KAWIH 59
Puji Huwa Babarengan
Édisi nu Dicitak
1. Puji Huwa
Babarengan
Sabab tos masihan kahirupan.
Beurang peuting,
Mashurkeun Yah,
Muji kaasih jeung kawasa-Na.
Hayu urang émbarkeun nami-Na.
2. Puji Huwa
Babarengan.
Mantenna ngadangu doa urang.
Anu lemah
Dikuatkeun,
Didukung Huwa ku roh suci-Na.
Hayu urang muji kawasa-Na.
3. Puji Huwa
Babarengan.
Mantenna sumber panglipur urang.
Nu salempang,
Ka Yah muntang.
Karajaan-Na mungkas kasusah.
Hayu urang muji bari bungah.
(Tingali ogé Jab. 94:18, 19; 145:21; 147:1; 150:2; Ras. 17:25.)