KAWIH 14
Muji Raja Bumi nu Anyar
Édisi nu Dicitak
1. Loba jalma nu daratang
ti unggal sélér bangsa.
Yésus jeung kaom kaistrén
ngumpulkeun maranéhna.
Karajaan Yah maréntah,
Pangersa-Na mawa berkah.
Ieu harepan anu éndah,
Nu ngalilipur manusa.
(REFREIN)
Puji Allah Huwa; puji Kristus Raja,
Nu ngéléhkeun sakabéh raja.
Urang sujud payuneun anjeunna
Tur muji salawasna.
2. Urang sarurak gumbira,
muji Kristus Sang Raja.
Anjeunna téh Raja Kerta,
nyalametkeun manusa.
Geus kasawang di hareupeun,
Mangsana taya kasieun.
Nu geus maraot dihirupkeun,
Kabéh manusa gumbira.
(REFREIN)
Puji Allah Huwa; puji Kristus Raja,
Nu ngéléhkeun sakabéh raja.
Urang sujud payuneun anjeunna
Tur muji salawasna.