PALAJARAN 14
Ku Naon Gusti Ngumpulkeun jeung Ngatur Umat-Na?
1. Ku naon Gusti ngumpulkeun urang Israil pikeun jadi umat-Na?
Gusti ngumpulkeun turunan Ibrahim sabagé hiji bangsa, terus masihan hukum-hukum. Bangsa ieu disebut ”Israil” jeung ditungtun ku Gusti pikeun ngajalankeun, ngalindungan, sarta ngajaga ibadah jeung Firman-Na. (Jabur 147:19, 20) Jadi, bangsa-bangsa séjén bisa meunang berkah ku jalan bangsa Israil. Baca Kajadian 22:18.
Gusti milih bangsa Israil pikeun jadi saksi-saksi-Na. Sajarah éta bangsa némbongkeun yén manusa bakal meunang mangpaat lamun ngajalankeun hukum Gusti. (Pamindo 4:6) Ku ningali jeung diajar ti bangsa Israil, bangsa séjén bisa nyaho saha Gusti nu sajati. Baca Yesaya 43:10, 12.
2. Ku naon umat Gusti nu rék ngajalankeun kahoyong Mantenna kudu ngahiji?
Hiji waktu, bangsa Israil teu dipikanyaah deui ku Gusti. Pikeun ngagantikeun éta bangsa, Yéhuwa milih sidang jamaah Kristen sabagé umat-Na. (Mateus 21:43; 23:37, 38) Ayeuna, urang Kristen sajati ngawula sabagé saksi-saksi-Na Yéhuwa, ngagantikeun bangsa Israil. Baca Rasul 15:14, 17.
Nabi Isa méré tugas ka murid-muridna pikeun nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma tina sagala bangsa sarta ngabantu maranéhna ngajalankeun paréntah-paréntahna. (Mateus 10:7, 11; 24:14; 28:19, 20) Sakeudeung deui, Gusti bakal nyingkirkeun kajahatan di bumi. Hartina, pagawéan pikeun nguarkeun warta hadé geus téréh anggeus. Sapanjang sajarah, kakara ayeuna Yéhuwa ngumpulkeun jutaan jalma tina sagala bangsa dina hiji ibadah nu sajati. (Wahyu 7:9, 10) Urang Kristen sajati ngahiji pikeun silih tulung jeung silih kuatkeun. Di sakuliah dunya, maranéhna narima pangajaran Kitab Suci nu sarua dina pakumpulan ibadah. Baca Ibrani 10:24, 25.
3. Kumaha organisasi Saksi-Saksi Yéhuwa di jaman ayeuna dimimitian?
Dina taun 1870-an, kumpulan leutik jalma-jalma nu diajar Alkitab manggihan bebeneran Alkitab nu geus lila leungit. Maranéhna paham yén Nabi Isa geus méré tugas ka sidang jamaah Kristen pikeun ngawawar, jadi maranéhna ngamimitian kagiatan pikeun nguarkeun warta Karajaan ka sakuliah dunya. Dina taun 1931, maranéhna nyebut dirina Saksi-Saksi Yéhuwa. Baca Rasul 1:8; 2:1, 4; 5:42.
4. Kumaha kagiatan pangwawaran Saksi-Saksi Yéhuwa diatur?
Dina abad kahiji, sidang-sidang jamaah Kristen di loba nagri dibingbing ku badan pingpinan, nyaéta hiji kelompok kokolot nu geus pangalaman dina hal rohani. Maranéhna ngakukeun Nabi Isa sabagé Kapala sidang jamaah.a (Rasul 16:4, 5) Ayeuna gé, Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya dibingbing ku Badan Pingpinan. Badan Pingpinan ngawaskeun kantor-kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa nu narjamahkeun jeung nyebarkeun bahan-bahan pikeun diajar Kitab Suci dina leuwih ti 800 basa. Ku kituna, Badan Pingpinan bisa méré naséhat jeung bingbingan nu dumasar kana Kitab Suci ka leuwih ti 100.000 sidang jamaah. Dina unggal sidang, para priya nu nyumponan sarat ngalalayanan sabagé kokolot, atawa pangawas. Maranéhna nyaah ka umat Gusti jeung ngurus maranéhna. Baca 1 Petrus 5:2, 3.
Saksi-Saksi Yéhuwa dibingbing pikeun nguarkeun warta hadé jeung ngajar batur ngajalankeun paréntah Gusti. Siga para rasul, maranéhna ngawawar ti imah ka imah. (Rasul 20:20) Urang ogé nawarkeun palajaran Kitab Suci ka jalma nu daék diajar bebeneran. Tapi, Saksi-Saksi Yéhuwa lain saukur hiji kelompok agama. Urang téh hiji kulawarga nu boga Bapa nu nyaahan sarta dulur-dulur nu silih pikanyaah. (2 Tesalonika 1:3) Lantaran ngahiji pikeun nyenangkeun Mantenna jeung nulungan batur, Saksi-Saksi Yéhuwa téh kulawarga nu paling bagja di bumi. Baca Jabur 33:12; Rasul 20:35.
[Catetan Handap]
a Kecap Yunani ekklesia, nu dina basa Sunda ditarjamahkeun jadi ”sidang jamaah”, ngamaksudkeun jalma-jalma nu ngumpul bareng pikeun tujuan nu sarua, lain ngamaksudkeun hiji wangunan.