PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 15 kaca 42-kaca 43 par. 3
  • Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Budak Beulian nu Nurut ka Allah
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Ku Bantuan Yéhuwa, Sagala nu Dilampahkeun Pasti Alus Hasilna
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2023
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 15 kaca 42-kaca 43 par. 3
Yusup ngajelaskeun impian-impian Piraon

PALAJARAN 15

Yéhuwa Teu Ninggalkeun Yusup

Waktu Yusup aya di panjara, Piraon atawa raja Mesir ngimpi anéh. Tapi, euweuh nu bisa ngahartikeunana. Saurang palayan méré nyaho yén Yusup bisa ngahartikeun impian-impian éta. Piraon langsung manggil Yusup.

Piraon nanya, ’Manéh bisa ngahartikeun impian urang?’ Yusup ngajelaskeun, ’Mesir bakal makmur salila tujuh taun, terus paceklik salila tujuh taun. Raja kudu milih hiji jalma nu bijaksana jang ngatur bahan pangan supaya rahayat teu kalaparan.’ Ceuk Piraon, ’Nya, manéh wé! Salian urang, euweuh nu leuwih luhur ti manéh di Mesir!’ Ku naon Yusup bisa ngahartikeun impian Piraon? Sabab Yéhuwa mantuan Yusup.

Yusup ngatur jalma-jalma pikeun ngumpulkeun kadaharan

Salila tujuh taun, Yusup ngumpulkeun kadaharan. Terus, omongan Yusup kabukti. Paceklik narajang sakuliah bumi. Jalma-jalma ti kabéh tempat daratang rék meuli dahareun ti Yusup. Yakub, bapana Yusup, ogé ngadéngé di Mesir loba kadaharan. Jadi, Yakub nitah sapuluh barudakna indit meuli kadaharan.

Pas barudak Yakub datang, Yusup langsung eungeuh maranéhna téh lanceuk-lanceukna. Tapi, maranéhna teu nyahoeun éta téh Yusup. Maranéhna sujud ka Yusup, saperti impian Yusup pas ngora. Yusup hayang nyaho lanceuk-lanceukna ngéwa kénéh teu ka manéhna. Ceuk Yusup, ’Maranéh pasti mata-mata, rék ngintip kalemahan nagara urang.’ Maranéhna ngajawab, ’Lain, Juragan. Abdi sadaya 12 padudulur ti Kanaan. Nu hiji geus maot, nu bungsu keur jeung bapa.’ Terus Yusup ngomong, ’Bawa nu bungsu ka dieu, kakara urang percaya.’ Terus, maranéhna balik ka bapana.

Pas kadaharanana geus béak deui, Yakub nitah barudakna indit deui ka Mesir. Ayeuna Binyamin, si bungsu, dibawa. Yusup nguji maranéhna ku cara ngasupkeun cangkir pérak ka karung Binyamin, terus nuding maranéhna maok. Pas palayan Yusup manggihan cangkirna, maranéhna reuwas. Bruk maranéhna sujud ka Yusup supaya lain Binyamin nu dihukum, tapi maranéhna wé nu dihukum.

Ayeuna, Yusup nyaho lanceuk-lanceukna geus barobah. Lantaran teu tahan deui, Yusup ceurik, ’Urang téh Yusup, dulur maranéh. Bapa kumaha, masih hirup?’ Maranéhna ngoréjat. Terus, Yusup ngomong, ’Ulah nyalahkeun diri sorangan pédah kajadian baréto. Allah ngutus urang ka dieu supaya maranéh salamet. Ayeuna geura balik, bawa Bapa ka dieu.’

Maranéhna balik, nyaritakeun éta kajadian ka bapana, terus mawa bapana ka Mesir. Ahirna sanggeus mangtaun-taun, Yusup kumpul deui jeung bapana.

Yusup kumpul deui jeung Yakub, bapana

”Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.”​—Mateus 6:15

Pananya: Kumaha cara Yéhuwa ngabantu Yusup? Naon buktina Yusup geus ngahampura dulur-dulurna?

Kajadian 40:1–45:28; 46:1-7, 26-34; Jabur 105:17-19; Rasul 7:9-15

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun