PALAJARAN 83
Yésus Méré Dahar ku Mujijat
Saacan Paska taun 32 M, rasul-rasul balik ti perjalanan nguarkeun warta. Maranéhna carapé, jadi Yésus jeung para rasul naék parahu ka Bétsaida pikeun istirahat. Tapi pas parahu téréh nepi ka basisir, Yésus ningali geus aya rébuan jalma di ditu. Sanajan keur hayang istirahat jeung para rasul, Yésus tetep soméah narima jalma-jalma. Yésus nyageurkeun nu gering, terus ngajar maranéhna. Sapoéan Yésus ngajar ngeunaan Karajaan Allah. Waktu geus burit, rasul-rasul ngomong ka Yésus, ’Jalma-jalma pasti geus lapar. Maranéhna sina baralik néangan kadaharan.’
Yésus ngomong, ’Ulah disina arindit. Baréré dahar wé ku maranéh.’ Rasul-rasul nanya, ’Urang kudu indit meuli roti keur maranéhna?’ Pilipus, salah sahiji rasul, ngomong, ’Sanajan boga loba duit gé, moal mahi jang meuli roti keur jalma-jalma ieu.’
Yésus nanya, ’Urang boga dahareun sakumaha loba?’ Ceuk Andréas, ’Ngan aya roti lima siki jeung lauk dua siki. Moal mahi ieu mah.’ Yésus nitah, ’Bawa kabéh ka dieu.’ Terus, Yésus nitah jalma-jalma dariuk dina jukut sarombongan-sarombongan, masing-masing 50 atawa 100 jalma. Yésus nyokot roti jeung lauk, ningali ka langit, jeung ngadoa. Terus, Yésus méré éta dahareun ka rasul-rasul pikeun dibagikeun ka jalma-jalma. Aya 5.000 lalaki, can kaasup awéwé jeung barudak, nu dalahar nepi ka sareubeuheun. Sanggeus kitu, rasul-rasul ngumpulkeun sésa kadaharan supaya teu aya nu kapiceun, meunang 12 karanjang pinuh! Éta téh mujijat nu luar biasa!
Jalma-jalma tajub jeung hayang ngajadikeun Yésus raja. Tapi, Yésus nyaho can waktuna Yéhuwa ngajadikeun anjeunna raja. Jadi, Yésus nitah jalma-jalma baralik sarta nitah rasul-rasul indit ka Laut Galiléa. Rasul-rasul naék kana parahu, ari Yésus indit sorangan ka gunung. Naon sababna? Anjeunna hayang boga waktu pikeun ngadoa ka Bapana. Sakumaha sibukna Yésus, anjeunna tetep nyadiakeun waktu pikeun ngadoa.
”Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng. Nya dahareun anu kitu anu rek dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa.” —Yohanes 6:27