KAWIH 149
Kawih Kaunggulan
Édisi nu Dicitak
1. Puji Yéhuwa, nami-Na mulya sarta luhung.
Musuh-Na nu angkuh dilelepkeun ka laut.
Kawasa Huwa
Teu aya nu bisa nandingan.
Hayu urang ngawih
Sabab Huwa geus meunang.
(REFREIN)
Nu Maha Agung, Allah Huwa,
Pribadi nu teu pernah barobah.
Sakabéh musuh bakal dibasmi,
Nami Gusti jadi suci.
2. Sakabéh bangsa ngalawan kadaulatan Huwa.
Sanajan perkasa,
kabéh ngareluk éra.
Di Armagédon,
Maranéhna bakal binasa.
Kabéh bakal nyaho
Nami Allah Yéhuwa.
(REFREIN)
Nu Maha Agung, Allah Huwa,
Pribadi nu teu pernah barobah.
Sakabéh musuh bakal dibasmi,
Nami Gusti jadi suci.
(Tingali ogé Jab. 2:2, 9; 92:9; Mal. 3:6; Wahyu 16:16.)