PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 7 kaca 16-17
  • Pernah Teu Hidep Ngarasa Sieun jeung Ngarasa Teu Boga Batur?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pernah Teu Hidep Ngarasa Sieun jeung Ngarasa Teu Boga Batur?
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Yéhuwa Nguatkeun Élias
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Manéhna Tabah Nepi ka Panungtungan
    Pék Conto Iman Maranéhna
  • Andelkeun Yéhuwa Waktu Keur Strés
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Kajadian di Gunung Karmél
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Ajar Anak Sadérék
yc bab 7 kaca 16-17
Hiji budak lalaki keur sieuneun jeung teu boga batur

PALAJARAN 7

Hidep Pernah Ngarasa Sieun jeung Teu Boga Batur?

Tingali budak lalaki nu aya dina gambar. Éta budak katingalina keur sieuneun jeung teu boga batur. Hidep pernah teu ngarasa siga kitu?​— Saha waé pasti pernah. Kitab Suci nyaritakeun, sobat-sobat Yéhuwa gé pernah ngarasa sieun jeung ngarasa teu boga batur. Salah sahijina téh Élias. Hayu urang tingali caritana.

Ratu Isebél keur ambek

Isebél hayang maéhan Élias

Élias hirup di Israil, lila saméméh Yésus lahir. Harita, nu jadi raja di Israil téh Ahab. Manéhna teu nyembah ka Allah nu bener, Yéhuwa. Ahab jeung Isebél, pamajikanana, nyarembah déwa Baal. Lolobana jalma di Israil gé tuturutan nyembah ka Baal. Ratu Isebél téh jahat pisan. Manéh­na hayang maéhan jalma-jalma nu nyarembah ka Yéhuwa, kaasup Élias! Ceuk hidep, naon nu dilakukeun Élias?​—

Élias kabur. Manéhna indit jauh ka tanah gurun, terus nyumput dina jero guha. Ceuk hidep, ku naon manéhna nyumput?​— Enya, manéhna sieuneun. Tapi, kuduna mah Élias teu perlu sieun. Naon sababna? Sabab manéhna nyaho Yéhuwa bisa nulungan manéhna. Yéhuwa pernah némbongkeun kahébatana-Na ka Élias. Hiji waktu, Yéhuwa ngajawab doa Élias ku cara ngadatangkeun seuneu ti langit. Jadi, ayeuna gé Yéhuwa pasti bisa nulungan Élias!

Yéhuwa ngajawab doa Élias ku cara ngadatangkeun seuneu ti langit; Élias dina jero guha; Élias ngarasa bungah sanggeus dikuatkeun ku Yéhuwa

Kumaha Yéhuwa nulungan Élias?

Waktu Élias keur di jero guha, Yéhuwa nanya ka manéhna, ’Élias, keur naon di dieu?’ Élias ngajawab, ’Ngan abdi nu masih nyembah ka Yéhuwa. Ngan abdi nu hirup kénéh, abdi sieun dipaéhan.’ Ceuk pamikir Élias mah kabéh nu nyembah ka Yéhuwa geus diparaéhan. Tapi, Yéhuwa méré nyaho, ‘Henteu, éta téh teu bener. Kami boga kénéh 7.000 jelema anu henteu nyarembah ka Baal. Ulah sieun. Aya loba pagawéan keur manéh!’ Ceuk hidep, Élias bungah teu ngadéngéna?​—

Naon nu bisa hidep conto ti Élias?​— Hidep teu perlu ngarasa sieun jeung ngarasa teu boga batur. Hidep boga babaturan nu nyaah ka Yéhuwa, ogé nyaah ka hidep. Yéhuwa gé kuat pisan jeung bakal terus nulungan hidep. Hidep bungah teu ngadéngéna?​—

BACA DINA KITAB SUCI

  • 1 Raja 19:3-18; Rum 11:2-4

  • Jabur 145:18

  • 1 Petrus 5:9

PANANYA:

  • Di jaman Élias, lolobana jalma nyembah ka saha?

  • Ku naon Élias kabur, terus nyumput dina jero guha?

  • Yéhuwa méré nyaho naon ka Élias?

  • Naon palajaranana tina carita Élias pikeun urang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun