PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ypq pananya 7 kaca 21-23
  • Kumaha Mun Abdi Dipaksa pikeun Hubungan Séks?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Mun Abdi Dipaksa pikeun Hubungan Séks?
  • Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Carana Nolak Godaan ti Babaturan Pikeun Teu Ngalakukeun Hubungan Séks?
    Pananya Budak Ngora
  • Kumaha Carana Ngajelaskeun Pandangan Abdi ngeunaan Séks?
    Pananya Budak Ngora
  • Na Séks Oral téh Kaasup Hubungan Séks?
    Pananya Budak Ngora
  • Kumaha Supaya Abdi Teu Mikiran Séks Waé?
    Pananya Budak Ngora
Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora
ypq pananya 7 kaca 21-23
Budak awéwé nu nolak godaan ti babaturan lalakina

PANANYA 7

Kumaha Mun Abdi Dipaksa pikeun Hubungan Séks?

KU NAON PENTING?

Putusan anjeun ngeunaan séks gedé pangaruhna kana mangsa kahareup anjeun.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Kakara dua bulan Héti kenal jeung Agus, tapi asa geus wawuh ti baheula. Maranéhna sering SMS-an, teteleponan mangjam-jam, jeung nyambung pisan mun ngobrol téh! Tapi, Agus hayang leuwih ti saukur ngobrol.

Geus dua bulan ieu, Agus jeung Héti osok pacekel-cekel leungeun jeung nyium pipi. Héti mah embung leuwih ti éta. Tapi, manéhna gé embung kaleungitan Agus. Euweuh nu bisa nyieun manéhna ngarasa sakitu geulis jeung sakitu istiméwana. ’Terus, kuring duaan pan silih cinta . . . ,’ gerentes Héti.

Lamun anjeun geus cukup umur pikeun bobogohan sarta keur nyanghareupan kaayaan saperti Héti, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Baju alus dijadikeun elap

Séks téh hadiah ti Allah pikeun jalma-jalma nu geus nikah wungkul. Urang teu ngahargaan hadiah éta lamun ngalakukeun hubungan séks saacan nikah. Éta saperti baju alus paméré batur dipaké jadi elap

Lamun anjeun teu taat kana hukum alam, misalna hukum gravitasi, anjeun bakal narima akibatna. Nya kitu ogé lamun anjeun ngalanggar hukum moral, saperti, ”Ulah ingkar tina susila.”​—1 Tesalonika 4:3.

Naon akibatna lamun anjeun teu taat kana paréntah éta? Ceuk Kitab Suci, ”Dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.” (1 Korinta 6:18) Naha bener?

Para panaliti ngabuktikeun yén budak ngora nu ngalakukeun hubungan séks saacan nikah bakal ngalaman hal-hal ieu.

  • KADUHUNG. Kalolobaan budak ngora nu ngalakukeun hubungan séks saacan nikah ngarasa kaduhung sanggeusna.

  • CURIGA. Sanggeus ngalakukeun hubungan séks, masing-masing bakal mikir, ’Jeung saha deui manéhna pernah ngalakukeun hubungan séks?’

  • KUCIWA. Dina jero haténa mah, kalolobaan awéwé leuwih resep ka lalaki nu ngajaga maranéhna, lain nu ngamangpaatkeun maranéhna. Kalolobaan lalaki ogé henteu kataji ka awéwé nu babarian diolo.

  • Kasimpulan: Lamun anjeun ngalakukeun hubungan séks saacan nikah, anjeun ngarendahkeun diri sorangan lantaran ngorbankeun hal nu penting pisan. (Rum 1:24) Awak anjeun téh istiméwa, lebar lamun dilalaworakeun!

Témbongkeun yén anjeun boga tékad nu kuat pikeun teu ”ingkar tina susila”. (1 Tesalonika 4:3) Lamun engké anjeun nikah, kakara anjeun bisa ngalakukeun hubungan séks. Anjeun moal ngarasa hariwang, kaduhung, jeung waswas, nu biasana dirasakeun ku jalma nu ngalakukeun hubungan séks saacan nikah.​—Siloka 7:22, 23; 1 Korinta 7:3.

KUMAHA CEUK ANJEUN?

  • Naha jalma nu bener-bener bogoh ka anjeun bakal ngaruksak fisik jeung émosi anjeun?

  • Naha jalma nu bener-bener paduli ka anjeun bakal ngaruksak hubungan anjeun jeung Allah?​—Ibrani 13:4.

PIKEUN RUMAJA AWÉWÉ

Budak awéwé keur ngahuleng

Sababaraha lalaki ngomong yén maranéhna moal nikah jeung awéwé nu pernah ngalakukeun hubungan séks jeung maranéhna. Ku naon? Maranéhna leuwih resep ka awéwé nu murni kénéh!

Naha anjeun reuwas atawa keuheul nyaho hal ieu? Inget: Film jeung acara TV ngalantarankeun séks nu dilakukeun ku rumaja katingalina teu bahaya ogé nyenangkeun, malahan bukti cinta sajati.

Ulah daék dibobodo! Jalma nu ngagoda anjeun pikeun ngalakukeun hubungan séks saacan nikah, ngan hayang nyenangkeun dirina sorangan.​—1 Korinta 13:4, 5.

PIKEUN RUMAJA LALAKI

Budak lalaki keur ngahuleng

Lamun anjeun keur bobogohan, tanya diri sorangan, ’Naha kuring bener-bener paduli ka kabogoh kuring?’ Lamun enya, kumaha némbongkeunana? Anjeun kudu boga tékad nu kuat pikeun ngajungjung hukum Allah, perlu bijaksana sangkan bisa nyingkahan kaayaan nu ngagoda, sarta boga kanyaah pikeun merhatikeun kapentingan kabogoh anjeun.

Lamun anjeun boga sipat-sipat éta, parasaan kabogoh anjeun bakal sarua saperti mojang Sulam nu moralna hadé, nu ngomong, ”Jungjunan kuring teh anu kuring, diri kuring anu anjeunna.” (Kidung Agung 2:16) Singgetna, kabogoh anjeun bakal beuki bogoh ka anjeun!

SARAN

Lamun nu ngagoda anjeun ngomong kieu, ”Mun manéh bogoh, manéh pasti daék,” anjeun bisa ngabales, ”Mun manéh bogoh ka urang, manéh moal ménta éta!”

Aya aturan nu hadé pikeun lalaki jeung awéwé nu keur duduaan: Lamun hal éta moal dilakukeun di hareupeun kolot anjeun, ulah dilakukeun.

RENCANA ABDI

  • Anjeun bakal kumaha lamun aya nu ngajak ngalakukeun hubungan séks?

  • Kaayaan siga kumaha nu ngalantarankeun anjeun hésé nolak godaan?

  • Kumaha cara anjeun nyingkahan kaayaan éta?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun