KAWIH 52
Ngabaktikeun Diri ka Yéhuwa
Édisi nu Dicitak
1. Bumi langit tur eusina,
Ciptaan Yéhuwa.
Sadaya kagungana-Na,
Kinarya Mantenna.
Yah masihkeun kahirupan
Pikeun ciptaan-Na.
Puji, hormat pikeun Yéhuwa,
Nyembah mung ka Mantenna.
2. Yésus dibaptis di Yordan,
Ngéstokeun Firman Yah,
Ngadoa jangji satia
Nepi ka pupusna.
Sanggeus anjeunna dibaptis,
Dilantik ku Allah.
Taat, satia kumawula,
Milampah pangersa-Na.
3. Abdi ngadoa tur muji
Nami Yah nu suci,
Jangji ka Huwa ngabakti,
Teu mentingkeun diri.
Putra Ama nu mung hiji
Nebus diri abdi.
Hirup sarta maotna abdi,
Dibaktikeun ka Gusti.
(Tingali ogé Mat. 16:24; Mar. 8:34; Luk. 9:23.)