PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 12 kaca 26-27
  • Alona Paulus Wanian

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Alona Paulus Wanian
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Ulah Sieun Sabab Yéhuwa Panulung Sadérék!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Ajar Anak Sadérék
yc bab 12 kaca 26-27
Rasul Paulus ngadéngé béja ti alona waktu di panjara

PALAJARAN 12

Alona Paulus nu Wanian

Hayu urang tingali carita hiji budak lalaki nu nyalametkeun pamanna. Pamanna téh rasul Paulus. Urang teu nyaho ngaran budak lalaki éta, tapi urang nyaho manéhna téh wanian pisan. Hidep hayang ngadéngé caritana?​—

Basa éta, Paulus keur di panjara di Yérusalem. Manéhna ditéwak lantaran ngawartakeun Yésus. Aya jalma-jalma jahat nu geuleuheun ka Paulus, maranéhna boga rencana jahat. Ceuk maranéhna, ’Ménta ka komandan supaya nitah prajuritna mawa Paulus ka pangadilan. Terus urang nyumput di sisi jalan. Waktu Paulus ngaliwat, urang paéhan!’

Alona Paulus ngomong ka komandan

Alona Paulus ngabéjaan Paulus jeung komandan ngeunaan rencana jahat

Éta rencana téh kanyahoan ku alona Paulus. Naon nu dilakukeun ku manéhna? Manéhna indit ka panjara terus ngabéjaan Paulus. Paulus langsung nitah alona ngabéjakeun deui éta rencana ka komandan. Ceuk hidep, ngomong ka komandan téh gampang teu?​— Henteu, sabab komandan téh jalma penting. Tapi, alona Paulus wani ngomong ka komandan.

Komandan nyahoeun kudu kumaha. Manéhna ngumpulkeun 500 prajurit pikeun ngajaga Paulus. Terus maranéhna dititah mawa Paulus ka Késaréa peuting éta kénéh. Paulus bisa salamet teu?​— Enya, éta jalma-jalma jahat teu bisa nyilakakeun Paulus. Rencana jahat maranéhna gagal.

Naon nu bisa hidep conto tina carita ieu?— Hidep ogé bisa wanian siga alona Paulus. Urang perlu wani nyaritakeun Yéhuwa ka jalma-jalma. Hidep hayang jadi budak nu wani nyaritakeun Yéhuwa?​— Lamun hidep wani nyaritakeun, hidep bisa nyalametkeun jalma-jalma.

BACA DINA KITAB SUCI

  • Rasul 23:12-24

  • Mateus 24:14; 28:18-20

  • 1 Timoteus 4:16

PANANYA:

  • Naon nu direncanakeun ku jalma-jalma jahat ka Paulus?

  • Naon nu dilakukeun ku alona Paulus? Ku naon éta téh butuh kawani?

  • Kumaha hidep bisa nyonto alona Paulus?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun