KAWIH 119
Iman Urang Kudu Kuat
Édisi nu Dicitak
1. Allah Yéhuwa tos mépélingan,
’Geura tobat tina dosa.’
Mantenna ngutus nabi jeung Putra
Ka sadaya manusa.
(REFREIN)
Naon anu dibutuhkeun
Supaya disalametkeun?
Iman nu kuat jeung nyata,
Nu dibuktikeun dina tindakan.
2. Urang taat ka paréntah Putra,
Ngawawar ka mana-mana.
Urang teu sieun nguarkeun Firman
Tur warta Karajaan.
(REFREIN)
Naon anu dibutuhkeun
Supaya disalametkeun?
Iman nu kuat jeung nyata,
Nu dibuktikeun dina tindakan.
3. Iman lir jangkar nu nanceb kuat,
Harepan urang teu pegat.
Kasalametan geus téréh datang,
Tong undur, tong salempang.
(REFREIN)
Naon anu dibutuhkeun
Supaya disalametkeun?
Iman nu kuat jeung nyata,
Nu dibuktikeun dina tindakan.