PALAJARAN 2
Wajar Tapi Sopan
2 Korinta 2:17
RINGKESAN: Ngomong téh kudu wajar sarta kaluar tina haté.
CARANA:
Siapkeun bener-bener jeung ngadoa. Pék ngadoa supaya urang bisa mikirkeun bahanna lain mikirkeun diri sorangan. Pikirkeun hal-hal utama nu rék ditepikeun. Tuluy ungkabkeun ku kekecapan sorangan, lain ngan saukur ngucapkeun percis kekecapan nu aya dina tulisan.
Omonganana kudu kaluar tina haté. Pikirkeun ku naon jalma-jalma kudu ngadéngékeun warta ieu. Pikirkeun ogé jalma nu diajak ngomong ku Sadérék. Mun kitu, bakal katingali tina sikep, gerak awak, jeung raray Sadérék yén Sadérék téh bener-bener perhatian, lain diréka-réka.
Teuteup jalma nu diajak ngomong. Sadérék bisa paadu teuteup lamun éta dianggap sopan di daérah Sadérék. Waktu nepikeun hutbah, ulah ningali kabéh hadirin sakaligus, tapi sakali-kali Sadérék bisa neuteup hiji-hiji jalma nu aya di antara hadirin.