KAWIH 134
Barudak Kurnia ti Allah
Édisi nu Dicitak
1. Sawaktu priya wanoja,
Laki-rabi jadi indung bapa,
Maranéhna kudu ngarawat
Warisan nu istiméwa,
Kurnia pamasihan Huwa,
Sumber asih ogé kahirupan.
Mantenna masihan bingbingan,
Ku kolot kudu diturutan.
(REFREIN)
Yah masihan hiji kurnia:
Budak nu dipikanyaah.
Indung bapa meunang berkahna
Mun ngajarkeun paréntah Yah.
2. Sagala paréntah Allah
Kudu nanceb dina haté anjeun.
Éta ajarkeun ka barudak,
Ieu téh pancénna anjeun.
Papatahan di mana waé,
Keur di imah ogé keur di jalan.
Muga manéhna engké inget,
T’rus satia tur diberkahan.
(REFREIN)
Yah masihan hiji kurnia:
Budak nu dipikanyaah.
Indung bapa meunang berkahna
Mun ngajarkeun paréntah Yah.
(Tingali ogé Pam. 6:6, 7; Epe. 6:4; 1 Tim. 4:16.)