PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 48 kaca 116-kaca 117 par. 1
  • Anak Saurang Randa Hirup Deui!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Anak Saurang Randa Hirup Deui!
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Pernah Teu Hidep Ngarasa Sieun jeung Ngarasa Teu Boga Batur?
    Ajar Anak Sadérék
  • Yéhuwa Nguatkeun Élias
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Manéhna Tabah Nepi ka Panungtungan
    Pék Conto Iman Maranéhna
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 48 kaca 116-kaca 117 par. 1
Élias manggil randa nu keur ngumpulkeun suluh

PALAJARAN 48

Anak Saurang Randa Hirup Deui!

Tipung dina wadah jeung minyak dina cecenting

Waktu halodo panjang, Yéhuwa nitah Élias, ’Indit ka Sarpat. Hiji randa bakal méré dahar ka manéh.’ Pas nepi di lawang kota, Élias ningali hiji randa miskin keur ngumpulkeun suluh. Terus, Élias ménta cai nginum. Pas éta randa rék nyokot cai, Élias ngomong, ’Jeung ménta roti saeutik.’ Tapi ceuk randa, ’Abdi teu boga roti keur Bapa. Abdi ngan boga tipung sakeupeul jeung minyak sakeclak keur dahar abdi jeung anak abdi.’ Élias ngomong, ’Yéhuwa jangji, mun Nyai mangnyieunkeun roti keur urang, tipung jeung minyak Nyai moal béak-béak nepi ka hujan turun deui.’

Éta randa balik ka imahna, nyieun roti keur nabi Yéhuwa ieu. Saperti jangji Yéhuwa, éta randa jeung anak lalakina terus boga kadaharan salila halodo panjang. Tipungna teu béak-béak, minyakna teu saat-saat.

Tapi, musibat datang. Anak randa éta gering, beuki payah, ahirna maot. Éta randa ménta tulung ka Élias. Seug Élias nyokot éta budak ti leungeun indungna, dibawa ka kamar di loténg, terus digolérkeun dina kasur. Élias ngadoa, ’Yéhuwa, tulung hirupkeun deui ieu budak.’ Hidep apal ku naon tindakan Yéhuwa téh bakal jadi hal nu luar biasa? Sabab, teu aya jalma maot nu pernah dihirupkeun deui. Pangpangna mah, randa jeung budakna téh lain urang Israil.

Éta budak hirup jeung napas deui! Élias ngomong, ’Nyai, budak téh hirup deui!’ Éta randa atoh pisan jeung ngomong, ’Bapa téh bener-bener utusan Allah. Abdi yakin sabab nu ditepikeun ku Bapa téh ti Yéhuwa jeung pasti laksana.’

Élias nganteurkeun anak lalaki randa nu geus dihirupkeun deui ka indungna

”Tenjo manuk gagak, tara pepelakan tara ngumpulkeun parab, teu ngabogaan gudang atawa leuit, ku Allah teu kendat diparaban! Maraneh leuwih hargaan ti batan manuk!”​—Lukas 12:24

Pananya: Naon buktina yén randa ti Sarpat percaya ka Yéhuwa? Kumaha urang bisa nyaho yén Élias téh bener-bener nabi Allah?

1 Raja 17:8-24; Lukas 4:25, 26

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun