PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w19 Pébruari kaca 31
  • Naha Sadérék Terang?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Sadérék Terang?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
w19 Pébruari kaca 31

Naha Sadérék Terang?

Sinagoga di abad kahiji nu kapanggih di Gamla

Sinagoga dina Abad Kahiji: Ieu téh gambar sinagoga di abad kahiji nu kapanggih di Gamla, kira-kira 10 kilométer ti kalér-wétan Laut Galiléa. Urang jadi bisa ngabayangkeun kawas kumaha sinagoga di jaman baheula téh

Kumaha asal-usulna sinagoga?

KECAP nu ditarjamahkeun jadi imah ibadah dina Alkitab Sunda asalna tina kecap Yunani ”sinagoga” nu hartina ”pasamoan” atawa ”tempat ngumpul”. Istilah ieu cocog lantaran sinagoga téh tempat ngumpul pikeun narima pangajaran jeung ngajalankeun ibadah masarakat Yahudi di jaman baheula. Dina Kitab-Kitab Ibrani euweuh istilah ieu, tapi dina Kitab-Kitab Yunani Kristen katingali yén tempat ngumpul siga kieu téh geus loba dina abad kahiji M.

Loba ahli nyebutkeun yén sinagoga téh mimiti aya waktu urang Yahudi ditawan ka Babul. Encyclopaedia Judaica ngajelaskeun, ”Di pangbuangan téh euweuh Bait, nagrina asing, jadi maranéhna butuh dililipur. Ku kituna, maranéhna rutin ngumpul jeung maca Kitab Suci, bisa jadi dina poé Sabat.” Sanggeus kaluar ti pangbuangan, katingalina urang Yahudi tetep rutin ngumpul pikeun ngadoa jeung maca Kitab Suci. Maranéhna gé ngadegkeun sinagoga di mana waé maranéhna matuh.

Dina abad kahiji M, sinagoga téh pusatna ibadah jeung tempat ngumpul urang Yahudi nu sumebar di daérah Mediterania, Timur Tengah, jeung Israel. Propésor Lee Levine ti Hebrew University of Jerusalem ngomong, ”[Sinagoga] téh tempat keur diajar, dahar jamuan suci, pangadilan, ngumpulkeun sumbangan, sarta tempat ngabahas masalah pulitik jeung sosial.” Manéhna nambahkeun, ”Tangtu utamana mah dipaké keur kagiatan agama.” Jadi, teu héran lamun Yésus rutin ngumpul di sinagoga. (Mar. 1:21; 6:2; Luk. 4:16) Anjeunna ngajar, méré pituduh, jeung ngagedékeun haté jalma-jalma nu datang. Sanggeus sidang Kristen diadegkeun, Rasul Paulus katingalina sering ngawawar di sinagoga. Jalma-jalma nu hayang ngaraket ka Allah osok datang ka sinagoga. Jadi waktu datang ka hiji kota, Paulus biasana langsung datang ka sinagoga tuluy ngawawar di dinya.​—Ras. 17:1, 2; 18:4.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun