Panganteur Bagian 8
Yéhuwa masihan Suléman hikmat nu luar biasa jeung kahormatan pikeun ngawangun bait. Tapi, lalaunan Suléman ninggalkeun Yéhuwa. Lamun boga budak, jelaskeun yén Suléman jadi jauh ti Allah gara-gara kababawa ku jalma-jalma nu nyembah brahala. Karajaan jadi kabagi, raja-raja nu jahat nyieun bangsana jadi murtad sarta nyembah brahala. Dina mangsa éta, loba nabi Allah nu satia dikaniaya jeung dipaéhan. Ratu Isebél malah nyababkeun karajaan utara leuwih murtad deui. Éta téh kaayaan nu ngenes pisan dina sajarah Israil. Tapi, masih loba umat Yéhuwa nu satia, misalna Nabi Élias jeung Raja Yosapat.