PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 21 kaca 54-kaca 55
  • Hukuman ka Sapuluh

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Hukuman ka Sapuluh
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Tilu Hukuman Mimiti
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Musa Milih Nyembah Yéhuwa
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Genep Hukuman Saterusna
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Palajaran Penting tina Perayaan Paska keur Urang Kristen
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 21 kaca 54-kaca 55
Saurang Israil ngulaskeun getih kana panto

PALAJARAN 21

Hukuman ka Sapuluh

Musa jangji ka Piraon moal datang deui. Tapi saacan indit, manéhna ngomong, ’Tengah peuting, unggal anak cikal di Mesir bakal paraéh, ti anak raja nepi ka anak palayan.’

Yéhuwa nitah urang Israil nyieun kadaharan istiméwa. Ceuk Yéhuwa, ’Peuncit domba atawa embé jalu nu umurna sataun. Ulaskeun getihna kana panto. Panggang dagingna, terus dahar jeung roti nu teu diragian. Daharna kudu rurusuhan, geus dibaju jeung disendal. Peuting ieu Urang bakal ngabébaskeun manéh.’ Hidep bisa bayangkeun kumaha parasaan urang Israil?

Peutingna, malaikat Yéhuwa ngider ka imah-imah di Mesir. Nu pantona teu ditandaan ku getih, anak cikalna dipaéhan. Tapi, nu aya tandana mah diliwat. Kabéh anak cikal urang Mesir paéh, boh nu beunghar boh nu miskin. Tapi, anak urang Israil mah saurang gé teu aya nu paéh.

Anak lalaki Piraon gé paéh. Piraon teu tahan deui. Manéhna langsung ngomong ka Musa jeung Harun, ’Jung arindit ditu! Jig ibadah ka Allah manéh! Bawa kabéh sato manéh!’

Basa éta téh keur bulan purnama. Bangsa Israil budal ti Mesir. Maranéhna nyieun barisan nuturkeun kulawarga jeung kaomna masing-masing. Aya 600.000 urang Israil, can kaasup awéwé jeung barudak leutik. Loba jalma ti bangsa séjén gé marilu, hayang nyembah Yéhuwa. Ahirna, bangsa Israil bébas!

Supaya inget cara Yéhuwa nyalametkeun, maranéhna kudu nyieun kadaharan istiméwa saban taun. Ieu téh disebut Paska.

Bangsa Israil nyieun barisan waktu budal ti Mesir

”Maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.”​—Budalan 9:16

Pananya: Naon hukuman nu ka sapuluh téh? Naon nu kudu dilakukeun urang Israil supaya teu keuna hukuman?

Budalan 11:1–12:42; 13:3-10

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun