PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 29 kaca 74-kaca 75 par. 2
  • Yéhuwa Milih Yosua

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa Milih Yosua
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Sing Percaya ka Pamingpin Urang, Kristus
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 29 kaca 74-kaca 75 par. 2
Imam-imam ngagotong peti perjangjian bari meuntas Walungan Yordan

PALAJARAN 29

Yéhuwa Milih Yosua

Yosua maca kitab Hukum

Sanggeus mangtaun-taun mingpin bangsa Israil, ayeuna Musa téréh maot. Yéhuwa ngomong ka Musa, ’Manéh moal mawa bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian. Tapi éta tanah ku Urang bakal ditingalikeun ka manéh.’ Terus, Musa ménta Yéhuwa milih pamingpin nu anyar. Yéhuwa ngomong, ’Béjaan Yosua, manéhna dipilih jang ngagantikeun manéh.’

Terus, Musa ngabéjaan bangsa Israil yén manéhna téréh maot. Musa ogé ngomong yén Yéhuwa geus milih Yosua pikeun mingpin maranéhna ka Tanah Perjangjian. Terus, Musa ngomong ka Yosua, ’Ulah sieun. Yéhuwa bakal ngabantu manéh.’ Sanggeus kitu, Musa naék ka puncak Gunung Nébo. Di ditu, Musa ningali tanah nu dijangjikeun ku Yéhuwa ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Ahirna, Musa maot dina umur 120 taun.

Musa ngangkat Yosua jadi pamingpin di hareupeun imam-imam jeung lalaki-lalaki

Yéhuwa nitah Yosua, ’Peuntasan Walungan Yordan, indit ka Kanaan. Urang bakal ngabantu manéh saperti ka Musa. Baca kitab Hukum unggal poé. Ulah sieun, sing wani. Geura indit, jalankeun paréntah Urang.’

Yosua ngutus dua mata-mata pikeun ngintip kota Yériho. Dina palajaran saterusna, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan kajadian di Yériho. Pas dua mata-mata balik, maranéhna ngomong yén waktuna geus cocog jang asup ka Kanaan. Isukanana, Yosua nitah bangsa Israil ngabongkar kémah. Terus, imam-imam nu ngagotong peti perjangjian diutus indit ti heula ka Walungan Yordan. Ari pék téh walungan keur banjir. Tapi pas suku imam-imam asup ka cai, jep walungan mendet, caina saat! Imam-imam leumpang ka tengah walungan, terus nangtung nepi ka kabéh bangsa Israil meuntas. Ceuk hidep, bangsa Israil jadi inget deui teu kana mujijat di Laut Beureum?

Ahirna, sanggeus mangtaun-taun bangsa Israil nepi di Tanah Perjangjian. Maranéhna bisa ngawangun imah jeung kota. Maranéhna ogé bisa marelakan lahan-lahan, kebon anggur, jeung kebon-kebon buah. Saking lobana kadaharan, tempat éta disebut tanah nu pinuh ku susu jeung madu.

”Ku [Yéhuwa] baris diaping, dicukupan pangabutuh.”​—Yesaya 58:11

Pananya: Saha nu mingpin bangsa Israil sanggeus Musa maot? Aya kajadian naon di Walungan Yordan?

Bilangan 27:12-23; Pamindo 31:1-8; 34:1-12; Yosua 1:1–3:17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun