KAWIH 47
Ngadoa ka Yéhuwa Unggal Poé
Édisi nu Dicitak
1. Pék ngadoa ka Allah Yéhuwa
Nu ngadangukeun doa umat-Na.
Buka haté, kedalkeun eusina.
Anjeun bisa percaya ka Huwa.
Ngadoa unggal poé.
2. Pék ngadoa ka Allah Yéhuwa
Sarta suhunkeun pangampura-Na.
Ulah sieun ngaku dosa salah
Sabab Huwa paham urang lemah.
Ngadoa unggal poé.
3. Pék ngadoa ka Allah Yéhuwa,
Caritakeun sagala kasusah.
Tong hariwang, andelkeun Mantenna,
Urang tangtu dijaga, diraksa.
Ngadoa unggal poé.
(Tingali ogé Jab. 65:6; Mat. 6:9-13; 26:41; Luk. 18:1.)