PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 52 kaca 126-kaca 127 par. 1
  • Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Topik-Topik Utama 2 Raja-Raja
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Anu Nyarengan Urang Leuwih Loba Tibatan Maranéhna
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 52 kaca 126-kaca 127 par. 1
Élisa jeung palayanna dikepung ku pasukan Siria

PALAJARAN 52

Kuda jeung Karéta Seuneu Yéhuwa

Bénhadad raja Siria teterusan nyerang Israil. Tapi, raja Israil lolos waé sabab Nabi Élisa ngingetan manéhna unggal rék diserang. Jadi, Bénhadad boga rencana jang nyulik Élisa. Sanggeus nyaho Élisa aya di kota Dotan, manéhna ngirim pasukan perang Siria jang néwak Élisa.

Pasukan Siria datang ka Dotan pas geus peuting. Isukna, palayan Élisa ka luar imah. Pék téh éta kota geus dikepung! Bari geumpeur, manéhna ngomong ka Élisa, ’Aduh Juragan, kumaha ieu?’ Ceuk Élisa, ’Tong sieun! Nu nyarengan urang leuwih loba.’ Harita kénéh, Yéhuwa nyieun palayan Élisa bisa ningali yén gunung-gunung geus dipinuhan ku kuda seuneu jeung karéta seuneu.

Élisa jeung palayanna ningali pasukan malaikat di sakuriling maranéhna

Waktu pasukan Siria rék néwak, Élisa ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Jadi, ku Yéhuwa éta pasukan dijieun bingung, teu nyahoeun keur aya di mana. Élisa ngomong ka éta pasukan, ’Maranéh nyasab, tempatna lain di dieu. Hayu tuturkeun urang ka jalma nu keur ditéangan.’ Maranéhna nuturkeun Élisa nepi ka Samaria, tempatna raja Israil.

Ahirna, pasukan Siria engeuh maranéhna aya di mana. Raja Israil nanya ka Élisa, ’Kumaha, urang basmi baé?’ Naha enya Élisa ngagunakeun kasempetan ieu pikeun ngabales jalma-jalma nu jahat ka manéhna? Henteu! Élisa ngomong, ’Ulah dipaéhan. Sina dalahar, terus sina baralik.’ Jadi raja nyuguhan loba kadaharan, terus maranéhna disina balik.

Pasukan Siria dalahar di Samaria

”Jadi di payuneun Allah teh teger, lantaran yakin Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.”​—1 Yohanes 5:14

Pananya: Kumaha cara Yéhuwa nyalindungan Élisa jeung palayanna? Naha Yéhuwa ogé bisa nyalindungan hidep?

2 Raja 6:8-24

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun