PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 94 kaca 220-kaca 221 par. 1
  • Murid-Murid Dibéré Roh Suci

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Murid-Murid Dibéré Roh Suci
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 94 kaca 220-kaca 221 par. 1
Jalma-jalma di Yérusalém héraneun pas ngadéngé murid-murid Yésus ngomong basa-basa maranéhna

PALAJARAN 94

Murid-Murid Dibéré Roh Suci

Sapuluh poé sanggeus Yésus balik ka sawarga, murid-murid narima roh suci. Harita téh keur Péntakosta taun 33 M. Jalma-jalma ti loba tempat daratang pikeun ngayakeun pésta. Di hiji imah, aya kira-kira 120 murid Yésus keur ngarumpul di kamar loténg. Ujug-ujug, aya hal nu ajaib! Tingsuliwer aya nu hurung siga seuneu di luhureun sirah murid-murid. Maranéhna jadi bisa ngomong ku rupa-rupa basa. Terus aya sora ngaguruh siga angin ribut, minuhan saeusi imah.

Pas ngadéngé sora ngaguruh, jalma-jalma ti tempat-tempat séjén ngaburubul nyampeurkeun. Maranéhna haréraneun pas ngadéngé murid-murid ngomong ku basa-basa maranéhna. Ceuk maranéhna, ’Maranéhna téh lainna urang Galiléa? Ku naon barisaeun ngomong basa-basa urang?’

Jung Pétrus jeung para rasul nangtung. Pétrus nyaritakeun kumaha Yésus dipaéhan sarta kumaha Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna. Ceuk Pétrus, ’Ayeuna, Yésus geus di sawarga di katuhueun Allah, geus narima roh suci nu dijangjikeun. Éta sababna maranéh ningali jeung ngadéngé hal-hal ajaib ieu.’

Omongan Pétrus mani keuna kana haté maranéhna. Maranéhna nanya, ’Abdi sadaya téh kudu kumaha atuh?’ Ceuk Pétrus, ’Kudu tarobat jeung daraék dibaptis ku ngaran Yésus. Engké maranéh ogé bakal dibéré roh suci.’ Dina poé éta, kira-kira 3.000 jalma dibaptis. Ti saprak éta, jumlah urang Kristen di Yérusalém gancang pisan nambahanana. Ku bantuan roh suci, para rasul nyieun loba sidang pikeun ngajar murid-murid ngeunaan sagala paréntah Yésus.

”Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet.”​—Rum 10:9

Pananya: Aya kajadian naon dina Péntakosta taun 33 M? Ku naon aya loba jalma nu dibaptis?

Rasul 1:15; 2:1-42; 4:4; Yohanes 15:26

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun