PALAJARAN 85
Yésus Nyageurkeun dina Poé Sabat
Urang Parisi ngéwa jeung hayang néwak Yésus. Ceuk urang Parisi mah Yésus teu meunang nyageurkeun dina poé Sabat. Hiji poé, pas Sabat, Yésus ningali lalaki nu lolong ti lahir keur ménta-ménta di jalan. Ceuk Yésus ka para rasul, ’Tingali, kawasa Allah bakal nulungan manéhna.’ Yésus ngagaley ludahna jeung taneuh nepi ka jadi leutak, terus dipopokkeun kana panon éta lalaki. Yésus nitah manéhna, ’Indit, sibeungeut di Balong Siloam.’ Sanggeus ngalakukeun éta, manéhna bisa ningali! Saumur hirupna, kakara ayeuna manéhna bisa ningali.
Jalma réa haréraneun. Pokna, ’Éta lainna jalma nu sok diuk ménta-ménta? Atawa ngan sarupa wungkul?’ Ceuk éta lalaki, ’Enya, ieu urang!’ Jalma-jalma nanya, ’Ku naon jadi bisa ningali?’ Sanggeus nyaritakeun kajadianana, éta lalaki dibawa ka urang Parisi.
Manéhna nyarita ka urang Parisi, ’Ku Yésus panon abdi dipopokan ku leutak, terus abdi dititah sibeungeut, jadi ayeuna bisa ningali.’ Ceuk urang Parisi, ’Mun Yésus nyageurkeun dina poé Sabat, kawasana pasti lain ti Allah.’ Tapi nu sawaréh deui ngomong, ’Mun lain ti Allah, mustahil bisa nyageurkeun siga kitu.’
Urang Parisi manggil, terus nanya ka kolotna éta lalaki, ’Ku naon budak jadi bisa ningali?’ Kolotna sieuneun sabab urang Parisi geus pernah ngomong yén jalma nu percaya ka Yésus bakal diusir ti imah ibadah. Jadi ceuk kolotna, ’Abdi teu terang. Mangga tanya wé ka budakna.’ Urang Parisi teterusan nanya nepi ka éta lalaki ngomong, ’Pan kabéh geus dicaritakeun. Ku naon nanya terus?’ Urang Parisi ambek pisan, terus ngusir manéhna.
Yésus néangan éta lalaki, terus nanya, ’Manéh boga iman ka Mésias?’ Jawabna, ’Abdi bakal boga iman mun terang saha Mésias téh.’ Ceuk Yésus, ’Mésias téh urang.’ Yésus teu nyageurkeun wungkul, tapi ogé ngabantu manéhna boga iman. Yésus téh mémang Mésias!
”Aranjeun kacida kaliruna, lantaran tacan ngalarti kana Kitab Suci jeung kana kakawasaan Allah.”—Mateus 22:29