngingetkeun, bakal aya guru-guru palsu nu ngajarkeun kabohongan di antara urang Kristen. Maranéhna katingali siga panganut ibadah sajati, ngakuna mah Kristen. Kumaha carana ngabédakeun mana urang Kristen sajati jeung palsu? Éta kaciri tina sipat jeung laku lampahna. Urang Kristen sajati ngan aya dina ibadah nu sajati. Baca Mateus 24:24; Yohanes 13:35.

3. Naon ciri-ciri panganut ibadah nu sajati?

Perhatikeun lima cirina:

  • Maranéhna percaya yén Alkitab téh Firman ti Gusti. Maranéhna upaya pikeun ngajalankeun pangajaran Alkitab. Jadi, agama nu sajati henteu ngajarkeun pamikiran manusa. (Mateus 15:7-9) Laku lampah panganutna sajalan jeung pangajaran nu diuarkeun. Baca Yohanes 17:17; 2 Timoteus 3:16, 17.

  • Saurang Kristen nu méré hutbah tina Kitab Suci. Terus manéhna ngawartakeun Karajaan Allah, mantuan korban musibat alam, sarta mantuan nu geus sepuh.

    Maranéhna ngamulyakeun nami Gusti, nyaéta Yéhuwa. Para nabi, saperti Musa jeung Daud, nyebut jeung ngamulyakeun nami Gusti. (Budalan 3:15; Jabur 8:1, NW) Nabi Isa ogé ngamulyakeun nami Gusti ku cara méré nyaho nami-Na ka jalma-jalma. Anjeunna ngabantu jalma-jalma kenal ka Gusti sarta ngajar maranéhna ngadoa sangkan nami Gusti disucikeun. (Mateus 6:9) Di daérah Sadérék, agama naon nu nguarkeun nami Gusti? Baca Pamindo 32:3.

  • Maranéhna ngawartakeun Karajaan Allah. Gusti ngutus Nabi Isa pikeun nguarkeun warta Karajaan. Karajaan Allah téh hiji-hijina harepan pikeun manusa. Nabi Isa terus nguarkeunana nepi ka anjeunna maot. (Lukas 4:43; 8:1; 23:42, 43) Anjeunna gé ngomong yén murid-muridna bakal nguarkeun nu sarua. Lamun aya nu nyaritakeun Karajaan Allah ka Sadérék, agama naon nu dianutna? Baca Mateus 24:14.

  • Maranéhna teu pipilueun kana urusan dunya. Sadérék bisa ningali yén panganut ibadah nu sajati téh béda. Maranéhna teu pipilueun urusan pulitik atawa hal-hal sarupa kitu, saperti protés atawa démo. (Yohanes 17:16; 18:36) Sikep jeung laku lampahna gé henteu kasar siga jalma-jalma di dunya ieu. Baca Yakobus 4:4.

  • Maranéhna bener-bener silih pikanyaah. Kitab Suci ngajar urang supaya ngahargaan kabéh suku bangsa. Agama-agama palsu sok ngadukung perang, tapi nu nganut agama sajati mah moal ngadukung perang. (Mika 4:1-3) Tapi, urang Kristen sajati réla maké waktu jeung pangabogana pikeun mantuan jeung ngagedékeun haté batur. Baca Yohanes 13:34, 35; 1 Yohanes 4:20.

4. Naha Sadérék bisa ngabédakeun mana agama nu bener jeung nu henteu?

Agama naon nu kabéh pangajaranana dumasar kana Firman ti Gusti? Agama naon nu ngamulyakeun nami Gusti? Agama naon nu nguarkeun warta yén Karajaan Allah téh hiji-hijina harepan keur umat manusa? Agama naon nu umatna silih pikanyaah jeung teu ngadukung perang? Kumaha ceuk Sadérék? Baca 1 Yohanes 3:10-12.

Pikeun katerangan leuwih loba, tingali buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? pasal 15.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun