PALAJARAN 11
Sumanget
Rum 12:11, Sunda Formal
RINGKESAN: Jurung batur pikeun nyieun tindakan ku cara ngomong kalawan sumanget.
CARANA:
Bahanna kudu nyerep heula kana haté Sadérék. Waktu keur nyiapkeun bahan, lenyepan pentingna warta nu rék ditepikeun. Sadérék kudu bener-bener paham kana bahanna sangkan Sadérék bisa ngungkabkeun sabalakana jeung teu dijieun-jieun.
Pikirkeun batur. Lenyepan naon mangpaatna keur batur bahan nu rék dibaca atawa nu rék diajarkeun ku Sadérék. Pikirkeun cara nu alus pikeun nepikeun bahan éta sangkan batur bisa ningali mangpaatna.
Tepikeun bahanna maké parasaan. Ngomongna kudu sumanget ulah nepi ka batur jadi bosen. Gunakeun gerak awak nu wajar. Parasaan Sadérék gé kudu katémbong tina roman Sadérék