Panganteur Bagian 11
Bagian ieu ngabahas Kitab Yunani Kristen. Yésus lahir di kulawarga saderhana, di hiji kota leutik. Yésus jeung bapana digawé sabagé tukang kayu. Yésus bakal nyalametkeun umat manusa. Yéhuwa geus milih anjeunna sabagé Raja ti Karajaan sawarga. Lamun boga budak, bantu budak Sadérék ngahargaan sakumaha talitina Yéhuwa basa milih kulawarga jeung tempat pikeun ngasuh Yésus. Jelaskeun cara Yéhuwa nyalindungan Yésus basa rék dipaéhan ku Hérodés. Terus, jelaskeun yén euweuh nu bisa ngagagalkeun rencana Yéhuwa. Caritakeun yén Yéhuwa geus nugaskeun Yohanes pikeun nyiapkeun jalan keur Yésus. Jelaskeun ogé yén Yésus cinta hukum Yéhuwa sanajan anjeunna masih ngora kénéh.