PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 81 kaca 190-kaca 191 par. 2
  • Hutbah di Gunung

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Hutbah di Gunung
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • ”Maraneh ku Kami Disebut Sobat”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Sadérék Perelu Diajar Ngeunaan Allah
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Tetep Rumaket ka Yéhuwa
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • ”Hiap ka Dieu ka Kami, . . . Ku Kami Maraneh Rek Sina Reureuh”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Tingali Ogé
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 81 kaca 190-kaca 191 par. 2
Yésus méré Hutbah di Gunung ka jalma réa

PALAJARAN 81

Hutbah di Gunung

Sanggeus milih 12 rasul, Yésus indit ti gunung ka tempat jalma réa nu geus ngarumpul. Maranéhna aya nu ti Galiléa, Yudéa, Tirus, Sidon, Siria, jeung wilayah séjénna di Yordan. Nu garering jeung nu kasurupan dibarawa. Ku Yésus kabéh dicageurkeun. Terus, Yésus diuk jeung ngajar. Yésus ngajelaskeun naon nu kudu dilakukeun ku urang pikeun jadi sobat Allah. Urang kudu sadar yén urang butuh bingbingan Yéhuwa jeung kudu mikanyaah Mantenna. Tapi, urang moal bisa mikanyaah Allah lamun teu mikanyaah batur. Urang kudu bageur jeung teu pilih kasih ka saha waé, kaasup ka musuh.

Yésus ngomong, ’Teu cukup ngan nyaah ka babaturan wungkul. Ka musuh ogé kudu nyaah, kudu bener-bener ngahampura. Lamun aya nu nyeri haté ka maranéh, buru-buru indit ménta hampura. Jieun kahadéan ka batur, sakumaha maranéh gé hayang meunang kahadean ti batur.’

Yésus méré Hutbah di Gunung ka jalma réa

Yésus ogé méré naséhat ngeunaan harta banda. Ceuk Yésus, ’Leuwih penting jadi sobat Allah ti batan boga duit loba. Harta banda mah bisa dicolong ku maling, tapi sosobatan jeung Yéhuwa mah moal bisa dicolong. Ulah sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, atawa awak teu kabajuan. Tingali manuk, ku Allah gé diurus. Naha maranéh bisa manjangkeun umur sapoé deui lantaran hariwang? Yéhuwa terangeun pangabutuh maranéh.’

Jalma-jalma mani tajub ku carana Yésus ngajar. Guru-guru agama teu pernah ngajar siga kitu. Ku naon cara Yésus ngajar téh hébat pisan? Sabab pangajaranana téh asalna ti Yéhuwa.

”Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.”​—Mateus 11:29

Pananya: Kumaha carana jadi sobat Yéhuwa? Yéhuwa hoyong urang kumaha ka batur?

Mateus 4:24–5:48; 6:19-34; 7:28, 29; Lukas 6:17-31

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun