Kawih 153
Bungahna Ngawartakeun Firman Allah
Kumaha rasana
mun sumanget ngawarta,
Néangan jalma-jalma
anu rendah haté?
Urang geus upaya,
Yah nu ngurus sésana.
Mantenna apal mana
anu rendah haté.
(REFREIN)
Urang bungah tur gumbira,
méré anu panghadéna.
Hayu urang salawasna
ngawula Yéhuwa.
Kumaha rasana
lamun nu diwawaran
Daék diajar Firman,
narima beb’neran?
Aya nu teu suka,
aya ogé nu ngéwa.
Urang moal kuciwa,
tapi t’rus ngawarta.
(REFREIN)
Urang bungah tur gumbira,
méré anu panghadéna.
Hayu urang salawasna
ngawula Yéhuwa.
Kumaha rasana
dipercaya ku Allah
Tur dibéré dukungan
dina pangwawaran?
Wani tur soméah,
nepikeun Firman Allah
tur néang jalma-jalma
nu nyaah ka Allah.
(REFREIN)
Urang bungah tur gumbira,
méré anu panghadéna.
Hayu urang salawasna
ngawula Yéhuwa.
(Tingali ogé Ras. 13:48; 1 Tes. 2:4; 1 Tim. 1:11.)