KAWIH 68
Nebarkeun Binih Karajaan
Édisi nu Dicitak
1. Tugas nguarkeun bebeneran,
Urang jalankeun satia.
Yah ngabantu tur nangtayungan,
Ngabingbing liwat Firman-Na.
Binih beb’neran tangtu buahan
Dina haté nu narima.
Sing getol nebarkeun binih K’rajaan,
Upayakeun sapinuh jiwa.
2. Sabaraha loba hasilna,
Anjeun nu kudu upaya.
Bingbing jalma nu diwawaran
Sangkan nyaah ka beb’neran.
Bantu jeung kuatkeun maranéhna
Lantaran loba tangtangan.
Urang bungah ningali bebeneran
Nu tumuwuh dina haténa.
(Tingali ogé Mat. 13:19-23; 22:37.)