PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 69 kaca 164-kaca 165 par. 2
  • Jabrail Sumping ka Mariam

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Jabrail Sumping ka Mariam
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 69 kaca 164-kaca 165 par. 2
Malaikat Jabrail datang ka Mariam

PALAJARAN 69

Jabrail Sumping ka Mariam

Malaikat muncul dina impian Yusup

Élisabét boga dulur nu ngora kénéh, ngaranna Mariam. Mariam cicing di kota Nasarét, Galiléa. Mariam geus tunangan jeung Yusup, si tukang kayu. Basa kandungan Élisabét nincak genep bulan, malaikat Jabrail sumping ka Mariam. Malaikat éta ngomong, ’Salam, Mariam! Yéhuwa nyaah pisan ka Nyai.’ Mariam teu ngarti naon maksudna. Ceuk Jabrail, ’Nyai bakal ngandung jeung ngalahirkeun orok lalaki. Éta orok kudu dingaranan Yésus. Anjeunna bakal jadi Raja. Karajaanana moal aya tungtungna.’

Ceuk Mariam, ’Tapi, abdi parawan kénéh. Na enya bisa boga budak?’ Ceuk Jabrail, ’Euweuh nu mustahil keur Yéhuwa. Nyai bakal dipinuhan ku roh suci, jadi bakal boga budak lalaki. Élisabét dulur Nyai ogé keur ngandung.’ Mariam ngajawab, ’Abdi téh palayan Yéhuwa. Mugia omongan Juragan laksana.’

Yusup nikah jeung Mariam nu keur ngandung

Mariam indit ka imah Élisabét di hiji kota di pagunungan. Pas Mariam ngucapkeun salam, jabang bayi di jero kandungan Élisabét ajrug-ajrugan atoheun. Élisabét dipinuhan ku roh suci jeung ngomong, ’Mariam, hidep téh diberkahan ku Yéhuwa. Ieu téh kahormatan, Ibu bisa disumpingan ku indungna Mésias.’ Ceuk Mariam, ’Abdi muji Yéhuwa sapinuh haté.’ Mariam cicing di imah Élisabét salila tilu bulan, terus balik ka imahna di Nasarét.

Pas nyaho Mariam ngandung, Yusup hayang pegat tunangan. Tapi, malaikat muncul dina impian Yusup jeung ngomong, ’Ulah sieun nyokot Mariam jadi pamajikan. Mariam teu salah.’ Ahirna, Yusup nikah jeung Mariam.

”Mantenna iasa midamel naon bae sakersa-Na, di langit jeung di bumi, di lautan jeung di jero samudra.”​—Jabur 135:6

Pananya: Jabrail ngomong naon ka Mariam ngeunaan budak lalakina? Kumaha parasaan Élisabét jeung Mariam ngeunaan hal nu kaalaman ku maranéhna?

Mateus 1:18-25; Lukas 1:26-56; Yesaya 7:14; 9:7; Daniel 2:44; Galata 4:4

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun