PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ypq pananya 5 kaca 15-17
  • Kumaha Mun Abdi Diganggu di Sakola?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Mun Abdi Diganggu di Sakola?
  • Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Lamun Budak Abdi Digencét ku Babaturanana?
    Bantuan keur Kulawarga
Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora
ypq pananya 5 kaca 15-17
Budak lalaki diganggu di hareupeun babaturan sakelasna

PANANYA 5

Kumaha Mun Abdi Diganggu di Sakola?

KU NAON PENTING?

Sikep anjeun nangtukeun kaayaanana bakal jadi leuwih hadé atawa leuwih goréng.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Poé ieu Toni embungeun indit ka sakola. Kitu ogé isukna jeung saterusna. Éta dimimitian waktu tilu bulan katukang aya babaturanana nu ngagosipkeun manéhna. Terus manéhna dibéré sebutan. Sakapeung aya nu nepak bukuna Toni nepi ka murag, ngomongna mah teu dihaja. Aya ogé nu nyuntrungkeun manéhna, tapi waktu Toni ngalieuk, euweuh nu ngaku. Malahan kamari mah kaayaanana leuwih parah deui, Toni diancam liwat Internét . . .

Lamun anjeun jadi Toni, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Anjeun téh sabenerna henteu lemah! Malahan anjeun teu kudu gelut pikeun ngéléhkeun nu sok ngaganggu. Kumaha carana?

  • TETEP KALEM. Ceuk Kitab Suci, ”Nu gejul mah ambekna sok terus budal. Jalma nu lantip mah sabar, amarahna dikemu.” (Siloka 29:11) Lamun anjeun tetep kalem, sanajan di luarna wungkul, nu ngaganggu gé bakal horéameun.

  • ULAH NGABALES. Ceuk Kitab Suci, ”Nu goreng ulah dibales ku goreng.” (Rum 12:17) Lamun anjeun ngabales, kaayaanana bakal jadi beuki goréng.

  • ULAH NYIAR PIMASALAHEUN. Ceuk Kitab Suci, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan.” (Siloka 22:3) Sabisana, singkahan jalma nu sok nyieun masalah jeung singkahan kaayaan nu bisa ngalantarankeun anjeun diganggu.

  • BÉRÉ JAWABAN NU TEU DISANGKA-SANGKA. Ceuk Kitab Suci, ’Jawaban nu lembut nyirnakeun amarah.’ (Siloka 15:1) Malahan, anjeun gé bisa ngaheureuykeun. Contona, lamun anjeun dipoyokan gembrot, anjeun bisa ngomong, ”Ah engké gé bakal ngabegangan!”

  • NGALÉOS INDIT. Nora nu umurna 19 taun ngomong, ”Lamun anjeun teu ngawaro, éta hartina anjeun téh bijaksana jeung leuwih kuat ti batan jalma nu ngaganggu anjeun. Éta ngabuktikeun yén anjeun bisa ngadalikeun diri, teu siga maranéhna nu sok ngaganggu.”​—2 Timoteus 2:24.

  • SING PERCAYA DIRI. Nu sok ngaganggu biasana nyahoeun saha waé nu mikir négatif ka dirina sorangan jeung saha waé nu lemah. Maranéhna bakal horéameun lamun anjeun teu ngalawan.

  • LAPORKEUN. Saurang pangsiunan guru ngomong, ”Abdi ngadesek saha waé nu sok diganggu pikeun ngalapor. Éta nu kudu dilakukeun sangkan nu séjén moal milu diganggu.”

Budak ngora nu percaya diri

Lamun anjeun percaya diri, anjeun bakal boga kakuatan nu teu dipiboga ku nu sok ngaganggu

NYAHO TEU?

Salian ti serangan fisik, ngaganggu ogé kaasup:

  • Omongan jalma nu sok ngaganggu téh siga seuneu

    Omongan nu kasar. ”Abdi teu pernah poho kana sebutan atawa omongan maranéhna ka abdi. Abdi jadi ngarasa teu aya hargaan, teu dipikaresep, jeung teu aya gunana. Leuwih mending ditonjok sakalian.”​—Celine, 20.

  • Budak lalaki diuk sorangan lantaran dijauhan ku babaturanana

    Dijauhan. ”Batur sakola ngajauhan abdi. Waktu beurang basa rék dahar, tempat diukna diatur sangkan katingalina geus pinuh, jadi abdi teu bisa diuk bareng jeung maranéhna. Nepi ka sataun, abdi ceurik jeung dahar sorangan.”​—Haley, 18.

  • Budak awéwé reuwaseun lantaran dipoyokan liwat Internét

    Ngagogoréng liwat Internét. ”Ngan ku sababaraha ketikan dina komputer, martabat hiji jalma bisa ruksak, malahan kahirupanana ogé. Kadéngéna téh siga nu kaleuleuwihi, tapi ieu bisa kajadian!”​—Daniel, 14.

PÉK JAWAB

BENER ATAWA SALAH

JAWABANANA

1 Jalma nu sok ngaganggu téh geus aya ti rébuan taun katukang.

1 Bener. Contona, Kitab Suci nyaritakeun ngeunaan kaom Néfilim. Ngaran ieu téh hartina ”Nu Sok Ngarubuhkeun Batur”.​—Kajadian 6:4.

2 Ngaganggu téh ngan saukur heureuy. Teu bahaya.

2 Salah. Loba budak ngora bunuh diri lantaran osok diganggu.

3 Cara pangalusna supaya teu diganggu nyaéta ngalawan.

3 Salah. Jalma nu sok ngaganggu biasana leuwih kuat ti batan korbanna, jadi teu aya gunana ngabales maranéhna.

4 Lamun anjeun ningali aya nu keur diganggu, antepkeun wé.

4 Salah. Dina hal ieu, teu aya saksi nu teu kalibet. Lamun anjeun ningali aya babaturan nu diganggu tapi teu ngalaporkeun, éta hartina anjeun ngadukung masalahna, lain méré jalan kaluar.

5 Nu ngaganggu mah sok gedé omong, padahal teu percaya diri.

5 Bener. Sanajan nu sok ngaganggu téh resep ngawasaan batur, tapi sabenerna mah loba nu teu percaya diri. Jadi méh teu kaciri, maranéhna osok ngarendahkeun batur.

6 Jalma nu sok ngaganggu bisa barobah.

6 Bener. Lamun dibantu, jalma nu sok ngaganggu bisa ngarobah cara pikir jeung tingkah lakuna.

RENCANA ABDI

  • Lamun abdi diganggu, abdi rék ngomong jeung ngalakukeun naon?

PÉK TINGALI!

Kalahkan Pem-bully Tanpa Pakai Kekerasan

Tongton animasi papan tulis Kalahkan Pem-bully Tanpa Pakai Kekerasan di www.jw.org/id. (Tingali AJARAN ALKITAB > ANAK MUDA; Pilih Basa Sunda)

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun