KAWIH 49
Nyukakeun Manah Yéhuwa
Édisi nu Dicitak
1. Abdi jangji, nun Yéhuwa,
Lampahkeun kahoyong Ama.
Mugia abdi tiasa
Nyukakeun manahna Ama.
2. Gandék satia bijaksana
Mashurkeun Ama nu mulya,
Ngurus tedaeun rohani
Nu bisa nguatkeun abdi.
3. Pasihan abdi roh suci
Sangkan satia ngabakti,
Ngamulyakeun nami Huwa
Tur nyenangkeun manah Ama.
(Tingali ogé Mat. 24:45-47; Luk. 11:13; 22:42.)