PALAJARAN 37
Yéhuwa Ngomong ka Samuél
Imam Agung Éli boga dua anak lalaki, Hopni jeung Pinéhas. Maranéhna jadi imam di tabernakel. Maranéhna teu nurut ka Yéhuwa sarta jahat ka jalma-jalma. Lamun urang Israil mawa kurban keur Yéhuwa, Hopni jeung Pinéhas malah nyokot daging nu panghadéna heula keur maranéhna. Sangkilang nyaho kumaha kalakuan barudakna, Éli kalah ka ngantep. Naha Yéhuwa ogé bakal terus ngantep?
Sanajan jauh leuwih ngora ti batan Hopni jeung Pinéhas, Samuél teu pipilueun. Jadi, Yéhuwa nyaah ka Samuél. Hiji peuting pas keur saré, Samuél ngadéngé aya nu manggil manéhna. Koréjat Samuél hudang, terus lumpat ka Éli jeung ngomong, ’Ieu abdi.’ Éli ngajawab, ’Bapa teu manggil. Jung saré deui.’ Jadi Samuél balik deui. Tapi, éta sora manggil deui nepi ka tilu kali. Éli kakara engeuh éta téh sora Yéhuwa. Éli ngabéjaan Samuél, mun ngadéngé éta sora deui, kudu ngajawab, ’Mangga Yéhuwa, abdi ngupingkeun.’
Samuél balik ka kasurna. Terus éta sora manggil deui, ’Samuél! Samuél!’ Dijawabna, ’Mangga, abdi ngupingkeun.’ Yéhuwa ngomong, ’Béjaan Éli, manéhna jeung kulawargana bakal dihukum. Sangkilang Éli nyaho kagoréngan anak-anakna di tabernakel, manéhna teu nyarék-nyarék acan.’ Isukanana isuk-isuk, siga biasa Samuél mukaan panto-panto di tabernakel. Manéhna bingung kumaha cara nepikeun omongan Yéhuwa ka Éli. Tapi, Éli manggil jeung nanya, ’Samuél, Yéhuwa ngomong naon? Sok caritakeun kabéh.’ Jadi, ku Samuél dicaritakeun kabéh, teu aya nu disumputkeun.
Yéhuwa terus nyarengan Samuél nepi ka gedé. Sakabéh urang Israil nyaho yén Samuél geus dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi nabi jeung hakim.
”Ku sabab eta meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.”—Pandita 12:1