KAWIH 78
Ngawurukan Firman Allah
Édisi nu Dicitak
1. Ngajarkeun warta gumbira
Tur Firman ti Allah,
Mawa mangpaat nu limpah,
Nu taya bandingna.
Urang nyonto Putra Allah
Ngajar ku kanyaah.
Bantu jeung bingbing jalma-jalma
Ngaraket ka Allah.
2. Urang guru Firman Allah
Bajoang satia.
Katingal ti laku lampah
Mun nyaah ka Allah.
Nalungtik Firman Yéhuwa
Mangpaat keur urang.
Ajarkeun ogé jalma réa
Harta Firman Huwa.
3. Yah nyadiakeun tungtunan
Pikeun ngawurukan.
Pék suhunkeun ka Yéhuwa,
Tangtu dipasihan.
Urang cinta Firman Gusti,
Eusina sajati.
Ku asih, urang ngajar batur
Sangkan jadi guru.
(Tingali ogé Jab. 119:97; 2 Tim. 4:2; Tit. 2:7; 1 Yoh. 5:14.)