PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 50 kaca 120-kaca 121 par. 5
  • Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Sing Sagemblengna Haté dina Ngawula ka Yéhuwa!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Naha Sadérék Daék Diajar tina Kajadian-Kajadian nu Baheula?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Topik-Topik Utama 2 Babad
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Pasangan nu Kakara Nikah, Utamakeun Palayanan ka Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 50 kaca 120-kaca 121 par. 5
Raja Yosapat jeung urang-urang Léwi nu nyaranyi mingpin pasukan kaluar ti Yérusalém

PALAJARAN 50

Yéhuwa Ngunggulkeun Yosapat

Raja Yosapat ti Yuda ngancurkeun altar-altar jeung patung-patung Baal di nagrina. Yosapat hayang rahayatna ngarti kana hukum Yéhuwa. Manéhna ngutus para pajabat sarta urang-urang Léwi ka sakuliah Yuda pikeun ngajarkeun hukum Yéhuwa.

Bangsa-bangsa di sakurilingna teu wani merangan Yuda sabab maranéhna nyaho yén Yéhuwa nyalindungan éta bangsa. Malah, maranéhna méré loba hadiah ka Raja Yosapat. Tapi urang Moab, urang Amon, jeung putra-putra ti Séir rék nyerang Yuda. Yosapat sadar manéhna téh butuh bantuan Yéhuwa. Kabéh lalaki, awéwé, jeung barudak dikumpulkeun di Yérusalém. Di hareupeun maranéhna, Yosapat ngadoa, ’Yéhuwa, abdi sadaya bingung kudu kumaha. Ngan Gusti nu bisa nyalametkeun.’

Yéhuwa ngajawab doana, ’Ulah sieun. Urang bakal nulungan. Maranéh daragoan baé bari ngajaranteng. Maranéh bakal diunggulkeun.’ Kumaha Yéhuwa nyalametkeun maranéhna?

Bray isuk, Yosapat milih jalma-jalma tukang nyanyi sina baris di hareupeun pasukan perang. Maranéhna maju ti Yérusalém nepi ka médan perang nu disebut Tékoa.

Pas maranéhna nyanyi muji Yéhuwa ku sora tarik, Yéhuwa merangan musuh umat-Na. Urang Amon jeung urang Moab dikacowkeun. Maranéhna jadi silih nyerang, teu aya nu salamet hiji-hiji acan. Tapi, Yéhuwa nyalindungan urang Yuda, pasukanana, sarta imam-imamna. Éta carita sumebar nepi ka bangsa-bangsa di sakurilingna. Maranéhna jadi nyaho yén Yéhuwa masih ngunggulkeun umat-Na. Kumaha cara Yéhuwa nyalametkeun umat-Na? Loba carana. Tapi, nu pasti mah Mantenna teu gumantung ka manusa.

”Aranjeun henteu kudu turun campuh, daragoan bae bari ngajaranteng. Engke nyata aranjeun tangtu diunggulkeun ku PANGERAN.”​—2 Babad 20:17

Pananya: Yosapat téh raja nu saperti kumaha? Kumaha cara Yéhuwa nyalindungan Yuda?

2 Babad 17:1-19; 20:1-30

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun