KAWIH 33
Pasrahkeun Kasusah ka Yéhuwa
Édisi nu Dicitak
(Jabur 55)
1. Nun Huwa, dangukeun abdi,
Doa sasambat abdi.
Abdi keur sieun tur gimir,
Tegerkeun diri abdi.
(REFREIN)
Pasrahkeun kasusah urang
Ka Yéhuwa anu ngaraksa.
Yah panyalindungan urang,
Allah anu satia.
2. Abdi hayang hiber jauh
Kawas manuk japati.
Nyingkir ti ancaman musuh
Anu ngéwa ka abdi.
(REFREIN)
Pasrahkeun kasusah urang
Ka Yéhuwa anu ngaraksa.
Yah panyalindungan urang,
Allah anu satia.
3. Yéhuwa, Allah nu asih,
Kersa nanggung kapeurih.
Mantenna ngalipur urang,
Haté pikiran tenang.
(REFREIN)
Pasrahkeun kasusah urang
Ka Yéhuwa anu ngaraksa.
Yah panyalindungan urang,
Allah anu satia.
(Tingali ogé Jab. 22:6; 31:2-25.)